Rumusan Masalah Sistematika Tulisan

Januar Prayitno, 2014 Ragam Basa Lisan Jeung Tulisan Siswa Kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor Taun Pelajaran 2013-2014 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu béda-béda kasang tukang basana masih perlu ditalungtik. Ku kituna, ieu panalungtikan nu dijudulan “Ragam Basa Lisan jeung Tulisan Siswa Kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor Taun Pelajaran 2013-2014 perlu dilaksanakeun.

1.2 Watesan Masalah jeung Rumusan Masalah

1.2.1 Watesan Masalah

Sudaryat, Spk 2007, kaca. 3 nétélakeun yén ari ragam basa téh bisa disawang tina rupa-rupa jihat, 1 nu makéna nu nyoko kana wewengkon, 2 tahap atikan, jeung 3 sikep panyaturna. Basa tina jihat makéna anu nyoko kana jejer omongan, sarana, jeung sipat pasosokna. Sarana makéna éta ragam basa aya anu disebut ragam basa lisan jeung tulisan. Tina kasang tukang di luhur, masalah anu ditalungtik diwatesanan sangkan leuwih museur dumasar kana jihat nu makéna nya éta sarana komunikasi. Ku sabab kitu, hal anu baris ditalungtik nyoko kana Ragam Basa Lisan jeung Tulisan Siswa Kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor Taun Pelajaran 2013-2014. Ragam basa lisan dina ieu panalungtikan diwatesanan kana ragam basa baku jeung teu baku lisan dina biantara jeung ragam basa tulis dina karangan pangalaman siswa.

1.3 Rumusan Masalah

Patali jeung ieu panalungtikan aya sababaraha masalah anu perlu dirumuskeun. Éta rumusan masalah téh bisa ditepikeun dina wangun kalimah pananya ieu di handap. a. Kumaha ragam basa lisan dina biantara siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor? b. Kumaha ragam tulisan dina karangan pangalaman siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor? Januar Prayitno, 2014 Ragam Basa Lisan Jeung Tulisan Siswa Kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor Taun Pelajaran 2013-2014 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu c. Kumaha ragam basa siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan di SMK Negeri 3 Bogor tina latar makéna basa? d. Kumaha ciri has ragam basa siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor tina jejer omongan, pasosokna, jeung ciri has basa Perhotelan?

1.4 Tujuan Jeung Mangpaat Panalungtikan.

1.4.1 Tujuan Umum

Sacara umum tujuan ieu panalungtikan pikeun mikanyaho jeung ngadeskripsikeun ragam basa lisan jeung tulisan siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor Taun Pelajaran 2013-2014.

1.4.2 Tujuan Khusus

Anapon tujuan husus dina ieu panalungtikan nya èta pikeun ngadéskripsikeun. a. Ragam basa lisan dina biantara siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor; b. Ragam tulisan dina karangan siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor; c. Ragam basa lisan siswa kelas X di SMK Negeri 3 Bogor tina jihat latar makéna basa; jeung d. Ragam basa siswa kelas X di SMK Negeri 3 Bogor tina jejer omongan, pasosokna, jeung ciri has basa Perhotelan. Januar Prayitno, 2014 Ragam Basa Lisan Jeung Tulisan Siswa Kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor Taun Pelajaran 2013-2014 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1.5 Mangpaat Panalungtikan

1.5.1 Mangpaat Teoritis

Sacara téoritis, ieu panalungtikan aya mangpaatna pikeun ngajembaran élmu sosiolinguistik hususna ngeunaan basa di lingkungan sakola jurusan perhotélan. Ieu sababna eusina medar perkara ragam basa lisan jeung tulisan katut.

1.5.2 Mangpaat Praktis

Ieu panalungtikan dipiharep aya mangpaatna, sacara praktis pikeun panalungtik, masarakat, guru, siswa jeung masarakat. a. Pikeun panalungtik, hasil panalungtik bisa méré ambahan élmu ngeunaan ragam basa jeung leuwih ngariksa basa Sunda salaku kabeungharan daérah Jawa Barat. b. Pikeun guru, hasil panalungtikan bahan ajar jeung métode bahan ajar anu raket patalina jeung métode pangajaran basa Sunda jeung hasil di meunangkeun tina aspék ayana ragam basa. c. Pikeun siswa, hasil panalungtikan bisa méré kadeudeuh ka siswa sangkan leuwih wanoh kana basa Sunda anu aya di sakuriling lingkungan sosialna.

1.6 Sistematika Tulisan

Ieu hasil panalungtikan dipidangkeun dina lima bab. Bab I nya éta bagian bubuka, eusina ngasongkeun wangenan ragam basa. Anu miboga watesan masalah ngeunaan panalungtikanna dina widang wangun tulisan jeung lisan. Kasang tukang rumusan masalah nya éta, 1 Kumaha ragam basa lisan naon waé dina biantara Januar Prayitno, 2014 Ragam Basa Lisan Jeung Tulisan Siswa Kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor Taun Pelajaran 2013-2014 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor, 2 Kumaha ragam tulisan dina karangan pangalaman siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor, 3 Kumaha babandingan ragam basa lisan jeung tulisan siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan di SMK Negeri 3 Bogor, 4 Kumaha patalina ragam basa Sunda kana ayana Campur kode di siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor. Dina bab II dipedar ngeunaan ulikan tiori ragam basa nya éta harti tina ragam basa anu ngawengku wangenan ragam basa, wanda ragam basa anu ngawengku ragam basa dumasar sawangan panyatur, ragam basa dumasar kana tatakrama basa sunda, ragam basa dumasar warna makéna, ragam basa dumasar medium atawa sarana. Hal lain anu dipedar nya éta ngeunaan. Bab III dipedar ngeunaan métodologi panalungtikan diantarana nya éta, métode panalungtikan, téknik panalungtikan, pamarekan panalungtikan, téknik nngolah data, jeung instrumén panalungtikan. Bab IV dipedar ngeunaan analisis ragam basa nu ngawengku ragam basa tulis dina widang pangajaran basa Sunda hususna kompetensi dasar carita pangalaman jeung ragam basa lisan dina widang pangajaran basa Sunda hususna kompetensi dasar biantara anu lumangsung di kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor. Salian ti éta ditalungtik aya henteuna variasi basa dina ragam basa wangun tulisan jeung ragam basa wangun lisan. Ari dina baba V dipedar kacindekan jeung saran tina hasil panalungtikan ragam basa lisan jeung tulisan anu lumangsung di kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor. 27 Januar Prayitno, 2014 Ragam Basa Lisan Jeung Tulisan Siswa Kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor Taun Pelajaran 2013-2014 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1. Data jeung Sumber Data Panalungtikan

Data ieu panalungtikan nyaéta ragam basa lisan jeung tulisan tina karangan carita pangalaman jeung biantara siswa Kelas X jurusan akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor. Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta karangan carita pangalaman jeung video rékaman nyarita wangun biantara siswa kelas X jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor taun ajar 2013-2014. 3.2.Desain Panalungtikan Desain panalungtikan atawa bagbagan prosés panalungtikan nu digunakeun dina ieu panalungtikan ngawengku studi pustaka, ngumpulkeun data, idéntifikasi data, ngolah data, jeung satuluyna hasil data dilaporkeun dina eusi panalungtikan. Desain ieu panalungtikan bisa katitén dina gambar di handap. Tabél 3.1 Desain panalungtikan Ragam basa Siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotélan Ngumpulkeun Data: Téhnik Studi Pustaka Ngolah Data: Téhnik Analisis Unsur Langsung Déskripsi Data Nafsirkeun Kacindekan Instrumén: Kartu Data