Variabel Panalungtikan Wangenan Operasional

24 Risa Maharani, 2014 ÉFÉKTIVITAS MODÉL PANGAJARAN TALKING STICK PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NYARITAKEUN PANGALAMAN Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.3 Métode Panalungtikan

Ieu panalungtikan dilaksanakeun pikeun ngumpulkeun data nu dicokot ti siswa Kelas X AK-1 SMKN 1 Kota Bandung ku cara ngalaksanakeun prosés diajar-ngajar. Data nu dicangking nyaéta data pratés jeung postés. Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta métode kuasi ékspérimén ékspérimén semu kalawan ngagunakeun pratés jeung postés. Métode kuasi ékspérimén téh dianggap salaku ékspérimén anu henteu sabenerna lantaran ieu ékspérimén can nyumponan kana katangtuan ilmiah, tapi ieu métode téh bisa digunakeun. Ieu métode ukur ngagunakeun kelas ékpérimén hungkul. Jadi, teu ngagunakeun kelas kontrol.

3.4 Variabel jeung Wangenan Operasional

3.4.1 Variabel Panalungtikan

Nurutkeun Arikunto 2006, kc. 161, variabel nyaéta objék panalungtikan atawa naon-naon anu jadi puseur dina hiji panalungtikan. Aya dua variabel dina panalungtikan téh, nyaéta variabel bébas independent variable jeung variabel kauger dependent variable. Dina ieu panalungtikan, modél pangajaran Talking Stick mangrupa variabel bébas variabel X lantaran mangrupa variabel anu mangaruhan kana variabel séjén variabel Y. Ari kamampuh nyaritakeun pangalaman mangrupa variabel kauger variabel Y lantaran dipangaruhan ku variabel bébas modél pangajaran Talking Stick variabel X.

3.4.2 Wangenan Operasional

Dina prakna panalungtikan, diperlukeun katerangan-katerangan anu jéntré patali jeung obyékna. Éta katerangan téh pangpangna mah museur kana kecap-kecap anu 25 Risa Maharani, 2014 ÉFÉKTIVITAS MODÉL PANGAJARAN TALKING STICK PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NYARITAKEUN PANGALAMAN Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu dipaké dina judul panalungtikan. Istilah-istilah anu dipaké dina ieu panalungtikan diantarana, nyaéta: 1 Éféktivitas pangajaran nyaéta cara nepikeun bahan pangajaran ngagunakeun sababaraha téknik, saeutik ngaluarkeun énérgi, sarta bisa ngahontal hasil nu maksimal. 2 Modél pangajaran nya éta pamarekan ngajar atawa cara guru dina mekarkeun kagiatan siswa dina lumangsungna kagiatan diajar-ngajar. 3 Siswa nya éta insan anu keur néangan élmu, anu keur diajar di sakola. Dina ieu panalungtikan siswa dijadikeun objék, sarana pikeun meunangkeun data ngeunaan kamampuh anu dipimilik ku manéhna, hususna dina pangajaran nyarita. 4 Modél talking stick nya éta salah sahiji modél pangajaran nu bisa dipaké dina pangajaran basa, hususna pangajaran nyarita. 5 Nyarita mangrupa salah sahiji tina opat kaparigelan basa anu sipatna produktif. Nyarita téh hiji prosés nepikeun kahayang, ngébréhkeun eusi haté sacara lisan ti panyatur ka pangregep.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Dokumen yang terkait

Korelasi Kecerdasan Logis Matematis dengan Kemampuan Menyelesaikan Pernyataan Majemuk Logika Matematika Pada Siswa Kelas X SMA N 1 Tigabinanga Tahun Ajaran 2013/2014

1 68 64

PERBEDAAN HASIL BELAJAR IPS SISWA DENGAN MENGGUNAKAN METODE PEMBELAJARAN TALKING STICK DAN METODE TALKING CHIPS DI MTS JAMIYATUL KHAIR

0 3 88

STUDI PERBANDINGAN HASIL BELAJAR EKONOMI YANG MENGGUNAKAN MODEL PEMBELAJARAN KOOPERATIF TIPE STUDENT TEAM ACHIEVMENT DIVISION DAN TIPE TALKING STICK PADA SISWA KELAS X SMA NEGERI 1 TERBANGGI BESAR TAHUN PELAJARAN 2011/2012

0 11 73

PENGARUH MODEL PEMBELAJARAN TALKING STICK TERHADAP AFEKTIF RECEIVING DAN RESPONDING SISWA PADA MATERI POKOK PENCEMARAN LINGKUNGAN DAN LIMBAH (Studi Eksperimen Siswa Kelas X SMA PERSADA Bandar Lampung Semester Genap Tahun Pelajaran 2013/2014)

0 10 98

PENGARUH PENGGUNAAN MODEL PEMBELAJARAN TALKING STICK TERHADAP PENGUASAAN MATERI SISWA PADA MATERI POKOK EKOSISTEM (Kuasi Eksperimental pada Siswa Kelas VII Semester Genap SMP Muhammadiyah 1 Pringsewu Tahun Ajaran 2012/2013)

1 8 46

PENERAPAN METODE PEMBELAJARAN TALKING STICK TERHADAP HASIL BELAJAR FISIKA SISWA KELAS XI PADA SMAN 1 SIBERUT TENGAH Nia Pusvita Dewi

0 0 10

261 KEEFEKTIFAN MODEL TALKING STICK TERHADAP HASIL BELAJAR MATEMATIKA SISWA KELAS IV

0 1 6

PENGARUH MODEL PEMBELAJARAN TALKING STICK TERHADAP HASIL BELAJAR SISWA MATA PELAJARAN SOSIOLOGI

0 0 9

1 PENGARUH MODEL TALKING STICK BERBANTUAN LEAFLET TERHADAP HASIL BELAJAR SISWA MATERI SISTEM GERAK MANUSIA KELAS VIII SMP

0 0 13

KEEFEKTIFAN MODEL PEMBELAJARAN TALKING STICK BERBANTUAN CD PEMBELAJARAN TERHADAP KEMAMPUAN DAYA NALARSISWA

0 2 18