127
Pamekar Diajar
B A S A   S U N D A
Pikeun Murid SMPMTs Kelas VIII
1. Eusi Surat
Dina conto surat di luhur, éta surat téh ditulis ku Zahra ka babaturanna keur SMP anu ngaran Néndén. Zahra nulis surat téh lantaran kahudang
kasonona sabada mukaan facebook-na Néndén nu aya poto Néndén jeung babaturan SMA-na ngaliwet sisi balong. Komo da baheulana Zahra ogé
kungsi ngalaman ngaliwet di imahna Néndén.
Najan teu diobrolkeun kabéh, tapi ku urang bisa kateguh yén Zahra jeung Néndén téh keur SMP-na boga grup nu dingaranan Pinker. Grup
Pinker  anu  kasebut  ku  Zahra  dina  suratna  nyaéta Anggun  jeung  Cikal. Ari Heri mah jigana kabogoh Anggun nu matak  Anggun grogi ogé.
Éta anggota grup Pinker téh sabada lulus SMP, sakolana malencar. Zahra ogé anu teu niat sakola ka Bandung, kalah ngacleng sosoranganan.
Da  cenah  bibina  palay  dibaturan.  Tangtu  baé  Zahra  resepeun  sakola di  Bandung  téh,  najan  sok  teu  kuat  ngarasa  sono  ka  adi    jeung  indung
bapana.
Zahra gé ngajak, mun manéhna liburan di Subang, hayang ngumpul bari ngaliwet deui jeung babaturan grup Pinker-na. Atuh ka Néndén ogé
ngajak ulin ka Bandung, ngajak ulin ka mall anu di Bandung mah loba pisan, béda jeung di kota asalna.
Ku sabab eusina urusan pribadi sarta nu ngirimna ogé ti hiji pribadi ka pribadi séjénna, ieu surat téh disebutna surat pribadi.
2.    Babagian Surat Pribadi
Dina  prak-prakan  nulis  surat  kudu  luyu  jeung  babagéan  surat pribadi:
a.   Titimangsa, nyaéta tempat, tanggal, bulan, jeung taun dijieunna éta surat.
b.   Alamattujuan surat, nyaéta saha nu jadi tujuan éta surat. c.   Salam bubuka
d.   Eusi surat, nu ngawengku :
a. Bubuka alinéa bubuka
b. Eusi maksud atawa tujuan éta surat
c. Panutup alinéa panutup
e.   Salam panutup f.
Tanda tangan nu ngirimnu nulis surat g.   Ngaran anu ngirim surat
128
Pamekar Diajar
B A S A   S U N D A
Pikeun Murid SMPMTs Kelas VIII
Mun digambarkeun saperti kieu: 1 titimangsa
2 tujuan surat
3 salam bubuka 4   a.  alinéa bubuka
b.  eusimaksud surat c.  alinéa panutup
5salam panutup 6tanda tangan
7 ngaran anu ngirim surat
Latihan:
1.   Naon anu dimaksud surat pribadi téh? 2.   Naon kagunaanana?
3.   Ti saha jeung keur saha surat pribadi di luhur téh? 4.   Naha wangun surat pribadi béda jeung surat dines?
5.   Tuliskeun deui titimangsa surat dina surat di luhur 6.   Tuliskeun deui bagian tujul surat dina surat di luhur
7.   Tuliskeun deui bagian salam bubuka jeung alinéa bubuka dina surat
di luhur 8.   Tuliskeun deui bagian eusi dina surat di luhur
9.   Tuliskeun deui bagian panutup jeung salam panutup dina surat di luhur
10.   Basa nu kumaha anu merenah dipaké dina surat pribadi? Naha basa lemes, basa loma, atawa basa kasar?
129
Pamekar Diajar
B A S A   S U N D A
Pikeun Murid SMPMTs Kelas VIII
C.   Maca Surat Ondangan Hajat