3
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
63
jirimna budaya tangtu ngagunakeun basa; tegesna antara budaya jeung basa téh lir ibarat gula jeung amisna
– lain gula ngarana, laun teu amis. Ari anu jadi unsur badaya téh, nyaéta 1 pacabakan; 2
kamasarakatan; 3 élmu pangawéruh; 4 pakakas, undagi, jeung téhnologi; 5 basa; 6 seni; jeung 7 agama katut réligi
Koentjaraningrat, dina Sudaryat, 2013. Unsur-unsur budaya bisa kagambarkeun dina basa.
Jatidiri atawa Idéntitas Basa
Disawang tina karakteristik lahiriahna, basa téh miboga genep ciri, nyaéta 1 idéntitas fisik; 2 idéntitas psikologis; 3 idéntitas géografis; 4 idéntitas
étnik; 5 idéntitas sosiologis; jeung 6 idéntitas kontékstual Crystal, dina Sudaryat, 2013.
a. Idéntitas fisik
Identitas fisik anu mangaruhan wujudiah basa nyaéta a tipe fisik; b kondisi fisik; c umur; d ucapan; jeung e jenis kelamin anu
makéna. Patalina basa jeung kaayaan fisik anu makéna diulik ku patologi basa.
b. Idéntitas psikologis
Tina jihat psikologis, basa téh raket patalina jeung intélégénsi katut kapribadian personality. Patalina basa jeung unsur psikologis nu
makéna basa diulik ku psikolinguistik.
c. Idéntitas géografis
Unggal basa bakal dipangaruhan ku lokasi dipakéna basa. basa nu dipaké di hiji wewengkon disebut basa wewengkon, dialék local,
dialék regional, atawa regiolék. Ari élmu anu ngulik basa wewengkon atawa basa dialék disebut dialéktologi.
d. Idéntitas étnik
Basa téh bisa dipikawanoh ku kelompok jalma, sélér bangsa, atawa bangsa anu makéna. Tina jihat étnik, aya nu disebut basa daérah,
basa nasional, jeung basa asing. Éta kalungguhan basa téh masing-
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
64
3
masing mibanda fungsi séwang-séwangan. Patalina basa jeung kahirupan étnik anu makéna diulik ku élmu étnolinguistik.
e. Idéntitas sosiologis
Kahirupan hiji basa dipangaruhan ku lingkungan sosial anu makéna saperti
stratifikasi sosial,
peran jeung
status sosial,
kaakrabandeuheus henteuna solidarity, jeung ragam sosial. Patalina basa jeung kahirupan masaralat nu makéna basa diulik ku
élmu basa sosial nu ilahar disebut sosiolinguistik.
f. Idéntitas kontékstual
Wujudiah basa bisa gumantung kana kontéks situasi dipakéna. Hubungan antara basa jeung kontéks situasi makéna diulik ku
pragmatic. Dell Hyems dina Sudaryat 2013 kaca 26 nyebutkeun yén kontéks situasi anu mangaruhan wujudiah basa téh mibanda unsur-
unsur component of speech anu disinggét
SPEAKING, anu foném awalna nyoko kana: S-etting and scene
P-artucipants E-nd purpoce and goals
A-cts sequences K-ey tone or spirit of act
I-nstrumentalities N-orms of interaction and interprétation
G-enres Ari dina basa Sunda unsur-unsur kontéks situasi makéna basa téh
bisa disinggét UNGKARA Sudaryat, 1991:121 anu foném awalna nyoko kana:
U-ndak usuk atawa tatakrama basa N-u maké basa jeung nu dicaritakeun
G-alur omongan K-asang tukang tempat, waktu, jeung suasana
A-lat anu digunakeun
3
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
65
R-asa, nada, jeung raga, rasa basa A-manat jeung tujuan ahir omongan
g. Idéntitas Stilistik
Stilistik téh nyaéta gaya basa katut makéna basa dina karya sastra. Stilistika mangrupa élmu anu maluruh patalina basa jeung karya
sastra, kumaha gaya makéna basa dina karya sastra. Basa hiji jalma, sélér bangsa, atawa bangsa téh bisa kapaluruh tina gaya basa anu
dipakéna.
Aya rupa-rupa gaya basa, di antarana waé: 1 gaya basa mijalma; 2 gaya basa ngasor; 3 gaya basa ocon; 4 gaya basa rarahulan;
5 gaya basa sindir; gaya basa ngupamakeun; jeung 7 gaya basa purwakanti Sudaryat, 2001.
Geura ieu titénan conto di handap: 1 Gunung Galunggung diharudum ku halimun bangun nu ngungun.
2 Mangga linggih ka saung butut. 3 Punten pangmeserkeun Jarum Coklat.
4 Kajeun ceurik cimata gétih, moal rék ngahampura 5 Punten TVna dialitan saeutik.
6 Ari maneh jeung dulur téh kawas ucing jeung anjing.
Loba kénéh conto-conto gaya basa séjénna. Ku Sadérék bisa ditambahan deui.
2. Ciri Has Basa Sunda