Uji Homogénitas Uji Gain Uji Hipotésis

47 1 Nangtukeun variansi kalawan ngagunakeun rumus: 2 Hasil tina variansi diasupkeun kana distribusi F kalawan rumus: 3 Nangtukeun derajat kabébasan, kalawan ngagunakeun rumus: 4 Nangtukeun homogén atawa henteuna data dumasar kana kritéria: a itung tabél hartina varian sampel homogén, tapi saupama b itung tabél hartina varian sampel teu homogén.

3.6.3.3 Uji Gain

Uji gain dilakukeun pikeun ngabandingkeun rata-rata peunteun tés awal jeung tés ahir. Hasil tina uji gain dipaké salaku gambaran ngeunaan skor tés awal jeung tés ahir siswa dina nulis biografi singget. Nangtukeun uji gain kalawan ngagunakeun rumus ieu di handap: S 1 2 F = S 1 2 dk = n – 1 48 Tabél 3.6 Uji Gain Tés Awal Jeung Tés Ahir No. Ngaran Siswa Peunteun Pratést Peunteu Postést d d 2 1 2 3 4 5 6 1 2 3 Ʃ Rata-rata

3.6.3.4 Uji Hipotésis

Dina uji hipotésis dilakukeun ngaliwatan sababaraha léngkah, nyaéta: 1 Ngitung rata-rata mean dumasar kana béda antara skor tés awal jeung tés ahir nyaéta: 2 Ngitung jumlah kuadrat déviasi ngagunakeun rumus ieu di handap: 3 Ngitung t ngagunakeun rumus: Katerangan: t = tés signifikansi Md = rata-rata mean tina béda antara tés awal jeung tés ahir Ʃ 2 d = jumlah kuadrat déviasi n = jumlah subjék dina sampel Md = Ʃd n Ʃ 2 d = Ʃd 2 – Ʃd 2 n √ 49 4 Ngabuktikeun hipotésis, nangtukeun ditarima atawa henteuna hipotésis dumasar kana ieu kritéria: a lamun t itung ≥ t tabél hartina hipotésis kerja atawa hipotésis alternatif Ha ditarima, jadi hipotésis nol Ho ditolak, nyaéta média pangajaran movie maker aya béda anu signifikan pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis biografi singget ka siswa kelas VII-C SMPN 45 Bandung; jeung b lamun t itung ≤ t tabél hartina hipotésis nol Ho ditarima, jadi hipotésis kerja atawa hipotésis alternatif Ha ditolak, nyaéta média pangajaran movie maker teu aya béda anu signifikan pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis biografi singget ka siswa kelas VII-C SMPN 45 Bandung. Desy Ratnasari, 2014 Media Movie Maker Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Biografi Singget Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Sacara umum tujuan ieu panalungtikan dilaksanakeun pikeun ngukur kamampu siswa kelas VII-C SMPN 45 Bandung dina pangajaran nulis biografi singget saméméh jeung sabada ngagunakeun média movie maker. Sajaba ti éta, ieu panalungtikan pikeun meunangkeun gambaran yén média movie maker bisa ngaronjatkeun kamampuh nulis biografi singget. Ieu panalungtikan dilaksanakeun pikeun mikanyaho hasil anu signifikan ngeunaan kamampuh nulis biografi singget saméméh jeung sabada ngagunakeun média movie maker. Tujuan tina unggal panalungtikan nyaéta pikeun ngabuktikeun hal-hal anu baris ditalungtik, anu dirumuskeun dina rumusan masalah panalungtikan. Aya tilu hal anu ditalungtik nyaéta kumaha kamampuh siswa dina nulis biografi singget saméméh ngagunakeun média movie maker; kumaha kamampuh siswa dina nulis biografi singget sabada ngagunakeun média movie maker; jeung naha aya béda anu signifikan antara hasil diajar siswa saméméh jeung sabada ngagunakeun média movie maker. Kacindekan tina ieu panalungtikan nyaéta: 1 Dumasar kana data hasil tés awal aya 64 siswa can mampuh nulis biografi singget, sedengkeun dina data hasil tés ahir aya 11 siswa anu can mampuh nulis biografi singget. Upama nilik kana siswa anu geus mampuh nulis biografi singget, dina data hasil tés awal aya 36, sedengkeun dina tés ahir aya 89 siswa geus mampuh nulis biografi singget. Jadi, aya béda anu signifikan antara kamampuh nulis biografi singget tina hasil tés awal jeung tés ahir; 2 Ditilik tina kritéria meunteun karangan nulis biografi singget, anu ngawengku lima aspék nyaéta aspék eusi; aspék organisasi eusi; aspék tata basa; aspék gaya basa; jeung aspék éjahan. Aspék eusi tés awal 24 sedengkeun tés ahir 23. Aspék organisasi eusi tés awal 20 sedengkeun 79 Desy Ratnasari, 2014 Media Movie Maker Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Biografi Singget Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu tés ahir 21. Aspék tata basa tés awal jeung tés ahir stabil 19. Aspék gaya basa tés awal 19 sedengkeun tés ahir 18. Aspék éjahan tés awal 18 sedengkeun tés ahir 19. Cindekna, kamampuh nulis biografi singget siswa kelas VII-C SMPN 45 Bandung dumasar kana hasil tés saméméh jeung sabada ngagunakeun média movie maker kaasup ngaronjat; 3 Ayana béda anu signifikan antara kamampuh nulis biografi singget saméméh jeung sabada ngagunakeun média movie maker. Ieu hal bisa katitén tina uji gain tés awal nyaéta 70,78 sedengkeun uji gain tés ahir 81,89. Jadi, rata-rata gainna nyaéta 11,11; jeung 4 Uji hipotésis ngahasilkeun t itung ≥ t tabél nyaéta 10,62 ≥ 2,42 hartina yén hipotésis kerja Ha ditarima jeung hipotésis nol Ho ditolak. Ieu hal nuduhkeun yén média movie maker bisa ngaronjatkeun kamampuh nulis biografi singget ka siswa kelas VII-C SMPN 45 Bandung.

5.2 Saran

Dumasar hasil panalungtikan anu geus dilaksanakeun, aya sababaraha saran anu diébréhkeun ku panalungtik pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis biografi singget, nyaéta: 1 média Movie Maker bisa ngaronjatkeun kamampuh nulis biografi singget. Ku kituna, ieu média bisa jadi salasahiji alternatif média dina pangajaran nulis, hususna dina pangajaran nulis biografi singget; 2 panalungtik méré saran ka guru-guru basa Sunda sangkan ngagunakeun média pangajaran anu cocok pikeun nepikeun matéri, contona média movie maker pikeun méré stimulus tur siswa bisa kairut dina diajar basa Sunda; 3 pikeun siswa, salaku upaya pikeun ngaronjatkeun motivasi diajar siswa nalika diajar basa Sunda, antukna bisa ngaronjatkeun kamampuh hasil diajar; 4 kudu aya panalungtikan-panalungtikan séjén anu medar ngeunaan média Movie Maker anu langkung jembar deui ambahannana; jeung