Eusi Surat Babagian suratna

123 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VIII waktos : tabuh 12.00 WIB dugi ka réngsé, tempatna di sekretariat OSIS SMPN Bandung. Kalintang bingahna upami sadérék tiasa sumping dina waktosna. Hatur nuhun kana perhatosanana. Kairing salam, Pupuhu, Girang serat, Alghifari Raspati Alzahra Pramanik Kauninga ku Pembina OSIS SMPN Bandung, Hj. Nani Rohayati, S.Pd.

1. Eusi Surat

Mun nilik kana wangunna, tangu baé ieu surat téh disebutna surat resmidines. Disebut resmi téh lantaran nu ngaluarkeunna hiji organisasi, ditujukeun ka anggota organisasi, sarta eusina ngan wungkul urusan dines éta organisasi. Pan eusina ogé pupuhu OSIS ngondang rapat ka anggotana pikeun ngabadamikeun kagiatan anu bakal dilaksanakeun ku organisasina.

2. Babagian suratna

Dina nulis surat resmi, dimimitian ku kop surat nu nuduhkeun ngaran dinas atawa organisasi nu ngaluarkeun éta surat. Sanggeus kop surat, lian ti aya titimangsa téh aya ogé nomer kaluarna surat jeung maksud dikaluarkeunna éta surat. Malah mun dibarengan ku berkas séjénna mah biasana ditulis dina pangdeudeul sabaraha lobana berkas anu dibarengkeun jeung surat téa. Sanggeus éta, kakara ditulis tujul surat atawa saha anu dikirim éta surat. Tuluyna mah sarua waé, aya salam bubuka, alinéa 124 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VIII bubuka, eusi surat, panutup surat, salam panutup, sarta ditanda ku anu ngirim. Ngan lantaran sipatna dines téa, anu nandana ogé henteu saurang, lain pupuhu wungkul, tapi dibarengan ku girang serat jeung pangapingna. Mun digambarkeun mah kieu babagian surat resmi téh: 1. kop surat 2. Nomer surat 3. titimangsa surat 4. Lampiran 5. jejertéma 6. tujul suratanu dikirim 7. salam bubuka 8. alinéa bubuka 9. eusi surat 10. alinéa panutup 11. salam panutup 12. tanda tangan 13. tanda tangan pupuhu girang serat 13. tanda tangan kasaluyuan pananggung jawab organisasilembaga 125 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VIII Latihan Sangkan leuwih paham kana eusi surat di luhur, pék jawab pananya di handap 1. Naon anu dimaksud surat téh? 2. Naon kagunaanana? 3. Naha surat di luhur disebut surat dines? Jéntrékeun 4. Naon anu dimaksud titimangsa? 5. Tuliskeun deui bagian kop surat dina surat di luhur 6. Tuliskeun deui bagian tujul surat dina surat di luhur 7. Tuliskeun deui bagian salam bubuka jeung alinéa bubuka dina surat di luhur 8. Tuliskeun deui bagian eusi dina surat di luhur 9. Tuliskeun deui bagian panutup jeung salam panutup dina surat di luhur 10. Naha dina surat dines anu nandatanganna kudu tiluan? Sebutkeun alesanana

B. Maca Surat Pribadi