Risa Maharani, 2014 ÉFÉKTIVITAS MODÉL PANGAJARAN TALKING STICK PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH
NYARITAKEUN PANGALAMAN Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
BAB I BUBUKA
1.1 Kasang Tukang Panalungtikan
Pangajaran basa Sunda téh ngawengku opat kaparigelan basa nyaéta ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis. Éta kaparigelan basa téh dina pangajaran
basa di sakola kudu diajarkeun kalayan saimbang. Ieu pamadegan téh luyu jeung pamanggih Revers, anu ditulis deui ku Iskandarwassid yén umumna jalma déwasa
ngagunakeun waktu pikeun ngaregepkeun 45, nyarita 30, maca 16, jeung nulis 9 dina aktivitas komunikasi sapopoé, dipiharep éta opat aspék kaparigelan téh silih
lengkepan porsina sangkan saimbang. Pangajaran nyarita mangrupa salah sahiji tina opat kaparigelan basa. Nyarita nyaéta hiji kagiatan nepikeun maksud idé, pikiran,
kahayang ti hiji jalma ka jalma séjén nu ngagunakeun basa lisan nepi ka éta maksud téh dipikaharti ku nu ngaregepkeun.
Dina pangajaran basa Sunda KTSP, siswa dipiharep miboga kamampuh dina nyarita, henteu ngan saukur dibéré pangaweruh ngeunaan pangajaran basa, tapi
leuwih nyindekel kana prakték atawa impleméntasi siswa boh di sakola atawa di luar lingkungan sakola sangkan siswa miboga karesep kana diajar basa Sunda.
Siswa anu gampang nyangkem biasana aya kawani pikeun nanya naon anu kurang kacangkem ku manéhna, sedengkeun siswa anu kurang nyangkem biasana rada
kurang nyaritana dina prosés diajar lantaran euweuh kawani téa nepi ka anu dibeunangkeunana ogé kurang maksimal.
Dina kanyataan sapopoé, réa siswa nu ngalaman masalah dina prakna pangajaran nyarita. Éta hal bisa kapaluruh tina peunteun nu aya dina posisi handapeun kriteria
ketuntasan minimal KKM. Leuwih legana, pasualan sarupa kitu bisa dipaluruh ogé tina jawaban siswa nalika ngaréspon pertanyaan lisan ti guruna. Pikeun ngungkulan
éta pasualan téh diperlukeun rupa-rupa tarékah.
2
Risa Maharani, 2014 ÉFÉKTIVITAS MODÉL PANGAJARAN TALKING STICK PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH
NYARITAKEUN PANGALAMAN Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
Ku sabab kitu, kudu aya alternatif pikeun ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa di kelas. Panalungtik dina ieu hal ngajukeun hiji modél pangajaran Talking Stick
pikeun ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa di kelas. Alesan panalungtik milih modél pangajaran Talking Stick kusabab ieu modél pangajaran téh miboga sababaraha
kaonjoyan. Ngaliwatan ieu modél pangajaran siswa diperedih pikeun nyarita séwang- séwangan luyu jeung matéri nu bakal diajarkeun. Kusabab kitu kaaktipan siswa bisa
ngaronjat. Panalungtikan perkara ngaronjatkeun kamampuh nyarita kungsi dilaksanakeun ku
Arif Firmansyah 2010, jud ulna ”Éféktivitas Modél Debat pikeun Ngaronjatkeun
Kamampuh Nyarita: Studi Ékspérimén ka Siswa Kelas X SMA Pasundan 3 Bandung Taun Ajaran 20102011”. Éta panalungtikan miang tina masalah minat jeung
kamampuh siswa dina pangajaran nyarita nu dicoba dironjatkeun ku cara
digunakeunakeunana modél debat dina pangajaranana. Hasil panalungtikanana ngébréhkeun: 1 kurangna kamampuh jeung minat siswa dina pangajaran nyarita
kalawan ngagunakeun basa Sunda nu bener; jeung 2 ronjatna hasil diajar siswa dina pangajaran nyarita nu ngagunakeun modél debat.
Salian ti panalungtikan nu museur kana masalah kamampuh nyarita dina debat, aya deuih panalungtikan nu patali jeung kamampuh nyarita lianna, diantarana
“Métode Sugéstopédia pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nyarita Dongéng Mochamad Angga Surya Kusumah, 2012, “Pamarekan SAVI Somatis Auditori
Visual Intelektual pikeun Ngaronjatkeun Kaparigelan Nyaritakeun Pangalaman:
Panalungtikan Tindakan Kelas ka Siswa Kelas VII-B SMP Negeri 12 Bandung Taun Ajaran 2011-
2012” Ratna Shinta Sukowati Suwarto, 2012, jeung “Pangaruh Makéna Basa Indung di Lingkungan Kulawarga kana Préstasi Diajar Nyarita Basa
Sunda Siswa Kelas XI SMA Pasundan 3 Bandung” Fuji Arti Nugraha, 2008. Panalungtikan Mochamad Angga Surya Kusumah museurkeun paniténna kana
kaparigelan nyaritakeun dongéng, ari panalungtikan Ratna Shinta Sukowati Suwarto mah museurkeun paniténna kana kaparigelan nyaritakeun pangalaman. Panalungtikan
3
Risa Maharani, 2014 ÉFÉKTIVITAS MODÉL PANGAJARAN TALKING STICK PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH
NYARITAKEUN PANGALAMAN Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
Fuji Arti Nugraha teu museurkeun kana hiji kaparigelan nyarita nu tangtu, tapi patali jeung préstasi diajar siswa dina aspék kaparigelan nyarita sacara gembleng. Hasil éta
tilu panalungtikan ngébréhkeun ronjatna kaparigelan nyarita sabada dilaksanakeun pangajaran ngagunakeun Métode Sugéstopédia jeung SAVI Somatis Auditori Visual
Intelektual , sarta ayana pangaruh nu signifikan pamakéan basa indung kana préstasi
diajar nyarita. Ieu panalungtikan béda jeung panalungtikan-panalungtikan nu ditataan di luhur.
Salian ti modél pangajaranana, aspék kaparigelan nyarita nu ditalungtik ogé leuwih museur kana kaparigelan nyaritakeun pangalaman. Dibandingkeun jeung
panalungtikan Ratna Shinta Sukowati Suwarto misalna, ébréh pisan bédana. Sok sanajan sarua masualkeun aspék nyaritakeun pangalaman, aya bédana pangpangna
dina puseur masalahna. Nyaritakeun pangalaman dina panalungtikan Ratna Shinta Sukowati Suwarto dironjatkeun ngaliwatan modél pangajaran SAVI, ari dina ieu
panalungtikan mah modél pangajaran Talking Stick. Dumasar kana kasang tukang di luhur, perlu diayakeun panalungtikan. Ku kituna,
ieu panalungtikan dilaksanakeun kalawan museur kana “Éféktivitas Modél
Pangajaran Talking Stick pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nyaritakeun Pangalaman: Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas X AK-1 SMKN 1 Kota
Bandung Taun Ajaran 20132014 ”.
1.2 Idéntifikasi Masalah