Kagiatan Diajar Latihan Pancén Tingkesan

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 37

D. Kagiatan Diajar

Kagiatan diajar nu kudu dipilampah ku Sadérék nyoko kana runtuyan kagiatan nu ngalarapkeun Modél Literasi Kewacanaan CALISLAUJI, saperti ieu di handap. 1. Maca tujuan jeung indikator kalawan daria. 2. Maca kalawan intensif pedaran bahan ngeunaan Mangpaat Penilaian Berbasis Kelas di SMA dina Pangajaran Basa Sunda kalawan konsentrasi. 3. Nulis raguman materi unggal-unggal kagiatan diajar dumasar kana materi anu geus dibaca kalawan kreatif. 4. Ngaregepkeun paparan materi ti fasilitator, tanya jawab, jeung sawala kelompok pikeun migawe latihanpancén kalawan babarengan. 5. Latihan soal-soal pilihan ganda pikeun persiapan postes kalawan daria. 6. Néangan tur maca référénsi nu séjénna pikeun ngalengkepan latihanpancén. 7. Ngalaksanakeun postes di TUK anu geus ditangtukeun kalawan konsentrasi, daria, jeung tanggung jawab.

E. Latihan Pancén

1. Tuliskeun wangenan penilaian berbasis kelas 2. Jelaskeun mangpaat penilaian berbasis kelas 3. Tuliskeun prinsip-prinsip penilaian berbasis kelas 4. Tuliskeun wangun instrumén penilaian berbasis kelas 5. Tuliskeun wincikan ranah kognitif, aféktif, jeung psikomotor anu jadi objék évaluasi KD 10 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 38

F. Tingkesan

Penilaian Berbasis Kelas nyaéta penilaian anu dilakukeun ku guru dina raraga prosés pangajaran. Penilaian Berbasis Kelas téh prosés ngumpulkeun jeung ngagunakeun informasi hasil diajar siswa anu dilakukeun ku guru pikeun nangtukeun tingkat kahontalna jeung tingkat kacangkemna tujuan KI, KD, jeung IPK ku siswa. Penilaian Berbasis Kelas mangrupa prinsip, sasaran anu akurat jeung konsistén ngeunaan kompeténsi atawa hasil diajar siswa sarta kamajuan siswa. Mangpaat Pembelajaran Berbasis Kelas: uji balik pikeun siswa , nalingakeun kamajuan jeung ngadiagnosis kamampuh siswa, méré usulan ka guru pikeun ngoméan program pangajaran di kelas, jeung ngamungkinkeun siswa ngahontal kompeténsi anu geus ditangtukeun, sok sanajan lilana diajar unggal-unggal siswa béda-béda. Wangun instrumén penilaian berbasis kelas: 1 penilaian unjuk kerja, 2 penilaian sikap, 3 penilaian produk, 4 penilaian portofolio, jeung 5 penilaian diri. Ranah kognitif, afektif, jeung psikomotor salaku objek evaluasi hasil diajar. Ranah kognitif, ngawengku: pangaweruh Knowledge, pemahaman Comprehension, ngalarapkeun Application, analisis Analysis, sintesis Syntesis, jeung penilaian ngahargaan Evaluation Ranah Afektif ngawengku: narima atawa merhatikeun ReceivingAttending., méré tanggapan Responding, ngahargaan Valuing, ngatur Organization, karakteristik dumasar kana nilai-nilai Characterization by a Value or Value Complex Ranah Psikomotor, ngawengku: persepsi Perception, kasiapan Set, Ngarespon kalawan dipimpin Guided Response, mekanisme Mechanisme, réspon anu Kaciri tur kompleks Complex Overt Response, nyaluyukeun Adaptation, nyiptakeun Origination. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 39

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku