Néangan Jejertéma warta Ngaringkes Warta Néangan Rumusan Warta

17 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VIII ku rébuan panongton téh dibuka ku Wakil Gupernur Jawa Barat, Deddy Mizwar. Dina pamapagna, Deddy Mizwar nétélakeun yén seni budaya Jawa Barat téh boga ajén anu kacida luhurna sarta bisa jadi asét budaya anu payu dijual keur kapentingan pariwisata. Rupaning seni ung-gulan ti 26 kabupaténkota téh dipintonkeun babarengan dina wangun hélaran. Lian ti éta, dipin-tonkeun ogé kaulinan urang lembur, pagelaran seni kontémporér, pés-tival ngabodor sorangan borangan, lomba ngalukis tingkat barudak, workshop seni budaya, péstival wayang internasional, paméran seni rupa ténda, sarta paméran kujang. Sakabéh pintonan dikokolakeun ku paraseniman budayawan ti 26 kabupaténkota, komunitas seni, sarta pangrajin seni di Jawa Barat. Pangbagéa masarakat kana ieu acara téh kacida pikabungaheunana. Salila tujuh poé tujuh peuting acara pintonan, teu weléh dideugdeug ku nu lalajo, nepi ka patalimarga sabudeureun Gedong Saté macét pisan.

B. Medar Warta

Aya sababaraha hal anu kudu dipigawé ku hidep jeroning mikawanoh warta. Geura titénan contona.

1. Néangan Jejertéma warta

Warta di luhur téh midangkeun kagiatan budaya. Ku kituna, jejer atawa témana ogé tangtu baé budaya.

2. Ngaringkes Warta

Warta di luhur téh nyaritakeun kagiatan miéling milangkala Provinsi Jawa Barat anu ka-68. Eta kagiatan téh dilaksanakeun di sabudeureun Gedong Saté Bandung salila tujuh poé tujuh peuting. Acarana dibuka ku Wakil Gupernur Jawa Barat, Deddy Mizwar. 18 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VIII Ieu acara téh magelarkeun hélaran seni tradisi unggulan ti 26 kabupaténkota nu aya di Jawa Barat. Lian ti éta, dipagelarkeun ogé rupa-rupa kaparigelan jeung kamonésan seni budaya ti sababaraha daérah upamana kaulinan urang lembur, pagelaran seni kontémporér, péstival ngabodor sorangan borangan, lomba lukis tingkat barudak, workshop seni budaya, péstival wayang internasional, paméran seni rupa ténda, sarta paméran kujang. Kabéh pintonan dikokolakeun ku seniman budayawan ti unggal daérah, sarta meunang pangbagéa anu hadé ti masarakat.

3. Néangan Rumusan Warta

Pikeun manggihan rumusan warta di luhur, hayu urang jieun pananya anu jawabanana aya dina warta a. Naon anu jadi jejer warta di luhur? Jawabanana: Kagiatan Pekan Seni Jawa Barat 2013 anu mintonkeun rupa-rupa seni unggulan ti kabupaténkota nu aya di Jawa Barat. b. Kasenian naon waé anu dipintonkeunana? Jawabanana: Hélaran seni tradisi Jawa Barat, kaulinan urang lembur, pagelaran seni kontémporér, péstival ngabodor sorangan borangan, lomba lukis tingkat barudak, workshop seni budaya, péstival wayang internasional, paméran seni rupa ténda, jeung paméran kujang. c. Saha nu ngayakeunana? Jawabanana: Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Provinsi Jawa Barat d. Saha anu muka kagiatanana? Jawabanana: Wakil Gupernur Jawa Barat Deddy Mizwar. e. Saha anu mintonna? Jawabanana: Paraseniman budayawan ti 26 19 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VIII kabupaténkota, kuminitas seni, jeung pangrajin seni Jawa Barat. f. Di mana lumangsungna éta kagiatan? Jawabanana: Di sabudeureun Gedong Saté Bandung. g. Iraha lumangsungna éta kagiatan? Jawabanana: Ti tanggal 7 nepi ka 13 Séptémber 2013. h. Naha éta kagiatan diayakeun? Jawabanana: Pikeun ngareuah-reuah miéling Provinsi Jawa Barat anu ka-68. i. Kumaha kaayaan di sabudeureun Gedong Saté? Jawabanana: Ramé pisan, nepi ka patalimarga ogé macét pisan. j. Kumaha pangbagéa ti masarakat? Jawabanana: Hadé pisan, buktina salila tujuh poé tujuh peuting lumangsungna éta acara, teu weléh dideugdeug ku masarakat. Sabada urang niténan pananya jeung jawaban anu aya dina warta di luhur, katitén yén dina nulis warta téh kudu nyumponan hiji rumusan anu disebut 5 W + 1H nyaéta what naon, who saha, where di mana, when iraha, why naha, jeung how kumaha. Ieu rumusan téh dina unggal warta kudu aya, sangkan eusi wartana jéntré tur tétéla nepi ka anu maca atawa anu ngabandungan éta warta bisa meunang informasi anu salengkep-lengkepna. Geura urang wincik deui ngarah jéntré Rumusan Warta Conto Larapna Naon what 1. Kagiatan Pekan Seni Jawa Barat 2013 anu mintonkeun rupa-rupa seni unggulan ti kabupaténkota nu aya di Jawa Barat. 20 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VIII 2. Hélaran seni tradisi Jawa Barat, kaulinan urang lembur, pagelaran seni kontémporér, féstival ngabodor sorangan borangan, lomba lukis tingkat barudak, workshop seni budaya, péstival wayang internasional, paméran seni rupa ténda, jeung paméran kujang. Saha who 1. Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Provinsi Jawa Barat. 2. Wakil Gupernur Jawa Barat Deddy Mizwar. 3. Paraseniman, budayawan ti 26 kabupaténkota, komunitas seni, jeung pangrajin seni Jawa Barat. Di mana where Di sabudeureun Gedong Saté Bandung. Iraha when Ti tanggal 7 nepi ka 13 Séptémber 2013. Naha why Pikeun ngareuah-reuah miéling Provinsi Jawa Barat anu ka-68. Kumaha how 1. Ramé pisan, nepi ka patalimarga ogé macét. 2. Hadé pisan, buktina salila tujuh poé tujuh peuting lumangsungna éta acara, teu weléh dideugdeug ku masarakat. Mun hidep maca gemet tabél di luhur, bakal kapanggih yén dina rumus warta, hiji rumus téh bisa aya sababaraha pananya atawa sababaraha béja. Upamana dina naon what aya dua pananya jeung dua béja. Kitu deui dina saha who. Ku kituna, dina nyieun warta téh 21 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VIII bisa ngamuat sababaraha béja. Ulah pédah rumusna ngan aya genep, nulis ogé ukur hiji-hiji dina unggal rumus, sakadar pikeun nyumponan genep rumus éta wungkul. Latihan Baca conto warta di handap Ti tanggal 5 nepi ka 15 Agustus 2013, di Gedong Kasenian Rumentang Siang Bandung diayakeun pasang-giri drama tingkat SMPMts sa-Jawa Barat anu diayakeun ku Di- nas Pendidikan Provinsi Jawa Barat . Unggal kabupaténkota ngirimkeun wawakilna. Aya anu ngan ukur ngirimkeun hiji wawakil, aya ogé anu nepi ka dua atawa tilu wawakil. Jumlah pamilon anu miluan kana éta pasanggiri aya 63 grup drama. Teu wudu Gedong Kasenian Rumentang Siang anu biasana tiiseun téh ngadadak ramé, boh ku pamilon boh ku nu lalajo. Unggal poé korsi panongton teu weléh pinuh. Matak reugreug ka panitia. Sabada maca warta di luhur, pék téangan: Kalimah tanyana Rumusan wartana Larapna dina warta Kagiatan naon anu diayakeunna? naon what saha who di mana where iraha when Naha why kumaha how

2. Warta dina Televisi