Desain Panalungtikan Métode Panalungtikan

Entoh Toharudin Satibi, 2015 Babad Panjalu Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Data jeung Sumber Data

Nurutkeun Moléong 2007:157 sumber data utama dina panalungtikan kualitatif nyaéta kumpulan kecap jeung tindakan. Sumber data primer dina ieu panalungtikna nyaéta karya sastra wangun babad. Babad anu dimaksud nyaéta Babad Panjalu nu dikoléksi ku C.M. Pleyte Museum Pusat Jakarta. Medal taun 1982 ku Proyek Penerbitan Buku Sastra Indonesia dan Daerah, Jakarta. Garapanana museur kana ngungkabkeun eusi jeung konsép sarta ajén-inajén étnopédagogik nu aya dina Babad Panjalu. Tumali jeung éta hal, sumber data dina ieu panalungtikan nya éta téks anu nyampak dina Babad Panjalu. Babad Panjalu mangrupa karya sastra golongan babad anu ditulis dina wangun puisi kauger pupuh. Lian ti éta, Babad Panjalu ngagunakeun 9 pupuh minangka pangwangun karanganana kalawan lobana 523 pada. Anapon pupuh anu dipaké ngawengku asmarandana 2, sinom 3, kinanti 2, pangkur 1, durma 1, dangdanggula 2, mijil 2, magatru 2, jeung pucung 1.

3.2 Desain Panalungtikan

Desain panalungtikan nyaéta rencana anu nuduhkeun gambaran utama ngeunaan hiji hal anu baris dilakukeun. Desain panalungtikan mangrupa prosés nu diperlukeun dina rarancang panalungtikan nepi ka patalékan nu aya bisa kajawab Arikunto, 2010:175. Ngaliwatan desain panalungtikan, naon rupa anu jadi udagan dina panalungtikan bisa leuwih imeut jeung gemet. Desain ieu panalungtikan bisa kagambar saperti ieu di handap dina wangun bagan. Entoh Toharudin Satibi, 2015 Babad Panjalu Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Bagan 3.1 Desain Panalungtikan Nangtukeun Masalah Nangtukeun Objék Panalungtikan Nangtukeun Téori jeung Métode Panalungtikan Strukrural Robert Stanton Semiotik Charles S. Pierce Étnopédagogik Suwarsih Warnaen Palaku jeung watek Téma Fakta Carit a Ngadéskripsikeun, Nganalisis, jeung Napsirkeun Latar Ikon Simbol Indéks Ajén Moral Manusa 1 MMP 2 MMPr 3 MMS 4 MMA 5 MMW 6 MMTH Nyindekkeun jeung Nyusun Laporan Struktur carita Semiotik Babad Panjalu Proyek Penerbitan Buku Sastra Indonesia dan Daerah, 1992 Étnopédagogik Galur Sarana sastra Entoh Toharudin Satibi, 2015 Babad Panjalu Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.3 Métode Panalungtikan

Objék studi dina ieu panalungtikan nyaéta karya sastra winangun babad jeung dokumén anu raket patalina jeung panalungtikan. Masalah anu ditalungtikna mangrupa carita nu ngagambarkeun kajadian nu kaalaman dina mangsa nu geus kaliwat. Éta pasualan diungkulan ngaliwatan ulikan struktural, semiotik, jeung étnopédagogik. Babad Panjalu nu diterbitkeun ku Proyek Penerbitan Buku Sastra Indonesia dan Daerah, bakal diguar eusina sangkan manggihan unsur-unsur anu dikandungna. Éta unsur tinangtu anu raket patalina jeung ieu panalungtikan. Dumasar katerangan di luhur, métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta métode déskriptif anu mibanda fungsi pikeun ngungkulan pasualan dina panalungtikan Ratna, 2012:34. Métode déskriptif mangrupa métode anu dilakukeun pikeun ngadéskripsikeun fakta-fakta anu satuluyna dianalisis. Métode déskriptif nyaéta métode anu ngagambarkeun tur méré pamahaman ngeunaan fakta-fakta anu nyampak dina objék panalungtikan Ratna, 2012:53. Nilik kana éta hal, métode déskriptif dipilih lantaran babad mibanda struktur carita jeung unsur semiotik anu dijerona nyampak ajén-inajén étnopédagogik.

3.4 Instrumén Panalungtikan