Data jeung Sumber Data Panalungtikan Métode panalungtikan

27 Januar Prayitno, 2014 Ragam Basa Lisan Jeung Tulisan Siswa Kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor Taun Pelajaran 2013-2014 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1. Data jeung Sumber Data Panalungtikan

Data ieu panalungtikan nyaéta ragam basa lisan jeung tulisan tina karangan carita pangalaman jeung biantara siswa Kelas X jurusan akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor. Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta karangan carita pangalaman jeung video rékaman nyarita wangun biantara siswa kelas X jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor taun ajar 2013-2014. 3.2.Desain Panalungtikan Desain panalungtikan atawa bagbagan prosés panalungtikan nu digunakeun dina ieu panalungtikan ngawengku studi pustaka, ngumpulkeun data, idéntifikasi data, ngolah data, jeung satuluyna hasil data dilaporkeun dina eusi panalungtikan. Desain ieu panalungtikan bisa katitén dina gambar di handap. Tabél 3.1 Desain panalungtikan Ragam basa Siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotélan Ngumpulkeun Data: Téhnik Studi Pustaka Ngolah Data: Téhnik Analisis Unsur Langsung Déskripsi Data Nafsirkeun Kacindekan Instrumén: Kartu Data Januar Prayitno, 2014 Ragam Basa Lisan Jeung Tulisan Siswa Kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor Taun Pelajaran 2013-2014 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.3 Métode panalungtikan

Métode mangrupa hiji stratégi atawa tarékah atawa cara nu sipatna sistematis pikeun nyangkem réalitas nu kapanggih dina panalungtikan Ratna, 2003. kaca.34. Tujuan métode panalungtikan nya éta, pikeun méré gambaran ngeunaan prak-prakan panalungtikan nu bakal dilaksanakeun Soekanto, 2004. kaca.14. Hartina, métode mangrupa hiji cara pikeun maham objék nu jadi sasaran dina panalungtikan jeung pikeun meunangkeun fakta tina panalungtikan nu keur digarap. Sacara umum, ieu panalungtikan mangrupa panalungtikan basa anu ngagunakeun pamarekan kualitatif. Métode anu digunakeun nyaéta métode déskriptif. Métode dekriptif mangrupa métode pikeun ngadéskripsikeun atawa ngagambarkeun rupa-rupa fenomena ragam basa dina biantara jeung ragam basa lisan dina carita pangalaman boh sipatna alamiah boh sipatna jijieunan atawa rékayasa, kalawan musatkeun ulikanana kana wangun, kagiatan, karakteristik, parobahan, patalina, sasaruanana, sarta bédana jeung fénoména liana. Tujuan utama métode déskriptif, nya éta pikeun mere gambaran ngeunaan ragam basa lisan jeung tulisan dina karangan pangalaman jeung biantara siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor.

3.4 Wangenan Operasional