Ngaregepkeun Kawih Mahamkeun Eusi Kawih 1. Eusi Kawih

2 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VIII S aha nu resep ngahariring? Ulah K-pop waé nya ngahariringna. Geura kawih-kawih Sunda ogé ngeunah pisan mun dihariringkeun. Nurutkeun panalungtikan paraahli, remen ngawih téh bisa ngaron- jatkeun kamampuh gawé uteuk jeung ngurangan strés nepi ka 30 . Wah...wah...gedé ogé nya mangpaat ngaha- riring téh. Lian ti kitu, kawih ogé bisa jadi média pikeun ngébréhkeun eusi haté. Nu matak, hayu geura urang diajar ngawih. Dina ieu pangajaran hidep bakal diajar ngahaleu- angkeun kawih-kawih Sunda, mahamkeun eusina, néang- an purwakantina, jeung nyaritakeun eusina.

A. Ngaregepkeun Kawih

Regepkeun kawih di handap ngaliwatan kasétCD dihaleuangkeun ku BapaIbu Guru. Pahlawan Toha Getih suci nyiram bumi tulang sétra mulang lemah babakti sungkem pertiwi cikal bugang putra bangsa Nyatana Muhamad Toha pahlawan Bandung Selatan patriot ti Dayeuh Kolot tugu diwangun ngajadi ciri taraté nu mangkak ligar di émpang jadi bukti gugurna pahlawan bangsa Muhammad Toha Sumber: id.wikipedia.org 3 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VIII

B. Mahamkeun Eusi Kawih 1. Eusi Kawih

Kawih Sunda téh loba pisan rupana. Aya anu dipirig ku calung, ku degung, kacapi suling, malah anu dipirig ku keyboard jeung gitar ogé loba. Jejertémana ogé rupa-rupa deuih. Aya nu nyaritakeun cinta, kahirupan, kaéndahan alam, cinta lemah cai, rupa-rupa kadaharan, jsb. Jejer kawih anu judulna “Pahlawan Toha” mah ngeunaan kapahlawanan. Eusina nyaritakeun kajadian gugurna Muhamad Toha salasaurang pahlawan pajoang kamerdékaan ti Jawa Barat. Kajadian ieu téh kawangikeun ka sakuliah Nusantara. Kumaha gedéna jasa Muhamad Toha, kagambar dina rumpaka kawih. Muhamad Toha dianggap maot sahid dina kaayaan suci. Pan disebutna ogé : getih suci nyiram bumitulang sétra mulang lemah. Rumpaka getih suci jeung tulang sétra nganggap yén maotna dina kaayaan sahid. Satuluyna Muhamad Toha gé disebut cikal bugang putra bangsa. Ieu rumpaka nétélakeun Muhamad Toha téh dianggap korban munggaran di pangperangan. Sana-jan saméméhna tangtu baé geus loba nu jadi korban perang, tapi ku gedé-gedéna jasa Muhamad Toha dina mangsa perjoangan nepi ka dianggap cikal bugangna putra bangsa. Pantes rék kitu ogé, kapan Muhamad Toha téh ngorbankeun dirina sorangan waktu ngahuru gudang mesiu. Dina pada kadua, ieu kawih téh nyaritakeun yén Muhamad Toha téh urang Dayeuh Kolot, Bandung Selatan. Pikeun pangéling-éling kana jasana, diwangun tugu anu dikurilingan ku émpang pinuh kembang taraté. Éta tugu téh perenahna di sisi lapang di Dayeuh Kolot. 4 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VIII Latihan 1 Pikeun nambahan pangaweruh ngeunaan kawih, jawab pananya di handap 1. Sebutkeun kawih-kawih anu témana rupa-rupa kadaharan minimal lima judul 2. Sebutkeun kawih-kawih anu témana kaéndahan alam minimal lima judul 3. Sebutkeun kawih-kawih anu témana ngeunaan cinta minimal lima judul 4. Sebutkeun kawih séjénna anu témana kapahlawanan minimal lima judul 5. Saha Muhammad Toha téh? Caritakeun kalawan jéntré naon jasana ka nagara 6. Naha Muhamad Toha dianggap korban munggaran di pangperangan? 7. Naha Muhamad Toha dianggap maot sahid? 8. Kumaha perasaan hidep sabada maca rumpaka kawih Pahlawan Toha? 9. Keur naon diwangun tugu anu dikuriling ku émpang pinuh kembang taraté? 10. Sebutkeun pahlawan Jawa Barat séjénna anu kungsi kasebut dina kawih

2. Purwakanti dina Kawih

Basa anu digunakeun dina kawih, biasana karasa pi- san kaéndahanana. Lian ti kekecapanna meunang milihan téh, ogé leubeut ku purwakanti. Ku ayana purwakanti, beuki karasa baé éndahna basa téh. Ari nu dimaksud purwakanti téh padeukeutna sora dina tungtung kecap atawa kalimah. Jadi, sarupaning mamanis basa nu diu- dagkeun kana sora, boh vokal boh konsonan. Dina kawih Pahlawan Toha , leubeut pisan ku purwakanti, boh dina jajaranna boh dina gundukanana. Geura urang cutat deui kawihna 5 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VIII Get • i h suci nyiram bumi murwakanti dina sora i tul • a ng sétra mulang lemah murwakanti dina sora a babakt • i sungkem pertiwi murwakanti dina sora i cik • a l bugang putra bangsa murwakanti dina sora a Nyatan • a Muhamad Toha murwakanti dina sora a pahlaw • a n Bandung Selatan murwakanti dina sora a patri • o t ti Dayeuh Kolot murwakanti dina sora o tug • u diwangun ngajadi ciri murwakanti dina sora u jeung i taraté nu mangk • a k ligar di émpang murwakanti dina sora a jad • i ciri gugurna pahlawan bangsa murwakanti dina sora i jeung a Latihan 2 Dina rumpaka kawih Pahlawan Toha, loba kecap- kecap anu carang dipaké dina paguneman sapopoé. Pék téangan hartina dina kamus, sarta larapkeun kana kalimah saperti conto nomer hiji 1. sétra hartina beresih , suci, tempat suci, daérah médan perang Larapna dina kalimah: Néng Intan mah keur geulis téh putih ati sétra manah. 2. lemah hartina ... Larapna dina kalimah: ... 3. cikal bugang hartina ... Larapna dina kalimah: ... 4. patriot hartina ... Larapna dina kalimah ... 5. mangkak hartina ... Larapna dina kalimah: ... 6. ligar hartina ... Larapna dina kalimah ... 7. émpang hartina ... Larapna dina kalimah: ... 6 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VIII

C. Medar Eusi Kawih