Nataan babagean laporan Mikaweruh kecap panyambung Kalimah kritikan jeung pamuji

Bewara teh hartina sarua jeung beja, pengumuman, atawa wawaran anu ditepikeun ka jalma loba. Bisa oge dihartikeun kieu; bawara nyaeta tulisan anu mangrupa informasi pikeun urang atawa batur nu maca atawa ngadengkeunana. Bewara dibedakeun dumasar kana resmi jeung hanteuna. Bewara nu resmi biasana dijieun ku organisasi, instansi, lembaga pamarentah, jeung lembaga sejenna. Ari bewara nu teu resmi mah biasana dijieun ku pribadi urang sorangan pikeun batur. Bewara nu sifatna resmi biasana sok di wuwuhan ku : 1. Kop surat, 2. Pamuka bewara, 3. Eusi bewara, 4. Panitip bewara, jeung, 5. Tawisan.

b. Nataan babagean laporan

Lamun urang rek nulis laporan ngeunaan hiji kegiatan, tangtuna urang kudu apal heula babagean cara nyusun hiji laporan. Laporan kegiatan eusina ngeunaan kagiatan boh kagiatan karyawisata, piknik, jeung sajabana. Dina laporan biasana sok aya babageanana, diantara : 1. Waktu, ngeunaan iraha waktu lumangsungna eta kegiatan. 2. Tempat, ngeunaan dimana tempat kegiatan. 3. Pamilon, ngeunaan saha wae nu milu dina kegiatan. 4. Eusi laporan kegiatan, ngenaan naon wae nu dilakukeun atawa di pigawe dina eta kegiatan ku para pamilon.

c. Mikaweruh kecap panyambung

Titenan conto kalimah di handap 1. Imas teu sakola lantaran gering 2. Bas kuring datang, manehna keur sare 3. Kuring getol ngapalkeun sangkan naek kelas. Kalimah di luhur ngagunakeun kecap panyambung, sperti kecap lantaran, basa jeung sangkan. Eta kecap teh gunaan pikeun nyambungkeun bagean-bagean kalimah. Kecap panyambung lantaran gunana pikeun ngabungkeun antara a Ilam teu sakola jeung b Ilams gering.

d. Kalimah kritikan jeung pamuji

1 Kritik teh mangrupa peunteun atawa pangajen kana hiji hal, utama hal anu kurang hade atawa ieu sapagodos. Tuluy sok mere bongbolongan. Contona : pupung ngritik kana tulisan lanceukna Ceuk pupung, “ih, seratan aa mah sesah dibacana. 2 Kalimah pamuji Kalimah pamuji mah mangrupa hasil peunteun atawa pangajen kana niji hal, tapi hasilna alus sarta ngandung pamuji. Contona : didik muji adina jadi juara kelas. Ceuk didik, “A amah reueus ka dede teh lantaran jadi juara kelas.” 3 Nulis kalimah aktif jeung kalimah pasif Titenan kalimah di handap ieu 1. Barudak keur ngagambar gatot kaca. 2. Dai keur ngecet tembok. 3. Gatot kaca keur digambar ku barudak. 4. Tembok keur dicet ku dani Kalimah nomor 1 jeung 2 kaasup kana kalimah aktif. Ari kalimah nomor 3 jeung 4 kaasup kana kalimah pasif. Naon anu ngabedakeunana? Ciri kalimah aktif jejer atawa subyek ngalakukeun pagawean sedengkeun kalimah pasif jejer atawa subyekna kakeunaan pagawean. Kalimah aktif bisa dirobah jadi kalimah pasif saperti conto dina kalimah nomor 3 jeuna 4. 4 Sifat –sifat jelema 1. Delitan = budak babari pundung, hese hese kacumponan teu kaopan 2. Darehdeuh = someah, akuan, matak resep omonganana 3. Calutak = teu make tata krama, teu sopan 4. Berewit = barbarian katerap panyakit, mindeng gering 5. Epes meer = barbarian ceurik atawa jejeritan mun manggih nyeuri 6. Getol = daekan, daek atawa resep digawe 7. Gumati = ati-ati saregep 8. Guranyih = resep nembong-nembongkeun barang kaboga 9. Handap asor = daek ngahormat batur 10.Jalinger = tangginas cangker 11.Jarabah = resep ulin atawa indit-inditan jauh 12.Judes = kucem goreng budi 13.Jujur = tara nyumput nyalidungkeun 14.Rancage = rea kabisa 15.Sonagar = wanter teu eraan

B. Uji kompetensi Pek baca bewara di handap ieu