Téks Arguméntasi a. Hakékat Téks Arguméntasi

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 60 dicutat tina CupumanikNo. 22003, kaca 50 – 52

4. Téks Arguméntasi a. Hakékat Téks Arguméntasi

Nurutkeun Keraf 2007: 3, téks arguméntasi nyaéta wangun rétorika anu ngusahakeun pikeun mangaruhan sikep jeung sawangan nu maca, sangkan percaya anu tungtungna ngalakukeun paripolah luyu jeung anu dipikahayang nu nulis. Pon kitu deui nurutkeun Gunawan 2009, téks arguméntasi nyaéta karangan anu ditulis atawa dimekarkeun kalawan tujuan pikeun ngayakinkeun nu maca. Ari nurutkeun Iskandar 2008, téks arguméntasi téh nyaéta wangun karangan anu ngébréhkeun idé, pamikiran, atawa sawangan nu nulisna kalawan dideudeul ku bukti-bukti jeung fakta enya-enya kajadian. Ku éta hal, téks arguméntasi bisa disebutkeun mangrupa karangan anu ngabuktikeun bener-henteuna hiji pasualan. Pikeun nguatan idé atawa sawanganana, nu nulis ngébréhkeun data-data pangrojongna. Tujauanna sangkan nu maca bisa leuwih yakin perkara bebeneran nu ditepikeun ku nu nulis. Kalawan umum, watesan-watesan téks arguméntasi anu diébréhkeun ku para ahli basa téh mibanda sasaruaan. Ku éta hal, bisa dicindekkeun yén téks arguméntasi téh nyaéta wangun karangan anu ngébréhkeun sawangan nu nulisna perkara hiji pasualan atawa hal sangkan mangaruhan nu maca pikeun nangtukeun sikep jeung cara mikirna ngeunaan hiji hal. Ku sabab aya udagan mangaruhan nu maca sangkan nangtukeun sikepna, dasar téks arguméntasi mah mikir kritis jeung logis. Téks arguméntasi kudu ngambahan tina fakta-fakta évidénsi-évidénsi nu nyampak. Ngaliwatan arguméntasi, nu nulis ngusahakeun nyusun éta fakta-fakta nepi ka mampuh némbongkeun atawa nétélakeun hiji sawangan téh bener- henteuna. Salian ti éta, nurutkeun Keraf 2007: 101-102, dasar téks arguméntasi di antarana: PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 61 1 nu nulis saeutikna kudu mikaweruh subyék anu dit’etélakeunana, misalna perkara prinsip-prinsip ilmiahna; 2 nu nulis kudu haat nimbang-nimbang sawangan atawa pamanggih nu patukangtonggong jeung sawanganana; 3 nu nulis kudu ngusahakeun nepikeun hal anu jadi puseur sawanganana kalawan écés; 4 nu nulis kudu niténan deui pasaratan-pasaratan nu diperelukeun kénéh ku pasualan nu dibahasna, nepi ka mana bebeneran tina sawangan nu geus dirumuskeun; 5 jeung tina sajumlahing maksud jeung tujuan anu dikandung ku pasualan nu diécéskeun, kudu dipilah mana anu leuwih mérénah atawa nyugemakéun nu nulis pikeun ditétélakeun. Nurutkeun Keraf 2007: 103, éta dadasar téks arguméntasi kudu napak dina sasaran: 1 téks arguméntasi kudu ngandung bebeneran pikeun ngarobah sikep atawa kayakinan nu macana perkara topik anu diarguméntasikeun; 2 nu nulis kudu ngusahakeun nyingkahan munculna istilah-istilah anu ngabalukarkeun gelarna prasangka nu tangtu; 3 nu nulis kudu netepkeun kalawan panceg titik kateusapukkan anu baris diarguméntasikeun.

b. Ciri Téks Arguméntasi