Niténan Biantara Buku Bahasa Sunda Siswa SD MI SMP MTs SMA SMK MA MAK Lengkap Kelas 8 PDF 2014

86 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VIII bosen nu ngabandungan. Biasana patali jeung métodeu biantara anu tadi geus dipedar. Naha eta biantara téh maca naskah nu tos disiapkeun ti anggalna, naha naskahna diapalkeun, naha pamilon mawa catetan gurat badag guluyurna bahan biantara, atawa naha ngapalkeun tapi loba improvisasina. Sangkan leuwih jéntré, geura urang gambarkeun baganna:

C. Niténan Biantara

Baca sing gemet naskah biantara di handap Biantara Mingpin Rapat Assalamu’alaikum Warrahmatullahi Wabaarokaatuh. Bapa Pembina OSIS anu ku sim kuring dipihormat, BapaIbu Guru anu ku sim kuring dipihormat, Saderek sadaya réngréngan pangurus OSIS anu ku sim kuring dipikacinta. Teteg Nyaritana Gerak awakna merenah Gaya Nyaritana T A G O G Alus eusina Omonganna merenah 87 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VIII Langkung ti payun mangga urang sasarengan ngedalkeun puji sukur ka Allah Swt. réhna urang tiasa riung mungpulung di ieu tempat kalayan séhat wal’aiat. Solawat sinareng salam, mugi ngocor salalamina ka jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad saw. Hadirin anu sami linggih, Salajengna sim kuring seja ngahaturkeun réwu nuhun laksa keti kabingahan ku kasumpingan sadérék sadaya kana rapat OSIS dinten ieu. Peryogi kauninga ku sadayana, pangna urang ngariung téh nyaéta badé ngabadantenkeun perkawis rarancang kagiatan dina raraga miéling tepung taun kemerdékaan Indonésia. Sok sanaos ari kana derna acara puncak mah masih kénéh lami, nanging ari tatahar mah kedah ti ayeuna kénéh. Hadirin anu sami linggih. Acara miéling tepung taun kamerdékaan nagara urang téh saleresna parantos janten agénda rutin di sakola urang. Unggal taun tangtos baé diayakeun rupi-rupi kagiatan kanggo ngareuah-reuah atanapi ngaramékeunana. Sapertos taun pengker, urang ngayakeun balap karung, balap bakiak, neda kurupuk, ngagebug cai, nyandak kaléci dina séndok nu digégél, dugi ka olahraga nu kalebet daria sapertos putsal sareng maén poli ogé diayakeun. Sanaos teu dipaparin hadiah ogé geuning pamilon atanapi peserta mah sakitu seueurna. Méh waé teu kalombakeun sadayana, da kasengker ku waktos téa. Ku kituna, dina ieu kempelan hayu urang badantenkeun sing asak, kagiatan naon baé nu bakal dilaksanakeun dina miéling kamerdékaan taun ieu. Naha badé olagraga wungkul atanapi ditambihan ku kasenian ongkoh. Upamina, dina olahraga, méh resep kumaha upami guru-guru diajak ngiring janten pamilon, diabenkeun sareng siswa. Jigana bakal nambihan ramé. Atuh bilih badé aya kasenian, tiasa waé dina panungtungna dipungkas ku jaipongan, dance, atanapi karaoké lagu Sunda. Panginten bakal resep, saparantosna capé ngiringan lomba, dihibur ku kasenian. Tapi éta mah sakadar ideu, panginten nu pastina mah kin urang badantenkeun langkung paos, méh sadayana sapuk sarta mupakat. Hadirin anu sami linggih. 88 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VIII Rupina cekap sakieu baé pamapag ti sim kuring, hapunten bilih aya basa nu kirang merenah kadanguna. Billahi tauik walhidayah, wasalamu’alaikum warrahmatullahi wabarrakatuh. Latihan Sabada hidep paham kana babagian biantara, pék ayeuna wincik biantara di luhur jiga conto dumasar kana babagianana 1. Sebutkeun babagianna, méh jéntré alusna mah maké tabél: a. Salam bubukana b. Pangbagéa kata sapaan c. Alinéa bubuka d. Alinéa eusi e. Alinéa panutup f. Salam panutup 2. Caritakeun deui eusi biantara di luhur maké basa hidep sorangan 3. Téangan rakitan basa anu jadi mamanis basa jeung ngandung purwakanti 4. Téangan conto naskah biantara séjénna, naha dina buku atawa dina internét, tuluy wincik jiga di luhur

D. Pancén Kelompok