PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
35
1
pinter, cageur, bageur jeung bener; 3 ngawujudkeun sikep silih ajénan, silih asih, silih asuh jeung silih asah dina kahanan hirup kumbuh anu multi-réligi
béda-béda agama, multi-étnis béda-béda séké sélér, jeung multi-kultural béda-béda budaya; jeung 4 ngawujudkeun rasa tanggungjawabna ka alam
nu aya di sabudeureunana.
G. Uji Balik jeung Lajuning Laku
Pék cocogkeun hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disayagikeun di bagian tukang ieu modul. Itung jumlah jawaban anu benerna,
tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur kamampuh nyangkem bahan ajar.
Rumus:
Jumlah jawaban anu benerna Tahap Pangabisa =
x 100 5
Tahap pangabisa nu dihontal ku Sadérék: 90 - 100 = alus pisan
80 - 89 = alus 70 - 79 = cukup
- 69 = kurang
Lamun Sadérék ngahontal tahap ngangkem bahan ajar 80 ka luhur, Sadérék bisa nuluykeun bahan kana bahan kagiatan Diajar II. Tapi, lamun tahap
ngawasa Sadérék kurang ti 80, pék balikan deui sarta deres deui bahan dina Kagiatan Diajar I, pangpangna bahan nu tacan kacangkem.
Réfléksi jeung Lajuning Laku Ieu kagiatan dilaksanakeun pikeun ningali kahontalna jeung éféktivitas prosés
pangajaran anu diilukan ku Sadérék. Lamun geus ngawasa matéri pangbinaan guru dina ngamangpaatkeun hasil analisis ngungkulan bangbaluh jeung
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
36
ngundakkeun préstasi diajar murid SD, Sadérék bisa nyontréng √ kolom “Kahontal”. Sabalikna, lamun can kahontal, Sadérék bisa nyontréng √ kolom
“Can Kahontal”.
No. Tujuan Pangajaran Kahontal
Can Kahontal
Kat.
1. Ngalatih guru dina nganalisis
ngungkulan bangbaluh jeung ngundakkeun préstasi diajar murid
SD kalawan ngalarapkeun ajén- inajén utama PPK.
2. Ngalelempeng guru dina ngamang-
paatkeun hasil analisis ngungkulan bangbaluh jeung ngundakkeun
préstasi diajar murid SD kalawan ngalarapkeun ajén-inajén utama
PPK.
Lajuning Laku:
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
37
2
KAGIATAN DIAJAR 2
NGUNGKULAN BANGBALUH JEUNG NGARONJATKEUN PRESTASI KATUT KRÉATIVITAS
SISWA DIAJAR BASA SUNDA
A. Tujuan
Saréngséna ngulik Kagiatan Diajar 2, Sadérék dipiharep meunang kamampuh ngeunaan cara ngungkulan bangbaluh jeung ngaronjatkeun préstasi katut
kréativitas siswa dina diajar basa Sunda kalawan meunang ajén atikan karakter réligius, nasionalis, mandiri, gotong royong, jeung integritas.
B. Indikator Kahontalna Kompetensi
Saréngséna niténan kalawan gémet pedaran matéri II, dipiharep Sadérék bisa: 1. Ngaidéntifikasi bangbaluh murid dina diajar basa Sunda kalawan kréatif;
2. Ngajéntrékeun cara ngungkulan bangbaluh murid dina diajar basa Sunda kalawan gawé bareng;
3. Nangtukeun padika ngaronjatkeun préstasi jeung kréativitas siswa dina diajar basa Sunda kalawan tanggung jawab jeung gotong royong.
C. Pedaran Matéri