Pengajaran Tuntas Mastery Learning

KD 10 KD PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 10 5. Ngaidéntifikasi léngkah-léngkah pangajaran rémédial. 6. Méré conto peran guru dina program rémédial. 7. Ngajéntrékeun hal-hal penting dina ngalaksanakeun pangajaran rémédial. 8. Ngajéntrékeun wangun jeung program pengayaan. 9. Ngaidéntifikasi prosedur kerja program pengayaan. 10. Ngajéntrékeun udagan acuan pikeun nangtukeun program pengayaan.

C. Pedaran Matéri 1. Program Rémédial dina Pangajaran Basa Sunda di SD

a. Pengajaran Tuntas Mastery Learning

Diajar tuntas dina seuhseuhanana mangrupa salah sahiji usaha dina widang atikan pikeun ngamotivasi siswa sangkan nyangkem mastery learning kompeténsi nu geus ditangtukeun sacara mandiri. Pangajaran tuntas mangrupa pola pangajaran anu ngagunakeun ketuntasan sacara individual. Saterusna dilakukeun penilaian pikeun ngukur tingkat kahontalna kompeténsi siswa anu digunakeun pikeun nyusun laporan kamajuan diajar jeung ngoméan hasil prosés pangajaran. Pikeun ngukur nyangkemna siswa kana kompeténsi perlu dimekarkeun hiji penilaian anu ngawéngku sakabéh KD ku cara ngagunakeun indikator anu geus ditangtukeun ku guru. Penilaian hasil diajar dilakukeun mayeng berkelanjutan dina harti sakabéh indikator ditagih, nu saterusna dianalisis pikeun nangtukeun KD anu geus kacangkem jeung anu tacan kacangkem, atawa pikeun mikanyaho kahéngkéran diajar anu karandapan ku siswa. Lamun siswa tacan nyangkem sakabéh indikator tina hiji KD, mangka siswa kudu miluan prosés diajar malikan deui rémédial, nu saterusna dipeunteun deui pikeun ngukur kahontalna kahontalna kompeténsi. Sedengkeun siswa anu geusnyangkem KD dibéré program pangayaan. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 11 Data di di lapangan ngeunaan rémédial ngébréhkeun, yén: 1 guru sacara umum geus ngalaksanakeun rémédial, tapi hasil rémédialna henteu dianalisis, 2 sering kapanggih yén guru sok méré tés ka siswa pikeun malikan deui matéri anu ta can kacangking katuntasan. Ieu hal dilakukeun ku cara ngagunakeun soal-soal anu sarua, tur henteu malikan deui matéri, mérétugas, mérébimbingan, atawa ngamanfaatkeun babaturanana tanpa merhatikeun indikator anu tacan dicangkem ku siswa, jeung 3 pengayaan masih tacan pati loba dilakukeun ku guru. Pangajaran tuntas dina prosés pembelajaran berbasis kompeténsi nyaéta pamarekan dina pangajaran anu meredih siswa nyangkem sacara tuntas sakabéh KD jeung sakabéh indikator. Prinsip-prinsip utama pembelajaran tuntas, nyaéta: 1 kompeténsi anu kudu dihontal ku siswa dirumuskeun dina runtuyan anu hirarkis, 2 penilaian anu digunakeun nyaéta penilaian acuan patokan, sarta unggal-unggal kompeténsi anu kudu dibéré uji balik, 3 méré pangajaran rémédial sarta bimbingan anu diperlukeun ku siswa anu tacan ngahontal kritéria ketuntasan minimal KKM, jeung 4 méré program pangayaan pikeun siswa anu geus ngahontal katuntasan diajar leuwih awal Géntile Lalley: 2003. Hasil analisis penilaian pangaweruh jeung kaparigelan téh informasi ngeunaan siswa anu geus ngahontal KKM jeung siswa anu tacan ngahontal KKM. Pikeun siswa anu tacan ngahontal KKM perlu dilakukeun lajuning laku ku rémédial, sedengkeun pikeun siswa anu geus ngahontal KKM perlu dilakukeun lajuning laku ku cara dibéré pengayaan Kemdikbud, 2015: 69.

b. Wangenan Program Rémédial