Idéntifikasi Masalah Rumusan Masalah Raraga Tulisan

3 Risa Maharani, 2014 ÉFÉKTIVITAS MODÉL PANGAJARAN TALKING STICK PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NYARITAKEUN PANGALAMAN Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Fuji Arti Nugraha teu museurkeun kana hiji kaparigelan nyarita nu tangtu, tapi patali jeung préstasi diajar siswa dina aspék kaparigelan nyarita sacara gembleng. Hasil éta tilu panalungtikan ngébréhkeun ronjatna kaparigelan nyarita sabada dilaksanakeun pangajaran ngagunakeun Métode Sugéstopédia jeung SAVI Somatis Auditori Visual Intelektual , sarta ayana pangaruh nu signifikan pamakéan basa indung kana préstasi diajar nyarita. Ieu panalungtikan béda jeung panalungtikan-panalungtikan nu ditataan di luhur. Salian ti modél pangajaranana, aspék kaparigelan nyarita nu ditalungtik ogé leuwih museur kana kaparigelan nyaritakeun pangalaman. Dibandingkeun jeung panalungtikan Ratna Shinta Sukowati Suwarto misalna, ébréh pisan bédana. Sok sanajan sarua masualkeun aspék nyaritakeun pangalaman, aya bédana pangpangna dina puseur masalahna. Nyaritakeun pangalaman dina panalungtikan Ratna Shinta Sukowati Suwarto dironjatkeun ngaliwatan modél pangajaran SAVI, ari dina ieu panalungtikan mah modél pangajaran Talking Stick. Dumasar kana kasang tukang di luhur, perlu diayakeun panalungtikan. Ku kituna, ieu panalungtikan dilaksanakeun kalawan museur kana “Éféktivitas Modél Pangajaran Talking Stick pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nyaritakeun Pangalaman: Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas X AK-1 SMKN 1 Kota Bandung Taun Ajaran 20132014 ”.

1.2 Idéntifikasi Masalah

Dumasar kasang tukang anu geus ditepikeun, aya sababaraha hal anu bisa diidéntifikasi sakumaha ieu di handap. 1 Réa siswa nu ngalaman masalah dina prakna pangajaran nyarita, sakumaha bisa kapaluruh tina peunteun nu aya dina posisi handapeun kriteria ketuntasan minimal KKM jeung tina jawaban siswa nalika ngaréspon pertanyaan lisan ti guruna. 4 Risa Maharani, 2014 ÉFÉKTIVITAS MODÉL PANGAJARAN TALKING STICK PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NYARITAKEUN PANGALAMAN Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 2 Kamampuh nyarita dina pangajaran basa Sunda baris patali jeung kaparigelan siswa dina nepikeun pikiran atawa sawangan kalawan écés, masalah anu nyampak dina diri siswa pangpangna dilantarankeun ku tilu hal, nyaéta ngarasa sieun salah, teu nyaho naon nu kudu dicaritakeun, jeung ngarasa éra. 3 Guru dina nepikeun pangajaran nyarita kurang variatif ngagunakeun modél pangajaran, ku kituna kurang ngahudang minat siswa pikeun ngawasa bag-bagan jeung prakték nyarita anu hadé.

1.3 Rumusan Masalah

Dumasar kana idéntifikasi masalah di luhur, aya sababaraha masalah anu dirumuskeun sakumaha ieu di handap. 1 Kumaha kamampuh nyaritakeun pangalaman siswa Kelas X AK-1 SMKN 1 Kota Bandung Taun Ajaran 20132014 saméméh ngagunakeun Modél Pangajaran Talking Stick? 2 Kumaha kamampuh nyaritakeun pangalaman siswa Kelas X AK-1 SMKN 1 Kota Bandung Taun Ajaran 20132014 sabada ngagunakeun Modél Pangajaran Talking Stick? 3 Naha aya béda anu signifikan antara kamampuh nyaritakeun pangalaman siswa Kelas X AK-1 SMKN 1 Kota Bandung Taun Ajaran 20132014 saméméh jeung sabada ngagunakeun Modél Pangajaran Talking Stick?

1.4 Tujuan Panalungtikan

1.4.1 Tujuan Umum

Tujuan umum nu hayang dihontal dina ieu panalungtikan nyaéta pikeun nguji kaéféktifan modél pangajaran Talking Stick dina ngaronjatkeun kamampuh 5 Risa Maharani, 2014 ÉFÉKTIVITAS MODÉL PANGAJARAN TALKING STICK PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NYARITAKEUN PANGALAMAN Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu nyaritakeun pangalaman siswa Kelas X AK-1 SMKN 1 Kota Bandung Taun Ajaran 20132014 dina pangajaran nyarita Basa Sunda.

1.4.2 Tujuan Husus

Luyu jeung masalah anu diébréhkeun di luhur, tujuan ieu panalungtikan téh pikeun ngadéskripsikeun: 1 kamampuh nyaritakeun pangalaman siswa Kelas X AK-1 SMKN 1 Kota Bandung Taun Ajaran 20132014 saméméh ngagunakeun Modél Pangajaran Talking Stick; 2 kamampuh nyaritakeun pangalaman siswa Kelas X AK-1 SMKN 1 Kota Bandung Taun Ajaran 20132014 sabada ngagunakeun Modél Pangajaran Talking Stick; jeung 3 bédana kamampuh nyaritakeun pangalaman siswa Kelas X AK-1 SMKN 1 Kota Bandung Taun Ajaran 20132014 saméméh jeung sabada ngagunakeun Modél Pangajaran Talking Stick;

1.5 Mangpaat Panalungtikan

1.5.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis, hasil tina ieu panalungtikan dipiharep aya mangpaat pikeun méré pangaweruh anu anyar jeung leuwih paham kana karakteristik siswa. Nepi ka guru miboga stratégi pikeun ngahontal tujuan pangajaran anu optimal.

1.5.2 Mangpaat Praktis

Sacara praktis, hasil tina ieu panalungtikan dipiharep aya mangpaat pikeun guru, pikeun siswa, jeung pikeun pamaca. 1 Mangpaat pikeun Guru 6 Risa Maharani, 2014 ÉFÉKTIVITAS MODÉL PANGAJARAN TALKING STICK PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NYARITAKEUN PANGALAMAN Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Ngajembaran pangaweruh jeung pangalaman tambahan ngeunaan modél pangajaran salaku bekel pikeun ngaronjatkeun kapropésionalan diajar-ngajar. 2 Mangpaat pikeun Siswa Bisa jadi modél atawa cara ngajar anu ngirut siswa sangkan kamotivasi pikeun nyaritakeun pangalamanana maké basa nu hadé tur merenah. 3 Mangpaat pikeun pamaca Dipiharep bisa ngeuyeuban pangaweruh, hususna dina Modél Pangajaran Talking Stick.

1.6 Raraga Tulisan

Ieu skripsi disusun jadi lima bab. Bab I mangrupa bab munggaran dina ieu skripsi, eusina medar ngeunaan kasang tukang, idéntifikasi masalah, rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung raraga tulisan. Bab II medar ngeunaan tiori-tiori anu digunakeun minangka péso dina medar masalah panalungtikan. Dina ieu bab dipedar leuwih jero perkara modél pangajaran, modél pangajaran talking stick, kaparigelan nyarita, jeung pangajaran nyaritakeun pangalaman di SMASMKMA. Salian ti éta, dipedar ogé perkara raraga mikir, asumsi, jeung hipotésis. Bab III mangrupa bab anu medar ngeunaan métode panalungtikan anu digunakeun dina ieu panalungtikan. Eusina ngawengku lokasi jeung sumber panalungtikan, desain panalungtikan, métode panalungtikan, variabel jeung wangenan operasional, instrumén panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, uji coba kagiatan diajar-ngajar, jeung téhnik ngolah data. Bab IV mangrupa bab anu ngadéskripsikeun hasil panalungtikan anu geus dilakukeun. Eusina mangrupa sagemblengna hasil tina panalungtikan anu geus dilakukeun, ngawengku prak-prakan panalungtikan jeung data hasil panalungtikan ngeunaan Éféktivitas Modél Pangajaran Talking Stick pikeun Ngaronjatkeun 7 Risa Maharani, 2014 ÉFÉKTIVITAS MODÉL PANGAJARAN TALKING STICK PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NYARITAKEUN PANGALAMAN Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Kamampuh Nyaritakeun Pangalaman: Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas X AK-1 SMKN 1 Kota Bandung Taun Ajaran 20132014. Bab V mangrupa bab anu pamungkas, eusina mangrupa kacindekan hasil panalungtikan. Tina éta kacindekan, dirumuskeun saran-saran anu patali jeung panalungtikan pikeun sawatara pihak. 21 Risa Maharani, 2014 ÉFÉKTIVITAS MODÉL PANGAJARAN TALKING STICK PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NYARITAKEUN PANGALAMAN Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Lokasi jeung Sumber Panalungtikan

3.1.1 Lokasi Panalungtikan

Ieu panalungtikan dilaksanakeun di SMKN 1 Kota Bandung. SMKN 1 Kota Bandung mangrupa salasahiji sakola kejuruan anu aya di Kota Bandung. Profil lengkepna SMKN 1 Kota Bandung bisa dititénan dina tabél ieu di handap. Tabél 3.1 Profil SMKN 1 Kota Bandung 1. Kode Registrasi NSS 34.1.02.60.08.005 2. Nama Resmi Sekolah SMK Negeri 1 Bandung 3. SK Pendirian a. Nomor SK 6206B b. Tanggal SK 09081950 4. Akreditasi Untuk 4 Program Keahlian a. Status Akreditas A Amat Baik b. Nomor SK 02.00536BAP-SMXI2010 c. Tanggal SK 09 November 2010 5. Alamat Lengkap Sekolah a. Jalan Wastukancana No.3 RTRW0307 b. DesaKelurahan Kelurahan Babakan Ciamis c. Kecamatan Sumur Bandung d. KabupatenKota Kota Bandung e. Propinsi Jawa Barat

Dokumen yang terkait

Korelasi Kecerdasan Logis Matematis dengan Kemampuan Menyelesaikan Pernyataan Majemuk Logika Matematika Pada Siswa Kelas X SMA N 1 Tigabinanga Tahun Ajaran 2013/2014

1 68 64

PERBEDAAN HASIL BELAJAR IPS SISWA DENGAN MENGGUNAKAN METODE PEMBELAJARAN TALKING STICK DAN METODE TALKING CHIPS DI MTS JAMIYATUL KHAIR

0 3 88

STUDI PERBANDINGAN HASIL BELAJAR EKONOMI YANG MENGGUNAKAN MODEL PEMBELAJARAN KOOPERATIF TIPE STUDENT TEAM ACHIEVMENT DIVISION DAN TIPE TALKING STICK PADA SISWA KELAS X SMA NEGERI 1 TERBANGGI BESAR TAHUN PELAJARAN 2011/2012

0 11 73

PENGARUH MODEL PEMBELAJARAN TALKING STICK TERHADAP AFEKTIF RECEIVING DAN RESPONDING SISWA PADA MATERI POKOK PENCEMARAN LINGKUNGAN DAN LIMBAH (Studi Eksperimen Siswa Kelas X SMA PERSADA Bandar Lampung Semester Genap Tahun Pelajaran 2013/2014)

0 10 98

PENGARUH PENGGUNAAN MODEL PEMBELAJARAN TALKING STICK TERHADAP PENGUASAAN MATERI SISWA PADA MATERI POKOK EKOSISTEM (Kuasi Eksperimental pada Siswa Kelas VII Semester Genap SMP Muhammadiyah 1 Pringsewu Tahun Ajaran 2012/2013)

1 8 46

PENERAPAN METODE PEMBELAJARAN TALKING STICK TERHADAP HASIL BELAJAR FISIKA SISWA KELAS XI PADA SMAN 1 SIBERUT TENGAH Nia Pusvita Dewi

0 0 10

261 KEEFEKTIFAN MODEL TALKING STICK TERHADAP HASIL BELAJAR MATEMATIKA SISWA KELAS IV

0 1 6

PENGARUH MODEL PEMBELAJARAN TALKING STICK TERHADAP HASIL BELAJAR SISWA MATA PELAJARAN SOSIOLOGI

0 0 9

1 PENGARUH MODEL TALKING STICK BERBANTUAN LEAFLET TERHADAP HASIL BELAJAR SISWA MATERI SISTEM GERAK MANUSIA KELAS VIII SMP

0 0 13

KEEFEKTIFAN MODEL PEMBELAJARAN TALKING STICK BERBANTUAN CD PEMBELAJARAN TERHADAP KEMAMPUAN DAYA NALARSISWA

0 2 18