Guru Siswa Ngungkulan Bangbaluh Siswa Diajar Basa Sunda

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 38

a. Guru

Dina diajar ngajar, faktor guru kawilang nangtukeun, lantaran guru salah sahiji komponén anu langsung aduhareupan jeung siswa. Dina sistem pangajaran, guru téh sasat nu nyieun rencana planer atawa nu ngarancang designer pangajaran, nu ngalaksanakeun implementator pangajaran. Kalungguhanana minangka perencana, guru téh diperedih kudu nyangkem pisan kana kurikulum, karakteristik siswa, fasilitas jeung sarana anu aya. Nu ditataan bieu téh dipaké titincakan enggoning nyusun rencana pangajaran Sanjaya, 2008:15. Ceuk Dunkin dina Wina Sanjaya 2008 kaca 16, aya sababaraha aspék anu bisa mangaruhan kualitas guru, kayaning: téacher formative experience, ngawéngku: asal muasalna ti mana, kasang tukang kahirupan jeung budayana, ti golongan kulawarga nu kumaha rayat masakat, beunghar, patani, pagawé, padagang, jjrd; téacher training experience: tegesna pangalaman-pangalaman anu aya patalina jeung kaparigelan guru jeung kasang tukang atikan guru, kayaning: pangalaman latihan profési tahapan atikan, pangalaman jabatan jeung sajabana; téacher properties nyaéta sagala rupa hal anu aya patula- patalina jeung sifat nu dipibanda, kayaning sikep guru kana profésina, sikep guru ka siswana, kamampuh atawa intelegénsi dirina, jeung motivasi kana kagiatan diajar ngajar sagemblengna. Sangkan babari nyangkemna, pék titénan bagan ieu di handap. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 39 2 Bagan 2. 1 Bagan Variabel nu Mangaruhan kana Hasil Diajar

b. Siswa

Siswa mangrupa organisme anu unik tumuwuh luyu jeung tahap kamekaranana. Kamekaran budak téh saéstuna henteu ngan ukur ragana wungkul tapi méh bareng jeung mekarna kapribadian ruhani. Unggal budak laju kamekaran kapribadianana henteu sarua jeung laju umurna, tah laju kamekaran anu béda-béda ieu anu bisa mangaruhan kana hasil diajar. Dunkin dina Wina Sanjaya 2008:17 nyebutkeun aya sababara faktor anu bisa mangaruhan kana prosés diajar ngajar di sakola, nyaéta Variabel nu Mangaruhan kana Hasil Diajar Ngajar Média  Disayagikeun lėngkėp  Luyu jeung pangabutuh Bahan ajar:  Teu hésé dipimilik  Pedaranana alus, jst. Lingkungan sabudeureun  Hubungan siswa jeung siswa  Hub guru jeung siswa Murid:  Disiplin  Rajin  Taat aturan Guru:  Professional  Nalingakeun  disiplin PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 40 kasang tukang kahirupanana pupil formative experience jeung sifat atawa karakter nu dipilik ku dirina pupil properties Anu patali jeung kasang tukang siswa pupil formative experience kayaning: tempat kalahiran jeung panganjrékan, kaayaan ekonomi, kaayaan jeung kalungguhan kulawargana. Ari anu patali jeung sifat atawa karakter siswa kayaning kamampuh dasar, pangawéruh jeung sikep. Kapanan kaayaan siswa téh dina emprona sok rupa-rupa, aya anu kamampuh dasarna pinunjul, aya anu kamampuh dasarna sedeng, jeung aya anu kapampuh dasarna di handap. Ari kaayaan siswa anu miboga kamampuh dasarna pinunjul, lumbrah sok dibarung ku motivasi diajarna leuwih ti nu lian. Sabalikna pikeun siswa anu kamampuh dasarna handap, motivasi diajarna ogé kurang hadé, méngpéléhé; ku lantaran kitu, guru kudu wijaksana dina nyanghareupan kaayaan saperti kitu, boh nu pinter boh nu bodo sarua papada siswa anu kudu ditalingakeun kalawan adil.

c. Bahan Ajar