Wangenan Operasional Instrumén Panalungtikan

Januar Prayitno, 2014 Ragam Basa Lisan Jeung Tulisan Siswa Kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor Taun Pelajaran 2013-2014 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.3 Métode panalungtikan

Métode mangrupa hiji stratégi atawa tarékah atawa cara nu sipatna sistematis pikeun nyangkem réalitas nu kapanggih dina panalungtikan Ratna, 2003. kaca.34. Tujuan métode panalungtikan nya éta, pikeun méré gambaran ngeunaan prak-prakan panalungtikan nu bakal dilaksanakeun Soekanto, 2004. kaca.14. Hartina, métode mangrupa hiji cara pikeun maham objék nu jadi sasaran dina panalungtikan jeung pikeun meunangkeun fakta tina panalungtikan nu keur digarap. Sacara umum, ieu panalungtikan mangrupa panalungtikan basa anu ngagunakeun pamarekan kualitatif. Métode anu digunakeun nyaéta métode déskriptif. Métode dekriptif mangrupa métode pikeun ngadéskripsikeun atawa ngagambarkeun rupa-rupa fenomena ragam basa dina biantara jeung ragam basa lisan dina carita pangalaman boh sipatna alamiah boh sipatna jijieunan atawa rékayasa, kalawan musatkeun ulikanana kana wangun, kagiatan, karakteristik, parobahan, patalina, sasaruanana, sarta bédana jeung fénoména liana. Tujuan utama métode déskriptif, nya éta pikeun mere gambaran ngeunaan ragam basa lisan jeung tulisan dina karangan pangalaman jeung biantara siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor.

3.4 Wangenan Operasional

Pikeun napsirkeun nu maca, di handap ieu baris dijentrékeun kalawan écés ngeunaan wangenan operasional dina ieu panalungtikan a. Ragam basa nya éta variasi basa nurutkeun pamakéna nu béda-béda nurutkeun topik nu dicaritakeun, hubungan caritaan, lawan panyatur, jeung jalma nu Januar Prayitno, 2014 Ragam Basa Lisan Jeung Tulisan Siswa Kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor Taun Pelajaran 2013-2014 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu dicaritakeun sarta nurutkeun médium caritaanana Kridalaksana. 2001, kaca. 184. b. Ragam basa lisan nya éta ragam basa Sunda anu maké pakakas lisan, biasana kawilang gumantungna kana situasi, waktu, lingkungan, katut jalma nu diajak nyarita. Basa lisan bisa lumangsung pateuteup, ngaliwatan radio, televisi, telepon, jst Chaer, 2010.kaca 72 c. Ragam basa tulisan nya éta ragam basa Sunda anu maké pakakas tulisan, biasana leuwih nyusun batan basa lisan. Aturan tata tulis leuwih dikukuhan. Basa tulisan biasa dipaké dina surat, telegram, artikel, makalah, buku, jst. Sudaryat, 2007.kaca 4-5

3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan bisa ogé disebut alat bantu panalungtik dina ngalaksanakeun panalungtikan. Instrumen nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta tés nyarita dina wangun biantara jeung nulis dina wangun karangan pangalaman , angket, jeung tabél data. Angket data digunakeun pikeun ngaguar data anu luyu jeung kasang tukang panalungtikan anapon angkét data anu digunakeun nya éta wangun basa Indonesia, Fungsina nya éta pikeun ngumpulkeun data nu paling pokok nu aya di lapangan atawa objek panalungtikan. Anapon jumlah siswa atawa data nu ditalungtik nya éta 33 siswa kelas X jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor. Januar Prayitno, 2014 Ragam Basa Lisan Jeung Tulisan Siswa Kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor Taun Pelajaran 2013-2014 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Tabél 3.2 Angket Data Latar makéna Basa Sunda Nama : Kelas : 1. Apakah anda bisa menggunakan bahasa Sunda? a. Bisa b. Tidak bisa c. Tidak lancar atau tidak fasih 2. Berasal dari daérah mana ayah anda? a. Sunda b. Jawa c. ………… 3. Berasal dari daerah mana ibu anda? a. Sunda b. Jawa c. ……… 4. Bahasa apa yang digunakan sehari-hari dengan ayah anda? a. Sunda b. Indonesia c. ……………. 5. Bahasa apa yang digunakan sehari-hari dengan ibu anda? a. Sunda b. Indonesia c. …………… Januar Prayitno, 2014 Ragam Basa Lisan Jeung Tulisan Siswa Kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor Taun Pelajaran 2013-2014 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 6. Bahasa apa yang digunakan saat berbincang dengan teman anda? a. Sunda b. Indonesia c. …………… 7. Apakah anda bisa menulis dengan bahasa Sunda dalam pembelajaran bahasa Sunda? a. Bisa b. Sedikit c. Tidak bisa Tabél 3.3 Data Ragam Basa Lisan NO No Data DATA Ragam Basa Lisan Kat Baku Teu baku Tabél 3.4 Data Ragam Basa Tulis NO No Data DATA Ragam Basa Tulisan Kat Baku Teu baku Januar Prayitno, 2014 Ragam Basa Lisan Jeung Tulisan Siswa Kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor Taun Pelajaran 2013-2014 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data