Bahan Ajar Média

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 40 kasang tukang kahirupanana pupil formative experience jeung sifat atawa karakter nu dipilik ku dirina pupil properties Anu patali jeung kasang tukang siswa pupil formative experience kayaning: tempat kalahiran jeung panganjrékan, kaayaan ekonomi, kaayaan jeung kalungguhan kulawargana. Ari anu patali jeung sifat atawa karakter siswa kayaning kamampuh dasar, pangawéruh jeung sikep. Kapanan kaayaan siswa téh dina emprona sok rupa-rupa, aya anu kamampuh dasarna pinunjul, aya anu kamampuh dasarna sedeng, jeung aya anu kapampuh dasarna di handap. Ari kaayaan siswa anu miboga kamampuh dasarna pinunjul, lumbrah sok dibarung ku motivasi diajarna leuwih ti nu lian. Sabalikna pikeun siswa anu kamampuh dasarna handap, motivasi diajarna ogé kurang hadé, méngpéléhé; ku lantaran kitu, guru kudu wijaksana dina nyanghareupan kaayaan saperti kitu, boh nu pinter boh nu bodo sarua papada siswa anu kudu ditalingakeun kalawan adil.

c. Bahan Ajar

Bahan ajar mangrupa matéri ajar anu baris dipidangkeun dina prosés diajar ngajar. Ari bahan ajar téh nyaéta mangrupa déskripsi pakta-pakta jeung prinsip-prinsip, ngeunaan norma jeung aturan, ajén-inajén jeung sikep jeung sagala rupa paripolah jeung kaparigelan motorik. Ku lanaran kitu, bahan ajar mibanda élmu pangawéruh , norma, aturan, sikep, paripolah jeung kaparigelan nu mibanda ajén-inajén, konsép, prinsip jeung prosés lumangsungna kagiatan diajar ngajar geusan ngahontal nu jadi udagan pangajaran. Kalungguhan bahan ajar téh aya dua nyaéta pikeun guru jeung pikeun siswa. Kalungguhan bahan ajar pikeun guru nya éta: a minangka palanggeran enggoning ngalaksanakeun kagiatan diajar ngajar; b ngaronjatkeun kagiatan diajar ngajar sangkan leuwih éféktif; c minangka palanggeran dina ngalaksanakeun évaluasi; jeung d bisa ngarobah kalungguhan guru nu kuduna ngajar jadi fasilitator dina PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 41 2 kagiatan diajar ngajarna. Ari kalungguhan pikeun siswa nyaéta a siswa bisa diajar sajan euweuh guru; b siswa bisa diajar iraha waé; c siswa bisa diajar luyu jeung kadaék katut kaparigelanana séwang-séwangan; d jadi palanggeran dina kagiatan diajarna pikeun ngaronjatkeun kompeténsi dirina.

d. Média

Média dina harti anu lega nyaéta sagala rupa hal anu dipibutuh dina lumangsungna prosés diajar ngajar, kayaning: bor, kapur, alat peraga, pakarangan sakola, jeung bubutuh nu séjénna kaasup kelas jeung perpustakaan sakola. Aya sababaraha kauntungan pikeun sakola anu mibanda sarana katut fasilitas média diajarna léngkép, kahiji, léngképna média diajar ngajar téh bisa numuwuhkeun sumangét jeung motivasi dina lumangsunga kagiatan diajar ngajar; kadua, ku léngképna média pangajaran méré lolongkrang boh pikeun guru boh pikeun siswa pikeun milih média mana baé anu loyog jeung bubutuh dina lumangsung kagiatan diajar ngajar luyu jeung pameredih bahan ajar katut tujuan anu baris dihontal.

e. Lingkungan Sabudeureun