PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
5
dina nyanghareupan ieu tugas diajar ngaliwatan modul téh kudu dilaksanakeun kalawan daria tur soson-soson.
C. Peta Kompeténsi
Bagan 0. 1 Peta Kompeténsi
D. Ambahan Matéri
Bahan anu dipidangkeun dina ieu Kagiatan Diajar Tahap1 nyoko kana wéngkuan bahan ajar basa jeung sastra Sunda, kaédah basa ciri-ciri khas basa Sunda, ciri
basa budak jeung kaparigelan ngagunakeun basa, sarta tiori jeung génre sastra wangun jeung rumpaka kakawihan katut aprésiasina. Luyu jeung ambahan
matéri, pidanganana diwangun ku opat kagiatan diajar saperti ieu di handap.
Kagiatan Diajar 1 : Mikawanoh karakteristik, poténsi, jeung kamampuh awal siswa dina diajar basa Sunda;
Kagiatan Diajar 2 : Ngungkulan bangbaluh siswa diajar basa Sunda jeung ngaron- jatkeun préstasi jeung kréativitas siswa dina diajar basa Sunda
2. Ngungkulan
bangbaluh jeung
Ngaronjatkeun Préstasi
katut Kréativitas siswa diajar basa
Sunda 1. Mikawanoh karakteristik, poténsi,
jeung kamampuh awal siswa dina diajar basa Sunda
3. Kahasan Basa Sunda
4. Kawih jeung Kakawihan
Pendagogik
Professional
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
6
Kagiatan Diajar 3 : Hakékat basa Sunda, Ciri khas basa Sunda, jeung Ciri khas basa budak
Kagiatan Diajar 4 : Kawih jeung Kakawihan
E. Cara Ngagunakeun Modul
Kamampuh atawa kompeténsi Sadérék dina ngawasa bahan Kagiatan Diajar baris dipeunteun ku hasil tés jeung laporan pancén pribadi, anu ngawéngku 1
bahan ajar basa jeung sastra Sunda, 2 kaédah basa ciri-ciri has basa Sunda, ciri has basa budak, 3 tiori jeung génre sastra wangun jeung rumpaka
kakawihan, jeung 4 kaparigelan ngagunakeun basa Sunda.
Dina ngulik éta bahan Kagiatan Diajar téh, Sadérék kudu maca jeung ngajawab latihan dina Kagiatan Diajar kalawan ngaruntuy. Ari sababna, bahan dina
Kagiatan Diajar I jadi dasar pikeun bahan dina Kagiatan Diajar II, bahan kagiatan diajar II bakal jadi bahan pikeun kagiatan diajar III, jst. Lamun manggihan
bangbaluh dina nyangkem bahan jeung ngajawab latihan atawa soal, Sadérék bisa nyawalakeun ngadiskusikeun jeung kancamitra séjénna atawa nanyakeun
ka instruktur.
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
7
KOMPETENSI
PEDAGOGIK:
NGARONJATKEUN DIAJAR BASA SUNDA
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
8
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
9
1
KAGIATAN DIAJAR 1
MIKAWANOH KARAKTERISTIK, POTÉNSI, JEUNG KAMAMPUH AWAL SISWA SMP DINA DIAJAR BASA
SUNDA
A. Tujuan