Conto Téks Arguméntasi

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 64

d. Conto Téks Arguméntasi

Ibu kalih Bapa guru basa Sunda, ieu di handap aya conto téks wacana anu kaasup kana wangun téks arguméntasi. Baca sacara mandiri kalawan saregep, sawalakeun babarengan Mulangkeun Ciamis Ka Galuh Urang Sunda mah geus hamo bireuk deui ka ngaran Ciamis téh. Umumna geus papada nyaho deuih, upama wewengkon jeung pamaréntahan Ciamis, baheula disebut Galuh, ngaran hiji karajaan di tatar Sunda. Bareng jeung robahna gelar karajaan jadi kabupaten, ngaran Galuh ogé diganti ku Ciamis. Ari karajaan Galuh diadegkeunana téh ku Wretikandayun din awal abad ka –7 Masehi. Puseur dayeuhna sarua disebut Galuh tempat anu ayeuna disebut Karangmulyaan, kiduleun puseur dayeuh Ciamis, dumasar kana kecap “Galuh” anu hartina “Permata”. Karajaan Galuh ngadeg nepi ka ahir abad ka – 16 M. Taun 1595 Galuh kaeréh ku Mataram. Tina karajaan terus dirobah jadi kabupaten Vassal patalukan Mataram. Antara taun 1705 nepi ka ahir abad ka – 18 Masehi, kabupaten Galuh aya dina kakawasaan kumpeni VOC. Nya ti mimiti awal abad ka – 19, ku pamarentah Hindia Walanda diasupkeun ka wilayah karesidenan Cirebon nepi ka taun 1915. Gambar 3. 2 Karajaan Galuh PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 65 Basa kabupaten Galuh dicekel ku Bupati R.T.A Sastrawinata 1914 – 1935, dikaluarkeun deui ti wilayah karesidenan Cirebon. Pindahna ka wilayah karésidénan Priangan. Nya harita pisan taun 1915, ngaran Galuh diganti jadi Ciamis. Sanajan kitu, ngaran Galuh angger nyantél dina sanubari urang Galuh tug nepi ka kiwari. Dina pakumbuhan masarakat, kecap ”Galuh” dipaké ngaran rupaning widang kagiatan. Upamana ngaran paguron luhur Universitas Galuh, ngaran organisasi atawa pakumpulan wargi Galuh, Yayasan Galuh Taruna, Asrama Mahasiswa Galuh diYogyakarta, jeung réa-réa deui éta téh ngébréhkeun upama masarakat leuwih reueus maké ngaran Galuh ti batan Ciamis. Pikeun urang Galuh mah, éta kareueus téh beunang disebutkeun natrat sapanjang jaman, lain duméh kiwari loba urang Sunda anu ngadurényomkeun deui masalah jati diri. Upama urang Galuh reueus kana ngaran Galuh, lain ngandung harti yén urang Galuh ngeukeuwuek sukuisme. Wajar wé sabab ngébréhkeun sikep ngamumulé jati diri, teu lali ka purwadaksi. Urang Galuh kudu miboga tabéat anu loyog jeung palasipah kagaluhan. Kecap ”Galuh” miboga harti nu jero iwal ti harti anu disodorkeun ku Vander Meulen. Ngaran Galuh miboga ajén nu luhur tur biasa dijieun pameungkeut pamageuh duduluran pangpangna papada urang Galuh. Ku kituna, mugia Caimis dipulangkeun deui ka Galuh. dicutat tina ”Cupumanik” no. 8 2004

D. Kagiatan Diajar

Kagiatan diajar nu kudu dipilampah ku Sadérék sacara percaya diri, mandiri, gawe babarengan jeung fasilitator nu sejenna, tur nyoko kana runtuyan kagiatan nu ngalarapkeun Model Literasi Kewacanaan CALISLAUJI, saperti ieu di handap. 1. Maca tujuan jeung indikator kalawan daria.