Kagiatan Diajar Modul A PKB Bahasa Sunda untuk SMP Edisi Revisi 2017 BS SMP MODUL A 3

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 51 2 No. Aspék Hasil Idéntifikasi Masalah Solusi Ngungkulan Masalah 4. Média 5. Lingkungan

D. Kagiatan Diajar

Saréngséna Sadérék niténan pedaran matéri kagiatan diajar 2 anu patali jeung Ngungkulan Héséna Siswa Diajar Basa Sunda. Kumaha aya kelemeng- kelemeng atawa henteu? Mun acan aya kelemeng, komo deui nyangkem sakabéhna matéri nu dipedar, pék balikan deui macana. Dina lumangsungna maca, sing tengét naon anu dianggap penting ku Sadérék, hég catet. Ku lantaran kitu, salawasna Sadérék kudu nyayagikeun pulpén jeung buku catétan husus. Sing ingét anu jadi téma dina diajar 2 téh ngungkulan bangbaluh jeung ngaronjatkeun préstasi katut kréativitas siswa diajar basa Sunda. Ti mimiti faktor guru nepi ka faktor lingkungan, ésénsi pesenna kudu kacangkem ku Sadérék. Upama Sadérék geus nyangkem pedaran matéri di luhur, satuluyna Sadérék métakeun boh dina wangun angket boh wawancara ka siswa, hasilna tuluy ditabulasikeun. Hasil tina tabulasi, ku Sadérék bisa dicindekkeun faktor naon anu jadi hésé pikeun siswa enggoning diajar basa Sunda? Lamun pasualan héséna téa geus kapanggih, Sadérék bisa nangtukeun sikep. Rék kumaha jeung kudu kumaha? Jigana waé pasualan “hésé” pikeun siswa dina diajar basa Sunda hususna, geus jadi rahasiah umum. Ku lantaran kitu, kacida hadéna éta pasualan téh dipadungdéngkeun jeung babaturan saprofési Sadérék, boh di lingkungan kelompok Sadérék, boh di lingkungan komunitas saprofési anu leuwih lega. Kagiatan atawa aktivitas diajar nu kudu dipilampah ku Sadérék nyoko kana runtuyan kagiatan saperti ieu di handap. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 52 1. Titénan heula tujuan jeung indikator kahontalna hasil diajar. 2. Baca pedaran bahan ajar nu dipidangkeun kalawan disiplin. 3. Pigawé latihan atawa pancén nu dipidangkeun dina ieu kagiatan diajar tanggung jawab jeung disiplin. 4. Baca deui saliwat pedaran bahan ajar, tuluy titénan tur bandingkeun jeung raguman bahan ajar kalawan kréatif. 5. Lamun manggih bangbaluh, Sadérék bisa kréatif tur gawé bareng dina diskusi jeung kancamitra séjénna.

E. Latihan