83
Pamekar Diajar
B A S A S U N D A
Pikeun Murid SMPMTs Kelas VIII
Dina biantara langsung, anu nyarita téh sasat jadi puseur panitén saréréa. Tuluy henteuna panongton
saregep ngabandungan, gumantung kana kamampuh anu nyaritana. Lantaran sok aya geuning, eusi biantarana alus
jaba penting, tapi lantaran nyaritana teu pikaresepeun, nu ngabandungan téh teu saregep. Atuh nu biantara biantara,
nu ngabandungan jongjong ngobrol jeung baturna. Aya opat métodeu biantara anu salila ieu remen dipaké,
nyaéta:
1. Métodeu impromtu ngadadak
Disebutna ngadadak,
lantaran dina
cara midangkeunana tara maké tatahar heula. Boro-boro
maké naskah, da kaperluanna ogé saharitaeun. Mun bisa mah nyaritana, métodeu ieu téh sok matak kataji
nu ngabandungan.
2. Métodeu ngapalkeun
Cara midangkeunna nu ieu mah sabalikna tina impromtu. Nu rék biantara nuliskeun heula naon
anu rék diomongkeunana tuluy diapalkeun kecap demi kecap taya nu kaliwat. Nu matak sok aya kesan
kaku nyaritana téh, da bari nginget-nginget anu geus diapalkeunna téa.
3. Métodeu naskah
Nyaéta biantara anu bari maca naskah. Tah métodeu ieu biasana kurang pikaresepeun nu ngabandungan,
lantaran nu biantara sok tungkul teuing kana naskah, langka ngayakeun kontak mata jeung nu
ngabandungan.
4. Métodeu ékstémporan
Dina prakna biantara tara maké naskah, tapi naon anu rék diomongkeun dirarancang heula kalawan
84
Pamekar Diajar
B A S A S U N D A
Pikeun Murid SMPMTs Kelas VIII
taliti. Biasana sok dijieun catetan-catetan mangrupa gurat badag atawa rangkay omongan anu rék
ditepikeun téa. Jadi, nu biantara bébas ngagunakeun susunan kecap jeung kalimah, tapi susunan eusina
tetep ngaleunjeur dumasar kana catetan-catetan téa.
Dina biantara aya padika anu disebut T-A-G-O-G. Éta téh singgetan. Geura urang wincik singgetanna:
1 T = Teteg sikepna. Teteg sikep dina nyarita, teu geumpeur
diteuteup ku panongton. Sikep nu teteg sarta kalem biasana nembongkeun kamampuhna
dina ngawasa nu ngabandungan audiens. Lamun teteg mah dina nyarita, moal geumpeur
lamun ngayakeun kontak mata jeung nu ngabandungan. Tah dina waktu nyarita,
kontak mata jeung nu ngabandungan téh kacida pentingna, pikeun museurkeun panitén
nu ngabandungan kana eusi omongan nu ditepikeun.
2 A = Alus eusina. Eusi biantara anu ditepikeun alus sarta
penting keur nu ngabandungan. Hal ieu kudu diluyukeun jeung kelompok massa naon anu
ngabandunganna. Mun hareupeun patani, meureun anu pikaresepeun téh kumaha
carana tatanén anu modalna leutik tapi hasilna mucekil. Kitu deui mun hareupeun barudak
sakola, meureun barudak bakal resep lamun dibéjaan cara diajar anu henteu matak lieur
ngalampahkeunana.
3 G = Gerak awakna merenah Nu disebut gerak awak téh dina biantara mah
géstur téa. Gerak awak téh pikeun ngarojong nandeskeun maksud atawa eusi biantara. Bisa
ku rindat, ku gerak biwir, gerak leungeun, jsb. ngan kadé ulah kaleuleuwihi, nepi ka jadi
85
Pamekar Diajar
B A S A S U N D A
Pikeun Murid SMPMTs Kelas VIII
ngaganggu kana eusi biantara. Anu meujeuhna waé, luyu jeung eusi omongan, nepi ka nu
ngabandungan téh ngarasa kataji. Nu penting mah mampuh ngébréhkeun yén nyarita téh lain
ngan sakadar ngalisankeun kecap, tapi kudu dibarengan ku tatakrama anu témbong dina
rengkuhna sarta gerak-gerik anggota badan lianna. Komo lamun nepi ka bisa némbongkeun
pasemonéksprési luyu jeung kecapkalimah nu diucapkeun. Jiga kumaha riuk beungeut lamun
ngucapkeun kalimah pananya, panyeluk, nitah atawa nyarék, jsb.
4 O = Omonganna merenah Dina omongan, lian ti basa nu diucapkeun téh
kaasup ogé lentong intonasi jeung ngucap- keunana lapal. Susunan basana tangtu baé
kudu hadé jeung bener ngalarapkeunana. Kitu deui lentong anu merenah, jeung ucapan anu
bener bisa ngarojong kana nandeskeun eusi biantara. Malah nya lentong jeung ngucap-
keunana pisan anu bisa nyambungkeun émosi nu nyarita jeung nu ngabandungan téh. Dina
lentong kudu bisa ngabédakeun lentonginto- nasi lebah ngalisankeun kalimah pananya,
kalimah wawaran, jeung kalimah panyeluk bisa ngucapkeun kalimah luyu jeung tanda-
tanda bacana peun, koma, tanda tanya, tanda panyeluk. Sedeng dina ngucapkeunana bener
ngalisankeun sora-sora basa kalawan béntés ngalisankeun eu, e pepet jeung é téléng.
5 G = Gaya nyaritana Nu dimaksud gaya nyarita téh kamampuh
nyarita hareupeun umum publik speaking anu pikaresepeun, narik paniten nu ngabandungan.
Ngalisankeun eusi maksud téh dibarengan ku cara nu luyu, gampang kaharti sarta teu matak
86
Pamekar Diajar
B A S A S U N D A
Pikeun Murid SMPMTs Kelas VIII
bosen nu ngabandungan. Biasana patali jeung métodeu biantara anu tadi geus dipedar. Naha
eta biantara téh maca naskah nu tos disiapkeun ti anggalna, naha naskahna diapalkeun, naha
pamilon mawa catetan gurat badag guluyurna bahan biantara, atawa naha ngapalkeun tapi
loba improvisasina.
Sangkan leuwih jéntré, geura urang gambarkeun baganna:
C. Niténan Biantara