Padika Biantara Métodeu impromtu ngadadak Métodeu ngapalkeun Métodeu naskah

82 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VIII santun, anu iman sareng takwa ka Gusti Nu Maha Suci, kanggo pibekeleun hirup sim kuring sadaya ka payunna. Hatur nuhun pisan Bapa, Ibu, mugi- mugi sadaya élmu anu parantos dipaparinkeun ku Bapa sareng Ibu ka sim kuring sadaya mangpaat lahir batin dunya ahérat. Atuh sagala rupi amal kasaéan Bapa sareng Ibu ka sim kuring sadaya, kénging ganjaran anu manglipet-lipet ti Allah Swt. amin ya Robbal alamin. Bapa sareng Ibu Guru ... jst. Eusi Biantara Rupina cekap sakieu waé pisanggem ti sim kuring, mugi-mugi tiasa ngawakilan kereteg haté sadayana. Hapunten anu kasuhun, bilih aya cariosan anu kirang merenah. Panutup Biantara Billahi tauik walhidayah, wassalamu’alaikum wr.wb. Salam Panutup

2. Padika Biantara

Biantara téh salahsahiji kaparigelan nyarita pikeun nepikeun maksud atawa ngajelaskeun hiji pasualan ka jalma réa. Sangkan eusi biantara urang nepi ka anu dituju atawa anu dimaksud, tangtu baé mikabutuh cara-cara téhnik nyarita anu teu sagawayah. Lantaran biantara mah wangun komunikasi langsung antara nu nyarita jeung jalma réa. Kumaha carana sangkan nu ngabandungan resep, saregep, nepi ka paham kana eusi biantara, éta perlu dirojong ku sababaraha hal. Anu kudu dilatih ku hidep sangkan biantara dipikaresep téh lain ngan saukur nulis naskah biantara wungkul, tapi ogé dina prakna biantara hareupeun batur. Lamun urang geus lancar biantara, ka dituna mah teu kudu maké naskah deui, bisa langsung waé nyarita, asal kudu bener babagianana. 83 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VIII Dina biantara langsung, anu nyarita téh sasat jadi puseur panitén saréréa. Tuluy henteuna panongton saregep ngabandungan, gumantung kana kamampuh anu nyaritana. Lantaran sok aya geuning, eusi biantarana alus jaba penting, tapi lantaran nyaritana teu pikaresepeun, nu ngabandungan téh teu saregep. Atuh nu biantara biantara, nu ngabandungan jongjong ngobrol jeung baturna. Aya opat métodeu biantara anu salila ieu remen dipaké, nyaéta:

1. Métodeu impromtu ngadadak

Disebutna ngadadak, lantaran dina cara midangkeunana tara maké tatahar heula. Boro-boro maké naskah, da kaperluanna ogé saharitaeun. Mun bisa mah nyaritana, métodeu ieu téh sok matak kataji nu ngabandungan.

2. Métodeu ngapalkeun

Cara midangkeunna nu ieu mah sabalikna tina impromtu. Nu rék biantara nuliskeun heula naon anu rék diomongkeunana tuluy diapalkeun kecap demi kecap taya nu kaliwat. Nu matak sok aya kesan kaku nyaritana téh, da bari nginget-nginget anu geus diapalkeunna téa.

3. Métodeu naskah

Nyaéta biantara anu bari maca naskah. Tah métodeu ieu biasana kurang pikaresepeun nu ngabandungan, lantaran nu biantara sok tungkul teuing kana naskah, langka ngayakeun kontak mata jeung nu ngabandungan.

4. Métodeu ékstémporan