Rarakitan Wawangsalan Nyangkem Sisindiran

61 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VIII Tétéla pisan kecap titiran jeung ngajajar dina jajaran kahiji murwakanti jeung kecap sisindiran jeung jajar dina jajaran kaopat. Kitu deui kecap bangkuang jeung sisi dina jajaran katilu murwakanti jeung kecap cangkang jeung eusi dina jajaran kaopat. Dumasar kana conto di luhur, bisa dicindekkeun ciri-ciri paparikan téh nyaéta: a. Sapada sagunduk diwangun ku opat padalisan jajar b. Padalisan kahiji jeung kadua mangrupa cangkang, sedeng padalisan katilu jeung kaopat mangrupa eusi. c. Jumlah engang dina unggal padalisan umumna aya dalapan engang. d. Sora tungtung padalisan kahiji sarua jeung tungtung padalisan katilu, sora tungtung padalisan kadua sarua jeung sora tungtung padalisan kaopat.

2. Rarakitan

Rarakitan ampir sarua jeung paparikan, boh sorana boh ciri-cirina. Ngan bédana téh, dina rarakitan mah aya kecap anu dibalikan deui sagemblengna jadi sarakit- sarakit atawa sapasang-sapasang. Contona: Kudu getol neukteuk kuku ngarah pinter lamun dangdan kudu getol maca buku ngarah pinter jiga Dadan Kecap kudu getol dina jajaran kahiji dibalikan deui dina jajaran katilu, kitu deui kecap ngarah pinter dina jajaran kadua dibalikan deui dina jajaran kaopat. Jadi 62 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VIII aya kecap anu sarakit-sarakit atawa sapasang-sapasang nyaéta kecap kudu getol jeung kecap ngarah pinter. Titénan deui conto di handap: ulah ngala cocongoan Bisi ruksak tangkal manggu Ulah waka bogohan Bisi sakola kaganggu Kecap ulah dina jajaran kahiji dibalikan deui dina jajaran katilu, kitu deui kecap bisi dina jajaran kadua dibalikan deui dina jajaran kaopat. Sanaos ka Haur geulis Andi mah resep ka Cina Sanaos Neng Nunur Geulis Andi mah resep ka Rina Kecap sanaos dina jajaran kahiji dibalikan deui dina jajaran katilu. Kitu deui kecap Andi dina jajaran kadua dibalikan deui dina jajaran kaopat. Eta sababna disebut rarakitan.

3. Wawangsalan

Wawangsalan mah najan asup kana sisindiran, boga wangun anu béda mun dibandingkeun jeung paparikan atawa rarakitan. Wawangsalan ukur diwangun ku dua jajar. Jajaran kahiji mangrupa cangkang, jajaran kadua mangrupa eusi. Saliwat mah antara cangkang jeung eusi kawas nu taya patali nanaon. Kakara karasa nyambung lamun geus kapanggih wangsalna eusina, nyaéta hiji kecap anu dibalibirkeun ditarucingkeun dina cangkang, sarta sabagian atawa sakabéh éta kecap murwakanti jeung salahsahiji kecap sabagian atawa kabéh nu aya dina eusi. 63 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VIII Geura titénan contona: Anténeu piring nu badag Sing garetol ka sakola parabola Anténeu piring nu badag . Ieu mangrupa cangkang. Kira-kira naon disebutna anténeu anu wangunna jiga piring badag. Geus pasti disebutna téh parabola. Kecap parabola dibalibirkeun dina kecap sakola dina jajaran kadua. Jadi kecap sakola murwakanti jeung parabola. Titénan conto kadua: Mesin ketik maké layar Dialajar ambéh pinter komputer Jaman ayeuna naon deui atuh mesin ketik anu maké layar lamun lain komputer. Da mesin ketik biasa mah teu maké layar. Jadi eusina geus katebak, pasti komputer. Lamun maca jajaran kadua beuki yakin waé eusina komputer lantaran aya kecap pinter anu murwakanti jeung komputer . Titénan conto katilu: Abdi téh kapiring leutik Kaisinan ku gamparan pisin Dina cangkang disebutkeun piring leutik. Ari piring leutik téh disebutna pisin. Jawaban pisin nyamuni dina kecap ka-isin-an. Isin murwakanti jeung pisin. Sabada niténan conto di luhur, bisa dicindekkeun wawangsalan téh mibanda ciri: a. Sapada diwangun ku dua jajar padalisan b. Jajaran kahiji mangrupa cangkang, sedeng jajaran kadua mangrupa eusi 64 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VIII c. Jumlah engang dina unggal jajar umumna dalapan engang d. Aya wangsal anu nyambungkeun cangkang jeung eusi.

4. Eusi Sisindiran