158
Pamekar Diajar
B A S A S U N D A
Pikeun Murid SMPMTs Kelas VIII
“Nu matak mun jadi imam kudu taliti, ulah nepi ka solat diheureuykeun jamaah. Imam mah teu meunang sagawayah, kudu nu
masagi élmuna, boh élmu agamana boh élmu kamanusaanana,” saur Mamah bari nilepan mukena.
Kuring teu pati ngarti maksud Mamah, ongkoh piseurieun can béak- béak. Ngeunah seuri téh, da sakali ieu mah Mamah teu molototan.
Dicutat tina Manglé alit
E. Nulis Carita Pondok
Ceuk saha nulis carpon hésé? Hésé soténan mun ukur dibayangkeun bari jeung teu prak ditulis. Lamun hidep ngalaman hiji kajadian anu matak
karasa pisan kana haté, geuwat tuliskeun. Ulah waka mikiran alus jeung goréngna tulisan, nu penting nulis heula. Pikeun latihan mah alusna
unggal poé nulis. Kajadian naon baé, rék nu ramé rek henteu, tuliskeun. Tina nyusun kecap, ké bakal manjangan jadi nyusun kalimah. Mun geus
jadi kalimah, tuluy manjangan jadi paragrap. Teu nanaon mimiti nulis mah saparagrap heula, tapi sakabéh unsur anu aya dina carpon aya.
Upamana, kasebut saha palakuna, kumaha watekna, di mana tempatna, naon témana, amanatna, jeung kumaha kajadianana.
Léngkah satuluyna, éta unsur-unsur anu aya téh dipisahkeun neundeunna. Anu tadina aya dina saparagrap, dipisahkeun kana paragraf
kadua. Kitu jeung kitu baé, paragrap tambahan pikeun ngajéntrékeun tulisan saméméhna, tapi ulah kaluar tina carita anu poko. Lila-lila mah
geura bakal beuki lancar nulisna. Lamun nulisna beuki lancar, bakal beuki gampang nyusun caritana.
Sangkan babari sarta eusi caritana henteu méngpar tina jejer, alusna mah dijieun waé rangkay karanganana anu mangrupa runtuyan kajadian
anu bakal ngawangun eusi carita. Upamana hidep rék nulis ngeunaan kanyaah indung.
Rangkay karanganana: 1. Gambaran indung hidep, boh wujud lahiriahna boh pagawéan
sapopoéna. 2. Kabiasaanna indung anu pikaresepeun atawa pikakeuheuleun
hidep
159
Pamekar Diajar
B A S A S U N D A
Pikeun Murid SMPMTs Kelas VIII
3. Gambaran kaayaan sapopoé di kulawarga, hubungan antara indung jeung bapa, kolot jeung anak, adi jeung lanceuk. Harmonis atawa
henteu. 4. Hidep paséa jeung adi, nepi ka adi hidep cilaka, sarta dibawa ka
rumah sakit. 5. Timbul rasa dosa dina diri hidep basa ningali kasedih indung
nyanghareupan éta musibah. 6. Hidep sieun dicarékan, tapi henteu, kanyaah indung ka hidep teu
ngurangan najan ngalakukeun salah. 7. Hidep ménta hampura sarta jangji moal deui deui maséaan adi.
8. Di rumah sakit saréréa kumpul, babarengan nguruskeun adi anu di rawat.
Tina rangkay karangan di luhur, hidep bisa nyieun carpon anu lumayan panjangna. Ulah poho diselapan ku paguneman antara tokoh
jeung tokoh. Kalimah mimitina bisa dimimitian ku naon waé. Upamana: Poé ieu Mamah masak pais lauk nila. Karesep kuring jeung si Adé.
Seungit pais anu keur diseupan, melenghir minuhan dapur. Ngahudang lapar. Kuring ngintip ka dapur, teu kuat geus hayang geura am. Mamah
nuju jongjon ngaréndos sambel. Najan salirana lintuh, Mamah mah gesit pisan barangdamelna...jst.
Latihan
Pikeun latihan, hayu urang babarengan nulis carita pondok. Judulna “Kabeurangan”. Ieu rangkay karanganna:
1. Peuting lalajo maén bal di televisi nepi ka jam 12 2.
Isukna hudang kabeurangan 3. Rusuh dangdan rék sakola, nepi ka poho teu sasarap
4. Datang ka sakola panto gerbang geus ditutup 5. Dibawa ka rohang PKS kesiswaan, tuluy ditanya ku PKS kesiswaan
6.
Dihukum mulungan runtah 7. Keur mulungan runtah handapeun tangkal palem anu kékép,
dipacok oray 8. Guru-guru reuwaseun, tuluy dibawa ka rumah sakit.
9. Bapa jeung Mamah datang ka rumah sakit 10. Dipapatahan ku Bapa.
160
Pamekar Diajar
B A S A S U N D A
Pikeun Murid SMPMTs Kelas VIII
Méh teu hésé teuing pikeun bubukana, tuluykeun alinéa di handap, tuluy susun karanganna dumasar kana rangkay di luhur
Kabeurangan
Koréjat Si Udin hudang. Kagareuwahkeun ku sora anu brang-bréng- brong di dapur. Tina sela-sela hordéng, kaciri di luar geus caang. Boa-boa
kabeurangan. Rék kana jam Ben10 anu ngadaplok dina témbok kamar. Gustiiii...geuning geus jam genep Si Udin tibuburanjat turun tina risbang,
ngarawél anduk, deregdeg lumpat ka kamar mandi __________________ ________________________________________________________________
________________________________________________________________ ________________________________________________________________
___________________________________________________________
F. Pancén Mandiri