MODÉL CIRC (COOPERATIVE INTEGRATED READING AND COMPOSITION) DINA PANGAJARAN NULIS ÉSÉY.

(1)

No. 634/0251/FPBS/2013

MODÉL CIRC (COOPERATIVE INTEGRATED READING AND COMPOSITION) DINA PANGAJARAN NULIS ÉSÉY

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XII IPA 1 SMAN 6 Bandung Taun Ajaran 2012/2013)

SKRIPSI

Diajukeun pikeun Nyumponan Salasahiji Sarat Ngahontal Gelar Sarjana Pendidikan

ku

Aditya Ruganda NIM 0908949

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA BANDUNG


(2)

No. 634/0251/FPBS/2013

Modél CIRC (Cooperative Integrated

Reading and Composition) dina

Pangajaran Nulis Éséy

Oleh

Aditya Ruganda

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Aditya Ruganda 2013 Universitas Pendidikan Indonesia

September 2013

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian, dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.


(3)

No. 634/0251/FPBS/2013

ADITYA RUGANDA

MODÉL CIRC (COOPERATIVE INTEGRATED READING AND COMPOSITION) DINA PANGAJARAN NULIS ÉSÉY

Disaluyuan jeung disahkeun ku Pangaping I,

Prof. Dr. H. Rahman, M. Pd. NIP 195704011984121001

Pangaping II,

Dr. H. Yayat Sudaryat, M. Hum. NIP 196302101987031001

Kauninga ku

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia

Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd NIP 196408221989031001


(4)

MODÉL CIRC (COOPERATIVE INTEGRATED READING AND COMPOSITION) DINA PANGAJARAN NULIS ÉSÉY 1)

ADITYA RUGANDA 2) ABSTRAK

Skripsi ini berjudul “Modél CIRC (Cooperative Integrated Reading and Composition) dina Pangajaran Nulis Éséy”. Tujuan penelitiannya adalah mendeskripsikan langkah-langkah modél pembelajaran CIRC dalam pengajaran menulis esai, kesalahan leksikal yang dialami siswa dalam menulis esai sebelum dan sesudah menggunakan model pembelajaran CIRC, serta efektivitas model pembelajaran CIRC dalam pembelajaran menulis esai. Metodologi yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode kuasi ekperimen dengan pretes and

posttest group design dan teknik yang digunakan adalah teknik tes. Penelitian ini

dilaksanakan di SMAN 6 Bandung kelas XII IPA 1 yang berjumlah 43 orang sebagai sampel, sedangkan populasi dalam penelitian ini sendiri adalah seluruh siswa kelas XII SMAN 6 Bandung Tahun Ajaran 2012/2013 yang berjumlah 328 orang. Hasilnya yaitu model pembelajaran CIRC bisa diterapkan dalam pembelajaran menulis esai, jumlah kesalahan leksikal yang dialami siswa dalam menulis esai berubah dari 25 kali melakukan kesalahan menjadi 4 (empat) kali saja dan kemampuan menulis esai secara keseluruhan pun meningkat setelah menggunakan modél CIRC dalam pembelajarannya. Adapun menurut hasil penghitungan uji t, terbukti bahwa titung > ttabel, yaitu 6,83 > 3,17. Artinya, hipotesis

diterima pada taraf signifikasi 99,5%. Dengan demikian, penelitian ini membuktikan bahwa model pembelajaran CIRC efektif untuk digunakan dalam pembelajaran menulis esai siswa kelas XII IPA 1 SMAN 6 Bandung Tahun Ajaran 2012/2013.

Kata kunci: Modél CIRC, kasalahan léksikal, dan éséy.

1) Skripsi ini dibimbing oleh Dosen Pembimbing I : Prof. Dr. H. Rahman, M.Pd., dan Dosen

Pembimbing II: Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum..

2)

Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, Fakultas Penddidikan Bahasa dan Seni, Universitas Pendidikan Indonesia, Angkatan 2009.


(5)

CIRC (COOPERATIVE INTEGRATED READING AND COMPOSITION) MODEL IN TEACHING WRITING ESSAY 1)

ADITYA RUGANDA 2) AN ABSTRACT

The paper entitled “CIRC (Cooperative Integrated Reading and Composition)

Model in Teaching Writing Essay”. The aim of the research is to describe the

procedures of CIRC model in teaching writing essay, the students’ lexical errors

in writing essay before and after treatment, and the effectiveness of CIRC model in teaching writing essay. The researcher employed quasi experimental method with pretest and posttest group design and used test technique. He conducted the research at SMAN 6 Bandung. He involved XII IPA 1 class which has 43 students as the sample, and the whole 2012/2013 academic year twelfth grade students of SMAN 6 Bandung which has 328 students as the population of the research. The results of the research indicated that CIRC model can be applied in teaching

writing essay, the total number of students’ lexical errors in writing essay

decreased from 25 times to 4 times, and the students’ capability of writing essay have improved after CIRC model was applied in the learning process. By using

t-test calculation, the result indicated that tcritical=6,83 > ttable=3,17from the level of

significance in 99,5%. It means that the hypothesis of the research has been accepted. Therefore, the researcher concluded that CIRC model is an effective model that can applied in teaching writing essay in XII IPA 1; 2012/2013 academic year students of SMAN 6 Bandung.

Key Word: CIRC Model, lexical error, and essay.

3) The research supervised by the First Supervisor: Prof. Dr. H. Rahman, M. Pd., and the Second

Supervisor: Dr. H. Yayat Sudaryat, M. Hum..

4)

The student of Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, Language and Art Education Faculty, Indonesia University of Education, Academic Year of 2009.


(6)

DAPTAR EUSI

PERNYATAAN ...i

ABSTRAK ... ii

PANGJAJAP ... iii

TAWIS NUHUN ...iv

DAPTAR EUSI ...vi

DAPTAR TABÉL ... viii

DAPTAR LAMPIRAN ...ix

BAB I BUBUKA ... 1

1.1 Kasang Tukang Masalah ... 3

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah ... 3

1.2.1 Idéntifikasi Masalah ... 3

1.2.2 Rumusan Masalah ... 3

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 3

1.3.1 Tujuan Umum ... 3

1.3.2 Tujuan Husus ... 4

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 4

1.4.1 Mangpaat Téoritis ... 4

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 4

1.5 Raraga Tulisan ... 5

BAB II ULIKAN TÉORI, RARAGA MIKIR, JEUNG HIPOTÉSIS ... 6

2.1 Ulikan Téori ... 6

2.1.1 Wangenan Modél Pangajaran ... 6

2.1.2 Komponén Modél Pangajaran Cooperative Integrated Reading and Composition (CIRC) ... 7

2.1.2.1 Oriéntasi ... 7

2.1.2.2 Léngkah Kagiatan Pangajaran (Syntax) ... 9

2.1.2.3 Sistem Sosial Kelas ... 11

2.1.2.4 Prinsip Réaksi ... 12

2.1.2.5 Pangaruh Pangajaran (Instructional Effect) ... 12

2.1.3 Nulis ... 12

2.1.3.1 Wangenan Nulis ... 12

2.1.3.2 Fungsi jeung Tujuan Nulis ... 13

2.1.3.3 Wangun Tulisan ... 14

2.1.4 Tulisan Éséy ... 14

2.1.4.1 Wangenan jeung Ciri-ciri Éséy ... 14

2.1.4.2 Wangun jeung Léngkah-léngkah Nulis Éséy ... 15

2.1.5 Analisis Kasalahan Basa ... 16

2.1.5.1 Wangenan jeung Watesan Analisis Kasalahan ... 16

2.1.5.2 Wanda Kasalahan Basa ... 17

2.1.5.3 Gejala Hiperkorék ... 17


(7)

2.2 Raraga Mikir ... 21

2.3 Hipotésis ... 21

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN ... 22

3.1 Lokasi jeung Jejer Panalungtikan ... 22

3.2 Métode jeung Désain Panalungtikan... 22

3.3 Wangenan Operasional ... 23

3.4 Instrumén Panalungtikan ... 23

3.4.1 Lembar Tés ... 23

3.4.2 Kartu Data Sumber ... 24

3.4.3 Instrumén Penilaian ... 24

3.5 Téknik Ngumpulkeun Data ... 28

3.6 Téknik jeung Prosedur Ngolah Data ... 29

BAB IV DÉSKRIPSI JEUNG HASIL ANALISIS PANALUNGTIKAN ... 30

4.1 Léngkah-léngkah Modél CIRC dina Pangajaran Nulis Éséy ... 30

4.2 Kasalahan Léksikal dina Tulisan Éséy Siswa ... 33

4.2.1 Kasalahan Léksikal dina Tulisan Éséy Siswa Saméméh Ngagunakeun CIRC (Pratés) ... 33

4.2.2 Kasalahan Léksikal dina Tulisan Éséy Siswa Sabada Ngagunakeun CIRC (Postés) ... 36

4.3 Kamampuh Siswa dina Nulis Éséy ... 38

4.3.1 Kamampuh Awal Siswa dina Nulis Éséy ... 38

4.3.2 Kamampuh Ahir Siswa dina Nulis Éséy ... 41

4.4 Tingkat Kamampuh Siswa dina Nulis Éséy ... 45

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN ... 49

5.1 Kacindekan ... 49

5.2 Saran ... 50


(8)

DAPTAR TABÉL

Tabél 3.1 Pedoman Meunteun Éséy Pratés atawa Postés…………..…… 25

Tabél 3.2 Peunteun Pratés atawa Postés……… 27

Tabél 3.3 Daptar Peunteun Pratés jeung Postés………. 27

Tabél 4.1 Data Kasalahan Léksikal Pratés Siswa……….. 33

Tabél 4.2 Data Kasalahan Léksikal Postés Siswa………...……….. 37

Tabél 4.3 Kamampuh Awal Siswa dina Nulis Éséy (Pratés)………. 41

Tabél 4.4 Kamampuh Ahir Siswa dina Nulis Éséy (Postés).………...…. 45

Tabél 4.5 Uji Gain (d)……… 46


(9)

DAPTAR LAMPIRAN

Kaca

Lampiran 1 Surat Kaputusan Pengesahan Judul Skripsi dan Penunjukan

Dosen Pembimbing I dan II…... 54

Lampiran 2 Silabus…………..………... 56

Lampiran 3 RPP……….. 57

Lampiran 4 Daftar Hadir Siswa...……… 63

Lampiran 5 Hasil Tulisan Siswa………….……… 64

Lampiran 6 Tabél t……….. 104


(10)

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang

Manusa mikabutuh basa salaku pakakas komunikasi sapopoé, boh éta basa lisan boh basa tinulis, pikeun ngébréhkeun naon nu aya dina pipikiranana jeung nu jadi kahayangna. Dina éta prosés nepikeun kahayang, tangtuna mikabutuh pangaweruh basa nu bisa ngawakilan kedaling rasana lantaran basa miboga sifat anu sistematis jeung sistemis. Sacara sistematis basa téh miboga aturan nu tangtu jeung sacara sistemis basa téh mibanda sababaraha subsistem kayaning subsistem fonologis, subsistem gramatikal jeung subsistem léksikal. Éta sakabéh subsistem diperlukeun dina ngawangun basa, utamana léksikal.

Subsistém léksikal (léksikologi) minangka subsistem nu ngulik kandaga kecap (léksikon) (Sudaryat, 2004:19). Léksikon saéstuna jadi dadasar pikeun ngawangun basa nu luyu, merenah jeung nu utamana éféktif, hususna pikeun basa tulis najan sipatna sekundér. Léksikon diperlukeun pikeun ngeusian fungsi dina gramatikal basa. Hartina, pamaké basa moal bisa ngagunakeun hiji basa kalawan luyu, merenah tur éféktif upama teu ngawasa léksikonna, najan mikawewuh gramatikalna. Tapi, dina prosés pangajaran basa di lapangan, pamakéan léksikon nu luyu, merenah jeung éféktif téh mindeng teu kapaliré lantaran guru leuwih museurkeun paniténna kana pangajaran gramatikal basa. Antukna, siswa bisa nyusun kalimah sacara gramatikal tapi kaéféktifan kalimahna masih jauh tina anu sakuduna.

Masalah kaéféktifan dina nulis saéstuna karandapan ku sakumna siswa nu diajar basa, kaasup nu karandapan ku siswa Kelas XII SMAN 6 Bandung. Dina sababaraha kali tés nu wangunna tulisan, katitén yén pangaweruh léksikon siswa téh kurang pisan. Ieu kahéngkér téh kabuktian nalika siswa ngarésénsi drama jeung ulangan ngeunaan kalimah langsung jeung teu langsung dina wangun éséy. Loba siswa nu ngagunakeun kekecapan Sunda nu langsung ditarjamahkeun tina basa Indonésia. Antukna, kaéféktifan tulisan siswa jauh tina sakuduna najan éta tulisan bisa dipipaham jeung teu méngpar tina gramatikal Sunda.


(11)

Kahéngkér siswa siga di luhur, tangtuna teu bisa disapirakeun lantaran bakal méré pangaruh nu teu hadé pikeun pelajaran séjénna. Ku kituna, dina pangajaran nulis satuluyna, nya éta nulis éséy, panyusun ngalarapkeun modél pangajaran CIRC (Cooperative Integrated Reading and Composition) salaku salasahiji cara pikeun ngungkulan masalah kaéféktifan kalimah.

Modél CIRC jadi pilihan panyusun lantaran kaéfektifan ieu modél geus kabuktian dina sababaraha prosés pangajaran. Ieu modél téh dipiharep bisa ngungkulan masalah di luhur lantaran sipat tina ieu modél téh gawé bareng nu ngabalukarkeun kamampuh mikir kritis siswa ngaronjat. Ku cara kitu, dipiharep siswa bisa silih béjaan jeung silih mariksa kana kasalahan léksikal.

Nepi ka kiwari, geus pohara panalungtikan ngeunaan modél pangajaran CIRC dina pangajaran, salasahijina nya éta “Modél Pangajaran Cooperative Integrated Reading and Composition (CIRC) dina Pangajaran Nulis Surat Pribadi

(Risal Hengnurwida SH)”, najan kitu ieu modél téh can loba digunakeun dina panalungtikan kasalahan léksikal –malah nu nalungtik pangajaran kasalahan léksikal dina tulisan éséy mah can aya. Kakara aya hiji panalungtikan dina éta widang, najan teu ngagunakeun modél CIRC, nya éta “Analisis Kasalahan Léksikal dina Tulisan Déskripsi Siswa Kelas VII SMP Negeri 1 Lémbang Kabupatén Bandung Barat Taun Ajaran 2007/2008 (Yuyun Yunengsih)”. Padahal saéstuna, kasalahan léksikal téh minangka kasalahan dasar nu geus sakuduna disingkahan dina nulis. Tapi, kanyataan di lapangan masih kurang nu maliré kana ieu kasalahan.

Ku kituna, panalungtikan nu baris dipilampah téh, nya éta “Modél CIRC

(Cooperative Integrated Reading and Composition) dina Pangajaran Nulis Éséy”. Ieu panalungtikan dilaksanakeun pikeun maluruh kasalahan léksikal nu masih jeung mindeng karandapan ku siswa dina nulis éséy, lian ti kitu ieu panalungtikan téh dipiharep bisa jadi eunteung dina waktu ngajar nulis sacara umum.


(12)

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Idéntifikasi Masalah

Kasalahan léksikal ngawengku kasalahan pilihan kecap (diksi), ambiguitas, hiperkorék jeung pléonasme. Tapi, sakumaha nu geus dijéntrékeun dina kasang tukang di luhur, ieu panalungtikan téh baris nalungtik perkara kasalahan léksikal dina wanda gejala hiperkorék jeung gejala pléonasme nu aya dina tulisan éséy siswa kelas XII SMA Negeri 6 Bandung.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana kasang tukang jeung idéntifikasi masalah di luhur, bisa dirumuskeun masalahna dina wangun pananya saperti ieu di handap.

1) Kumaha léngkah-léngkah modél CIRC dina pangajaran nulis éséy?

2) Kasalahan léksikal gejala hiperkorék jeung gejala pléonasme naon waé nu kapanggih dina tulisan éséy siswa?

(a) Kumaha kasalahan léksikal siswa dina gejala hiperkorék jeung gejala pléonasme anu aya dina tulisan éséy saméméh ngagunakeun CIRC? (b) Kumaha kasalahan léksikal siswa dina gejala hiperkorék jeung gejala

pléonasme anu aya dina tulisan éséy sabada ngagunakeun CIRC? 3) Naha éféktif modél CIRC pikeun digunakeun dina pangajaran nulis éséy?

1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

Tujuan umum tina diayakeunana ieu panalungtikan nya éta pikeun maluruh naon nu jadi kasalahan léksikal dina tulisan éséy siswa dina raraga ngaronjatkeun kamampuh nulis nu éféktif ngaliwatan pangajaran nu ngagunakeun modél pangajaran CIRC.

1.3.2 Tujuan Husus

Tujuan husus tina ieu panalungtikan nya éta maluruh jeung ngadadarkeun: 1) léngkah-léngkah modél CIRC dina pangajaran nulis éséy;


(13)

2) Kasalahan léksikal gejala hiperkorék jeung gejala pléonasme nu kapanggih dina tulisan éséy siswa;

(a) kasalahan léksikal siswa dina gejala hiperkorék jeung gejala pléonasme anu aya dina tulisan éséy saméméh ngagunakeun CIRC; (b) kasalahan léksikal siswa dina gejala hiperkorék jeung gejala

pléonasme anu aya dina tulisan éséy sabada ngagunakeun CIRC; jeung 3) kaéféktifan modél CIRC dina pangajaran nulis éséy.

1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Téoritis

Mangpaat téoritis nu bisa dicangking tina ieu panalungtikan nya éta pikeun mikaweruh kasalahan léksikal naon waé nu biasa karandapan ku siswa dina nulis éséy. Lian ti kitu, ieu panalungtikan téh bisa dimangpaatkeun pikeun pangajaran séjénna, hususna pangajaran basa sangkan siswa bisa nulis sacara leuwih éféktif.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Mangpaat praktis tina ieu panalungtikan, nya éta:

1) pikeun guru, bisa jadi réferénsi dina ngungkulan kahéngkér siswa dina kasalahan léksikal nu aya dina tulisan éséy;

2) pikeun siswa, ieu panalungtikan bisa jadi salasahiji cara pikeun ngungkulan kahéngkér nulis anu teu éféktif; jeung

3) pikeun sakola, ieu panalungtikan bisa dimangpaatkeun pikeun ngungkulan kahéngkér nulis siswa nu teu éféktif dina pangajaran séjénna.

1.5 Raraga Tulisan

Ieu skripsi téh kabagi jadi lima bab. Bab I minangka bubuka nu ngawengku (1) kasang tukang panalungtikan, (2) rumusan masalah, (3) tujuan panalungtikan, (4) mangpaat/signifikasi panalungtikan, jeung (5) sistematika skripsi. Bab II medar ngeunaan tatapakan téori nu eusina (1) watesan, fungsi, tujuan, jeung wangun nulis, (2) tulisan éséy, jeung (3) kasalahan basa. Bab III medar ngeunaan métode panalungtikan nu ngawengku (1) lokasi jeung subjék


(14)

panalungtikan, (2) wangenan operasional, (3) instrumen panalungtikan, (4) téknik ngumpulkeun data, jeung (5) téknik ngolah data. Bab IV minangka puseur skripsi nu eusina (1) data kasalahan léksikal, (2) wanda kasalahan léksikal, jeung (3) pola kasalahan léksikal. Demi Bab V minangka panutup anu eusina (1) kacindekan jeung (2) saran.


(15)

BAB II

ULIKAN TÉORI, RARAGA MIKIR, JEUNG HIPOTÉSIS

2.1 Ulikan Téori

2.1.1 Wangenan Modél Pangajaran

Nurutkeun Joyce&Weil (1980) dina Rahman (2006: 4) modél pangajaran (model of teaching) nya éta hiji rarancang anu digunakeun dina nyusun kurikulum, ngatur matéri pangajaran, jeung méré pituduh pikeun pangajar di kelas dina setting pangajaran atawa setting séjénna. Demi nurutkeun Kemp (1977) modél pangajaran téh nya éta hiji rarancang pangajaran (design instructional) nu digunakeun dina nangtukeun maksud jeung tujuan unggal topik pedaran (goals

topic, and purposes), ngaanalisis karakteristik warga diajar (leraner characteristic), nyusun tujuan instruksional husus (learning objectives), milih eusi

pangajaran (subject content), milampah pratés (pre assessment), milampah kagiatan ngajar-diajar/sumber pangajaran (teaching learning activities/resources), ngarojong (support services), évaluasi (evaluation), jeung nyieun révisi (revise) (Rahman, 2007: 4).

Sudaryat & Rahman (2009: 5) nétélakeun yén modél pangajaran minangka pola atawa rarancang pangajaran nu nganteurkeun jeung ngarojong siswa pikeun nyangking informasi, kaparigelan, nilai-nilai, jeung cara mikir. Modél pangajaran sorangan diwangun dumasar kana tilu hal poko, nya éta bahan, struktur, jeung fungsina.

Dumasar kana sababaraha pamadegan di luhur, bisa dicindekkeun yén modél pangajaran téh nya éta rarancang pangajaran nu ngatur jeung nangtukeun prosés ngajar-diajar ti mimiti nataharkeun nepi ka ngaévaluasi hasil diajar. Modél pangajaran anu digunakeun tangtuna disaluyukeun jeung kabutuhan pangajaran. Upama dina pangajaran basa, modél pangajaran tangtuna disaluyukeun jeung kaparigelan basa nu baris diajarkeun. Dina kaparigelan nulis, modél CIRC (Cooperative Integrated Reading and Composition) bisa digunakeun.


(16)

2.1.2 Komponén Modél Pangajaran Cooperative Integrated Reading and Composition (CIRC)

2.1.2.1 Oriéntasi

Salasahiji udagan pangajaran basa Sunda nya éta siswa paham kana

wangun, ma‟na, jeung fungsi, katut parigel dina ngagunakeunana saluyu jeung

kontéks (udagan, kaperluan, jeung kaayaan). Dumasar kana Standar Kompetensi

dan Kompetesi Dasar (SKKD), udagan pangajaran nulis pikeun SMA nya éta

siswa mampuh ngébréhkeun pikiran, rasa, jeung kahayang dina rupaning karangan prosa (surat, biografi, warta, pedaran, éséy, résénsi buku, carita pondok, laporan, puisi -sajak, guguritan, sisindiran) jeung téks drama jeung mampuh nulis tarjamahan kana basa Sunda, jeung ngagunakeun aksara Sunda.

Udagan nulis di SMA nu sakitu poharana saéstusna pagedrug jeung héséna diajar jeung ngajarkeun nulis éta sorangan. Sakumaha nu ditétélakeun ku Heaton

dina Rahman (2006:2), „The writing skills are complex and sometimes difficult to teach, requiring mastery not only of grammatical and rhetorical devices but also of conceptual and judgemental elements‟.

Naon nu ditepikeun ku Heaton di luhur mémang saluyu jeung hierarki kaparigelan basa, nya éta ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis. Dumasar kana éta opat kaparigelen basa, nulis téh minangka kaparigelan pangahirna atawa pangluhurna. Sabab, saméméh siswa bisa ngawasa kaparigelan atawa kamampuh nulis, siswa kudu ngawasa kaparigelan-kaparigelan séjénna leuwih ti heula. Ku kituna, siswa nu mampuh nulis biasana miboga kamampuh nyarita nu hadé lantaran geus bisa nepikeun naon nu aya dina pipikiranana. Ieu hal tangtu bakal ngarojong kana prosés diajar siswa dina mata pelajaran séjénna lantaran nulis téh lir ibarat nyangcang sato sangkan teu kabur. Hartina, élmu nu dicangking moal

„kabur‟ upama dituliskeun.

Dina perkara kaparigelan nulis, sajaba ti masalah héséna diajar ogé aya dina masalah modél ngajarna. Saéstuna geus kudu jadi hiji hal nu pasti upama modél ngajar jeung diajar nulis téh dumasar kana hasil panalungtikan. Tapi, kanyataan di lapangan masih saeutik guru nu ngagunakeun modél diajar nulis nu dumasar kana hasil panalungtikan. Saéstuna pohara modél pangajaran nu bisa


(17)

dilarapkeun dina pangajaran nulis, salasahijina nya éta Cooperative Integrated

Reading and Composition (CIRC).

Nurutkeun Joyce & Weil (1972) (Sudaryat & Rahman, Ed., 2009: 5), modél pangajaran bisa digolongkeun kana opat wanda, nya éta (1) Model

Pemrosesan Informasi (The information processing family), (2) Model Personal (The personal family), (3) Model Sosial (The social family), jeung (4) Model Behavioral (The behavioral family). Modél pangajaran CIRC sorangan bisa

kagolong kana wanda modél sosial alatan ieu pangajaran museur kana mekarkeun kamampuh siswa sangkan aktif dina gawé bareng jeung prosés démokrasi tur produktif dina kahirupan masarakat ngaliwatan aspék kahirupan sosial.

Nurutkeun Slavin (Hengnurwida, 2011: 26), ieu modél téh miboga 7 (tujuh) komponén saperti ieu di handap.

1) Teams, nya éta ngawangun kelompok sacara hétérogén anu diwangun ku 4

(opat) atawa 5 (lima) siswa.

2) Placement test, pangwangunan kelompok bisa dumasar kana peunteun

ulangan harian saméméhna atawa dumasar kana peunteun rapot sangkan guru mikaweruh kaonjoyan jeung kahéngkéran siswa dina widang nu tangtu.

3) Student creative, ngalaksanakeun pancén dina hiji kelompok kalawan

nyiptakeun situasi nu ngarojong kana kasuksésan kelompokna.

4) Team study, nya éta tahapan diajar nu dilaksanakeun ku kelompok demi

guru nungtun ka kelompok anu kurang berhasil dina ngaréngsékeun pancén.

5) Teaching group, nya éta méré matéri sacara singget ti guru saméméh

ngabagi pancén kelompok.

6) Facts test, ngayakeun tés dumasar kana fakta anu aya.

7) Whole-class units, nya éta prosés ngarangkum matéri ku guru di ahir

pangajaran kalawan strategi problem solving.

Nurutkeun Hengnurwida (2011: 27), ieu modél miboga kaonjoyan, di antarana:


(18)

2) kagiatan nu dipilih saluyu jeung kahayang jeung kabutuh siswa;

3) dina prosés pangajaran, siswa diperedih sangkan bisa gawé bareng, silih rojong, silih ajénan, jeung miboga sikep tanggung jawab;

4) dina pangalaman jeung kagiatan diajar siswa salawasna bakal saluyu jeung tingkat kamampuhna;

5) pangajaran nu mibanda sipat terpadu bisa numuwuhkeun kaparigelan mikir kritis siswa;

6) kagiatan diajar dina kelompok leuwih miboga ma‟na pikeun siswa nu bisa ngaronjatkeun hasil diajarna; jeung

7) ngalatih siswa sangkan leuwih aktif jeung parigel.

2.1.2.2 Léngkah Kagiatan Pangajaran (Syntax)

Prosedur pangajaran nyoko kana runtuyan léngkah kagiatan pangajaran (sintaks) atawa léngkah-léngkah pangajaran. Prosedur pangajaran CIRC mibanda tahap-tahap jeung léngkah-léngkah saperti ieu di handap.

Tahap I Oriéntasi Modél 1) Muka pangajaran

2) Nepikeun udagan jeung program kagiatan 3) Apersépsi

4) Nataharkeun siswa pikeun diskusi kelompok 5) Medar conto téks éséy

Tahap II Éksplorasi Modél

1) Maca téks babarengan dina kelompok

2) Ngadiskusikeun eusi, ciri, jeung struktur éséy 3) Nepikeun hasil diskusi tiap kelompok

Tahap III Aplikasi Modél 1) Tahap Pranulis: a) Nangtukeun téma


(19)

b) Nangtukeun poko-poko éséy kana rangka karangan 2) Tahap Nulis

a) Mekarkeun rangka karangan jadi paragraf b) Nulis draf awal éséy (minimal 3 paragraf) 3) Tahap Pascanulis

a) Mariksa jeung ngaropéa éséy sorangan b) Nulis draf ahir wacana éséy

Tahap IV Konsékuénsi Modél 1) Tahap Kolaboratif

Mariksa éséy hasil babaturan sakelompok 2) Tahap Tulis-ulang

a) Ngarévisi éséy dumasar kana hasil mariksa babaturan b) Nulis ulang éséy

3) Tahap Réfléksi

a) Sikep siswa kana prosés diajar b) Mariksa kamampuh ahir siswa

Sacara gurat badag, aya 6 (genep) léngkah dina modél pangajaran CIRC, nya éta:

1) guru nangtukeun kelompok nu diwangun ku opat urang siswa sacara

heterogen;

2) guru méré wacana/téks saluyu jeung bahan pangajaran;

3) siswa silih macakeun jeung nangtukeun ide poko tuluy méré pamadegan kana éta wacana/téks nu ditulis dina lembar jawaban;

4) siswa macakeun hasil gawé kelompok;

5) babarengan siswa jeung guru nangtukeun kacindekan; jeung 6) guru macakeun kacindekan (Rahman, 2007: 11).


(20)

2.1.2.3 Sistem Sosial Kelas

Sistem sosial kelas dina modél CIRC bisa mibanda 6 (genep) ciri, nya éta (a) kolaborasi, (b) udagan/tujuan, (c) minat/kahayang siswa, (d) pangalaman siswa, (e) holisme, jeung (f) pangrojong.

Kahiji, kelas nulis kalawan ciri kolaborasi ditandaan ku ayana kagiatan nu

optimal, boh siswa-siswa boh siswa-guru, dina lumangsungna prosés ngajar-diajar. Salila ieu prosés, guru mibanda peran salaku organisator, fasilitator, jeung mediator nu nyiptakeun kaayaan komunikasi ngaliwatan prosés kolaborasi

Kadua, ciri udagan/tujuan nyoko kana siswa nu aktif dina kagiatan nulis.

Guru kudu miboga udagan husus dina ahir pangajaran. Naon nu jadi udagan jeung harepan tina ieu ahir unit jadi dadasar pikeun nangtukeun suksés-henteuna prosés ngajar-diajar.

Katilu, ciri kahayang/minat nyoko kana topik atawa téma nu matak ngirut

siswa. Dina milih bahan, kahayang siswa kudu jadi bahan tinimbagan nu utama. Antusiasme jeung rasa senang bisa jadi konci nu utama pikeun kasuksésan prosés ngajar-diajar.

Kaopat, ciri pangalaman nyoko kana pangalaman siswa nu bakal méré

dorongan nu tangtu dina nulis. Pangalaman siswa nu patali jeung topik/téma bakal mangaruhan kana prosés ngajar-diajar lantaran bisa jadi modal jeung kahayang/minat.

Kalima, ciri holisme nyoko kana kagiatan nulis salaku hiji beungkeutan.

Nulis minangka rinéka kaparigelan ngeunaan aturan kosakecap, éjahan, tata kalimah, jeung paragaraf. Pangajaran nulis nu dipisah-pisah henteu ngabalukarkeun siswa bisa nulis kalawan gancang, tapi ukur apal ngeunaan nulis sacara teu lengkep jeung teu fungsional.

Kagenep, pangrojong bakal ngarojong kana kelas nulis nu hadé jeung

komunikatif. Guru kudu ngarojong (méré support) siswa sangkan wani ngébréhkeun pamadeganana nu saluyu jeung téma/topik tulisan sangkan komunikasi dina nulis di kelas lumangsung kalawan hadé, lancar, alamiah (natural) sakumaha komunikasi nu lumangsung di masarakat (Nurjanah dina Sudaryat & Rahman, Ed., 2009: 157-158).


(21)

2.1.2.4 Prinsip Réaksi

Pangajaran nulis bisa dilaksanakeun kalawan éféktif upama diatur kalawan profésional dumasar kana udagan nu geus ditangtukeun jeung siswa bisa aktif salila éta prosés pangajaran. Rinéka modél nu dilarapkeun dina pangajaran bisa ngajauhkeun siswa tina rasa bosen. Sajaba ti ngalarapkeun rupa-rupa modél, ngarojong siswa sangkan aktif ngébréhkeun jeung mekarkeun pamadeganana bisa nimbulkeun sumanget diajar lantaran siswa teu asa dikurung jeung bébas nuliskeun nu jadi pamadeganana. Antukna, pangajaran nulis bisa éféktif.

Salila lumangsungna prosés ngajar-diajar, siswa gawé bareng jeung babaturanana pikeun ngungkulan masalah sacara kooperatif jeung kolaboratif. Ieu hal ngabalukarkeun siswa miboga kasempetan pikeun méré jeung narima dina hiji prosés nu tepung gelang pikeun kasaimbangan jeung ngawangun skemata (struktur kognitif) (Nurjanah dina Sudaryat & Rahman, Ed., 2009: 157-158). Ieu hal mibanda prinsip yén ngaliwatan pamarekan basa nu gembleng, siswa dipiharep bisa diajar maca jeung nulis sakumaha diajar nyarita waktu budak, nya éta diajar kalawan tahapan nu tangtu. Ku kituna, diperlukeun lingkungan diajar nu komunikatif jeung kolaboratif.

2.1.2.5 Pangaruh Pangajaran (Instructional Effect)

Kaparigelan siswa nu bisa dimekarkeun ngaliwatan ieu pangajaran ngawengku (a) ngébréhkeun pamadegan, (b) nyusun pamadegan kana rangka karangan, (c) diskusi, (d) analisis masalah, (e) komunikasi, jeung (f) nyindekkeun.

2.1.3 Nulis

2.1.3.1 Wangenan Nulis

Nulis minangka salasahiji kaparigelan basa nu mibanda sipat produktif lantaran hasil ahir tina nulis téh mangrupa karya tulis atawa tulisan. Tulisan kawangun ku wangun jeung eusi. Wangunna mangrupa pedaran, runtuyan, nepikeun pipikiran ngaliwatan runtuyan kecap jeung kalimah. Demi eusina nya éta pamadegan, pipikiran, kahayang nu ditepikeun ngaliwatan tulisan tadi


(22)

(Kuncoro, 2009:25). Ku kituna, harti paling dasar tina nulis téh nya éta nepikeun pamadegan (Charlie, 2006: 64).

Demi nurutkeun Emilia (2010:13) nulis téh patali jeung manggihan pamadegan atawa pipikiran, ngaruntuykeun éta pamadegan atawa pipikiran, jeung nuliskeun ngaliwatan kekecapan anu merenah pikeun ngébréhkeun éta pamadegan. Nurjanah (2008:7) nétélakeun yén nulis téh nurunkeun lambang-lambang grafik anu ngagambarkeun gemblengan basa hiji jalma. Saluyu jeung Charlie (2006:101) nu nyebutkeun yén tulisan téh pipikiran anu ditepikeun ngaliwatan lambang-lambang. Ku kituna, bisa dicindekkeun yén nulis téh minangka jalan pikeun ngébréhkeun pamadegan atawa pipikiran jalma anu diturunkeun dina wangun lambang-lambang nepi ka gembleng basa hiji jalma.

Dumasar kana pedaran di luhur, bisa disebutkeun hasil nulis téh mangrupa tulisan. Ieu istilah baris digunakeun pikeun pedaran saterusna.

2.1.3.2 Fungsi jeung Tujuan Nulis

Fungsi utama nulis dumasar kana wangenan nu geus ditétélakeun di luhur taya lian nya éta pikeun komunikasi. Ngaliwatan nulis, nu nulis bisa nepikeun naon nu aya dina pipikiranana najan sacara teu langsung. Nulis ogé bisa mantuan kana tumuwuhna prosés mikir nu kritis. Prosés mikir nu kritis tangtu diperlukeun dina dunya atikan, hususna ku siswa, lantaran kamampuh mikir sacara kritis bakal mekarkeun daya persépsi jeung dibutuhkeun pikeun ngungkulan masalah-masalah nu disasnghareupan. Dina enas-enasna, diajar nulis téh sarua jeung diajar mikir ku cara nu tangtu (Tarigan, 2008: 22).

Tujuan nulis sorangan bisa diwincik jadi sababaraha rupa, di antarana: (1) tujuan migawé pancén nya éta nulis nu udaganana pikeun ngaréngsékeun pancén; (2) tujuan alturistik nya éta tulisan anu tujuanana pikeun ngahibur nu maca nu disebut ogé wacana kasusastraan; (3) tujuan persuasif nya éta tulisan pikeun ngayakinkeun kanu maca ngeunaan pamadegan nu diébréhkeun; (4) tujuan informasional nya éta tulisan anu tujuanana pikeun mere informasi/wawaran; (5) tujuan ngawanohkeun diri nya éta tulisan anu tujuanana pikeun ngawanohkeun diri nu nulis disebut ogé wacana éksprési; (6) tujuan kréatif aya patalina jeung


(23)

tujuan ngawanohkeun diri tapi dideudeul ku ajén-inajén artistik; jeung (7) tujuan ngungkulan masalah nya éta tulisan anu tujuanana pikeun ngungkulan masalah anu disanghareupan. (Hartig dina Tarigan, 2008: 25-26)

2.1.3.3 Wangun Tulisan

Dumasar kana wangun jeung eusina, tulisan kabagi jadi dua rupa, nya éta tulisan fiksi jeung nonfiksi (Romli dina Kuncoro, 2009:25). Fiksi nya éta tulisan nu dumasar kana imajinasi, lamunan, tapi dumasar kana pipikiran nyata. Ieu tulisan ditepikeun kalawan ngagunakeun basa anu euyeub ku gaya basa atawa basa sastra. Anu kaasup kana ieu tulisan kayaning carita pondok, novel, sajak, jeung sajabana.

Tulisan nonfiksi nya éta tulisan nu dumasar kana data jeung fakta. Eusina ditepikeun ngagunakeun basa nu écés jéntré tina harti teu ngagunakeun basa sastra najan aya sababaraha nu némbongkeun „rasa‟ sastra, hususna dina tulisan éséy. Nu kaasup kana ieu tulisan nya éta reportase, éséy, artikel opini, jeung kolom.

Saéstuna sakabéh tulisan anu aya dina kalawarta, koran, atawa media séjénna nu teu mangrupa warta bisa disebut artikel. Artikel sorangan mibanda harti karangan nu aya dina kalawarta, koran, jeung sajabana. Demi nu ngabédakeunana salasahijina nya éta tempat ditulisna. Sakumaha anu ditétélakeun ku Komara jeung Subarkan (Kuncoro, 2009: 26):

Jika artikel itu dimuat pada halaman opini, disebut ”artikel opini”. Bila diletakkan di halaman seni, hiburan, atau di majalah, diebut “esai”. Bila diuat

di kolom khusus redaksi, diberi nama “tajuk rencana”, dan jika dimuat sebagai kolom analisis di halaman pertama surat kabar atau kolom pakar di majalah, disebut “kolom”.

Demi nu disebut warta atawa reportase mah nya éta laporan lengkep atawa interpretative nu mangrupa pemberitaan penyelidikan (investigative

reporting) salaku hasil tina pedaran fakta-fakta (Taufik dina Kuncoro, 2009: 26).

Reportase mibanda tilu tahap, nya éta reportase dasar nu ngahasilkeun berita


(24)

feature), jeung reportase lanjutan ngahasilkeun berita analisis (news analysis)

(Denjaka dina Kuncoro, 2009: 26).

2.1.4 Tulisan Éséy

2.1.4.1 Wangenan jeung Ciri-ciri Éséy

Éséy nya éta tulisan singget nu ngébréhkeun pamadegan panulis ngeunaan jejer nu tangtu (Kuncoro, 2009:29). Demi nurutkeun Charlie (2006:13) éséy téh nya éta sebutan pikeun tulisan anu témana aya patalina jeung kasusastraan atawa budaya jeung miboga ajén luhur (utamana dina jerona nyukcruk téma jeung kaéndahan basana).

Éséy bisa diwincik jadi 3 (tilu) wincikan, nya éta (1) bubuka anu eusina kasang tukang informasi nu nétélakeun jejer pedaran jeung panganteur ngeunaan jejer, (2) body éséy nu medar jejer kalawan gembleng, jeung (3) konklusi anu medar kacindekan ku cara ngaringkes body éséy atawa nambahan sababaraha observasi ngeunaan jejer. Demi ngeunaan ukuran éséy, aya nu nyebutkeun bébas,

sedeng, jeung bisa dibaca „sekali duduk‟. Malah nurutkeun Sudaryat & Nurhayati (2006: 56) mah éséy téh sarua jeung paragraf nu medar ngeunaan hiji perkara. Demi eusi éséy bisa mangrupa analisis atawa pedaran.

2.1.4.2 Wangun jeung Léngkah-léngkah Nulis Éséy

Nurutkeun Duniaesai (Kuncoro, 2009:30), éséy bisa dibédakeun jadi saperti ieu di handap.

1) Éséy déskriptif nya éta éséy anu tujuanana nyiptakeun gambaran ngeunaan tempat, manusa atawa barang. Wangun ieu éséy ngawengku gambaran sacara jero dina runtuyan nu tangtu pikeun mawa pamaca kana visualisasi jejer.

2) Éséy ékspositori nya éta éséy anu medar jejer. Biasana dideudeul ku pedaran ngeunaan prosés, ngabandingkeun, maluruh patalina sabab-akibat, medar ngagunakeun conto, ngabagi tur ngawincik.

3) Éséy naratif nya éta éséy anu ngagambarkeun pipikiran ku cara dicaritakeun. Kajadian anu dicaritakeun biasana dipedar dumasar kana runtuyan waktu kajadian.


(25)

4) Éséy persuasif nya éta éséy anu tujuanana ngarobah pamadegan atawa ngamotivasi pamaca sangkan ilubiung dina aksi. Ieu éséy biasana mibanda kesan émosional.

5) Éséy dokuméntatif nya éta éséy nu méré informasi dumasar kana panalungtikan dina hiji institusi atawa otoritas nu tangtu.

Demi nu jadi léngkah-léngkah dina nulis karangan éséy sakumaha nu ditétélakeun ku Haerudin (2011: 52), nya éta:

1) ngumpulkeun bahan ku cara maca rupa-rupa buku, koran, majalah, atawa mun perlu bisa ku wawancara atawa survey;

2) nangtukeun pijuduleun. Judul teu kudu panjang, pondok tapi ngagambarkeun pasualan anu dipedar;

3) nyusun rangkay karangan sangkan dina medarna mérélé jeung puguh heula pandeurina; jeung

4) mekarkeun éta rangkay karangan nepi ka jadi karangan anu gembleng.

2.1.5 Analisis Kasalahan Basa

2.1.5.1 Wangenan jeung Watesan Analisis Kasalahan

Analisis atawa analysis nya éta “study of something by examining its

parts” (Oxford, 2011:14). Hartina, analisis téh nya éta proses nalungtik hiji perkara dina wangun wincikanana/bubuk leutikna ku cara ngajén, maluruh atawa mariksa. Kasalahan nya éta sisi anu cacad tina omongan atawa tulisan. Demi anu

dimaksud kasalahan basa sorangan nya éta „bagian konversasi atawa komposisi nu

méngpar tina sababaraha aturan nu tangtu tina performansi basa nu sakuduna‟

(Dulay dina Tarigan & Tarigan, 2011:126).

Nurutkeun Tarigan & Tarigan (2011:63) dina prak-prakan nganalisis kasalahan basa téh miboga léngkah-léngkah siga ieu di handap:

1) ngumpulkeun data nu mangrupa kasalahan basa nu dipilampah ku siswa, bisa tina hasil ulangan, karangan, atawa paguneman,

2) ngaidéntifikasi jeung nglasifikasi kasalahan basa dumasar kana wangun kasalahanana, kayaning salah dina ucapan, ngawangun kecap, atawa nyusun kalimah,


(26)

3) ngaruntuykeun kasalahan dina tempatna, kasang tukang kasalahan, jeung méré conto nu bener,

4) ngajelaskeun kasalahan kayaning ngagambarkeun tempat kasalahan, kasang tukang kasalahan, jeung méré conto nu bener,

5) ngira-ngira atawa nyawang naon baé nu sakirana bakal ngadatangkeun kasalahan tina basa nu keur dijarkeun, jeung

6) ngalelempeng atawa ngabebener nepi ka ngaleungitkeun kasalahan ku cara nyusun bahan nu luyu, buku sumber nu hadé, jeung model pangajaran nu merenah.

Cindekna, analisis kasalahan basa téh nya éta prosés anu dipilampah pikeun maluruh perkara anu cacad atawa teu merenah dina pamakéan basa (kompetensi jeung performansi) ngaliwatan léngkah-léngkah nu tangtu. Anu dimaksud kasalahan basa di dieu nya éta kasalahan basa nu mibanda sipat sistematis, konsistén tur cacad.

Dina analisis kasalahan basa, geus sakuduna dipaluruh sacara gembleng tur nyoksrok jero kunaon alesanana éta kasalahan bisa kapilampah ku siswa; boh performansi (pamakéan) boh kompeténsi (pangaweruh) nepi ka bisa ngawincik kasalahan sangkan bisa ngarumuskeun piluangeunana. Tapi, dina ieu tulisan, panulis ukur maluruh kasalahan siswa dina kompeténsi basa, hususna basa tulis, nu kagambar dina karangan éséy.

2.1.5.2 Wanda Kasalahan Basa

Dina nganalisis kasalahan basa pikeun ieu panalungtikan, panalungtik

ngagunakeun model analisis nu dasarna tina “taksonomi kategori linguistik”

sakumaha nu dipedar ku Tarigan & Tarigan (2011:178). Unsur-unsur anu kaasup kana taksonomi kategori linguistik téh nya éta:

1) fonologi, anu ngawengku omongan pikeun basa lisan, jeung éjahan pikeun

basa tulis;

2) morfologi, anu ngawengku prefiks, infiks, sufiks, konfiks, simulfiks, jeung kecap rajékan;


(27)

4) léksikal atawa pilihan kecap.

Kasalahan léksikal nya éta kasalahan dina pamakéan kecap anu henteu atawa kurang merenah (Tarigan & Tarigan, 2011:185). Anu kaasup kana kasalahan léksikal sajaba ti pilihan kecap (diksi) téh nya éta gejala hiperkorék, gejala pléonasme, jeung ambiguitas. Pikeun kabutuhan ieu tulisan, ngan ukur gejala hiperkorék jeung gejala pléonasme nu baris dipedar.

2.1.5.3 Gejala Hiperkorék

Nurutkeun Pernis dina Yunengsih (2008: 14) gejala hiperkorék atawa over

elegant téh nya éta prosés ngawangun nu bener di satukangeun nu bener. Hartina,

kecap anu geus bener tuluy dibebener deui nu antukna jadi salah. Ieu gejala némbongkeun hal anu salah, boh dina ucapan boh dina éjahan.

Gejala hiperkorék bisa karandapan ku pamaké basa, kaasup pamaké basa Sunda. Ieu gejala téh utamana dibalukarkeun ku kurangna pangaweruh basa nu makéna. Dina basa Sunda sorangan mémang aya istilah varian bébas (alternan) nya éta variasi tina cara ngucapkeun sora basa ku sora basa séjénna dina distribusi kompleméntér (Sudaryat, 2010:80). Ieu variasi biasana ditangtukeun ku lingkungan artikulasi nu sarua, najan hartina mah teu robah jeung bisa dilarapkeun boh kana vokal (bagentén vokal) boh kana konsonan (bagentén konsonan).

Nurutkeun Sudaryat (2010:80-82), varian bébas (alternan) dina basa Sunda téh mibanda pola kayaning ieu di handap.

1) Varian Bébas atawa Bagentén Vokal

(a) Vokal /u/ baganti jeung vokal /o/, /e/, jeung /a/. Contona: /u/ - /o/ : /surung/  /sorong/

/u/ - /e/ : /pungkur/  /pengker/ /u/ - /a/ : /sebut/  /sebat/

(b) Vokal /a/ baganti jeung vokal /i/, /é/, jeung /u/. Contona: /a/ - /i/ : /utama/  /utami/

/a/ - /é/ : /begang/  /begéng/ /a/ - /u/ : /begang/  /begung/


(28)

(c) Vokal /i/ baganti jeung vokal /é/. Contona: /i/ - /é/ : /itung/  /étang/

(d) Vokal /eu/ baganti jeung vokal /e/ jeung /é/. Contona: /eu/ - /e/ : /heueuh/  /heeh/

/eu/ - /é/ : /ceuk/  /cék/

(e) Vokal /o/ baganti jeung vokal /é/. Contona: /o/ - /é/ : /nongtot/  /néngtét/

2) Varian Bébas atawa Bagentén Konsonan

(a) Konsonan /b/ baganti jeung konsonan /w/, /r/, jeung /h/. Contona: /b/ - /w/ : /belas/  /welas/

/b/ - /r/ : /babut/  /rabut/ /b/ - /h/ : /banjat/  /hanjat/

(b) Konsonan /p/ baganti jeung konsonan /k/. Contona: /p/ - /k/ : /pompa/  /kompa/

(c) Konsonan /c/ baganti jeung konsonan /j/ jeung /w/. Contona: /c/ - /j/ : /carang/  /jarang/

/c/ -/w/ : /caringin/  /waringin/

(d) Konsonan /k/ baganti jeung konsonan /g/ jeung /r/. Contona: /k/ - /g/ : /kumasép/  /gumasép/

/k/ - /r/ : /waka/  /wara/

(e) Konsonan /h/ baganti jeung konsonan /s/. Contona: /h/ - /s/ : /heug/  /seug/


(29)

(f) Konsonan /r/ baganti jeung konsonan /d/, /l/, /c/, jeung /b/. Contona: /r/ - /d/ : /iser/  /ised/

/r/ - /l/ : /raris/  /laris/ /r/ - /c/ : /ragap/  /cagap/ /r/ - /b/ : /ruhun/  /buhun/

Pola-pola variasi di luhur némbongkeun yén basa Sunda beunghar ku variasi jeung kandaga kecap. Tapi, teu salawasna variasi nu aya téh bener atawa kaasup kana hiperkorék Kayaning dina konsonan /s/ - /sy/ dina kecap /masarakat/

 /masyarakat/, /sarat/  /syarat/, jeung /surga/  /syurga/. Kitu ogé dina vokal /eu/ - /é/ dina kecap /nguseup/  /ngusép jeung /eu/ - /e/ dina kecap /taneuh/  /taneh/. Ku kituna, upama aya parobahan atawa variasi sora basa ku sora basa séjén nu teu luyu jeung pola nu geus aya jeung ngabalukarkeun harti anu béda atawa jadi teu mibanda harti, najan padeukeut artikulasina, bisa kaasup kana hiperkorék.

2.1.5.4 Gejala Pléonasme

Pleonasmus (basa Latin) atawa pléonasme mibanda harti kecap anu

kaleuwihan. Upama dina gaya basa, pléonasme disebut gaya basa kadalon. Gaya basa kadalon nya éta rakitan basa anu ngagunakeun kecap-kecap pikeun ngébréhkeun maksud atawa pikiran leuwih tina mistina. Anu geus diécéskeun diécéskeun deui (Sudaryat, 2010:130).

Upama disawang tina gaya basa, pléonasme teu jadi masalah lantaran geus jadi rakitan basa nu matok. Tapi, upama disawang tina perkara kaéféktifan basa, hususna pikeun siswa nu keur diajar basa, hadéna gejala pléonasme téh disingkahan. Lantaran teu sakabéh basa nu mibanda pléonasme bisa digolongkeun kana gaya basa, tapi kagolong kana klausa atawa kalimah anu teu éféktif. Nurutkeun Subaker dina Supeksa (2010) aya 3 (tilu) rupa anu kagolong kana pléonasme, nya éta:


(30)

- silih pateunggeul-teunggeul  silih teunggeul, pateunggeul-teunggeul - sangkan supaya lulus  sangkan lulus, supaya lulus

2) Pamakéan kecap kadua nu teu diperlukeun deui lantaran geus kawakilan ku kecap saméméhna. Contona:

- Manéhna tungkul ka handap, nempo kana indung sukuna. kuduna

- Manéhna nempo ka handap kana indung sukuna. atawa

- Manéhna tungkul nempo indung sukuna. 3) Kecap jamak anu dituliskeun dua kali. Contona:

- para bapa-bapa sareng ibu-ibu  para bapa sareng ibu, bapa-bapa sareng ibu-ibu

- sababaraha sumber-sumber sajarah  sababaraha sumber, sumber-sumber sajarah

2.2 Raraga Mikir

Dumasar kana ulikan téori di luhur, modél pangajaran CIRC téh luyu upama dilarapkeun dina pangajaran basa kaparigelan nulis. Nulis éséy minangka kaparigelan nu kudu diacangking ku siswa. Demi masalah anu disanghareupan ku siswa dina nulis éséy téh lain ukur perkara struktur tulisanana, tapi ogé dina perkara kaéféktifan kalimah, hususna dina wanda kasalahan léksikal; gejala hiperkorék jeung gejala pléonasme. Nepi ka ayeuna, can aya panalungtikan nu medar perkara kaéféktifan kalimah nu diungkulan ku modél pangajaran CIRC.

2.3 Hipotésis

1) Hipotésis Nol

H0; µ1 = µ2 hartina modél pangajaran CIRC téh henteu éféktif pikeun

digunakeun dina pangajaran nulis éséy siswa. 2) Hipotésis Alternatif

H1; µ1 ≠ µ2 hartina modél pangajaran CIRC téh éféktif pikeun


(31)

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Lokasi jeung Jejer Panalungtikan

Ieu panalungtikan lumangsung di SMAN 6 Bandung nu perenahna aya di jalan Pasir Kaliki nomer 56. Demi nu jadi subjék panalungtikanana nya éta siswa kelas XII nu jumlahna 328 urang. Tina éta populasi ditangtukeun sampel nu dipilih sacara acak kalawan jumlah 43 urang atawa sakelas. Ieu jumlah sampel dipilih kalawan tinimbangan dianggap cukup pikeun ngawakilan populasi jeung dina sakelas sangkan waktu panalungtikan leuwih éféktif.

3.2 Métode jeung Désain Panalungtikan

Nurutkeun Campbell & Stanley (Arikunto, 2010: 123), sacara gurat badag aya dua métode panalungtikan dumasar kana hadé goréngna ékspérimén atawa sampurna henteuna ékspérimén; (1) pre experimental design jeung (2) true

experimental design. Pre experimental design atawa ilahar disebut quasi experiment dianggap ékspérimén nu can nyumponan kana katangtuan ilmiah,

najan kitu ieu métodé téh masih bisa digunakeun.

Métode kuasi ékspérimén miboga 3 (tilu) rupa désain panalungtikan, nya éta (1) One shot case study, (2) Pre test and Post test, jeung (3) Static group

comparison (Arikunto, 2010: 123). Demi dina ieu panalungtikan digunakeun

désain pre test and post test kalawan pola panalungtikan:

01 X 02

Dumasar kana ieu désain, obsérvasi dilakukeun 2 (dua) kali, nya éta saméméh treatment/perlakuan nu disebut pretest/pratés, jeung obsérvasi nu dilakukeun sabada treatment/perlakuan nu disebut posttest/postés. Ieu désain dianggap luyu pikeun kapentingan dina ieu panalungtikan.


(32)

3.3 Wangenan Operasional

(1) Modél pangajaran Cooperative Integrated Reading and Composition (CIRC) nya éta salasahiji modél pangajaran nu luyu pikeun digunakeun dina prosés pangajaran basa kaparigelan nulis atawa maca.

(2) Kasalahan léksikal gejala hiperkorék nya éta kasalahan pamakéan kecap alatan kecap anu geus bener tuluy dibebener deui nu antukna jadi salah,

(3) Kasalahan léksikal gejala pléonasme nya éta kasalahan pamakéan kecap nu leuwih tina mistina, nu geus écés diécéskeun deui. Ieu kasalahan raket patalina jeung éfétivitas pamakéan basa.

(4) Éséy nya éta salasahiji wangun tulisan nonfiksi nu medar hiji perkara kalawan singget tur saulas. Masalah atawa jejer pedaran éséy gumantung kana kamahér atawa kasang tukang kaahlian nu nulisna.

3.4 Instrumén Panalungtikan 3.4.1 Lembar Tés

Instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta tés dina wangun lembar soal éséy/uraian. Ieu tés digunakeun pikeun mikaweruh kamampuh siswa dina nulis éséy waktu pretest jeung posttest. Waktu pretest ngagunakeun lembar soal saperti ieu di handap:

Jieun éséy kalawan téma kapahlawanan dina kertas nu geus disadiakeun! Gunakeun basa nu luyu tur merenah jeung struktur nulis éséy nu bener!

Demi pikeun posttest, digunakeun lembar soal:

1. Baca conto karangan éséy ieu di handap kalawan gemet!

2. Tuliskeun kekecapana anu teu merenah (pléonasme jeung hiperkorék) dina éta karangan!


(33)

3.4.2 Kartu Data Sumber (KDS)

Sajaba ti lembar tés di luhur, intrumén séjén anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta kartu data sumber (KDS). KDS digunakeun pikeun nyalin sakumna kasalahan léksikal nu aya dina sumber data, boh data pretest boh data

posttest, sangkan kasalahan léksikal tulisan éséy siswa saméméh jeung sabada

ngagunakeun modél pangajaran CIRC bisa dipaluruh. Ieu KDS téh ngawengku: (1) nomer sumber data; (2) nomer paragaraf; jeung (3) nomer kalimah nu mibanda kasalahan léksikal. Sangkan leuwih jéntré, conto kartu data kagambar siga ieu di handap.

Conto Kartu Data Sumber (KDS/A8/4/2)

Wangun nu salah : basa mangsa harita Kuduna : - basa harita

- mangsa harita

Demi léngkah-léngkah pamakéan éta KDS téh, nya éta: 1) nganomeran unggal tulisan kalawan format:

a) A1, A2, A3, jst. pikeun tulisan hasil tina pratés, jeung b) B1, B2, B3, jst. pikeun tulisan hasil tina postés; 2) maca tulisan siswa kalawan gemet; jeung

3) nandaan unggal kasalahan jeung ngasupkeun kana kartu data sakumaha format di luhur.

3.4.3 Instrumén Penilaian

Dua instrumén di luhur, digunakeun pikeun nalungtik kamampuh nulis éséy siswa jeung pikeun nalungtik kasalahan léksikal naon waé nu karandapanana, demi pikeun peunteun nu ngawengku aspék nulis éséy sacara gembleng dibutuhkeun instrumén panalungtikan séjén. Ku kituna, instrumén atawa pedoman meunteun/penilaian éséy bisa dipedar ngaliwatan tabél ieu di handap.


(34)

Tabél 3.1 Pedoman Meunteun Éséy Pratés atawa Postés No. Aspék anu dipeunteun Skala Peunteun Skor

3 2 1 0

1. Aktualisasi topik

2. Téknik mekarkeun tulisan 3. Éjahan jeung tanda baca 4. Kasalahan Léksikal 5. Diksi

Jumlah Skor Peunteun

Katerangan Pedoman Meunteun Éséy. 1) Aktualiasi topik

Skor 5 = Topik anu dipatalikeun aktual pisan Skor 4 = Topik anu dipatalikeun aktual Skor 3 = Topik anu dipatalikeun cukup aktual Skor 2 = Topik anu dipatalikeun kurang aktual Skor 1 = Topik anu dipatalikeun henteu aktual 2) Téknik mekarkeun tulisan

Skor 5 = Téknik muka éséy jeung kohérénsi antar paragrafna hadé pisan Skor 4 = Téknik muka éséy jeung kohérénsi antar paragrafna hadé Skor 3 = Téknik muka éséy jeung kohérénsi antar paragrafna cukup

hadé

Skor 2 = Téknik muka éséy jeung kohérénsi antar paragrafna kurang hadé

Skor 1 = Téknik muka éséy jeung kohérénsi antar paragrafna henteu hadé

3) Éjahan jeung tanda baca


(35)

Skor 4 = Aya 1-4 éjahan jeung/atawa tanda baca nu salah Skor 3 = Aya 5-8 éjahan jeung/atawa tanda baca nu salah Skor 2 = Aya 9-11 éjahan jeung/atawa tanda baca nu salah Skor 1 Leuwih ti 11 éjahan jeung/atawa tanda baca nu salah 4) Kasalahan léksikal (gejala hiperkorék jeung gejala pléonasme)

Skor 5 = Henteu aya kasalahan léksikal Skor 4 = Aya 1-4 kasalahan léksikal Skor 3 = Aya 5-8 kasalahan léksikal Skor 2 = Aya 9-11 kasalahan léksikal

Skor 1 Aya leuwih ti 11 kasalahan léksikal 5) Diksi

Skor 5 = Nyusun kalimahna kompléks tur merenah, pilihan kecap saluyu jeung eusi éséy

Skor 4 = Nyusun kalimahna basajan tur merenah, pilihan kecap saluyu jeung eusi éséy

Skor 3 = Nyusun kalimahna cukup merenah, pilihan kecap henteu saluyu jeung eusi éséy

Skor 2 = Nyusun kalimahna kurang merenah, pilihan kecap kurang saluyu jeung eusi éséy

Skor 1 = Nyusun kalimahna henteu merenah, pilihan kecap henteu saluyu jeung eusi éséy

Skor anu kahontal ku siswa dumasar kana pedoman di luhur, dirobah jadi skor ahir (peunteun) kalawan rumus:

Peunteun nu dicangking ku siswa digunakeun pikeun nangtukeun tingkat signifikasi jeung ngagolongkeun kamampuh siswa kalawan kategori:


(36)

2) peunteun 21-40 = kurang, 3) peunteun 41-60 = sedeng; 4) peunteun 62-80 = alus; jeung

5) peunteun 81-100 = alus pisan (Riduwan & Sunarto, 2009:23).

Sangkan leuwih jéntré, peunteun siswa bisa ditabulasikeun saperti ieu di handap.

Tabél 3.2 Peunteun Pratés atawa Postés

No. Aspék anu dipeunteun Ʃ P K

AT TM ÉT KL D

Katerangan:

AT = Aktualisasi Topik

TM = Téknik Mekarkeun Tulisan ÉT = Éjahan jeung Tanda baca KL = Kasalahan Léksikal D = Diksi

Ʃ = Total Skor

P = Peunteun (Skor Ahir) K = Kategori

3.5 Téknik Ngumpulkeun Data

Téknik anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya éta téknik tés tulis. Tés tulis dipilih alatan dianggap mampuh maluruh kamampuh siswa dina nulis éséy, hususna dina kasalahan léksikal. Léngkah-léngkah pikeun ngumpulkeun data nya éta ngaliwatan pretest jeung posttest. Ieu léngkah diperlukeun pikeun ngumpulkeun data sacara gembleng nu mangrupa


(37)

tulisan eséy siswa. Léngkah saterusna nya éta ngumpulkeun atawa nyieun daptar kasalahan léksikal tina tulisan éséy siwa ngagunakeun kartu data sumber (KDS).

3.6 Téknik jeung Prosedur Ngolah Data

Téknik anu digunakeun pikeun ngolah data dina ieu panalungtikan nya éta téknik Analisis Kesalahan Berbahasa Indonesia (AKBI) nu ditepikeun ku Tarigan & Tarigan (2011: 178). Najan kitu, éta téknik téh teu dilarapkeun sagemblengna, tapi diropéa ku panalungtik dumasar kana kabutuhan ieu panalungtikan. Jadi, téknik anu digunakeun téh ngaliwatan prosedur atawa léngkah-léngkah saperti ieu di handap:

1) nganomeran unggal tulisan kalawan format: a) A1, A2, A3, jst., pikeun sumber data pretest

b) B1, B2, B3, jst., pikeun sumber data posttest;

2) maca tulisan siswa kalawan gemet;

3) nandaan unggal kasalahan jeung ngasupkeun kana kartu data;

4) nyieun klasifikasi kasalahan léksikal dina gejala hiperkorék jeung gejala pléonasme boh dina pretest boh dina posttest; jeung

5) ngabandingkeun kasalahan léksikal nu karandapan ku siswa saméméh

treatment (pretest) jeung sabada treatment (posttest).

Téknik di luhur digunakeun pikeun maluruh kasalahan léksikal tulisan éséy siswa, demi pikeun nangtukeun aya atawa henteuna pangaruh treatment kana kamampuh nulis siswa, diperlukeun peunteun pikeun tiap tulisan ngagunakeun instrumén penilaian sakumaha nu dipedar di luhur. Sabada éta prosedur, peunteun pratés jeung postés diasupkeun kana tabél saperti ieu di handap.

Tabél 3.3 Daptar Peunteun Pratés jeung Postés

No. Ngaran Siswa Pratés Postés

Éta tabél di luhur diperlukeun pikeun mikaweruh signifikasi hasil ékspérimén nu dianalisis ngagunakeun rumus:


(38)

Ʃ

kalawan katerangan: t = tés signifikasi;

Md = mean tina béda pratés jeung postés (postés-pratés); Xd = déviasi masing-masing subjék (d-Md);

Ʃx2d = jumlah kuadrat déviasi; N = subjék dina sampel; jeung

d.b. = ditangtukeun ku N-1 (Arikunto, 2010: 349-350).

Éta rumus tés signifikasi di luhur téh digunakeun pikeun nangtukeun ditarima-henteuna hipotésis kalawan katangtuan:

a) lamun titung > ttabél, hipotésis ditarima, hartina modél pangajaran CIRC téh

éféktif pikeun digunakeun dina pangajaran nulis éséy siswa; jeung lamun titung < ttabél, hipotésis ditolak, hartina modél pangajaran CIRC téh henteu


(39)

BAB IV

DÉSKRIPSI JEUNG HASIL ANALISIS PANALUNGTIKAN

4.1 Léngkah-léngkah Modél CIRC dina Pangajaran Nulis Éséy

Léngkah-léngkah modél CIRC dina pangajaran nulis éséy dipedar saperti ieu di handap.

1) Tahap Ngararancang

Ilaharna tahap ngararancang pikeun tiap kagiatan ngajar-diajar tangtuna nyusun Rencana Pelaksanaan Pengajaran atawa RPP. RPP lir ibarat kompas nu nangtukeun rék dibawa kamana prosés kagiatan ngajar-diajar nu bakal dilaksanakeun. RPP medar prosedur pangajaran ti awal pangajaran nepi ka ahir kaasup udagan naon waé nu hayang dihontal tina éta kagiatan. Najan kitu, guru miboga hak pikeun ngarobah téknis lumangsungna diajar gumantung kana kaayaan nu keur lumangsung. Sacara gembleng, RPP pikeun kagiatan nu bakal dilaksanakeun aya dina lampiran.

2) Tahap Prosés

Tahap prosés minangka tahap inti dina kagiatan diajar-ngajar nu nyoko kana RPP nu geus disusun dina tahap saméméhna. Ieu tahap bisa diwincik jadi sababaraha kagiatan saperti ieu di handap.

a) Kagiatan Awal

Dina kagiatan awal pangajaran, ilaharna guru ngamimitian atawa muka pangajaran ku ngucapkeun salam jeung mariksa kahadiran siswa. Sabada guru bisa mastikeun yén siswa geus bisa museurkeun paniténna, guru neruskeun kana nepikeun udagan jeung program kagiatan nu bakal dilaksanakeun. Éta pedaran ngeunaan udagan jeung program kagiatan téh dideudeul ku apersepsi ngeunaan pangajaran dina éta program. Ieu kagiatan awal tuluy dipungkas ku ngondisikeun siswa pikeun diskusi nya éta ngabagi siswa kana sababaraha kelompok nu geus ditangtukeun saméméhna.


(40)

b) Kagiatan Inti

Kagiatan inti saéstuna jadi puseur tina sakabéh runtuyan kagiatan diajar-ngajar. Ieu prosés jadi acuan utama dina nangtukeun suksés-henteuna ieu kagiatan. Ieu kagiatan bisa diwincik deui jadi sababaraha runtuyan kagiatan saperti ieu di handap.

(a) Éksplorasi

Dina ieu tahap, siswa diperedih pikeun nangtukeun ciri-ciri éséy dumasar kana conto nu ditepikeun ku guru. Sabada siswa paham kana ciri-cirina, diteruskeun kana nangtukeun topik éséy nu rék ditulis. Topikna sorangan ditangtukeun ku guru dumasar kana SKKD, nya éta ngeunaan kapahlawanan. Sabada topik ditangtukeun, siswa nyusun rarancang tulisan mangrupa poin-poin atawa poko-poko éséy.

(b) Élaborasi

Sabada tahap éksplorasi di mana siswa maluruh ciri-ciri jeung ngararancang éséy, dina ieu tahap siswa geus kudu mekarkeun éta rarancang jadi hiji tulisan nu gembleng nu nyoko kana aturan panulisan éséy sakumaha ciri-ciri nu geus dipipaham, kaasup aturan pamakéan basa, kohérénsi antar paragraf, jeung nyaluyukeun topik nu dipilih jeung topik atawa kaayaan nu keur lumangsung aktual.

Sabada siswa nulis éséy sacara gembleng (draf awal), siswa tuluy diperedih sangkan mariksa kasalahan léksikal nu aya dina tulisanana, hususna dina gejala hiperkorék jeung pléonasme. Ieu prosés téh minangka puseur kagiatan tina sakabéh runtuyan prosés kagiatan diajar-ngajar. Salila ieu prosés lumangsung, guru mibanda peran salaku narasumber, fasilitator, jeung motivator pikeun nerangkeun naon waé nu kaasup kana kasalahan léksikal.

(c) Konfirmasi

Dina ieu kagiatan, siswa medar hasil tulisanana nu geus diropéa di hareupeun kelas. Sajaba ti éta, siswa nepikeun naon waé kasalahan léksikal nu kapanggih salila prosés ngaropéa tadi. Dina ieu tahap ogé guru medar leuwih jero perkara kasalahan léksikal gejala hiperkorék jeung pléonasme.


(41)

c) Kagiatan Ahir

Kagiatan ahir tina tahap prosés nya éta siswa ngajawab soal-soal anu patali jeung éséy saméméh évaluasi ahir (postés) dilaksanakeun. Ieu hal diperlukeun pikeun ngeuyeuban kaweruh siswa ngeunaan éséy sacara gembleng. Sajaba ti éta, siswa diperedih sangkan ngalarapkeun pangaweruhna ngeunaan kasalahan léksikal dina kahirupan sapopoéna, utamana dina basa tulis.

3) Tahap Évaluasi

Tahap évaluasi dina ieu panalungtikan kabagi jadi dua, nya éta évaluasi awal (pratés) jeung évaluasi ahir (postés).

a) Évaluasi Awal (Pratés)

Pratés nya éta évaluasi awal nu dilaksanakeun pikeun maluruh kamampuh awal siswa dina nulis éséy. Dina ieu tés, siswa diperedih nulis éséy kalawan topik nu geus ditangtukeun, topik kapahlawanan, tanpa dibéré heula treatment atawa pangajaran ngagunakeun modél CIRC. Hasil pratés dipeunteun tuluy hasilna dijadikeun peunten awal.

b) Évaluasi Ahir (Postés)

Postés nya éta évaluasi ahir nu dilaksanakeun pikeun maluruh kamampuh ahir siswa dina nulis éséy. Dina ieu tés, siswa nulis deui éséy kalawan topik anu sarua jeung postés sabada ngalaman treatment atawa pangajaran ngeunaan éséy jeung kasalahan léksikal nu ngangunakeun modél CIRC. Hasil postés dijadikeun peunteun ahir siswa nu satuluyna dibandingkeun jeung peunteun awal pikeun nangtukeun sakumaha parobahan kamampuh nu dialaman ku siswa.

Sacara gurat badag, léngkah-léngkah pangajaran kasalahan léksikal nulis éséy bisa diwincik saperti ieu di handap.

1) Guru nangtukeun kelompok nu diwangun ku tilu nepi opat urang siswa sacara hétérogén, hartina guru ngabagi jumlah siswa nu aya kana 11 kelompok.

2) Guru méré wacana/téks éséy kalawan téma kapahlawanan pikeun dibaca ku tiap kelompok.


(42)

3) Siswa silih macakeun jeung nangtukeun ide poko tuluy méré pamadegan kana éta wacana/téks nu ditulis dina lembar jawaban, sajaba ti éta siswa nangtukeun kecap jeung kalimah anu kaasup kana gejala hiperkorék jeung pléonasme.

4) Siswa macakeun hasil gawé kelompokna di hareupeun kelas.

5) Guru jeung siswa nyindekkeun ngeunaan éséy jeung kasalahan léksikal babarengan.

6) Guru macakeun kacindekan ngeunaan pasualan-pasualan anu mindeng karandapan ku siswa dina nulis éséy jeung ngeunaan kasalahan léksikal. Salila pangajaran lumangsung, guru miboga peran salaku fasilitator,

motivator, jeung narasumber. Hadéna, siswa dibarengan ku kamus salila ieu

prosés lumangsung pikeun nangtukeun cara panulisan kekecapan Sunda nu bener, tapi lantaran kawatesanan ku alokasi waktu PBM, ahirna guru jadi sumber tunggal.

4.2 Kasalahan Léksikal dina Tulisan Éséy Siswa

4.2.1 Kasalahan Léksikal dina Tulisan Éséy Siswa Saméméh Ngagunakeun CIRC (Pratés)

Kasalahan léksikal anu karandapan ku siswa dina nulis éséy saméméh ngagunakeun CIRC ébréh dina ieu tabél di handap.

Tabél 4.1 Data Kasalahan Léksikal Pratés Siswa

No. Data Kasalahan Gejala %

H P

(1) (2) (3) (4) (5)

1. akhirna (KDS/A5/1/5; KDS/A5/1/6; KDS/A7/3/5) 3 12%

2. cerai jeung papisah (KDS/A5/1/2) 1 4%

3. khusus (KDS/A1/3/2; KDS/A1/3/9; KDS/A3/4/3; KDS/A4/1/1; KDS/A4/2/1; KDS/A4/2/3/;

KDS/A4/3/2)


(43)

(1) (2) (3) (4) (5) 4. 5. 6. 7. 8. 9. 10. 11. 12. 13.

loba kénéh barudak (KDS/A9/4/3)

ngabunuh Pa Otto jeung dibunuh di Tangerang (KDS/A7/3/5)

ngajaga bangsa ieu jeung ngamajukeun bangsa ieu (KDS/A7/5/2)

ngan dianggo kanggo maén game (KDS/A2/2/4) para kaum istri (KDS/A3/1/4)

susulumputan ngagerilya (KDS/A11/1/1)

teu asal ngomong kamana-mana (KDS/A11/2/2) tos seueur nu tos dilakukeun (KDS/A1/3/6) yeun (KDS/A2/1/2; KDS/A2/2/4)

zaman (KDS/A4/1/2; KDS/A4/3/1; KDS/A4/3/2; KDS/A4/3/3) 2 4 1 1 1 1 1 1 1 1 4% 4% 4% 4% 4% 4% 4% 4% 8% 16%

Jumlah 16 9 100%

Dumasar kana tabél di luhur, aya 13 rupa kasalahan léksikal dina tulisan éséy siswa nu total karandapan 25 kali. Dina gejala hiperkorék, 16 kali siswa ngarandapan salah. Pola kasalahanana aya 2 (dua), nya éta; (a) /ft/  /fr/ (foném tunggal jadi foném rangkep) jeung (b) /ft/  /ft/ (foném tunggal jadi foném tunggal séjén).

1) Pola I: GH: /ft/-/fr/

Dina ieu pola, aya 2 (dua) subpola nu kapanggih, nya éta /h/  /kh/ jeung /é/  /eu/.

(a) Pola Ia: GH = /h/  /kh/

Contona: (1) /ahirna/  /akhirna/ (KDS/A5/1/5) (3) /husus/  /khusus/ (KDS/A1/3/2)

(b) Pola Ib: GH = /é/  /eu/


(44)

2) Pola II: GH : /ft/  /ft/ Pola II: GH : /j/  /z/

Contona: (13) /jaman/  /zaman/ (KDS/A4/1/2)

Ditilik tina kasalahan hiperkorék anu karandapan ku siswa di luhur, kamungkinan éta kasalahan téh alatan kurangna pangaweruh léksikon Sunda siswa atawa kapangaruhan tina basa Indonésia. Dua conto di luhur bisa ngabuktikeun yén pangaweruh léksikon basa Indonésia mangaruhan kana basa Sunda. Sajaba ti éta, bisa jadi siswa teu apal aturan nulis dina basa Sunda alatan can aya guru nu ngabéjaan nu sabenerna.

Demi dina gejala pléonasme, aya 9 (salapan) kali siswa ngarandapan salah

kalawan mibanda pola (a) sama‟na safungsi jeung (b) sama‟na.

1) Pola Sama‟na Safungsi

Kasalahan gejala pléonasme sama‟na safungsi karandapan waktu aya kecap anu geus disebutkeun tuluy disebutkeun deui sanajan ma‟na jeung fungsina

sarua. Contona:

(a) (7) ngan dianggo kanggo maén game (KDS/A2/2/4) (b) (11) tos seueur nu tos dilakukeun (KDS/A1/3/6)

Dina klausa ngan dianggo kanggo maén game, aya kecap dianggo jeung

kanggo nu saéstuna éta kecap téh mibanda ma‟na jeung fungsi nu sarua. Kitu ogé

dina klausa tos seueur nu tos dilakukeun, aya kecap tos nu ditulis dua kali. Éta dua klausa saéstuna bisa dituliskeun dina wangun anu leuwih éféktif saperti ieu di handap:

(a) ngan dianggo maén game atawa

ngan kanggo maén game

(b) tos seueur nu dilakukeun atawa


(45)

seueur nu tos dilakukeun

2) Pola Sama‟na

Dina ieu pola kasalahan, siswa nuliskeun kecap nu béda tapi mibanda

ma‟na nu sarua. Contona:

(a) (5) ngabunuh Pa Otto jeung dibunuh di Tangerang (KDS/A7/3/5) (b) (9) susulumputan ngagerilya (KDS/A11/1/1)

Conto klausa kahiji, aya kecap „ngabunuh‟ jeung „dibunuh‟, tangtu ieu kekecapan téh ma‟nana sarua nya éta ngaleungitkeun nyawa, sanajan nu hiji dina

wangun aktif, séjénna dina wangun pasif. Kitu ogé din klausa „susulumputan ngagerilya‟, ma‟na kecap „ngagerilya‟ téh nya éta perang ku cara susulumputan.

Pamakaéan éta kekecapan dina klausa mémang teu ngabalukarkeun kasalahan nu matak bingung kanu maca, tapi tangtu leuwih hadé upama cukup salasahiji kecap waé nu dipaké pikeun kaéféktifan mah.

Dumasar kana dua pola kasalahan pléonasme siswa di luhur, aya dua hal kamungkinan nu ngabalukarkeun éta kasalahan, nya éta kurangna kompeténsi basa jeung nu utamana nya éta kabiasaan nu geus ngabaju balukar tina performansi basa sapopoéna. Upama ku urang dititénan, pohara performansi basa

nu ngalaman gejala pléonasme, kayaning; „naék ka luhur‟, „turun ka handap‟, „asup ka jero‟, „najong maké suku‟, jsb, éta hal geus dianggap biasa atawa geus

lain minangka kasalahan, antukna méré pangaruh nu gedé kana performansi basa tulis. Sakali deui, ieu gejala mémang lain kasalahan nu gedé, tapi geus sakuduna disingkahan utamana pikeun nu keur diajar basa.

4.2.2 Kasalahan Léksikal dina Tulisan Éséy Siswa Sabada Ngagunakeun CIRC (Postés)

Kasalahan léksikal anu karandapan ku siswa dina nulis éséy sabada ngagunakeun CIRC ébréh dina ieu tabél di handap.


(46)

Tabél 4.2 Data Kasalahan Léksikal Postés Siswa

No. Data Kasalahan Gejala %

H P

1. 2. 3. 4.

heunte (KDS/B8/4/3) janteun (KDS/B2/4/1) khususna (KDS/B6/1/4) salajeungna (KDS/B3/1/5)

1 1 1 1

25% 25% 25% 25%

Jumlah 4 100%

Dumasar kana tabél di luhur, katitén yén kasalahan léksikal nu karandapan ku siswa téh geus nyaeutikan, nya éta ukur 4 (opat) rupa kasalahan nu séwang-séwang karandapan sakali. Pola kasalahanana masih sarua jeung saméméhna, nya éta /ft/  /fr/, kalawan subpola; (a) /h/  /kg/ jeung (b) /e/  /eu/. Contona:

(a) Pola Ia: GH = /h/  /kh/

Contona: (3) /hususna/  /khususna/ (KDS/B6/1/4)

(b) Pola Ib: GH = /e/  /eu/

Contona: (1) /henteu/  /heunte/ (KDS/B8/4/3) (2) /janten/  /janteun/ (KDS/B2/4/1)

(4) /salajengna/  /salajeungna/ (KDS/B3/1/5)

Ditilik tina kuantitas jeung kualitas kasalahan di luhur, bisa dihartikeun yén siswa geus ngarti kana kasalahan léksikal nu karandapan saméméhna, hususna dina gejala pléonasme, najan kitu, masih aya kasalahan nu sarua, nya éta

„khususna‟ (KDS/B6/1/4). Ieu kasalahan téh bisa jadi alatan siswa nu kurang

tarapti dina waktu editing tulisan. Demi kasalahan séjénna mah minangka

kasalahan anyar, „heunte (KDS/B8/4/3); janteun (KDS/B2/4/1); salajeungna (KDS/B3/1/5)‟, ieu kasalahan ngabuktikeun kurangna pangaweruh basa Sunda


(47)

4.3 Kamampuh Siswa dina Nulis Éséy

Dina ieu subbab, baris dipedar kamampuh siswa dina nulis éséy saméméh (pratés) jeung sabada (postés) treatment nu ngagunakeun modél pangajaran CIRC. Ieu kamampuh diwujudkeun dina wangun tabél nu némbongkeun peunteun sagemblengna tina nulis éséy dumasar kana instrumén penilaian nu geus ditangtukeun dina bab saméméhna pikeun nangtukeun signifikasi hasil diajar.

4.3.1 Kamampuh Awal Siswa dina Nulis Éséy

Dina ieu subbab baris dipedar kamampuh awal siswa dina nulis éséy saméméh treatment (pratés). Kamampuh awal siswa sorangan baris dipedar dumasar kana indikator penilaian nu geus ditangtukeun saperti ieu di handap:

1) Aktualisasi Topik

Dina perkara aktualisasi topik, jejer panalungtikan geus cukup paham, ieu kabuktian tina 11 jejer panalungtikan ukur sajejer nu kaasup kurang kamampuhna dina matalikeun topik jeung kajadian nu keur lumangsung di sabudeureunana. Saperti nu karandapan ku jejer panalungtikan nomer 10 di mana kurang matalikeun sajarah Déwi Sartika nu majoangkeun atikan jeung kaayaan pendidikan ayeuna. Henteu saperti jejer nomer 11 nu kalawan tapis bisa

matalikeun antara ma‟na sajarah Otto Iskandardinata nu bajuang nandangan Walanda ku cara diplomasi jeung siswa nu bajuang nyanghareupan UN ku cara niron. Demi jejer nomer 1 (hiji) mah kaasup sedeng kamampuhna dina matalikeun topik lantaran ukur matalikeun topik Muhammad Toha nu kurang diajénan ku pamaréntah jaman kiwari nu teu netepkeun anjeunna jadi pahlawan nasional.

2) Téknik Mekarkeun Tulisan

Dina perkara mekarkeun rarangka tulisan jadi jadi tulisan nu gembleng, loba kénéh jejer panalungtikan nu kamampuhna kaasup sedeng kayaning jejer nomer 4 (opat) nu kohérénsi antar paragrapa hadé tapi teu dipungkas kalawan hadé. Demi jejer nomer 11 mah kaasup hadé dina mekarkeun tulisan di mana paragrap hiji nyaritakeun sajarah Otto Iskandardinata nu dipatalikeun jeung kaayaan jaman kiwari dina paragrap dua jeung mungkas ku kacindekan dina


(48)

paragrap katilu. Demi jejer nomer 5 (lima) mah kaasup kurang kamampuhna lantaran ukur aya dua paragrap di mana aya géjlog atawa kurang kohérén antar paragrapna.

3) Éjahan jeung Tanda Baca

Kamampuh ngalarapkeun éjahan jeung tanda baca nu dipibanda ku para jejer panalungtikan kaasup héngkér. Buktina, tina 11 jejer, ukur 5 (lima) jejer nu mibanda kamampuh sedeng dina ngalarapkeun éjahan jeung tanda baca saperti jejer nomer 3 (tilu), “Jaman kiwari mah heunteu siga jaman dulu anu hoyong sakola teh kudu nyumput ti Walanda. Ayeuna mah urang bebas sakola di mana

wae, jeung loba ogé sakola anu alus jadi urang nyaman mun keur diajar.” Tina éta dua kalimah, katitén kamampuh jejer dina ngalarapkeun éjahan jeung tanda baca téh sedeng ku ayana kecap „heunteu‟ nu salah panulisanana jeung tanda baca

koma (,) nu teu merenah dina kalimah kaduana, “… di mana wae, jeung loba…”

nu sakuduna mah teu kudu maké koma.

Demi jejer nomer 5 (lima) mah kaasup kurang kamampuhna dina ngalarapkeun éjahan jeung tanda baca, “ku sabab Inggit teu hayang dimadu

akhirna Inggit ngorbankeun cinta na ka Fatima anu di picinta ku Soekarno demi

cinta na ka Soekarno.” Tina éta conto geus katitén yén kamampuh ngalarapkeun éjahan jeung tanda baca jejer nomer 5 (lima) téh kurang di mana dina awal

kalimah teu ngagunakeun hurup gedé, aya kecap „akhirna‟ nu kuduna „ahirna‟, „cinta na‟ jeung “di picinta‟ nu sabenerna kudu dihijikeun. Anu mibanda

kamampuh nu hadé mah, nya éta jejer nomer 11, “Pa Oto mindeng nyarita peureus ngiritik pamaréntahan Walanda bari ngébréhkeun

pamadegan-pamadeganana ngeunaan Indonésia merdéka.” 4) Kasalahan Léksikal

Dina perkara kasalahan léksikal, rata-rata kasalahan jejer kaasup sedeng lantaran 7 (tujuh) tina 11 jejer mibanda kamampuh nu sedeng saperti jejer nomer

3 (tilu) nu ukur 2 (dua) kali ngarandapan kasalahan léksikal dina kecap „khusus‟


(49)

mah kaasup mindeng ngarandapan kasalahan léksikal, nya éta 8 (dalapan) kali;

„khusus‟ (KDS/A4/1/1; KDS/A4/2/1; KDS/A4/2/3/; KDS/A4/3/2) jeung „zaman‟

(KDS/A4/1/2; KDS/A4/3/1; KDS/A4/3/2; KDS/A4/3/3). Demi jejer nomer 6 (genep), 8 (dalapan), jeung 10 mah mibanda kamampuh nu hadé pisan dina kamampuh léksikalna lantaran teu ngarandapan kasalahan léksikal.

5) Diksi

Dina kamampuh nyusun kalimah jeung milih kecap, rata-rata jejer téh mibanda kamampuh nu kurang, ukur jejer nomer 7 (tujuh) anu mibanda kamampuh sedeng, demi nu kamampuhna hadé mah dipibanda ku jejer nomer 8 (dalapan) jeung 11. Saperti jejer nomer 5 (lima), “ku sabab Inggit teu hayang

dimadu akhirna Inggit ngorbankeun cinta na ka Fatima anu di picinta ku

Soekarno demi cinta na ka Soekarno.” Éta conto kalimah téh sabenerna kompléks, tapi kompléks nu matak susah dibaca nu antukna susah dipipaham. Kitu ogé dina kekecapanana nu masih ngagunakeun tarjamah langsung tina basa Indonésia.

Demi nu kamampuhna sedeng mah saperti jejer nomer 7 (tujuh), “Tina

parjuangan jeung kahirupan pa Otto nu merjuangkeun kamerdekaan, urang tiasa nyandak hikmah sangkan pa Otto tos teu aya tapi sumanget jeung cita-cita téh

kudu kenéh aya dina diri urang sadaya.” Ieu kalimah saéstuna geus ngaguluyur

jeung ma‟nana gampang dicangking, tapi aya pamilihan kecap nu teu merenah

saperti kecap „sangkan‟ nu leuwih merenah upama ngagunakeun kecap „sanajan‟.

Jejer nu hadé dina nyusun mah salasahijina nya éta jejer nomer 8 (dalapan), “Anjeunna kaasup pahlawan bangsa sabab anjeunna ngabdi ka nagara jeung

masarakat anu digawé ngaleuwihan wates pancénna.” Dina nyusun kalimahna geus ngaguluyur jeung pamilihan kecapna geus cukup luyu pikeun éséy.

Sacara gembleng, kamampuh awal siswa dina nulis éséy bisa diwujudkeun dina wangun tabél saperti ieu di handap.


(50)

Tabél 4.3 Kamampuh Awal Siswa dina Nulis Éséy (Pratés)

No. Jejer

Panalungtikan

Aspék anu dipeunteun

Ʃ P K

AT TM ÉT KL D

1. 1 4 3 2 4 2 15 60 Sedeng

2. 2 4 2 2 4 2 14 56 Sedeng

3. 3 4 3 3 3 2 15 60 Sedeng

4. 4 3 3 2 2 2 12 48 Sedeng

5. 5 4 2 2 3 2 13 52 Sedeng

6. 6 5 4 2 5 2 18 72 Alus

7. 7 3 3 3 4 3 16 64 Alus

8. 8 3 4 4 5 4 20 80 Alus

9. 9 3 2 2 4 2 13 52 Sedeng

10. 10 2 3 2 5 2 14 56 Sedeng

11. 11 5 4 4 4 4 21 84 Alus Pisan

Dumasar kana peunteun sagemblengna dina tabél di luhur, katitén ukur opat jejer panalungtikan nu dianggap alus, demi sésana sedeng dina nulis éséy tina 11 jejer panalungtikan nu aya. Ieu hal ngabuktikeun yén kamampuh nulis éséy siswa masih jauh tina pangharepan. Ku kituna, dibutuhkeun treatment pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis éséy siswa.

4.3.2 Kamampuh Ahir Siswa dina Nulis Éséy

Postés dilakukeun pikeun ngukur hasil diajar atawa treatment nu dilakukeun ku guru. Ieu hal tangtu penting pikeun ngukur nepi kamana parobahan nu dirandapan ku siswa dina kamampuh nulis éséy. Kamampuh ahir siswa (postés) baris dipedar saperti ieu di handap.

1) Aktualisasi Topik

Dina kamampuh aktualisasi topik, katitén aya parobahan nu hadé nu karandapan ku para jejer panalungtikan nu geus kaasup sedeng, alus jeung alus pisan. Ngaronjatna ieu kamampuh katitén tina mampuhna para jejer matalikeun topik nu dumasar sajarah pahlawan nu ditulisna jeung kajadian nu keur


(1)

IV. LANGKAH-LANGKAH PEMBELAJARAN

Tahap Kegiatan Pembelajaran

Nilai Budaya dan Karakter Bangsa Pembuka

(Apersepsi)

- Guru menegur sapa dan mengabsen. - Guru menyampaikan tujuan dan program

kegiatan

- Guru mengadakan apersepsi dan memotivasi siswa untuk belajar lebih giat.

- Guru membagi kelompok dan

mengondisikan siswa untuk berdiskusi. - Guru memberikan contoh esai.

Bersahabat / komunikatif

Kegiatan Inti

(Eksplorasi)

Dalam kegiatan eksplorasi:

- Siswa mengidentifikasi ciri-ciri esai. - Siswa menentukan atau memilih topik dan

tema esai.

- Siswa merincikan pokok-pokok esai dalam kerangka karangan.

(Elaborasi)

Dalam kegiatan elaborasi:

- Siswa membuat pembukaan dan penutupan yang baik.

- Siswa menyajikan ide, pendapat, dan

simpulan dalam bagian-bagian atau paragraf yang jelas.

- Siswa mengidentifikasi kalimat yang tidak

Kreatif dan tenggang rasa


(2)

efektif dalam gejala pleonasme dan gejala hiperkorek.

(Konfirmasi)

Dalam kegiatan konfirmasi:

- Siswa menyampaikan hasil diskusi. - Siswa bertanya tentang hal yang belum

dipahami.

- Siswa menyimpulkan tentang esai. Penutup

(Internalisasi dan refleksi)

- Siswa menjawab soal-soal untuk melakukan kilas balik mengenai konsep penting tentang esai yang telah dipelajari.

- Siswa mengaplikasikan kecakapan hidup (life skill) yang dipetik dari pembelajaran yang telah diikuti ke dalam kehidupan sehari-hari.

Gemar membaca

V. SUMBER BELAJAR

- Buku ajar Waruga Basa Kelas XII - Lingkungan masyarakat sekitar siswa

VI. PENILAIAN a. Teknik dan Bentuk

- Tes tertulis - Tagihan tugas

b. Instrumen/soal

1. Baca conto karangan éséy ieu di handap kalawan gemet!

2. Tuliskeun kekecapan anu teu merenah (pléonasme jeung hiperkorék) dina éta karangan!


(3)

Pedoman Meunteun Éséy

No. Aspék anu dipeunteun Skala Peunteun Skor

3 2 1 0

1. Aktualisasi topik

2. Téknik mekarkeun tulisan 3. Éjahan jeung tanda baca 4. Kasalahan Léksikal 5. Diksi

Jumlah Skor Peunteun

Katerangan Pedoman Meunteun Éséy. 1) Aktualiasi topik

Skor 5 = Topik anu dipatalikeun aktual pisan Skor 4 = Topik anu dipatalikeun aktual Skor 3 = Topik anu dipatalikeun cukup aktual Skor 2 = Topik anu dipatalikeun kurang aktual Skor 1 = Topik anu dipatalikeun henteu aktual 2) Téknik mekarkeun tulisan

Skor 5 = Téknik muka éséy jeung kohérénsi antar paragrafna hadé pisan Skor 4 = Téknik muka éséy jeung kohérénsi antar paragrafna hadé Skor 3 = Téknik muka éséy jeung kohérénsi antar paragrafna cukup

hadé

Skor 2 = Téknik muka éséy jeung kohérénsi antar paragrafna kurang hadé

Skor 1 = Téknik muka éséy jeung kohérénsi antar paragrafna henteu hadé


(4)

Skor 5 = Sakabéh éjahan jeung tanda baca bener

Skor 4 = Aya 1-4 éjahan jeung/atawa tanda baca nu salah Skor 3 = Aya 5-8 éjahan jeung/atawa tanda baca nu salah Skor 2 = Aya 9-11 éjahan jeung/atawa tanda baca nu salah Skor 1 Leuwih ti 11 éjahan jeung/atawa tanda baca nu salah 4) Kasalahan léksikal (gejala hiperkorék jeung gejala pléonasme)

Skor 5 = Henteu aya kasalahan léksikal Skor 4 = Aya 1-4 kasalahan léksikal Skor 3 = Aya 5-8 kasalahan léksikal Skor 2 = Aya 9-11 kasalahan léksikal

Skor 1 Aya leuwih ti 11 kasalahan léksikal 5) Diksi

Skor 5 = Nyusun kalimahna kompléks tur merenah, pilihan kecap saluyu jeung eusi éséy

Skor 4 = Nyusun kalimahna basajan tur merenah, pilihan kecap saluyu jeung eusi éséy

Skor 3 = Nyusun kalimahna cukup merenah, pilihan kecap henteu saluyu jeung eusi éséy

Skor 2 = Nyusun kalimahna kurang merenah, pilihan kecap kurang saluyu jeung eusi éséy

Skor 1 = Nyusun kalimahna henteu merenah, pilihan kecap henteu saluyu jeung eusi éséy


(5)

RIWAYAT HIRUP

Mimiti kuring ngarénghap langsung tina hawa marcapada Garut téh tanggal 10 April 1991 katompérnakeun. Budak lalaki panggedéna najan lanceuk boga tilu, awéwé kabéh, kakara nu jadi adi lalaki deui téh, hiji-hijina. Gubrag jeung gedé di Garut najan getih nu ngamalir dina diri mah kamalir ti Singaparna, Tasikmalaya ti nu jadi indung, Yati Masyati Roslaeni jeung bapa, Teteng Ruganda.

Nyukcruk élmu dimimitian ku asup TK Muslimat NU di Garut (1995-1996), tuluy ka SDN Pakuwon 1 Garut (1996-2003), SMPN 1 Garut (2003-2006), SMAN 1 Tarogong Kidul –ayeuna mah SMAN 1 Garut- (2006-2009). Sabada tamat SMA, langsung diteruskeun ka UPI Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah atawa Basa Sunda. Saéstuna, asup ka Basa Sunda téh lain pilihan utama, tapi pilihan kahiji lantaran ngudag STAN baheula téh. Sabada adug-adugan ngudag

STAN, ari asup mah ka Sunda, horéng ieu téh tarik du’a ti nu jadi indung.

Alhamdulillaah Allah maparin nu panghadéna keur kuring, Basa Sunda. Jaba ti éta, alhamdulillaah taya kendatna ngucap sukur ka Gusti Nu Mahasuci tur Maha Kawasa nu geus nepungkeun kuring jeung batur satungtung hirup di alam dunya ogé batur hirup salilana di ahérat, Ulfah Milati Hanifah, saméméh tamat kuliah di UPI.

Salila kuliah, kungsi milu sababaraha organisasi. Di jurusan sorangan remen ilubiung dina kagiatan HIMA Pensatrada, hususna Rohis, mungkas bakti ka HIMA téh mangsa jadi koordinator pasanggiri debat RBS taun 2012 kamari. Najan kitu, kuring mah teu boga jabatan struktural di HIMA lantaran pagedrug jeung aturan nu nganggap kuring can lulus Mitra Sunda. Tapi, teu leungiteun tempat pikeun mekarkeun kamampuh organisasi kayaning leadership, time


(6)

management, jeung people management mah lantaran kuring jadi pangurus Thifan Tsu Fuk jeung Program Tutorial (PT) UPI Pusat Bumi Siliwangi.

Di Thifan Tsu Fuk kuring diajar élmu kungfu Islam, kungfu asal China tapi disaluyukeun jeung ajaran Islam kayaning teu kudu ngahormat waktu rék tanding atawa turgul, cukup ku sasalaman biasa. Alesanana téh yén manusa mah ukur ruku ka Gusti Allah lain ka sasama. Tapi, teu lila di ieu organisasi lantaran capé teuing jeung riweuh ku jurusan mun aya kagiatan jeung PT nu miboga jadwal matuh.

Saéstuna jadi pangurus PT téh teu diniatan sama sakali, tapi lantaran waktu program Tutorial Mata Kuliah PAI miluan program husus Bina Kader (Binder), kuring kapeto jadi pupuhuna atawa ilaharna disebut Komandan Binder pikeun angkatan X, antukna kudu jadi pangurus PT. Sajujurna, asup ka PT téh asa sasab, tapi horéng sasab dina jalan bener nu nuduhkeun kana bebeneran jeung nyaangan kana diri nu poék, poék ku élmu agama. Mimiti asup téh magang di Bidang Tutorial Terpadu (BTT), tuluy jadi staf di Kaderisasi Eksternal jeung mungkas di Kaderisasi Internal PT. Alhamdulillaah, asa karasa leuwih loba mangpaat lahir batin miluan organisasi nu dadasarna agama dibanding nu séjén mah. Nuhun, Gusti.