9. Handap asor = daek ngahormat batur
10.Jalinger = tangginas cangker
11.Jarabah = resep ulin atawa indit-inditan jauh
12.Judes = kucem goreng budi
13.Jujur = tara nyumput nyalidungkeun
14.Rancage = rea kabisa
15.Sonagar = wanter teu eraan
B. Uji kompetensi Pek baca bewara di handap ieu
Sakolah dasar rajagaluh III Jalan rajagaluh No. 306 kabupaten Majalengka
Telepon 0232 233436 BEWARA
Assalamu’alaikum wr. Wb. Sareng hormat
Pikeun ningkatkeun kamampuh siswa dina kagiatan nulis, sakola dasar rajagaluh III rek ngayakeun pasanggiri nulis carpon. Kegiatan nu
diayakeun pikeun siswa kelas 4, 5, jeung 6 hadiahna Rp. 1.000.000,00,- sajuta rupiah
Ka uanggal siswa diwajibkeun mayar biaya pendaftaran Rp. 1.000,00,- sarebu rupiah di bayarkeunana ka unggal guru kelas
sewang-sewangan. Saelat-elatna dinten sabtu, kaping 22 agustus 2009.
Uanggal siswa kudu ngirimkeun hiji carpon atu temana bebas. Carpon di kirimkeun ka kapala sakola ti mimiti dinten rebo, kaping 30
agustus 2009. Hatur nihun kana perhatosanana.
Wassalamu’alaikum wr. Wb Hormatna,
Drs. Ayat Purbadilaga Kapala SD Rajagaluh III
I. Jawaban pananya di handap dumsar eusi bewara tadi
1. Di mana aalamatna SD Rajagaluh III teh? 2. Ngayakeun pasanggiri naon SD Rajagaluh III teh?
3. Kelas sabaraha we nu wajib miluan kagitan pasanggiri? 4. Sabaraha gedena hadiah eta pasanggiri?
5. Sabaraha gedena beaya daftar eta pasanggiri? 6. Iraha paling telat mayarna eta pasanggiri?
7. Ti mimiti iraha carpon kudu dikirimkeun ka rohangan kapala sakola
teh? 8. Saha ari kapala sakola SD Rajagaluh III?
II. Bere tanda cakra X dina aksara a, b, c, atawa d di hareupeun
jawaban nu pang benerna 1. Nomor 1 dina bewara di luhur teh mangrupa ...
a. Pamuka bewara b. Eusi bewara
c. Kop bewara d. Tawisan
2. Nomor 2 dina bewara di luhur teh manrupa ... a. Pamuka bewara
b. Eusi bewara c. Kop bewara
d. Panutup bewara
3. Nomor 3 dina bewara diluhur teh mangrupa ... a. Pamuka bewara
b. Eusi bewara c. Kop bewara
d. Panutup bewara
4. Tuti rek lumpat ... di udag anjing. a. Sangkan
b. Lamun c. Waktu
d. Sanajan 5. Ditia teu sakola ... gering
a. Waktu b. Lantaran
c. Sanajan d. Atawa
6. Nu manrupa kalimah kritikan, nyaeta ... a. A mah reeueus ka nana teh lantaran jadi juara kelas
b. Budi keur ngala cau ka kebon c. “ih, ari A mah geuning sok ameng bae, eta teh awon”.
d. Iraha bapa teh dongkapna
7. Babagean nu sok aya dina laporan kagiatan nyaeta ... a. Waktu, nu ngiringna, jeung eusi laporan
b. Waktu, tempat panujul, nu ngiringna, jeung eusi laporan c. Laporan pramuka, eusi laporan, jeung laporan panutup
d. Kop surat, waktu, tempat, nu ngiringna, jeung eusi laporan
8. Kalimah pamuka dina beawa nyaeta ... a. Dina ngawitan daget ayeuna hayu urang ngaronjatkeun
kaimanan jeung katakwaan urang b. Hatur nuhun kana perhatosanana
c. Sinareng hormat d. Ka para siswa diwajibkeun dongkap dinten minggu
9. Tong diheureuyan kitu, eni mah ... bisi ceurik a. Ipis biwir
b. Delitan c. Darehdeh
d. Calutak
10.Daek hormat ka batur komo ka saluhureun disebut ... a. Judes
b. Handap asor c. Jalinger
d. Jujur
III. Jawab sakumaha panitahna
1. Jieun kalimah kritikan make kecap tara daek ngapalkeun 2. Naon hartina budak berewit?
3. Jieun kalimah aktif make kecap nulis 4. Jieun kalimah pasif make kecap dicat
5. Jieun kalimah make panyambung sangkan
PEMBELAJARAN Mata pelajaran : Bahasa Sunda
Kelas
: IV 2 Tema
: Kegiatan di masyarakat Standar kompetensi
Mampu mebaca untuk memahami dan menanggapi bacaan melalui kegiatan membaca cepat, teks percakapan pondok, dan guguritan
Kompetensi dasar ●
Maca dongeng fabel fabel
●
Nulis bewara
● Mikaweruh gaya basa mijalma
● Ngedalkeun kalimah panyaram
Tujuan pembelajaran ●
Siswa mampu maca dongeng fabel fabel
● Siswa mampu nulis bewara
● Siswa mampu mikaweruh gaya basa mijalma
●
Siswa mampu ngedalkeun kalimah panyaram
Peta konsep
A. Rangkuman Materi 1. Doengeng fabel
Dongeng fabel nyaeta carita nu palakuna sasatoan. Dina carita teh aya anu disebut tokoh, watek palaku aya dua nyaeta watek protegonist jeung
watek antagonis. Watek protagonist nyaeta watek anu hade, sedangkeun watek antagonis nyaeta watek anu goreng.
2. Nulis bewara
Babagean tina bewara nyaeta : a. Kop surat
Mangrupa ciri atawa identitas puasahaan instansi, boh sakolaan, departemen pamarentah, atawa organisasi, jsb. Biasana sok
ditambahan ku alamat atawa nomer telepon. b. Pamuka bawara
Mangrupa kalimah pamuka pikeun nganterkeun kana eusi. Biasana mangrupa kalimah salam.
c. Eusi bewara Mangrupa informasi atawa warta nu dibejakeun ka batur
d. Panutup bewara Mangrupa kalimah pamungkas penutup nu nu di tujukeun pikeun
saha wae nu maca tawa nu di tuju dina eta bewara. e. Tawisan
Mangrupa bubuhan tawisan pajabat atawa ngaran jelema nu nyieun eta bewara.
3. Mikaweruh guguritan
Di handap ieu aya sabaraha istilah ngunaan guguritan. Pek geura apalkeun
a. Pada bait b. Padalisan baris
c. Guru wilangan nyaeta jumlah engan suku kata dina unggal padalisan
larik d. Guru lagu sora vocal dina engang panungtung unggal padalisan.
e. Palanggeran, nyaeta guru wilangan jeung guru lagu unggal padalisan.
4. Gaya basa mijalma Personifikasi
Gaya basa mijalma nyaeta gaya basa nu nyaruakeun tingkahpolah jalema jeung barang.
Tetena kalimah di handap ieu a. Teuteup langit, bulan keur imut
b. Bentang baranang di langit lenglang, kikiceupan semu nu anteng.
Kalimah-kalimah di luhur ka golong kana gaya basa mijalma. Pek geura titinan 1 maenya bulan bisa imut, jeung kalimah 2 menya bentang
bisa kikiceupan kawas panon.
5. Ngadalkeun kalimah
Lilikan peguneman ieu di handap Ade
: “aa, ade tos tiasa naek sapedah”. Usman
: “enya, ade pinter, ayeuna tos tiasa sasapedehan”. Ade
: “muhun, pan ku aa diajarkeunana” Usman : “aa pesen, ade ulah sasapedahan di jalan bisi katabrak mobil”.
Ade : “muhun”.
6. Paribasa lampah salah
Ieu di handap aya paribasa panyaram lampah salah, geura pek ku hidep tengetan, tuluy apalkeun
a. Ulah koklot begog = Ulah pipilueun kana urusan batur
b. Ulah haripeut ku teuteureunyeup = Ulah kabita ku barang ni
matak picilakeun c. Ulah kabawa ku sakaba-kaba
= Ulah kabawa ku omongan nu matak mawa cilaka
d. Ulah kumeok memeh dipacok = Ulah eleh samemeh diadu
e. Ulah adigung adiguna = Ulah gede hulu atawa
sombong f. Ulah gindi pikir belang bayah
= Ulah goreng hate g. Ulah hampang leungeun
= Ulah gampang tunggal-teunggeul h. Ulah kurungbatok
= tara indit-inditan jauh i. Ulah leumpeuh
= teu kuat nenjo nu cilaka j. Ulah mopo memeh nangung
= ngarasa hoream memeh di gawe
B. Uji Kompetensi