watek antagonis. Watek protagonist nyaeta watek anu hade, sedangkeun watek antagonis nyaeta watek anu goreng.
2. Nulis bewara
Babagean tina bewara nyaeta : a. Kop surat
Mangrupa ciri atawa identitas puasahaan instansi, boh sakolaan, departemen pamarentah, atawa organisasi, jsb. Biasana sok
ditambahan ku alamat atawa nomer telepon. b. Pamuka bawara
Mangrupa kalimah pamuka pikeun nganterkeun kana eusi. Biasana mangrupa kalimah salam.
c. Eusi bewara Mangrupa informasi atawa warta nu dibejakeun ka batur
d. Panutup bewara Mangrupa kalimah pamungkas penutup nu nu di tujukeun pikeun
saha wae nu maca tawa nu di tuju dina eta bewara. e. Tawisan
Mangrupa bubuhan tawisan pajabat atawa ngaran jelema nu nyieun eta bewara.
3. Mikaweruh guguritan
Di handap ieu aya sabaraha istilah ngunaan guguritan. Pek geura apalkeun
a. Pada bait b. Padalisan baris
c. Guru wilangan nyaeta jumlah engan suku kata dina unggal padalisan
larik d. Guru lagu sora vocal dina engang panungtung unggal padalisan.
e. Palanggeran, nyaeta guru wilangan jeung guru lagu unggal padalisan.
4. Gaya basa mijalma Personifikasi
Gaya basa mijalma nyaeta gaya basa nu nyaruakeun tingkahpolah jalema jeung barang.
Tetena kalimah di handap ieu a. Teuteup langit, bulan keur imut
b. Bentang baranang di langit lenglang, kikiceupan semu nu anteng.
Kalimah-kalimah di luhur ka golong kana gaya basa mijalma. Pek geura titinan 1 maenya bulan bisa imut, jeung kalimah 2 menya bentang
bisa kikiceupan kawas panon.
5. Ngadalkeun kalimah
Lilikan peguneman ieu di handap Ade
: “aa, ade tos tiasa naek sapedah”. Usman
: “enya, ade pinter, ayeuna tos tiasa sasapedehan”. Ade
: “muhun, pan ku aa diajarkeunana” Usman : “aa pesen, ade ulah sasapedahan di jalan bisi katabrak mobil”.
Ade : “muhun”.
6. Paribasa lampah salah
Ieu di handap aya paribasa panyaram lampah salah, geura pek ku hidep tengetan, tuluy apalkeun
a. Ulah koklot begog = Ulah pipilueun kana urusan batur
b. Ulah haripeut ku teuteureunyeup = Ulah kabita ku barang ni
matak picilakeun c. Ulah kabawa ku sakaba-kaba
= Ulah kabawa ku omongan nu matak mawa cilaka
d. Ulah kumeok memeh dipacok = Ulah eleh samemeh diadu
e. Ulah adigung adiguna = Ulah gede hulu atawa
sombong f. Ulah gindi pikir belang bayah
= Ulah goreng hate g. Ulah hampang leungeun
= Ulah gampang tunggal-teunggeul h. Ulah kurungbatok
= tara indit-inditan jauh i. Ulah leumpeuh
= teu kuat nenjo nu cilaka j. Ulah mopo memeh nangung
= ngarasa hoream memeh di gawe
B. Uji Kompetensi
Bewara
SD 1 Lemah Abang bade ngayakeun karyawisata ka Taman Mini Indonesia Indah di Jakarta waktosna
Dinten : Sabtu - Minggu
Kaping : 6 - 7 Juni 2007
Waragadma : Rp. 80.000,00,- dalapan ratus rebu rupiah
Anu bade ngring engal daftar ka bapa Gunawan paling telat diantos dugi ka dinten kemis 1 juni 2007.
Hatur nuhun Kauninga,
Kepala SD 1 Lemah Abang Panitia
Usman Darmawan, S.Pd Ibu Nining
I. Jawab pananya di handap ieu
1. Saha nu rek ngayakeun karyawisata? 2. Kamana karyawisatana?
3. Sabaraha waragadna karyawisata teh? 4. Ka saha daftarna karyawisata ?
5. Saha panitia karyawisata teh?
II. Bere tanda cakra X dina aksara a, b, c, atawa d di hareupeun jawaban nu pang benerna
1. Bagean bewara anu mangrupa ciri atawa identitas pausahaan instansi, boh sakolaan atawa departemen pamarentah nyaeta ...
a. Kop surat b. Pamuka bewara
c. Eusi bewara d. Panutup bewara
2. Nu mangrupa informasi atawa nu di bejakeun ka batur nyaeta ... a. Kop surat
b. Pamuka bewara c. Eusi bewara
d. Panutup bewara
3. Dongeng ngeunaan sasatoan disebut ... a. Legenda
b. Mitos c. Carita rakyat
d. Fabel
4. Ka kuping sora angina ngaharewos mawa beja. Kalimah di luhur ngagunakeun gaya basa ...
a. Kadalon b. Mijalma
c. Rarahulan d. Rautan
5. Ceuk Ilmas, “dede teu kenging nyo peso bisi rahuet” Kalimah di luhur kaasup kana kalimah ...
a. Wawaran b. Panyaram
c. Panitah d. Pananya
6. Ulah kumeok memeh dipacok, hartina ... a. Ulah pipilueun kana urusan batur
b. Ulah ka bawa ku omongan nu matak cilaka c. Ulah eleh samemeh diadu
d. Ulah gampang tunggal-teunggeul
7. Urang kudu ngamumule kana basa sunda. Kecap ngamumule sarua hartina jeung kecap ...
a. Miara b. Nepikeun
c. Ningkatkeun d. Diantagonis
e. Ngaregepkeun
8. Tokoh nu ngabogaan sifat hade dina carita disebut ... a. Antagonis
b. Sasatoan
c. Protagonis d. Diantagonis
9. Pupuh asmarandana ngabogaan watek ... a. Kabungah
b. Silih asih c. Prihatin
d. Piwuruk
10.Pupuh asmarandana diwangun ku ... padalisan a. 5
b. 6 c. 7
d. 8
III. Eusian titik di handap ieu anu merenah
1. Kalimah pamungkas nu ditujukeun ka saha wae anu maca nu di tuju dina eta bewara disebut ...
2. Pupuh sinom diwungun ku ... padalisan 3. Ulah lulumpatan, bisi ...
4. Ulah leumpeuh yuni hartina ... 5. Jumlah pupuh aya ...
6. Ngumbah beas sok disebut ... 7. SD sejahtera meunang pangaje pengalusn, pengajen sarua hartina jeung ...
8. Entong cicing di lawwng. Ngahalangan jalan. Nu dimaksud lawang nyaeta ... 9. Bewara sarua hartina jeung ...
10.Buku rapor ... ku kapala sakola
PEMBELAJARAN Mata pelajaran : Bahasa Sunda
Kelas
: IV 2 Tema
: Keparigelan barudak Standar kompetensi
Mampu mebaca untuk memahami dan menanggapi bacaan melalui kegiatan membaca cepat, teks percakapan pondok, dan guguritan
Kompetensi dasar ●
Mikaweruh kecap bilangan
● Mikaweruh karangan faktual
● Maham istilah
● Mikaweruh kecap antonim
Tujuan pembelajaran ●
Siswa mampu mikaweruh kecap bilangan
●
Siswa mampu mikaweruh karangan faktual
●
Siswa mampu maham istilah paelmuan
●
Siswa mampu mikaweruh kecap antonim
Peta konsep
A. Rangkuman Materi 1. Mikaweruh kecap-kecap sesebutan bilangan
Pek hidep titinan kecap-kecap di handap ieu tuluy apalkeun 1. Salosin
: dua belas 2. Sakodi
: dua piluh 3. Salikur
: dua puluh hiji 4. Salawe
: dua puluh lima 5. Sawidak
: genep puluh 6. Sagros
: saratus opat puluh opat 7. Salaksa
: sapuluh rebu 8. Saketi
: seratus rebu 9. Sayuta
: sajuta
2. Miwakeruh karangan faktual
Karangan faktual nyaeta kaangan nu eusina mangrupa kajadian atawa laporan nu aya dina kahuripan sapopoe. Karangan faktual nyata non fiksi.
3. Nuyun rungkay karangan
Samemeh nyeiun karangan faktual, urang kudu paham heula kana cara nyusun rungkay karanganana. Rungray karangan dijieun dumasar kana
jejerlulugu carita nu bakal dina uanggal paragrapna. Pek geura titenan conto rungray karangan di handapan ieu
Rungkar karangan Buah cangkudu loba pisan mangpaatna pikeun kesehatan urang
Padaranana Numutkeun para ahli, buah cangkudu teh salian ti bisa nyagerkeun panyawat
darah tinggi, oge bisa nyagerkeun kencing manis, nyegah penyawat kanker, ngalancarkeun pencernaan, jeung rea-rea deui. Umumna mah ieu buah teh
bisa ningkatkeun kasehatan awak urang, antukna mah bisa nyegah mangrupa- rupa panyakit.
4. Maham istilah paelmuan
Titenan istilah paelmuan ieu di handap 1. Astronomi : elmu ngeunaan barang-barang langit
2. Biologi : elmu nu nalungtik ngeunaan mahluk hidup
3. Ekologi : elmu nu ngalungtik ngeunaan kaayaan jeung pangaruh
lingkungan kana kahirupan 4. Etimologi : elmu nu nalungtik ngeunaan asal-usul kecap
5. Aerkologi : elmu nalungtik ngeunaan purbakala 6. Ekonomi : elmu nu ngalungtik ngeunaan perkakas ngatur karaharjaan
rumah tangga, nagara, jsb
5. Kecap sabalikna Antonim
Titena kalimah dihandap ieu Teu kolot teu budak loba anu resep nonton maen bal.
Dina kalimah di luhur aya kecap kolot jeung budak eta kecapteh kaasup kana kecap sabalikna. Loba keneh kecap antonym urang tataan kecap antonimna
1. Lega
x heurin 2. Sanggeus x samemeh
3. Gancang x laun 4. Luhur
x handap 5. Berehan x koret
6. Deukeut x jauh
7. Mahal x murah
8. Panjang x pondok
9. Ayeuna x bareto
10.Beresih x kotor
B. Uji Kompetensi Baca wacana di handap ieu