Lebaran di Pilemburan Nulis Bahasan

113 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VIII b. Pék pigawé babarengan 1. Téangan kecap-kecap anu teu kaharti tuluy téangan hartina dina kamus. Geus kitu larapkeun kana kalimah 2. Sebutkeun poko pikiran anu aya dina unggal alinéa 3. Tangtukeun mana bagian bubuka, eusi, jeung panutup 4. Tangtukeun jenis tulisanna, naha narasi, déskripsi, eksposisi, arguméntasi, atawa gabungan tina sababaraha jenis tulisan. Lamun gabungan, sebutkeun naon waé 5. Tangtukeun wanda tulisanna, naha induksi naha déduksi. Sebutkeun alesanana 6. Caritakeun deui eusi wacana di luhur maké basa hidep sorangan

3. Lebaran di Pilemburan

Wacana ieu dibaca jeung dititénan ku kelompok lima jeung kelompok genep. Tuluy jawab pananyana Lebaran di Pilemburan Mun aya nu nanyakeun, kabiasaan naon nu ayana ngan di Indonsia wungkul anu patali jeung lebaran? Pasti jawabanana kabiasaan mudik. Apanan urusan mudik téh di nagara urang mah geus jadi urusan nasional. Lain ngan suku Sunda wungkul nu biasa migawéna, tapi geus jadi tradisi sakumna sélér bangsa nu aya di Indonésia. Urang Sumatera, urang Maluku, urang Sulawesi, urang Kalimantan, Papua, Bali, jsb. geus biasa migawé ieu tradisi dina usum lebaran. Meureun pédah nagara urang mah loba pulona, sarta pangeusina loba nu ngumbara ka pulo séjén. Dina waktuna milih balik ka lembur téh sok disataun-sakalikeun. Da sapopoé mah riweuh ku gawé téa, ongkoh tara aya liburan rada lila anu bareng saréréa, iwal usum lebaran. Katurug-turug, kapan tos lebaran mah wanci anu kacida mustarina pikeun silihlubarkeun kasalahan anu dipigawé, boh dihaja boh teu kahaja, salila sataun landung. 114 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VIII Jauh tangéh ka lebaran, pamaréntah dina hal ieu kementrian perhubungan, tihothat nataharkeun arus mudik sangkan lungsur-langsar saréréa. Angkutan darat, laut, jeung udara ditataharkeun ti anggalna sangkan nyumponan bubutuh anu mudik. Malah pausahaan-pausahaan badag ogé loba anu milu nyarumbang nyadiakeun angkutan lebaran keur nu mudik. Tuh, pan saréréa milu riweuh ku ayana tradisi mudik téh. Ari nu mudik, nu matak sok maraksakeun bélaan ngéndong di setasion karéta atawa di palabuan pameuntasan antar pulo téh, lain ngan sakadar pikeun nyumponan kawajiban salaku anak ka kolot atawa adi ka lanceuk wungkul, tapi ogé pikeun nyumponan bubutuh batinna mulangkeun panineungan kana sagalarupa anu kungsi dipilampah jeung nu dipikaresep basa keur leutikna di lembur. Komo urang Sunda mah da geus kawentar kandel rasa romantismena. Mudik téh jadi hiji wanci pikeun ngalubarkeun kasonona kana sagalarupa tradisi anu geus tara kapanggih di kota. Pangpangna mun aya tradisi atawa kabiasaan anu nyengceling béda ti batur, tong boroning di kota dalah di lembur séjénna deui ogé tara kapanggih. Di pakidulan Sukabumi, persisna di kampung Salagedang Désa Bojongsari Kacamatan Jampangkulon, aya hiji kabiasaan dina poéan lebaran anu asa can kapanggih deui di wewengkon séjén mah. Ari perkara munggah jeung peupeuncitan mah prah waé jeung di lembur séjénna. Tarawéh pon kitu deui, taya bédana. Atuh solat Idul itri jeung idul adha kitu kénéh, umum jeung batur. Tah anu béda téh acara sabadana ngalaksanakeun solat Idul Fitri atawa Idul Adha. Dina ngalaksanakeun solat téh tara ka lapang atawa ngahiji ka lembur séjén. Cukup dilaksanakeun di masigit anu aya di lembur waé. Sok padahal mun solat Jumaah mah sok ngadon ka masigit nu aya di lembur tatangga, meureun méh jamaahna rada rempeg. Kawuwuh di kampung éta mah jumlah pangeusina ogé teu loba, ukur aya 23 suhunan. Najan katambahan ku nu mudik ogé pangeusi lembur téh tara ieuh nepi ka heurin usik. Bubuhan anu ngumbara ka kotana ogé teu pati loba. Sabada solat ied dilaksanakeun, tos hutbah téh dituluykeun ku nguriling sasalaman. Di dinya baé di jero masigit. Kolot-kolot ngajajar turut-turut sisi témbok, barudak ngantay nguriling sasalaman. 115 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VIII Bérés sasalaman, lalaki mah tuluy dariuk ngagarunduk jeung kulawargana séwang-séwangan. Sedeng ibu-ibuna jeung barudak awéwé, baralik heula ka imahna séwang-séwangan. Baralik deuina ka masigit téh geus mawa idangan lebaran sapuratina. Ti mimiti sangu, kupat, opor, rendang, sambel goreng kumeli, lodéh mi, asé cabé, beuleum hayam, sambel nepi ka lalabna, pepek. Geus kitu mah, brak baé saréréa, awéwé lalaki, kolot budak, dahar balakécrakan jero masigit. Resepna dina waktu silihtukeur dahareun. Ringkok jeung lodor, pabeulit patukeur tempat. Silihasaan pasakan. Bari ramé ngobrol gogonjakan. Saralsé baé dahar téh, malah sok bari popotoan sagala. Meungpeung amprok rinéh jeung batur salembur sarta bisa silihasaan dahareun, bubuhan sapopoé mah riweuh ku pagawéan. Bérés dahar balakécrakan, kakara nguruskeun kapentingan séwang-séwangan, pangpangna mah nu boga kolot di lembur séjén sok tuluy arindit ngadon silaturahmi. Ari anu geus ngariung sadudulur mah sok tuluy arulin ka laut Minajaya atawa Ujung Genténg, ngadon sukan- sukan babarengan. Ieu kabiasaan téh ngan diayakeun sataun dua kali, dina waktuna lebaran idul itri jeung idul adha. Anéhna, ieu kabiasaan téh di lembur séjén mah, najan natangga, geuning teu aya. Hiji kabiasaan nu teu weléh ngondang kasono pikeun nu ngumbara ka jauhna. Sumber: pikiran rakyat.com 116 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VIII Kagiatan Kelompok a. Jawab pananya di handap 1. Tradisi naon anu geus jadi urusan nasional téh? 2. Naha bet disebut urusan nasional? 3. Ceuk dina bacaan di luhur, di wewengkon mana anu kabiasaan dina poé lebaranna béda jeung batur téh? 4. Cik caritakeun maké basa hidep sorangan kabiasaan anu béda ti batur ceuk bacaan di luhur 5. Kabiasaan naon anu matak resepna? 6. Di lembur hidep naon waé anu dipigawé dina poéan lebaran téh? 7. Hidep kungsi manggihan kabiasaan nu béda dina waktu lebaran? Naha nyaksian langsung atawa lalajo dina televisi, pék caritakeun kumaha kabiasaanana téh b. Pék pigawé babarengan 1. Téangan kecap-kecap anu teu kaharti tuluy téangan hartinadina kamus. Geus kitu larapkeun kana kalimah 2. Sebutkeun poko pikiran anu aya dina unggal alinéa 3. Tangtukeun mana bagian bubuka, eusi, jeung panutup 4. Tangtukeun jenis tulisanna, naha narasi, déskripsi, eksposisi, arguméntasi, atawa gabungan tina sababaraha jenis tulisan. Lamun gabungan, sebutkeun naon waé 5. Tangtukeun wanda tulisanna, naha induksi naha déduksi. Sebutkeun alesanana 6. Caritakeun deui eusi wacana di luhur maké basa hidep sorangan

4. Kampung Urug