Kasang Tukang Modul I PKB Bahasa Sunda Untuk SD Edisi Revisi 2017 BS SD MODUL I 3

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 1 BUBUKA

A. Kasang Tukang

Salah sahiji Tujuan Strategis Kemdikbud 2015-2019 nyaéta Peningkatan Mutu dan Relevansi Pembelajaran yang Berorientasi pada Pembentukan Karakter. Pikeun ngarojong éta Tujuan Strategis Kemdikbud, Ditjen Guru dan Tenaga Kependidikan ngayakeun Program Gerakan Ngukuhan Atikan Karakter ‘Gerakan Penguatan Pendidikan Karakter PPK. PPK di sakola pikeun mageuhan karakter siswa ngaliwatan harmonisasi olah hati étik, olah rasa éstétik, olah pikir literasi, jeung olah raga kinéstétik. Ieu hal dirojong ku ulubiungna masarakat jeung babarengan antara pihak sakola, kulawarga, katut masyarakat nu mangrupa bagian tina Gerakan Nasional Revolusi Mental GRMN. Larapna éta PPK téh bisa berbasis kelas, berbasis budaya sakola, berbasis masarakat kulawarga jeung komunitas. Dina raraga ngarojong kawijakan Gerakan PPK, ieu modul gumulung jeung lima ajén utama PPK nyaéta, religius, nasionalis, mandiri, gorong royong, jeung integrasi. Ieu hal kacida pentingna, pikeun mekelan siswa dina raraga nyanghareupan dégradasi moral, étika, jeung budi pekerti. Profési guru jeung tenaga kependidikan kudu dihargaan jeung ditingkatkeun minangka profési anu luhur martabatna seperti anu diamanahkeun dina Undang-Undang Nomor 14 Tahun 2015 ngeunaan Guru jeung Dosén. Ieu hal dibalukarkeun guru jeung tenaga kependididkan téh mangrupa tenaga profésional anu mibanda fungsi, peran, jeung kalungguhan anu kacida pentingna dina ngahontal visi pendidikan 2025, nyaeta: “ Menghasilkan Insan Indonesia Cerdas dan kompetitif Insan KamilInsan Paripurna .” Anu dimaksud insan Indonesia anu cerdas nyaeta insan anu cerdas sagemblengna sacara kompréhensif anu ngawengku: cerdas spiritual, cerdas emosional, cerdas sosial, cerdas inteléktual, jeung cerdas kinéstétik. Patali jeung ieu hal, aya lima ajén utama karakter, nyaéta: religius, nasionalis, mandiri, gotong royong, jeung integritas. KD 10 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 2 Program Pengembangan Keprofesian Berkelanjutan Guru Basa Sunda dilaksanakeun ku PPPPTK TK PLB. Program Pengembangan Keprofesian Berkelanjutan Guru Basa Sunda merlukeun modul pikeun salah sahiji sumber diajar. Modul basa Sunda mangrupa bahan ajar anu dirarancang sangkan pamilon diklat mampuh diajar kalawan mandiri. Modul Pengembangan Keprofesian Berkelanjutan Guru Basa Sunda Kelompok Kompetensi I ngawengku 4 matéri, nu nyaéta: 1 Program Rémédial dina Pangajaran Basa Sunda jeung Program Pengayaan dina Basa Sunda, 2 Mangpaat Penilaian Berbasis Kelas, 3 Téks Narasi, Téks Déskripsi, Téks Éksposisi, jeung Téks Arguméntasi, 4 Novel dina Sastra Sunda. Ieu modul gumulung jeung lima nilai utama PPK, anu ngawengku: religius, nasionalis, mandiri, gotong royong, jeug integritas. Kalima nilai utama PPK dina ieu modul gumulung dina tujuan, kagiatan pangajaran, pedaran materi, jeung evaluasi. Guru kudu mampuh ngaimplementasikeun eta lima nilai utama PPK boh keur dirina, siswana, atawa masarakatna.

B. Tujuan