Teks Eksposisi Conto Téks Déskripsi

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 54 wanda anyar. Sakapeun sorana ngaharib-harib sora réak, sakapeung kawas nu réréogan, tapi sora celempungan kadéngé masih kénéh atra. Tapi palebah helaran, sora celempung kasilep ku sora dogdog. Dina lebah dieu boh jumlah boh ukuran celempung kudu leuwih undak, sangkan bisa ngimbangan sora dog-dog. Seni celempung lian ti keur pakét pintonan, ogé keur lahan atikan. Ngaliwatan seni celempung, komunitas ”Hong” hayang méré atikan ka barudak sangkan mikawanoh kana banda budayana. ”Sanajan jauh ka dayeuh, ari pangaruh budaya deungeun mah geus mahabu Ku asupna télévisi ka padésaan, barudak geus dibibita ku rupa-rupa hiburan jeung alat kaulinan nu teu luyu jeung jati dirina. Mudah-mudahan wé ari hantem dikeureuyeuh mah diwanohkeun kana seni jeung kaulinan tradisi, barudak jeung kaum rumaja téh mibanda rasa kanyaah jeung kareueus kana budayana.Sabenerna lain keur hidep anu hirup di pilemburan wungkul harepan saperti kitu téh, pangpangna mah keur hidep anu hirup di kota-kota, nu sapopoéna eus méh cul pisan kana seni jeung kaulinan tradisi. Sanajan henteu bari jeung prakna tapi minimal geus kungsi nyaho yén hasanah kasenian Sunda téh pohara beungharna, salahsahijina nya éta seni celempung. dicutat tina “Suara Cangkurileung”, No. 197 2008

3. Teks Eksposisi

a. Hakékat Téks Éksposisi Keraf 2007: 136 nétélakeun yén téks éksposisi atawa bahasan nyaéta wangun tulisan atawa rétorika anu nérangkeun atawa ngabéjérbéaskeun hiji poko pikiran anu bisa mekarkeun sawangan atawa wawasan nu macana. Nurutkeun Semi 1993, téks éksposisi téh nyaéta tulisan atawa karangan anu: 1 méré pangawéruh; 2 ngajawab pasualan naon, naha, iraha, jeung sajabana; 3 ditepikeunana ngagunakeun basa anu baku; jeung 4 ngagunakeun nada nétral, teu mihak jeung maksakeun sikep nu nulisna ka nu macana. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 55 Ari Nurutkeun Suparno 2007, téks éksposisi téh nyaéta karangan anu mibanda tujuan utama pikeun méré nyaho, mesek, ngadadarkeun atawa nétélakeun hiji hal. Tina sawatara watesan di luhur, bisa ditétélakeun yén téks éksposisi mangrupa karangan anu ngusahakeun ngabéjérbéaskeun hiji hal kalawan tujuanana pikeun mertélakeun, sangkan dipikanyaho ku balaréa. Téks éksposisi eusina bisa mangrupa konsép-konsép jeung logika anu kudu dituturkeun ku nu macana atawa nu narima amanatna. Ku éta hal, sangkan bisa maham kana eusi téks éksposisi, nu maca mérélukeun prosés mikir. Karangan atawa tulisan anu kagolongkeun kana wanda téks éksposisi téh rupa-rupa. Contona nyaéta sabagian gedé buku téks, tulisan pituduh manual cara nyieun atawa ngagunakeun hiji hsa, makalah, skripsi, kamus, buku resep masak, sawatara berita dina koran, majalah, atawa tabloid, jeung salian ti éta. Dina prakna yusun téks éksposisi biasana aya sawatara léngkah anu kudu dicumponan. Léngkah-léngkah dina nyusun téks éksposisi téh di antarana nangtukeun téma atawa topik, nangtukeun tujuan patali jeung topik anu dipilihna, nangtukeun matéri anu dirumuskeun jadi puseur pamikiran, jeung milih pola anu luyu pikeun mékarkeun pamikiran. Sabada éta léngkah- léngkah kahontal, bisa dituturkeun ku nyusun rangkay karangan luyu jeung topik anu dipilih, turta ditutup ku kagiatan mekarkeun paragraf kalawan lengkep anu ngawengku puseur pamikiran jeung pamikiran pangrojongna.

b. Ciri-ciri Téks Éksposisi