Pengkuh agamana, nyaéta ngébréhkeun kapinteran atawa Luhung élmuna, nyaéta ngébréhkeun kualitas jalmana SDM, parigél, Jembar budayana, nyaéta ngébréhkeun kualitas kapinteran émosi, Rancagé gawéna, nyaéta ngébréhkeun gawé anu parigél, ran

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 29 1 Tina kasang tukang éntopédagogik masarakat Sunda tangtu aya patalina jeung kamampuh parasiwa dina nyangking basa Sunda, lantaran maranéhna aya dina pakumbuhan éta. Jaba ti kitu, étnopédagogik téh mangrupa prakprakanana “pendidikan berbasis kearifan lokal” dina sagala widang, kayaning kaséhatan, béla diri, pertanian, kasenian, basa, jrrd. Kamampuh awal siswa téh kapanggih di lingkungan kulawarga jeung sabudeureun imahna. Éta kamampuh awal téh bakal jadi tatapakan jeung bekel hirup ka hareupna. Lamun budak digedékeun dina lingkungan daérah, alusna dibarengan ku kaarifan lokal. Kaarifan lokal Sunda réa nu ngandung ajén étnopédagogik jeung atikan karakter. Aya sababaraha unsur budaya Sunda anu boga ajén-inajén atikan turta perlu diteruskeun ku entragan sapandeurieunana, nyaéta 1 ayana partisipasi kultural, boh dina widang seni Sunda boh dina widang séjénna; 2 dipakéna basa Sunda boh di lingkungan formal sakola boh di lingkungan kulawarga; 3 ayana génerasi ngora anu kaatik kadidik dina widang basa Sunda; jeung 4 ayana média masa anu midangkeun élmu pangawéruh ngeunaan budaya Sunda Kartadinata, 2011:12. Étnopédagogik Sunda nyoko kana kaunggulan manusa nu paripurna, nu sok disebut “multitalénta” manusa anu masagi. Nu dimaksud jalma nu masagi téh nyaéta jalma nu legok tapak génténg kadék, beunghar ku pangalamanana, boh pangalaman lahiriah intelektual actional boh pangalaman batiniah spiritual. Ku lantaran beunghar ku pangalamanana, boh lahir boh batin, éntopédagogik Sunda nyipta CATUR JATI DIRI INSAN minangka jalma pinunjul MAUNG, nyaéta pengkuh agama spiritual quotient luhur élmuna intellectual quotient, jembar budayana émotional quotient jeung rancagé gawéna ectional quotient.

a. Pengkuh agamana, nyaéta ngébréhkeun kapinteran atawa

kapengkuhan enggoning ngajalankeun saréat ajaran agamana;

b. Luhung élmuna, nyaéta ngébréhkeun kualitas jalmana SDM, parigél,

rancagé, rapékan dina makihikeun poténsi boh alam boh sumber séjénna pikeun kahirupan PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 30

c. Jembar budayana, nyaéta ngébréhkeun kualitas kapinteran émosi,

jembar panalarna, arif wijaksana, teu kaleungitan jati dirina, réligius, sarta ngahargaan ragam budaya lianna;

d. Rancagé gawéna, nyaéta ngébréhkeun gawé anu parigél, rancagé

kréatif, rapékan proaktif, motékar inovatif dina ngungkulan sagala widang garapan; bisa ngindung ka usum ngabapa ka jaman; tur ngawasa jaman: Ngigélan jeung ngigélkeun jaman. Dumasar kana opat pakéman di luhur, Sadérék bisa nengetan dina raraga mikawanoh kamampuh siswa anu patali jeung pangajaran basa Sunda. Kamampuh basa siswa anu patali jeung agama, kawéruh, jeung adat kabiasaan boh di lingkungan kulawargana atawa masarakat sabudeureunana. Sagédéngeun éta, étnopédagogik Sunda téh ngawangun wujudning manusa anu miboga karakter, anu moralna hadé, nyaéta manusa anu taat kana hukum, boh hukum agama boh hukum darigama adat atawa hukum nagara. Kudu nyanghulu ka hukum, nunjang ka nagara, mupakat ka balaréa; ngajungjung tur rumojong kana hukum sarta kudu mupakat jeung umum. Ku lantaran kitu, catur diri urang Sunda nyindekel kana opat hal, nyaéta: 1 ngawujudkeun babakti diri ka Nu Murbeng Alam, Alloh SWT, nyaéta taat jeung patuh kana paréntah Mantenna; 2 ngawujudkeun sikep diri anu miboga ajén-inajén, singér, pinter, cageur, bageur jeung bener; 3 ngawujudkeun sikep silih ajénan: silih asih, silih asuh jeung silih asah dina kahanan hirup kumbuh anu multi-réligi béda-béda agama, multi-étnis béda-béda séké sélér, jeung multi-kultural béda-béda budaya; jeung 4 ngawujudkeun rasa tanggungjawabna ka alam nu aya di sabudeureunana. Geura titénan ieu diagram kumaha kuduna urang ngalampahkeun kasaimbangan hirup. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 31 1 Bagan 1. 3 Keseimbangan Hidup

D. Kagiatan Diajar

Pedaran matéri di luhur téh tangtu waé masih kénéh loba kakuranganana. Titénan deui ku Sadérék sing gemet. Ngarah sumangét diajarna, pék Sadérék nyieun kelompok diajar. Nu leuwih alus mah sakelompok téh ulah leuwih ti lima urang. Lantaran ari loba teuing mah sok goréng balukarna, jadi ngadon heureuy.Ti nu sakelompok diajar téh kudu aya anu dikolotkeun, pilih atawa tangtukeun ku Sadérék saha anu pantes dijeun kokolot kelompok. Sakali deui, baca sing gemet matéri di luhur téh. Catet, naon waé anu dianggap henteu loyog atawa can pati kaharti nurutkeun Sadérék, pék sawalakeun jeung kanca-kanca sakelompok. Nu kabeneran aya buku-buku basa Sunda tur aya patalina jeung pedaran matéri di luhur, bisa digunakeun ku Sadérék pikeun nyarungsum sarta ngeuyeuban pangawéruh Sadérék. Kagiatan atawa aktivitas diajar nu kudu dipilampah ku Sadérék nyoko kana runtuyan kagiatan saperti ieu di handap. 1. Titénan heula tujuan jeung indikator kahontalna hasil diajar. 2. Baca pedaran bahan ajar nu dipidangkeun kalawan disiplin. 3. Pigawé latihan atawa pancén nu dipidangkeun dina ieu kagiatan diajar tanggung jawab jeung disiplin. Manusa individu Kholiq Alloh Nu Murbeng Alam Alam sabudeureun Ajen-inajén budaya Lingkungan masarakat