Prak-prakan dina Pangajaran PAKEMPAIKEM

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 44 rasa resep. Cindekna, saéstuna suasana resep anu kudu pangheula diciptakeun téh, karakter nu séjénna bakal babari numuwuhkeunana. Konsép PAKEM atawa PAIKEM téh péréléanana sakumaha ieu di handap. 1 Siswa aub dina sagala rupa kagiatan anu udaganana pikeun mekarkeun cangkeman tur kamampuh ngaliwatan paripolah langsung; 2 Guru ngabantu tur ngarojong ku mangrupa motivasi jeung nyadiakeun sarana anu diperlukeun ku parasiswa; 3 Guru nyiptakeun sagala rupa hal anu pikaresepeun jeung nyiptakeun suasana anu pikabetaheun parasiswa dina milampah sagala rupa kagiatan, kayaning buku-buku, majalah, Koran, di tempat anu henteu resmiformal; 4 Guru nyiptakeun suasana diajar kooperatif tur interaktif boh sacara kelompok atawa séwang-séwangan; 5 Guru ngajurung laku siswa dina diajarna nurutkeun kahayang dirina anu tujuanana sangkan idé jeung gagasanana bisa ébréh; kitu deui dina miara jeung ngamumulé lingkungan sakolana ditumuwuhkeun rasa mikaresep jeung rasa tanggungjawabna. Husus anu patalina jeung pangajaran basa Sunda, guru méré motivasi ka parasiswa sangkan idé jeung gagasanana bisa tumuwuh pangpana anu aya patalina jeung kabeungharan kecap husus keur kelas handap. Upama kabeungharan kecapna geus katémbong, ditungtun pikeun diajar nyieun karangan anu basajan luyu jeung kahanan umurna. Karangan anu henteu loba mikir nyaéta wangun karangan déskriptif. tegesna parasiswa ditungtun pikeun ngadéskripsikeun hal anu katingali, kadéngé jeung karasa. Latihan séjénna, bisa ngaliwatan gambar. Gambar sina dipencrong heula, tuduhkeun babagian nepi ka bubuk leutikna. Sanggeus kitu, naon anu kapencrong ku manéhna, sina ditulis kalawan mérélé dumasar kana urutan babagian nu aya dina gambar.

b. Prak-prakan dina Pangajaran PAKEMPAIKEM

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 45 2 Dina prakna ngalaksanakan kagiatan diajar ngajar anu ngagunakeun pamarékan PAKEMPAIKEM, aya sababara hal anu kudu dipikanyaho, nyaéta: 1 Kudu nyangkem pasipatan jeung karakter parasiswa; 2 Kudu wanoh pisan ka hiji-hijina siswa; 3 Kudu bisa ngamangpaatkeun karakter jeung paripolah siswa pikeun kapentingan kagiatan diajar ngajar; 4 Numuwuhkeun cara mikir kritis, kréatif jeung kamampuh ngokolakeun masalah; 5 Ngarékayasa rohangan kelas, salin jinis dirobah jadi lingkungan diajar ngajar anu pikaresepeun jeung pikabétaheun; 6 Méré pangdeudeul minangka uji balik jeung lajuning laku pikeun ngaronjatkeun kagiatan diajar ngajar Sudarjat, 2009 Guru kudu bisa nyieun kacindekan tina hasil peniléyan saupama siswa dianggap acan mampuh ngawujudkeun kompéténsi dasar jeung standar kompéténsina dumasar kana prosés interaksi dina kagiatan diajar ngajar. Ku lantaran kitu, guru sawadina kudu bisa nyiptakeun suasana diajar ngajar anu partisipatif, aktif, kréatif jeung pikaresepeun menyenangkan sangkan kompéténsi dasar jeung standar kompéténsi nu geus dirancang saméméhna bisa kahontal. Jaba ti kitu, guru téh diperedih sangkan mampuh nyiptakeun kagiatan diajar ngajar anu sifatna inovatif deuih dina sagala aspék anu aya patalina jeung kagiatan diajar ngajar. Ku lantaran pameredihna jiga kitu, konsékuénsi logisna guru kudu jembar wawasan élmu pangawéruh na pangpana kawéruh anu patali jeung rupa-rupa metodeu pangajaran multimetode katut élmu anu patali jeung média pangajaran multimédia. Kaparigelan séjénna anu masih aya patalina jeung kagiatan diajar ngajar nyaéta kudu mampuh nyiptakeun suasana diajar ngajar anu kondusif, boh sacara internal boh sacara éksternal. Rusman 2010 nyebutkeun yén dina modél pamarekan PAKEM téh guru diperedih kudu bisa ngalaksanakeun kagiatan diajar ngajar anu PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 46 sacara langsung ngalibetkeun siswa nu sifatna partisipatif, aktif, kréatif, éféktif tur dipikaresep atawa nyugémakeun anu muarana sangkan parasiswa mampuh nyiptakeun karya, gagasan, pamanggih, jeung idéuna téh meleg-meleg hasil tina usaha jeung pamanggihna sorangan, lain meunang guruna.

c. Wanda Modél Pangajaran nu Pikaresepeun