Téknik Ngumpulkeun Data Téknik jeung Prosedur Ngolah Data

Aditya Ruganda, 2013 Modél CIRC Cooperative Integrated Reading And Composition Dina Pangajaran Nulis Éséy Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XII IPA 1 SMAN 6 Bandung Taun Ajaran 20122013 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu 2 peunteun 21-40 = kurang, 3 peunteun 41-60 = sedeng; 4 peunteun 62-80 = alus; jeung 5 peunteun 81-100 = alus pisan Riduwan Sunarto, 2009:23. Sangkan leuwih jéntré, peunteun siswa bisa ditabulasikeun saperti ieu di handap. Tabél 3.2 Peunteun Pratés atawa Postés No. Aspék anu dipeunteun Ʃ P K AT TM ÉT KL D Katerangan: AT = Aktualisasi Topik TM = Téknik Mekarkeun Tulisan ÉT = Éjahan jeung Tanda baca KL = Kasalahan Léksikal D = Diksi Ʃ = Total Skor P = Peunteun Skor Ahir K = Kategori

3.5 Téknik Ngumpulkeun Data

Téknik anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya éta téknik tés tulis. Tés tulis dipilih alatan dianggap mampuh maluruh kamampuh siswa dina nulis éséy, hususna dina kasalahan léksikal. Léngkah- léngkah pikeun ngumpulkeun data nya éta ngaliwatan pretest jeung posttest. Ieu léngkah diperlukeun pikeun ngumpulkeun data sacara gembleng nu mangrupa Aditya Ruganda, 2013 Modél CIRC Cooperative Integrated Reading And Composition Dina Pangajaran Nulis Éséy Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XII IPA 1 SMAN 6 Bandung Taun Ajaran 20122013 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu tulisan eséy siswa. Léngkah saterusna nya éta ngumpulkeun atawa nyieun daptar kasalahan léksikal tina tulisan éséy siwa ngagunakeun kartu data sumber KDS.

3.6 Téknik jeung Prosedur Ngolah Data

Téknik anu digunakeun pikeun ngolah data dina ieu panalungtikan nya éta téknik Analisis Kesalahan Berbahasa Indonesia AKBI nu ditepikeun ku Tarigan Tarigan 2011: 178. Najan kitu, éta téknik téh teu dilarapkeun sagemblengna, tapi diropéa ku panalungtik dumasar kana kabutuhan ieu panalungtikan. Jadi, téknik anu digunakeun téh ngaliwatan prosedur atawa léngkah-léngkah saperti ieu di handap: 1 nganomeran unggal tulisan kalawan format: a A1, A2, A3, jst., pikeun sumber data pretest b B1, B2, B3, jst., pikeun sumber data posttest; 2 maca tulisan siswa kalawan gemet; 3 nandaan unggal kasalahan jeung ngasupkeun kana kartu data; 4 nyieun klasifikasi kasalahan léksikal dina gejala hiperkorék jeung gejala pléonasme boh dina pretest boh dina posttest; jeung 5 ngabandingkeun kasalahan léksikal nu karandapan ku siswa saméméh treatment pretest jeung sabada treatment posttest. Téknik di luhur digunakeun pikeun maluruh kasalahan léksikal tulisan éséy siswa, demi pikeun nangtukeun aya atawa henteuna pangaruh treatment kana kamampuh nulis siswa, diperlukeun peunteun pikeun tiap tulisan ngagunakeun instrumén penilaian sakumaha nu dipedar di luhur. Sabada éta prosedur, peunteun pratés jeung postés diasupkeun kana tabél saperti ieu di handap. Tabél 3.3 Daptar Peunteun Pratés jeung Postés No. Ngaran Siswa Pratés Postés Éta tabél di luhur diperlukeun pikeun mikaweruh signifikasi hasil ékspérimén nu dianalisis ngagunakeun rumus: Aditya Ruganda, 2013 Modél CIRC Cooperative Integrated Reading And Composition Dina Pangajaran Nulis Éséy Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XII IPA 1 SMAN 6 Bandung Taun Ajaran 20122013 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu √ Ʃ kalawan katerangan: t = tés signifikasi; Md = mean tina béda pratés jeung postés postés-pratés; Xd = déviasi masing-masing subjék d-Md; Ʃx 2 d = jumlah kuadrat déviasi; N = subjék dina sampel; jeung d.b. = ditangtukeun ku N-1 Arikunto, 2010: 349-350. Éta rumus tés signifikasi di luhur téh digunakeun pikeun nangtukeun ditarima-henteuna hipotésis kalawan katangtuan: a lamun t itung t tabél , hipotésis ditarima, hartina modél pangajaran CIRC téh éféktif pikeun digunakeun dina pangajaran nulis éséy siswa; jeung lamun t itung t tabél , hipotésis ditolak, hartina modél pangajaran CIRC téh henteu éféktif pikeun digunakeun dina pangajaran nulis éséy siswa. Aditya Ruganda, 2013 Modél CIRC Cooperative Integrated Reading And Composition Dina Pangajaran Nulis Éséy Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XII IPA 1 SMAN 6 Bandung Taun Ajaran 20122013 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

BAB IV DÉSKRIPSI JEUNG HASIL ANALISIS PANALUNGTIKAN

4.1 Léngkah-léngkah Modél CIRC dina Pangajaran Nulis Éséy

Léngkah-léngkah modél CIRC dina pangajaran nulis éséy dipedar saperti ieu di handap. 1 Tahap Ngararancang Ilaharna tahap ngararancang pikeun tiap kagiatan ngajar-diajar tangtuna nyusun Rencana Pelaksanaan Pengajaran atawa RPP. RPP lir ibarat kompas nu nangtukeun rék dibawa kamana prosés kagiatan ngajar-diajar nu bakal dilaksanakeun. RPP medar prosedur pangajaran ti awal pangajaran nepi ka ahir kaasup udagan naon waé nu hayang dihontal tina éta kagiatan. Najan kitu, guru miboga hak pikeun ngarobah téknis lumangsungna diajar gumantung kana kaayaan nu keur lumangsung. Sacara gembleng, RPP pikeun kagiatan nu bakal dilaksanakeun aya dina lampiran. 2 Tahap Prosés Tahap prosés minangka tahap inti dina kagiatan diajar-ngajar nu nyoko kana RPP nu geus disusun dina tahap saméméhna. Ieu tahap bisa diwincik jadi sababaraha kagiatan saperti ieu di handap. a Kagiatan Awal Dina kagiatan awal pangajaran, ilaharna guru ngamimitian atawa muka pangajaran ku ngucapkeun salam jeung mariksa kahadiran siswa. Sabada guru bisa mastikeun yén siswa geus bisa museurkeun paniténna, guru neruskeun kana nepikeun udagan jeung program kagiatan nu bakal dilaksanakeun. Éta pedaran ngeunaan udagan jeung program kagiatan téh dideudeul ku apersepsi ngeunaan pangajaran dina éta program. Ieu kagiatan awal tuluy dipungkas ku ngondisikeun siswa pikeun diskusi nya éta ngabagi siswa kana sababaraha kelompok nu geus ditangtukeun saméméhna.