RAGAM BASA LISAN JEUNG TULISAN SISWA KELAS X JURUSAN AKOMODASI PERHOTELAN SMK NEGERI 3 BOGOR TAUN PELAJARAN 2013-2014.

(1)

RAGAM BASA LISAN JEUNG TULISAN SISWA KELAS X JURUSAN AKOMODASI PERHOTELAN SMK NEGERI 3 BOGOR

TAUN PELAJARAN 2013-2014 Tésis

diajukeun pikeun nyumponan salah sahiji sarat ngahontal Gelar Magister Pendidikan Basa jeung Budaya Sunda

Januar Prayitno NIM 1204864

PROGRAM STUDI

PENDIDIKAN BAHASA DAN BUDAYA SUNDA SEKOLAH PASCASARJANA

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA 2014

(2)

Ragam basa lisan jeung tulisan siswa kelas

X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK

Negeri 3 Bogor taun pelajaran 2013-2014

Oleh Januar Prayitno S.Pd UPI Bandung, 2009

Sebuah Tesis yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Magister Pendidikan (M.Pd.) pada Prodi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda

Sekolah Pascasarjana

© Januar Prayitno 2014 Universitas Pendidikan Indonesia

Juli 2014

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Tesis ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian,

(3)

LEMBAR PENGESAHAN Januar Prayitno

NIM 1204864

Ragam Basa Lisan jeung Tulisan Siswa Kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor Taun Pelajaran 2013-2014

Disaluyuan jeung disahkeun ku: Pangaping I,

Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum. NIP 196302101987031001

Pangaping II,

Dr. H. Usep Kuswari, M.Pd. NIP 195901191986011001

Kauninga ku

Pupuhu Prodi Basa jeung Budaya Sunda Sekolah Pascasarjana

Universitas Pendidikan Indonesia,

Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum. NIP 1963021019870310011

(4)

vii

Januar Prayitno, 2014

Ragam Basa Lisan Jeung Tulisan Siswa Kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor Taun Pelajaran 2013-2014

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAPTAR EUSI

Kaca

PANGJAJAP... i

CATUR NUHUN ... ii

ABSTRAK... iv

DAPTAR EUSI ... vii

DAPTAR TABÉL ... x

DAPTAR LAMPIRAN ... xi

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah ... 1

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ... 4

1.2.1 Watesan Masalah ... 4

1.2.2 Rumusan Masalah ... 5

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 5

1.3.1 Tujuan Umum ... 5

1.3.2 Tujuan Husus... 5

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 6

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 6

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 6

1.5 Sistematika Tulisan... 6

BAB II ULIKAN TIORI RAGAM BASA 2.1 Wangenan Ragam Basa ... 8

2.2 Wanda Ragam Basa ... 10

2.2.1 Ragam Basa dumasar Sawangan Panyatur ... 11

2.2.2 Ragam Basa dumasar kana Tatakrama Basa Sunda….....14

2.3 Ragam Basa Dumasar Pamakéna ... 17

(5)

viii

Januar Prayitno, 2014

Ragam Basa Lisan Jeung Tulisan Siswa Kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor Taun Pelajaran 2013-2014

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2.5 Wangenan standarisasi basa ... ……. 20

2.6 Mangpaat basa baku... ……. 21

2.7 Ciri-ciri basa baku... ……. 23

2.8 Standarisasi basa Sunda ... ……. 24

2.9 Basa Sunda baku ... ……. 25

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Data jeung Sumber Data ... ……. 27

3.2 Desain Panalungtikan... ……. 27

3.3 Métode Panalungtikan ... ……. 28

3.4 Wangenan Operasional ... ……. 28

3.5 Instrumén Panalungtikan ... ……. 29

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data ... ……. 32

3.7 Téhnik Ngolah Data ... ……. 32

BAB IV DÉSKRIPSI JEUNG ANALISIS RAGAM BASA SUNDA LISAN JEUNG TULISAN SISWA KELAS X JURUSAN AKOMODASI PERHOTÉLAN SMK NEGERI 3 BOGOR 4.1 Data ragam basa lisan jeung tulisan ... ……. 34

4.1.1 Data ragam basa lisan ... ……. 34

4.1.2 Data ragam basa tulisan... ……. 36

4.2 Analisis jeung déskripsi kabakuan ragam basa ... ……. 37

4.2.1 Ragam basa baku dina biantara jeung karangan pangalaman……… ... ……. 37

4.2.1.1 Ragam basa baku dina biantara. ... ……..37

4.2.1.2 Ragam basa baku dina karangan pangalaman ... ……. 39

4.2.2 Ragam basa baku dina biantara jeung karangan pangalaman ... ……. 40

4.2.2.1 Ragam basa teubbaku dina biantara ... ……. 40

(6)

ix

Januar Prayitno, 2014

Ragam Basa Lisan Jeung Tulisan Siswa Kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor Taun Pelajaran 2013-2014

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 4.3 Analisis jeung déskripsi latar ragam basa

lisan jeung tulisan ... ……. 45

4.4 Karakteristik ragam basa lisan jeung tulisan siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor………. 49

4.4.1 Jejer ragam basa lisan jeung tulisan siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor………. 49

4.4.1.1 Jejer ragam basa lisan siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor………. 49

4.4.1.2 Jejer ragam basa tulisan siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor………. 54

4.4.2 Pasosokna ragam basa sunda dina biantara jeung karangan pangalaman……….. 60

4.4.2.1 Pasosokna ragam basa sunda dina biantara……… 60

4.4.2.2 Pasosokna ragam basa sunda dina karangan pangalaman……….. 64

4.4.3 Ciri Has ragam basa Perhotélan………. 67

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan... ……. 71

5.2 Saran ... ……. 73

DAPTAR PUSTAKA LAMPIRAN-LAMPIRAN... …... 76 RIWAYAT HIRUP

(7)

x

Januar Prayitno, 2014

Ragam Basa Lisan Jeung Tulisan Siswa Kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor Taun Pelajaran 2013-2014

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAPTAR TABÉL

Tabél Kaca

3.1 Desain Panalungtikan ... 27

3.2 Angket Data Latar makéna Basa Sunda ... 30

4.1 Latar Makéna Basa Sunda………46

4.2 Jejer Dina Transliterasi Biantara………...50

4.3 Jejer Dina Transliterasi Karangan Pangalaman………...55

(8)

xi

Januar Prayitno, 2014

Ragam Basa Lisan Jeung Tulisan Siswa Kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor Taun Pelajaran 2013-2014

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAPTAR LAMPIRAN

Lampiran Kaca

1. Angkét data... 77

2. Deskripsi ragam basa lisan ... 79

3. Deskripsi ragam basa tulisan ... 99

4. Ragam basa baku dina biantara... 118

5. Ragam basa baku dina karangan pangalaman ... 126

6. Ragam basa teu baku dina biantara ... 130

7. Ragam basa teu baku dina karangan pangalaman……….149

8. Pasosokna ragam basa lisan Sunda – Indonesia...170

9. Pasosokna ragam basa lisan Sunda –Arab………. .183

10. Pasosokna ragam basa lisan Sunda –Malayu (Batawi)………187

11. Pasosokna ragam basa lisan Sunda –Inggris………188

12. Pasosokna ragam basa tulisan Sunda – Indonesia...190

13. Pasosokna ragam basa tulisan Sunda –Arab……….. .208

14. Pasosokna ragam basa tulisan Sunda –Inggris………... .210

(9)

iv Januar Prayitno, 2014

Ragam Basa Lisan Jeung Tulisan Siswa Kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan Smk Negeri 3 Bogor Taun Pelajaran 2013-2014

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

RAGAM BASA LISAN JEUNG TULISAN SISWA KELAS X JURUSAN AKOMODASI PERHOTELAN SMK NEGERI 3 BOGOR

TAUN PELAJARAN 2013-2014 1)

Januar Prayitno 2) ABSTRAK

kasang tukang panalungtikan nya éta ayana ragam basa di sakola anu siswa-siswina boga kasang tukang budaya jeung basa anu beda hususna sakola SMK. Salasahiji SMK anu boga kasang tukang anu béda nya éta SMK Negeri 3 Bogor. Tujuan tina ieu panalungtikan nya éta ngadéskripsikeun ragam basa Sunda lisan dina biantara jeung ragam basa Sunda tulisan dina karangan pangalaman. Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta 33 siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor anu dibeunangkeun tina hasil angkét jeung ngaliwatan tes lisan biantara jeung tes tulis dina karangan pangalaman. Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan metode deskriptif. Tina hasil panalungtikan bisa dicindekkeun yén, (1) ragam basa dina biantara lolobana nya éta ragam basa teu baku tina tata basa, éjahan, jeung undak-usuk basa; (2) ragam basa dina karangan pangalaman nya éta ragam basa teu baku tina tata basa, éjahan, jeung undak-usuk basa; (3) latar makéna basa tina kasang tukang siswa kelas X Jurusan akomodasi Perhotelan nya éta ti Jawa jeung luar pulau Jawa, sanajan aya ti wewengkon Sunda rata-rata teu ngajarkeun jeung ngagunakeun basa Sunda; (4) ciri has ragam basa anu dibeunangkeun tina jejer, pasosokna, jeung ciri has basa Perhotelan. Jejer dina biantara jeung karangan pangalaman loba kabersihan jeung perhotelan. Pasosokna basa lolobana nya éta basa Indonesia, basa Malayu (Batawi), basa Inggris, jeung basa Arab. Tina ciri has basa perhotelan dibeunangkeun data 36 basa perhotelan anu ngagunakeun basa Inggris.

Kata Kunci: ragam basa, latar makéna basa, jeung ciri has basa perhotelan .

1) Tesis dibimbing oleh Dr.H. Yayat Sudaryat, M.hum dan Dr. H. Usep Kuswari, M.Pd 2) Siswa Sekolah Pascasarjana Universitas Pendidikan Indonesia angkatan 2012

(10)

v Januar Prayitno, 2014

Ragam Basa Lisan Jeung Tulisan Siswa Kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor Taun Pelajaran 2013-2014

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Ragam Basa Lisan jeung Tulisan Siswa Kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor Taun Pelajaran 2013-2014 1) Spoken and written language variety at Class X Students Programs in Hospitality Accommodation SMK Negeri 3 Bogor Academic Year

2013-20141) Januar Prayitno 2)

ABSTRACT

The background of this research is the student of vocational schools who speak varied languages in schools have different background. This study aims to describe the diversity of sundanese languages spoken by students and diversity in telling experience in sundanese language. Sources of data in this study were 33 students of class X majoring in Hospitality Accommodation SMK Negeri 3 Bogor the data obtained from the questionnaire, oral interview and written test of speech of tell as experience . The method used in this research is descriptive method . From the research it can be concluded that (1) from the data obtaine the must diversity of the language. Spoken by student speech is non standard language. Interm of gramar speeliy and Undak-usuk basa Sunda; (2) the most diversity of the languages spoken by student in telling experience is non standard language in term of speech and telling experience; (3) The background of students class X majoring Accommodation Hospitality is from Java and outside of Java island , the Sunda region the average is not taught in the Sundanese language ; (4) Characterize the diversity of languages obtained the most common subject that students talked in their speechs and story telling were cleanline and hospitality. Interference word which most used in student speech and tellimg experience is Indonesian, Malayu language (Batawi), English, and Arabic. While from the language characteristic the data obtanied about 36 wonder from Hotel Accomodation term were used in english.

Keywords : Language variety, Language user, and language of Accommodations hospitality.

1) Tesis dibimbing oleh Dr.H. Yayat Sudaryat, M.hum dan Dr. H. Usep Kuswari, M.Pd 2) Siswa Sekolah Pascasarjana Universitas Pendidikan Indonesia angkatan 2012

(11)

1 Januar Prayitno, 2014

Ragam Basa Lisan Jeung Tulisan Siswa Kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor Taun Pelajaran 2013-2014

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB I

BUBUKA 1.1 Kasang Tukang

Basa dipaké dina kahirupan manusa pikeun pakakas komunikasi. Hal ieu luyu jeung Keraf dina Smarapradipa (2005. Kaca 1) anu nyebutkeun ogé dua harti basa. Harti kahiji nétélakeun basa salaku pakakas komunikasi jeung sasama masarakatna mangrupa simbol sora anu dihasilkeun ku alat ucap manusa. Kadua, basa nya éta sistem komunikasi anu ngagunakeun simbol-simbol vokal (bunyi ujaran) anu sipatna arbitrér.

Basa Sunda lahir bareng jeung lahirna masarakat Sunda katut budayana. Dina hirup kumbuhna, basa Sunda téh mibanda anéka ragam basa. Ragam basa Sunda nurutkeun warna makéna basa bisa disawang tina jihat jejer omongan, médium atawa sarana, jeung sipat pasosokna. Disawang tina jejer omongan aya ragam basa urang réa (balaréa) anu ilahar dipaké sapopoé jeung ragam basa urang aré nu dipaké husus dina widang jurnalistik, paélmuan, sastra, jeung agama. Disawang tina medium makéna aya ragam basa lisan anu dipaké dina paguneman atawa biantara, aya ragam basa tulis nu dipaké dina surat, koran, majalah jeung buku (Sudaryat, Spk. 2007, kaca 4).

Disawang tina jihat pasosokna, aya ragam basa nu nyunda jeung ragam basa nu teu nyunda. Ieu téh henteu ngandung harti masarakat Sunda ulah narima pangaruh tina basa lian. Nyerep unsur tina basa lian dimeunangkeun pisan, pangpangna dina hal pakeman-pakeman basa anyar dina basa Indonésia anu beuki loba tur popilér sarta dina basa Sunda tacan aya sawandana (Sudaryat,Spk. 2007, kaca 5).

(12)

2

Januar Prayitno, 2014

Ragam Basa Lisan Jeung Tulisan Siswa Kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor Taun Pelajaran 2013-2014

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Ari ragam basa nu kapangaruhan ku latar, nya éta naha di imah, di pakumbuhan, atawa di kantor. Imah jadi latar tempat panglobana dipakéna basa Sunda, ditéma ku latar pakumbuhan sapopoé di imah, tuluy dipaké di sakola atawa di kantor.

Asupna jalma-jalma nu asalna ti saluareun Jawa Barat bisa mangaruhan kabudayaan kayaning segi basa. Jalma-jalma nu asalna ti saluareun Jawa Barat loba kapangaruhan budaya daérah utamana basana. Sacara sadar atawa henteu sadar maranéhna ngadarangu jeung boga kahayang bisa nyarita basa nu aya di sabudeureunana. Nepi ka basa nu dimeunangkeun ku jalma-jalma nu asalna ti saluareun Jawa Barat mangrupa hasil budaya. Makéna basa di imah mangrupa ulikan Sosiolinguistik Saperti nu ditétélakeun ku Pride & Holmes (1972), sosiolinguistik sacara basajan ditétélakeun …the study of language as part of culture and society. Ulikan basa salaku bagian tina

kabudayaan jeung masarakat. Aya kacindekan basa mangrupa bagian tina kabudayaan. Kedalna omongan atawa basa Sunda téh kapangaruhan ku tempat, waktu, jeung suasana makéna. Di mana dipakéna, iraha dipakéna, jeung kumaha waktu dipakéna.

Salasahiji latar dipakéna basa nya éta sakola latar anu sarupa, kaalaman ogé murid di SMK Negeri 3 Bogor nu pernahna di JL. Pajajaran No.84 Kota Bogor, lantaran maranéhna aya sabudeureun nu maké basa Sunda antukna dina kagitan diajar ngajarna ogé sacara aturan kudu ngagunakeun panganteur basa Sunda.

Basa Sunda minangka panganteur di sakola mangrupa salasahiji ajén pangajaran basa Sunda. Éta hal téh saluyu jeung kacindekan Seminar Politik Bahasa Nasional 1975 di Jakarta, basa Sunda miboga pancén atawa fungsi jadi (1) lambang kareueus masarakat Sunda, (2) lambang jati diri (idéntitas) masarakat Sunda, (3) alat paguneman di

(13)

3

Januar Prayitno, 2014

Ragam Basa Lisan Jeung Tulisan Siswa Kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor Taun Pelajaran 2013-2014

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

lingkungan kulawarga jeung masarakat urang Sunda, (4) pangdeudeul basa nasional, (5) basa panganteur di kelas-kelas SD munggaran pikeun ngalancarkeun pangajaran basa Indonésia jeung pangajaran lianna, sarta (6) alat pamekar jeung pangdeudeul budaya Sunda (Halim Éd., 1980: 151 dina Lisnawati, 2010:3). Di kelas-kelas luhur, basa Sunda ogé dipaké jadi basa panganteur nya éta ngajarkeun basa Sunda.

Ku kituna, kamampuan makéna basa indung boh ku guru boh ku murid SMA/SMK dina widang atikan jeung widang pangajaran basa Sunda mangrupa pangajaran muatan lokal anu perlu dikembangkeun di sakola. Salah sahiji tujuan poko nya éta murid mampu jeung parigel dina ngagunakeun basa Sunda anu hadé tur bener saenggeus ngalaman prosés diajar ngajar di sakola. Pangajaran basa Sunda diajarkeun ka murid dumasar kurikulum SMA/SMK anu dipakéna.

Lian ti éta, anu kungsi nalungtik ngeunaan ragam basa dina panganteur pangajaran nya éta “Ragam Basa Sunda Panganteur Pangajaran di SD Negeri Padasuka II Désa Sukamulya Kac. Kutawaringin Kab. Bandung” (Lisnawati, 2010) anu ngadéskripsikeun ngeunaan ragam basa nu aya di SD Padasuka II kalawan hasil basa nu digunakeun dina prosés pangajaran, nya éta ragam basa hormat 46,08%, ragam basa standar 36,03%, jeung ragam basa campuran 17,87%.

Éta panalungtikan téh medar ragam basa di sakola anu barudakna ngagunakeun basa Sunda. Ragam basa nu dipaké di lingkungan sakola ku barudak boga kasang tukang basa anu béda-béda masih perlu ditalungtik. Komo deui barudak sakola nu aya di lingkungan SMK. Salasahiji lingkungan sakola nu kasang tukang basa barudak béda-béda nyaéta SMKN 3 Bogor. Pikeun mikanyaho kumaha ragam basa di lingkungan sakola anu

(14)

4

Januar Prayitno, 2014

Ragam Basa Lisan Jeung Tulisan Siswa Kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor Taun Pelajaran 2013-2014

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

béda-béda kasang tukang basana masih perlu ditalungtik. Ku kituna, ieu panalungtikan nu dijudulan “Ragam Basa Lisan jeung Tulisan Siswa Kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor Taun Pelajaran 2013-2014 perlu dilaksanakeun.

1.2Watesan Masalah jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

Sudaryat, Spk (2007, kaca. 3) nétélakeun yén ari ragam basa téh bisa disawang tina rupa-rupa jihat, (1) nu makéna nu nyoko kana wewengkon, (2) tahap atikan, jeung (3) sikep panyaturna. Basa tina jihat makéna anu nyoko kana jejer omongan, sarana, jeung sipat pasosokna. Sarana makéna éta ragam basa aya anu disebut ragam basa lisan jeung tulisan. Tina kasang tukang di luhur, masalah anu ditalungtik diwatesanan sangkan leuwih museur dumasar kana jihat nu makéna nya éta sarana komunikasi. Ku sabab kitu, hal anu baris ditalungtik nyoko kana Ragam Basa Lisan jeung Tulisan Siswa Kelas X

Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor Taun Pelajaran 2013-2014. Ragam

basa lisan dina ieu panalungtikan diwatesanan kana ragam basa baku jeung teu baku lisan dina biantara jeung ragam basa tulis dina karangan pangalaman siswa.

1.3Rumusan Masalah

Patali jeung ieu panalungtikan aya sababaraha masalah anu perlu dirumuskeun. Éta rumusan masalah téh bisa ditepikeun dina wangun kalimah pananya ieu di handap.

a. Kumaha ragam basa lisan dina biantara siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor?

b. Kumaha ragam tulisan dina karangan pangalaman siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor?

(15)

5

Januar Prayitno, 2014

Ragam Basa Lisan Jeung Tulisan Siswa Kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor Taun Pelajaran 2013-2014

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

c. Kumaha ragam basa siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan di SMK Negeri 3 Bogor tina latar makéna basa?

d. Kumaha ciri has ragam basa siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor tina jejer omongan, pasosokna, jeung ciri has basa Perhotelan? 1.4Tujuan Jeung Mangpaat Panalungtikan.

1.4.1 Tujuan Umum

Sacara umum tujuan ieu panalungtikan pikeun mikanyaho jeung ngadeskripsikeun ragam basa lisan jeung tulisan siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor Taun Pelajaran 2013-2014.

1.4.2 Tujuan Khusus

Anapon tujuan husus dina ieu panalungtikan nya èta pikeun ngadéskripsikeun.

a. Ragam basa lisan dina biantara siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor;

b. Ragam tulisan dina karangan siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor;

c. Ragam basa lisan siswa kelas X di SMK Negeri 3 Bogor tina jihat latar makéna basa; jeung

d. Ragam basa siswa kelas X di SMK Negeri 3 Bogor tina jejer omongan, pasosokna, jeung ciri has basa Perhotelan.

(16)

6

Januar Prayitno, 2014

Ragam Basa Lisan Jeung Tulisan Siswa Kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor Taun Pelajaran 2013-2014

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 1.5 Mangpaat Panalungtikan

1.5.1 Mangpaat Teoritis

Sacara téoritis, ieu panalungtikan aya mangpaatna pikeun ngajembaran élmu sosiolinguistik hususna ngeunaan basa di lingkungan sakola jurusan perhotélan. Ieu sababna eusina medar perkara ragam basa lisan jeung tulisan katut.

1.5.2 Mangpaat Praktis

Ieu panalungtikan dipiharep aya mangpaatna, sacara praktis pikeun panalungtik, masarakat, guru, siswa jeung masarakat.

a. Pikeun panalungtik, hasil panalungtik bisa méré ambahan élmu ngeunaan ragam basa jeung leuwih ngariksa basa Sunda salaku kabeungharan daérah Jawa Barat.

b. Pikeun guru, hasil panalungtikan bahan ajar jeung métode bahan ajar anu raket patalina jeung métode pangajaran basa Sunda jeung hasil di meunangkeun tina aspék ayana ragam basa.

c. Pikeun siswa, hasil panalungtikan bisa méré kadeudeuh ka siswa sangkan leuwih wanoh kana basa Sunda anu aya di sakuriling lingkungan sosialna.

1.6 Sistematika Tulisan

Ieu hasil panalungtikan dipidangkeun dina lima bab. Bab I nya éta bagian bubuka, eusina ngasongkeun wangenan ragam basa. Anu miboga watesan masalah ngeunaan panalungtikanna dina widang wangun tulisan jeung lisan. Kasang tukang rumusan masalah nya éta, 1) Kumaha ragam basa lisan naon waé dina biantara

(17)

7

Januar Prayitno, 2014

Ragam Basa Lisan Jeung Tulisan Siswa Kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor Taun Pelajaran 2013-2014

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor, 2) Kumaha ragam tulisan dina karangan pangalaman siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor, 3) Kumaha babandingan ragam basa lisan jeung tulisan siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan di SMK Negeri 3 Bogor, 4) Kumaha patalina ragam basa Sunda kana ayana Campur kode di siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor.

Dina bab II dipedar ngeunaan ulikan tiori ragam basa nya éta harti tina ragam basa anu ngawengku wangenan ragam basa, wanda ragam basa anu ngawengku ragam basa dumasar sawangan panyatur, ragam basa dumasar kana tatakrama basa sunda, ragam basa dumasar warna makéna, ragam basa dumasar medium atawa sarana. Hal lain anu dipedar nya éta ngeunaan.

Bab III dipedar ngeunaan métodologi panalungtikan diantarana nya éta, métode panalungtikan, téknik panalungtikan, pamarekan panalungtikan, téknik nngolah data, jeung instrumén panalungtikan.

Bab IV dipedar ngeunaan analisis ragam basa nu ngawengku ragam basa tulis dina widang pangajaran basa Sunda hususna kompetensi dasar carita pangalaman jeung ragam basa lisan dina widang pangajaran basa Sunda hususna kompetensi dasar biantara anu lumangsung di kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor. Salian ti éta ditalungtik aya henteuna variasi basa dina ragam basa wangun tulisan jeung ragam basa wangun lisan.

Ari dina baba V dipedar kacindekan jeung saran tina hasil panalungtikan ragam basa lisan jeung tulisan anu lumangsung di kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor.

(18)

27 Januar Prayitno, 2014

Ragam Basa Lisan Jeung Tulisan Siswa Kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor Taun Pelajaran 2013-2014

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1. Data jeung Sumber Data Panalungtikan

Data ieu panalungtikan nyaéta ragam basa lisan jeung tulisan tina karangan carita pangalaman jeung biantara siswa Kelas X jurusan akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor.

Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta karangan carita pangalaman jeung video rékaman nyarita wangun biantara siswa kelas X jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor taun ajar 2013-2014.

3.2.Desain Panalungtikan

Desain panalungtikan atawa bagbagan prosés panalungtikan nu digunakeun dina ieu panalungtikan ngawengku studi pustaka, ngumpulkeun data, idéntifikasi data, ngolah data, jeung satuluyna hasil data dilaporkeun dina eusi panalungtikan. Desain ieu panalungtikan bisa katitén dina gambar di handap.

Tabél 3.1 Desain panalungtikan

Ragam basa Siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotélan

Ngumpulkeun Data: Téhnik Studi Pustaka

Ngolah Data:

Téhnik Analisis Unsur Langsung Déskripsi Data

Nafsirkeun

Kacindekan Instrumén:

(19)

28

Januar Prayitno, 2014

Ragam Basa Lisan Jeung Tulisan Siswa Kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor Taun Pelajaran 2013-2014

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3.3 Métode panalungtikan

Métode mangrupa hiji stratégi atawa tarékah atawa cara nu sipatna sistematis pikeun nyangkem réalitas nu kapanggih dina panalungtikan (Ratna, 2003. kaca.34). Tujuan métode panalungtikan nya éta, pikeun méré gambaran ngeunaan prak-prakan panalungtikan nu bakal dilaksanakeun (Soekanto, 2004. kaca.14). Hartina, métode mangrupa hiji cara pikeun maham objék nu jadi sasaran dina panalungtikan jeung pikeun meunangkeun fakta tina panalungtikan nu keur digarap.

Sacara umum, ieu panalungtikan mangrupa panalungtikan basa anu ngagunakeun pamarekan kualitatif. Métode anu digunakeun nyaéta métode déskriptif. Métode dekriptif mangrupa métode pikeun ngadéskripsikeun atawa ngagambarkeun rupa-rupa fenomena ragam basa dina biantara jeung ragam basa lisan dina carita pangalaman boh sipatna alamiah boh sipatna jijieunan atawa rékayasa, kalawan musatkeun ulikanana kana wangun, kagiatan, karakteristik, parobahan, patalina, sasaruanana, sarta bédana jeung fénoména liana. Tujuan utama métode déskriptif, nya éta pikeun mere gambaran ngeunaan ragam basa lisan jeung tulisan dina karangan pangalaman jeung biantara siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor.

3.4Wangenan Operasional

Pikeun napsirkeun nu maca, di handap ieu baris dijentrékeun kalawan écés ngeunaan wangenan operasional dina ieu panalungtikan

a. Ragam basa nya éta variasi basa nurutkeun pamakéna nu béda-béda nurutkeun topik nu dicaritakeun, hubungan caritaan, lawan panyatur, jeung jalma nu

(20)

29

Januar Prayitno, 2014

Ragam Basa Lisan Jeung Tulisan Siswa Kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor Taun Pelajaran 2013-2014

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

dicaritakeun sarta nurutkeun médium caritaanana (Kridalaksana. 2001, kaca. 184).

b. Ragam basa lisan nya éta ragam basa Sunda anu maké pakakas lisan, biasana kawilang gumantungna kana situasi, waktu, lingkungan, katut jalma nu diajak nyarita. Basa lisan bisa lumangsung pateuteup, ngaliwatan radio, televisi, telepon, jst (Chaer, 2010.kaca 72)

c. Ragam basa tulisan nya éta ragam basa Sunda anu maké pakakas tulisan, biasana leuwih nyusun batan basa lisan. Aturan tata tulis leuwih dikukuhan. Basa tulisan biasa dipaké dina surat, telegram, artikel, makalah, buku, jst. (Sudaryat, 2007.kaca 4-5)

3.5Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan bisa ogé disebut alat bantu panalungtik dina ngalaksanakeun panalungtikan. Instrumen nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta tés nyarita dina wangun biantara jeung nulis dina wangun karangan pangalaman , angket, jeung tabél data. Angket data digunakeun pikeun ngaguar data anu luyu jeung kasang tukang panalungtikan anapon angkét data anu digunakeun nya éta wangun basa Indonesia, Fungsina nya éta pikeun ngumpulkeun data nu paling pokok nu aya di lapangan atawa objek panalungtikan. Anapon jumlah siswa atawa data nu ditalungtik nya éta 33 siswa kelas X jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor.

(21)

30

Januar Prayitno, 2014

Ragam Basa Lisan Jeung Tulisan Siswa Kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor Taun Pelajaran 2013-2014

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Tabél 3.2 Angket Data Latar makéna Basa Sunda Nama :

Kelas :

1. Apakah anda bisa menggunakan bahasa Sunda? a. Bisa

b. Tidak bisa

c. Tidak lancar atau tidak fasih 2. Berasal dari daérah mana ayah anda?

a. Sunda b. Jawa

c. …………

3. Berasal dari daerah mana ibu anda? a. Sunda

b. Jawa

c. ………

4. Bahasa apa yang digunakan sehari-hari dengan ayah anda? a. Sunda

b. Indonesia

c. ……….

5. Bahasa apa yang digunakan sehari-hari dengan ibu anda? a. Sunda

b. Indonesia

(22)

31

Januar Prayitno, 2014

Ragam Basa Lisan Jeung Tulisan Siswa Kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor Taun Pelajaran 2013-2014

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

6. Bahasa apa yang digunakan saat berbincang dengan teman anda? a. Sunda

b. Indonesia

c. ………

7. Apakah anda bisa menulis dengan bahasa Sunda dalam pembelajaran bahasa Sunda?

a. Bisa b. Sedikit c. Tidak bisa

Tabél 3.3 Data Ragam Basa Lisan

NO No Data DATA

Ragam Basa Lisan

Kat

Baku Teu baku

Tabél 3.4 Data Ragam Basa Tulis

NO No Data DATA

Ragam Basa Tulisan

Kat

(23)

32

Januar Prayitno, 2014

Ragam Basa Lisan Jeung Tulisan Siswa Kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor Taun Pelajaran 2013-2014

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3.6Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik anu digunakeun nya éta tés, transliterasi biantara, angkét , tulis dina carita pangalaman. Téhnik dokuméntasi digunakeun pikeun ngumpulkeun data pikeun ngaguar ayana ragam basa. Téknik transliterasi dipaké pikeun meunangkeun ragam basa dina wangun nyarita. Dumasar dina téknik diluhur, ngumpulkeun data dilaksanakeun ngaliwatan lengkah-lengkah ieu di handap. a. Studi Pustaka

b. Nyusun rarancang panalungtikan

c. Ngumpulkeun data responden anu baris ditalungtik kelas X Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor.

d. Siswa nyusun Carita Pangalaman pikeun bahan analisis ragam basa. e. Analisis data carita pangalaman.

f. Rekam wangun biantara.

g. Sadap rekam wangun rékam pikeun bahan analisis data ragam basa. h. Nyindekeun hasil panalungtikan.

3.7Téhnik Ngolah Data

Téknik nu dipaké dina ngolah data nyaéta téknik analisis wangun langsung. Ari léngkah-léngkah ngolah data saperti ieu di handap.

a. Niténan deui data anu geus dikumpulkeun. b. Nagayakeun transliterasi hasil rékaman

c. Sumber data ragam basa dina hasil karangan carita pangalaman siswa jeung hasil rékam biantara siswa kelas X jurusan Akomodasi Perhotelan ngaliwatan kartu data

(24)

33

Januar Prayitno, 2014

Ragam Basa Lisan Jeung Tulisan Siswa Kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor Taun Pelajaran 2013-2014

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

d. Nyieun papasingan ragam basa siswa kelas X jurusan Akomodasi Perhotelan dumasar kana

- Jejerna - Pasosokna

- Latar makéna basa

e. Nganalisis ragam basa siswa kelas X jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor.

f. Ngadéskripsikeun ayana ciri has ragam basa jeung variasi basa anu aya patalina jeung jurusan Perhotelan.

g. Nafsirkeun jeung nyindekeun ragam basa siswa kelas X jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor.

(25)

71 Januar Prayitno, 2014

Ragam Basa Lisan Jeung Tulisan Siswa Kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor Taun Pelajaran 2013-2014

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan

Dumasar kana masalah jeung analisis hasil panalungtikan anu geus dipedar dina bab saméméhna, aya sababaraha kacindekan anu bisa dirumuskeun . dihandap ieu baris ditulis sababaraha kacindekan.

Ragam basa lisan siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor hasil tina analisis transliterasi biantara siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor anu jumlahna 33 siswa nya éta 355 kalimah. Kalimah baku nu di gunakeun dina biantara nyaéta 116 kalimah (32,68%). Kalimah nu teu baku nyaéta 239 kalimah (67,32%).

Ragam basa tulisan siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor tina hasil analisis karangan pangalaman siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor anu jumlahna 33 siswa nya éta 367 kalimah. Kalimah baku dina karangan pangalaman nya éta 58 kalimah (15,80%). Kalimah nu teu baku dina karangan pangalaman nya éta 309 kalimah (84,19%).

Latar makéna basa siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotélan miboga kasang tukang anu béda-béda anu asalna ti luar daérah Jawa Barat. Hal ieu miboga pangaruh kana hasil pembelajaran basa jeung sastra Sunda kusabab kurang bisana ngagunakeun basa Sunda dina wangun lisan jeung tulisan. Salian ti éta kurangna perhatian kolot siswa anu ti daérah (Jawa Barat) pikeun ngajarkeun basa Sunda. Lolobana siswa kurang mampu boh

(26)

72

Januar Prayitno, 2014

Ragam Basa Lisan Jeung Tulisan Siswa Kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor Taun Pelajaran 2013-2014

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

wangun tulisan boh dina wangun lisan, sabab basa sapopoéna ngagunakeun basa Indonesia atawa malayu.

Jejer dina transliterasi biantara siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor anu jumlahna 33 siswa nya éta ngeunaan kabersihan 1 siswa (30,30%), sakola adywiyata 4 siswa (12,12%), pentingna hirup séhat 4 siswa (12,12%), pajuang 3 siswa (9,09%), kamerdékaan 3 siswa (9,09%), budaya 2 siswa (6,06%), sedengkeun jejer anu pangsaeutikna nya éta paturay tineung, caah, saum, gawé bareng, diajar, senioritas di sakola, ulin nya éta 3,03%.

Wangun jejer siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor dina karangan pangalaman jejer panglobanna nya éta ngeunaan Perhotelan anu jumlahna 20 siswa (60,61%). Jejer lainna nya eta Jejer ngeunaan ngawanohkeun diri nya éta 4 siswa (12,12%). Jejer ngeunaan Jurusan sakola nya éta 3 siswa (9,09%). Jejer anu pangsaeutikna nya éta jejer ngeunaan pariwisata 1 siswa (3,03%), jejer ngeunaan Multimedia 1 siswa (3,03%), jejer ngeunaan Peunteun UN 1 siswa (3,03%).

Pasosokna ragam basa lisan dina biantara nya éta, ayana pasosokna ragam basa Batawi anu jumlahna 10 kalimah (2,82%) tina 355 kalimah, pasosokna ragam basa Indonesia nya éta 137 kalimah (38,59%) tina 355 kecap, pasosokna ragam basa Inggris nya éta 17 kalimah (4,79%) tina 355 kalimah, sedengkeun pasosokna ragam basa arab nya éta 69 kalimah (19,44%) tina 355 kalimah.

Pasosokna ragam basa tulisan wangun karangan pangalaman siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor, meunangkeun data yén ayana ragam basa liana kana basa Sunda. pasosok ragam basa Indonesia anu jumlahna 257 kalimah

(27)

73

(70,02%) tina 367 kalimah. pasosok ragam basa Inggris anu jumlahna 80 kalimah (21,79%) tina 367 kalimah. pasosok ragam basa Malayu (Batawi) anu jumlahna 37 kalimah (10,08%) tina 365 kalimah. pasosok ragam basa Arab nya éta 21 kalimah (5,72%) tina 365 kalimah.

Data anu kapaluruh nya éta ciri basa Perhotelan ti mimiti élmu ngeunaan hotel, bagian-bagian di hotel, téhnik pikeun pagawéan di hotel jeung pagawé hotél. Kahiji ciri basa Perhotelan nya éta dina élmu ngeunaan hotel, diantarana Inper, SHKK.

Kadua ciri basa Perhotelan nya éta tina bagian-bagian hotel, diantarana Food and Beverage, Front Office, Garde manger nya éta, House Keeping, Laundry, Reservation. Katilu ciri basa Perhotelan nya éta tina téhnik pikeun pagawéan di hotel. Diantarana Brushing, Drying Hiji, Glass cleaning, Grooming, Making bed, Mooping.

Kaopat, ciri basa Perhotelan nya éta istilah pagawé nu aya di hotel. Bellboy, Bellman, Butcher, Chasier, Doorboy, General manager, Public Relation, Receptionist, jeung Room Attendant.

Saran

Dumasar kana hasil panalungtikan, analisis, jeung kacindekan anu geus ditulis di luhur, aya sababaraha hal anu perlu dilakukeun pikeun ngaronjatkeun kamampuh jeung kaparigelan dina nyarita (biantara) jeung nulis (karangan pangalaman) pikeun siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor.

(28)

74

a) Pikeun guru, anu sacara langsung ancrub dina prosés ngajar di Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor. Hasil panalungtikan jeung analisis, bisa nambahan bahan ajar jeung métode bahan ajar dina pangajaran basa Sunda ku ayana ragam basa. b) Pikeun siswa, hasil panalungtikan jeung analisis ieu panalungtikan. Bisa méré

sumanget jeung kadeudeuh ka siswa hususna siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor, sangkan leuwih resep jeung teu éra pikeun ngagunakeun basa Sunda.

c) Mugia tina ieu panalungtikan jadi bahan ngeuyeuban panalungtikan liana ngeunaan ragam basa hususna ragam basa Sunda jeung basa Malayu (Batawi).

(29)

75

Januar Prayitno, 2014

Ragam Basa Lisan Jeung Tulisan Siswa Kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor Taun Pelajaran 2013-2014

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAPTAR PUSTAKA

Alwasilah, Chaedar & Senny. 2007. Pokoknya Menulis. Bandung : Kiblat Arikunto, Suharsimi. 2010. Prosedur Penelitian. Jakarta : Rineka Cipta

Aslinda, dan Leni Syafyahya. 2010. Pengantar Sosiolinguistik. Bandung : Refika Aditama.

Bagyono. 2008. Housekeeping Hotel (Problem Solving & Terminologi). Bandung: Alfabeta

Chaer, Abdul & Leonie Agustina. 2010. Sosiolinguistik Perkenalan Awal. Jakarta: Rineka Cipta.

Danadibrata, R.A. 2006. Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama

Fishman, Joshua. 1972. Advences of Sociology of language. USA: Newbury House Publisher.

Kridalaksana, Harimurti. 2001. Kamus Linguistik. Jakarta: PT. Gramedia Keraf, Samapradina. 2005. Kadhipta. Jakarta: Balai Pustaka

LBSS. 1985. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Tarate.

Lisnawati. 2010. Ragam Basa Sunda Panganteur Pangajaran di SD Negeri Padasuka II

Désa Sukamulya Kac. Kutawaringin Kab. Bandung (skripsi). Bandung: UPI Bandung

Moeliono, Anton M. 1998. Santun Bahasa. Jakarta: PT Gramedia Pustaka Utama.

Nengsih, Eulis. 2007. Ragam Basa nu Digunakeun dina Prosés diajar Ngajar Basa Sunda

di SMP Negeri52 Bandung Taun Pelajaran 2006-2007(skripsi). Bandung: UPI

Bandung

Pateda, Mansoer. 1987. Sosiolinguistik. Bandung: Angkasa.

Pride, J.B & Holmes, Janet. 1972. Sociolinguistics. England: Penguin Education, Penguin Book Ltd.

Prawirasumantri, Abud spk. 2007. Kamekaran, Adegan, jeung Kandaga Kecap Basa

(30)

76

Januar Prayitno, 2014

Ragam Basa Lisan Jeung Tulisan Siswa Kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor Taun Pelajaran 2013-2014

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Ratna, Nyoman Kuth. 2003. Teori, Metode dan Teknik Penelitian Sastra. Yogyakarta: UGM Press

Satjadibrata, R.2005. Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat.

Soekanto, Soerjono. 2004. Metode Penelitian Sosial. Bandung: PT Remaja Rosdakarya Sudaryat, Yayat. 2003. Ulikan Semantik Sunda. Bandung : CV Geger Sunten.

Sudaryat, Yayat. 2004. Élmuning Basa. Bandung : CV Walatra

Sudaryat, Yayat. 2005. Kamus Istilah Élmuning Basa Sunda. Bandung: CV Karya IPTEK. Sudaryat, Yayat spk. 2007. Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya.

Suwito. 1983. Sosiolinguistik : Teori dan Problema. Surakarta: Henary Offset Solo.

Suyatna, Amir. 2002. Pengantar Metodologi Penelitian Pendidikan dan Pengajaran Basa. Tamsyah, Budi Rahayu. 2003. Kamus Lengkap Sunda-Indonesia, Indonesia-Sunda,

Sunda-Sunda. Bandung: CV Pustaka Setia.

(1)

71

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Dumasar kana masalah jeung analisis hasil panalungtikan anu geus dipedar dina bab saméméhna, aya sababaraha kacindekan anu bisa dirumuskeun . dihandap ieu baris ditulis sababaraha kacindekan.

Ragam basa lisan siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor hasil tina analisis transliterasi biantara siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor anu jumlahna 33 siswa nya éta 355 kalimah. Kalimah baku nu di gunakeun dina biantara nyaéta 116 kalimah (32,68%). Kalimah nu teu baku nyaéta 239 kalimah (67,32%).

Ragam basa tulisan siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor tina hasil analisis karangan pangalaman siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor anu jumlahna 33 siswa nya éta 367 kalimah. Kalimah baku dina karangan pangalaman nya éta 58 kalimah (15,80%). Kalimah nu teu baku dina karangan pangalaman nya éta 309 kalimah (84,19%).

Latar makéna basa siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotélan miboga kasang tukang anu béda-béda anu asalna ti luar daérah Jawa Barat. Hal ieu miboga pangaruh kana hasil pembelajaran basa jeung sastra Sunda kusabab kurang bisana ngagunakeun basa Sunda dina wangun lisan jeung tulisan. Salian ti éta kurangna perhatian kolot siswa anu ti daérah (Jawa Barat) pikeun ngajarkeun basa Sunda. Lolobana siswa kurang mampu boh

(2)

Januar Prayitno, 2014

Ragam Basa Lisan Jeung Tulisan Siswa Kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor Taun Pelajaran 2013-2014

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

wangun tulisan boh dina wangun lisan, sabab basa sapopoéna ngagunakeun basa Indonesia atawa malayu.

Jejer dina transliterasi biantara siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor anu jumlahna 33 siswa nya éta ngeunaan kabersihan 1 siswa (30,30%), sakola adywiyata 4 siswa (12,12%), pentingna hirup séhat 4 siswa (12,12%), pajuang 3 siswa (9,09%), kamerdékaan 3 siswa (9,09%), budaya 2 siswa (6,06%), sedengkeun jejer anu pangsaeutikna nya éta paturay tineung, caah, saum, gawé bareng, diajar, senioritas di sakola, ulin nya éta 3,03%.

Wangun jejer siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor dina karangan pangalaman jejer panglobanna nya éta ngeunaan Perhotelan anu jumlahna 20 siswa (60,61%). Jejer lainna nya eta Jejer ngeunaan ngawanohkeun diri nya éta 4 siswa (12,12%). Jejer ngeunaan Jurusan sakola nya éta 3 siswa (9,09%). Jejer anu pangsaeutikna nya éta jejer ngeunaan pariwisata 1 siswa (3,03%), jejer ngeunaan Multimedia 1 siswa (3,03%), jejer ngeunaan Peunteun UN 1 siswa (3,03%).

Pasosokna ragam basa lisan dina biantara nya éta, ayana pasosokna ragam basa Batawi anu jumlahna 10 kalimah (2,82%) tina 355 kalimah, pasosokna ragam basa Indonesia nya éta 137 kalimah (38,59%) tina 355 kecap, pasosokna ragam basa Inggris nya éta 17 kalimah (4,79%) tina 355 kalimah, sedengkeun pasosokna ragam basa arab nya éta 69 kalimah (19,44%) tina 355 kalimah.

Pasosokna ragam basa tulisan wangun karangan pangalaman siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor, meunangkeun data yén ayana ragam basa liana kana basa Sunda. pasosok ragam basa Indonesia anu jumlahna 257 kalimah

(3)

(70,02%) tina 367 kalimah. pasosok ragam basa Inggris anu jumlahna 80 kalimah (21,79%) tina 367 kalimah. pasosok ragam basa Malayu (Batawi) anu jumlahna 37 kalimah (10,08%) tina 365 kalimah. pasosok ragam basa Arab nya éta 21 kalimah (5,72%) tina 365 kalimah.

Data anu kapaluruh nya éta ciri basa Perhotelan ti mimiti élmu ngeunaan hotel, bagian-bagian di hotel, téhnik pikeun pagawéan di hotel jeung pagawé hotél. Kahiji ciri basa Perhotelan nya éta dina élmu ngeunaan hotel, diantarana Inper, SHKK.

Kadua ciri basa Perhotelan nya éta tina bagian-bagian hotel, diantarana Food and Beverage, Front Office, Garde manger nya éta, House Keeping, Laundry, Reservation. Katilu ciri basa Perhotelan nya éta tina téhnik pikeun pagawéan di hotel. Diantarana Brushing, Drying Hiji, Glass cleaning, Grooming, Making bed, Mooping.

Kaopat, ciri basa Perhotelan nya éta istilah pagawé nu aya di hotel. Bellboy, Bellman, Butcher, Chasier, Doorboy, General manager, Public Relation, Receptionist, jeung Room Attendant.

Saran

Dumasar kana hasil panalungtikan, analisis, jeung kacindekan anu geus ditulis di luhur, aya sababaraha hal anu perlu dilakukeun pikeun ngaronjatkeun kamampuh jeung kaparigelan dina nyarita (biantara) jeung nulis (karangan pangalaman) pikeun siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor.

(4)

Januar Prayitno, 2014

Ragam Basa Lisan Jeung Tulisan Siswa Kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor Taun Pelajaran 2013-2014

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

a) Pikeun guru, anu sacara langsung ancrub dina prosés ngajar di Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor. Hasil panalungtikan jeung analisis, bisa nambahan bahan ajar jeung métode bahan ajar dina pangajaran basa Sunda ku ayana ragam basa. b) Pikeun siswa, hasil panalungtikan jeung analisis ieu panalungtikan. Bisa méré

sumanget jeung kadeudeuh ka siswa hususna siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor, sangkan leuwih resep jeung teu éra pikeun ngagunakeun basa Sunda.

c) Mugia tina ieu panalungtikan jadi bahan ngeuyeuban panalungtikan liana ngeunaan ragam basa hususna ragam basa Sunda jeung basa Malayu (Batawi).

(5)

DAPTAR PUSTAKA

Alwasilah, Chaedar & Senny. 2007. Pokoknya Menulis. Bandung : Kiblat Arikunto, Suharsimi. 2010. Prosedur Penelitian. Jakarta : Rineka Cipta

Aslinda, dan Leni Syafyahya. 2010. Pengantar Sosiolinguistik. Bandung : Refika Aditama.

Bagyono. 2008. Housekeeping Hotel (Problem Solving & Terminologi). Bandung: Alfabeta

Chaer, Abdul & Leonie Agustina. 2010. Sosiolinguistik Perkenalan Awal. Jakarta: Rineka Cipta.

Danadibrata, R.A. 2006. Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama

Fishman, Joshua. 1972. Advences of Sociology of language. USA: Newbury House Publisher.

Kridalaksana, Harimurti. 2001. Kamus Linguistik. Jakarta: PT. Gramedia Keraf, Samapradina. 2005. Kadhipta. Jakarta: Balai Pustaka

LBSS. 1985. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Tarate.

Lisnawati. 2010. Ragam Basa Sunda Panganteur Pangajaran di SD Negeri Padasuka II Désa Sukamulya Kac. Kutawaringin Kab. Bandung (skripsi). Bandung: UPI Bandung Moeliono, Anton M. 1998. Santun Bahasa. Jakarta: PT Gramedia Pustaka Utama.

Nengsih, Eulis. 2007. Ragam Basa nu Digunakeun dina Prosés diajar Ngajar Basa Sunda di SMP Negeri52 Bandung Taun Pelajaran 2006-2007(skripsi). Bandung: UPI Bandung

Pateda, Mansoer. 1987. Sosiolinguistik. Bandung: Angkasa.

Pride, J.B & Holmes, Janet. 1972. Sociolinguistics. England: Penguin Education, Penguin Book Ltd.

Prawirasumantri, Abud spk. 2007. Kamekaran, Adegan, jeung Kandaga Kecap Basa Sunda. Bandung : Geger Sunten.