Téhnik Ngumpulkeun Data Téhnik Ngolah Data

Entoh Toharudin Satibi, 2015 Babad Panjalu Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Tabel 3.13 Format Data Semiotik No Aspek : Kode : BPkaca pada Cutatan : Tabel 3.14 Format Data Étnopédagogik No Aspek : Kode : BPkaca pada Cutatan :

3.5 Téhnik Ngumpulkeun Data

Sanggeus nangtukeun judul jeung nyusun proposal, léngkah garapan saterusna nyaéta tahap ngumpulkeun data. Luyu jeung panalungtikan, pikeun ngumpulkeun, ngadéskripsikeun, jeung nganalisis data ngagunakeun studi bibliografi jeung analisis data. Studi bibliografi digunakeun pikeun néangan data anu raket patalina jeung pangaweruh ngeunaan sastra. Sedengkeun téhnik analisis data dipaké dina prak-prakan nganalisis jeung milah-milih data anu kapanggih dina sumber data anu mangrupa Babad Panjalu. Léngkah-léngkah ngumpulkeun data ngawengku; a. ngaidéntifikasi sumber data anu mangrupa Babad Panjalu; b. maca Babad Panjalu; c. maluruh téori-téori anu raket patalina jeung panalungtikan; d. data dipasing-pasing dumasar struktur carita; e. data dipasing-pasing dumasar unsur semiotik; Entoh Toharudin Satibi, 2015 Babad Panjalu Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu f. data dipasing-pasing dumasar ajén-inajén étnopédagogik; jeung g. input data struktur, semiotik, jeung ajén-inajén étnopédagogik kana kartu data luyu jeug pedoman analisis.

3.6 Téhnik Ngolah Data

Data nu geus nyampak tina studi bibliografi perlu disusun, saterusna diolah. Dina ngolah data ngagunakeun sawatara téhnik anu digunakeun saperti téhnik struktural, semiotik, jeung étnopédagogik. Téhnik struktural digunakeun pikeun maluruh struktur pangwangun babad sangkan bisa dianalisis. Téhnik semiotik digunakeun pikeun nganalisis tanda sangkan hiji karya sastra mibanda harti Pradopo, 2012:122. Sedengkeun étnopédagogik digunakeun pikeun maluruh jeung meunangkeun ajén-inajén moral manusa Sunda nu nyangkaruk dina babad dumasar kana interpretasi kana analisis struktur jeung semiotikna. Dumasar sawatara katerangan di luhur, léngkah-léngkah ngolah data ngawengku: a. mariksa jeung nitenan deui data anu geus dikumpulkeun; b. ngadéskripsikeun struktur babad; c. ngébréhkeun patalina antarunsur; d. ngadeskripsikeun harti sacara semiotik ngaliwatan interpretasi tanda anu aya dina babad; e. maluruh ajén-inajén étnopédagogik dina babad dumasar interprétasi struktur carita jeung semiotik; f. nganalisis ajén-inajén étnopédagogik; jeung g. nyindekkeun hasil déskripsi jeung analisis struktur, semiotik, jeung ajén-inajén étnopédagogik anu aya dina sumber data. Entoh Toharudin Satibi, 2015 Babad Panjalu Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan