MÉDIA MOVIE MAKER PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS BIOGRAFI SINGGET :Studi Kuasi Éksprérimén ka Siswa Kelas VII-C SMPN 45 Bandung Taun Ajaran 2013/2014.

(1)

MÉDIA MOVIE MAKER PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS BIOGRAFI SINGGET

(Studi Kuasi Éksprérimén ka Siswa Kelas VII-C SMPN 45 Bandung Taun Ajaran 2013/2014)

SKRIPSI

diajukeun pikeun nyumponan salasahiji sarat nyangking gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah

ku

DESY RATNASARI NIM 1002680

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH

FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA

2014

(2)

Média

Movie Maker

pikeun Ngaronjatkeun

Kamampuh Nulis Biografi Singget (Studi

Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII-C

SMPN 45 Bandung Taun Ajaran 2013/2014)

Oleh Desy Ratnasari

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Desy Ratnasari 2014 Universitas Pendidikan Indonesia

Februari 2014

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian, dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.

(3)

(4)

LEMBAR PENGESAHAN

Desy Ratnasari NIM 1002680

MÉDIA MOVIE MAKER PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS BIOGRAFI SINGGET

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII-C SMPN 45 Bandung Taun Ajaran 2013/2014)

disaluyuan jeung disahkeun ku: Pangaping I,

Drs. H. O. Solehudin, M.Pd. NIP 195701011980021004

Pangaping II,

Hernawan, S.Pd., M.Pd. NIP 197820102003121001

Kauninga ku

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia,

Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd. NIP 196408221989031001

(5)

Desy Ratnasari, 2014

Media Movie Maker Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Biografi Singget

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

MÉDIA MOVIE MAKER PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS BIOGRAFI SINGGET

(Studi Kuasi Ékrpérimén ka Siswa Kelas VII-C SMPN 45 Bandung Taun Ajaran 2013/2014)1

Desy Ratnasari2

ABSTRAK

Penelitian ini dilatarbelakangi oleh pentingnya media pembelajaran dalam kegiatan belajar mengajar dan kurangnya kemampuan siswa dalam menulis biografi singkat. Tujuan penelitian ini mendeskripsikan: (1) kemampuan siswa dalam menulis biografi singkat sebelum menggunakan media movie maker; (2) kemampuan siswa dalam menulis biografi singkat sesudah menggunakan media movie maker; dan (3) perbedaan yang signifikan antara kemampuan menulis biografi singkat sebelum dan sesudah menggunakan media movie maker. Metode yang digunakan adalah metode studi kuasi eksperimen. Dengan menggunakan desain the one group pretest posttest desain. Média yang diujicobakan yaitu dengan menerapkan média movie maker dalam pembelajaran menulis biografi singkat. Penelitian ini dilaksanakan di SMPN 45 Bandung. Sumber dalam penelitian ini berjumlah 36 siswa yang terdiri dari 17 perempuan dan 19 laki-laki. Teknik yang digunakan adalah teknik tes. Adapun instrumen yang digunakan adalah lembar tes. Dari hasil penelitian dapat disimpulkan bahwa: (1) kemampuan menulis biografi singkat sebelum menggunakan media movie maker hasilnya dengan skor rata-rata 70,78; (2) kemampuan menulis biografi singkat sesudah menggunakan media movie maker hasilnya dengan skor rata-rata 81,89; dan (3) ada perbedaan yang signifikan antara kemampuan siswa kelas VII-C SMPN 45 Bandung dalam menulis biografi singkat menggunakan media movie maker berdasarkan hasil thitung (10,62) ≥ ttabél (2,42). Hal ini menunjukan bahwa hipotesis

kerja (Ha) diterima dan hipotesis nol (Ho) ditolak. Dengan demikian, media movie

maker secara signifikan bisa meningkatkan kemampuan siswa kelas VII-C SMPN 45 Bandung Tahun Ajaran 2013/2014 menulis biografi singkat.

Kata kunci: Movie Maker, Menulis Biografi Singkat.

(6)

(7)

MOVIE MAKER MEDIA IN IMPROVING WRITING SKILL OF SHORT BIOGRAPHY ABILITY (Studi Quasi Eksperiment in Student Class VII-C SMPN 45 Bandung

Academic Year 2013/2014)1

Desy Ratnasari2

ABSTRACT

The background of this reseacrh is the important of media in teaching activity an the lack of students ability in writing short biography. This study aims at describing: (1) to describe the student ability in writing short biography before using movie maker media; (2) to describe the student ability in writing short biography after use movie maker media; and (3) the different between the ability of writing short biography before and after use movie maker media. The method that used in this reseacrh is quasi experimental method by using the one group pretest posttest desain. The media is tested is by applying movie maker media in teaching writing short biography. The study was conducted in SMPN 45 Bandung grade VII-C. The participants were 36 students in which consisted of 17 female students and 19 male students. The techniqueused was testing worksheet. The instrument used was testing worksheet. The result this research found that: (1) the mean score of the ability in writing short biography before using movie maker media was 70,78; (2) the mean score of the ability in writing short biography after using movie maker media was 81,89; and (3) there was significance difference between pretest and posttest by using movie maker media based on the result of the tvalue (10,62) ≥ ttable (2,42). It shows that Ha is accepted an Hois rejected. It

showed that movie maker media could improve the skills in writing skill biography ability of the students in class VII-C SMPN 45 Bandung academic year 2013/2014.

Keyword: Movie Maker, Short Biography Ability.

1 Skripsi dibimbing oleh Drs. H. O. Solehudin, M.Pd. dan Hernawan, S.Pd., M.Pd. 2 Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI Bandung Angkatan 2010

(8)

Desy Ratnasari, 2014

Media Movie Maker Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Biografi Singget

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAPTAR EUSI

kaca

ABSTRAK ... i

PANGJAJAP ... ii

TAWIS NUHUN ... iv

DAPTAR EUSI ... vii

DAPTAR TABÉL ... xi

DAPTAR GRAFIK ... xii

DAPTAR LAMPIRAN ... xiii

DAPTAR SINGGETAN ... xiv

BAB I BUBUKA 1.1Kasang Tukang Panalungtikan ... 1

1.2Watesan jeung Rumusan Masalah ... 3

1.2.1 Watesan Masalah ... 3

1.2.2 Rumusan Masalah ... 4

1.3Tujuan Panalungtikan ... 4

1.3.1 Tujuan Umum ... 4

1.3.2 Tujuan Husus ... 4

1.4Mangpaat Panalungtikan ... 5

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 5

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 5

1.5Raraga Tulisan ... 6

BAB II ULIKAN TIORI, RARAGA MIKIR, JEUNG HIPOTÉSIS 2.1 Ulikan Tiori ... 7

(9)

Desy Ratnasari, 2014

Media Movie Maker Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Biografi Singget

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2.1.1.1 Wangenan Média Pangajaran ... 7

2.1.1.2 Mangpaat Média Pangajaran ... 9

kaca 2.1.1.3 Fungsi Média Pangajaran ... 10

2.1.1.4 Kritéria Média Pangajaran ... 12

2.1.1.5 Ciri-ciri Média Pangajaran ... 12

2.1.1.6 Wanda Média Pangajaran ... 13

2.1.2 Hakékat Média Movie Maker ... 14

2.1.2.1 Wangenan Movie Maker ... 14

2.1.2.2 Mangpaat jeung Tujuan Movie Maker ... 15

2.1.2.3 Léngkah-Léngkah Nyieun Movie Maker ... 15

2.1.2.4 Kaonjoyan jeung Kahéngkéran Movie Maker ... 16

2.1.2.5 Média Movie Maker salaku Média Pangajaran ... 16

2.1.3 Hakékat Pangajaran Nulis Biografi Singget ... 17

2.1.3.1 Tujuan Pangajaran ... 17

2.1.3.2 Pangajaran Nulis Biografi Singget dina KTSP ... 18

2.1.3.3 Silabus ... 19

2.1.4 Hakékat Nulis Biografi Singget ... 20

2.1.4.1 Wangenan Nulis ... 20

2.1.4.2 Gunana Nulis ... 21

2.1.4.3 Fungsi Nulis ... 22

2.1.4.4 Tujuan Nulis ... 23

2.1.4.5 Klasifikasi Nulis ... 23

2.1.4.6 Bahan Pangajaran Nulis ... 24

2.1.5 Wangenan Biografi Singget ... 25

2.1.5.1 Mangpaat Nulis Biografi Singget ... 25

2.1.5.2 Léngkah-Léngkah Nulis Biografi Singget ... 26

2.2 Raraga Mikir ... 26

(10)

ix

Desy Ratnasari, 2014

Media Movie Maker Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Biografi Singget

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Lokasi jeung Sumber Data Panalungtikan ... 29

3.1.1 Lokasi Panalungtikan ... 29

kaca 3.1.2 Sumber Data ... 29

3.2 Désain Panalungtikan ... 29

3.3 Métode Panalungtikan ... 30

3.4 Wangenan Panalungtikan ... 31

3.5 Instrumén Panalungtikan ... 32

3.6 Téhnik Panalungtikan ... 35

3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 35

3.6.2 Téhnik Ngolah Data ... 36

3.6.2.1 Léngkah-Léngkah Ngolah Data ... 36

3.6.2.2 Ngolah Data Sacara Statistik ... 37

3.6.3 Uji Sipat Data ... 42

3.6.3.1 Uji Normalitas ... 42

3.6.3.2 Uji Homogénitas ... 46

3.6.3.3 Uji Gain ... 47

3.6.3.4 Uji Hipotésis ... 48

BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN 4.1 Kamampuh Siswa Kelas VII-C SMPN 45 Bandung Taun Ajaran 2013/2014 dina Pangajaran Nulis Biografi Singget saméméh Ngagunakeun Média Movie Maker ... 50

4.2 Kamampuh Siswa Kelas VII-C SMPN 45 Bandung Taun Ajaran 2013/2014 dina Pangajaran Nulis Biografi Singget sabada Ngagunakeun Média Movie Maker ... 55

4.3 Analisis Béda anu Signifikan Antara Kamampuh Nulis Biografi Singget Siswa Kelas VII-C SMPN 45 Bandung saméméh jeung sabada Ngagunakeun Média Movie Maker ... 61

(11)

Desy Ratnasari, 2014

Media Movie Maker Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Biografi Singget

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

4.3.1 Uji Sipat Data ... 62

4.3.1.1 Uji Normalitas ... 63

4.3.1.1.1 Uji Normalitas Tés Awal ... 63

4.3.1.1.2 Uji Normalitas Tés Ahir ... 66

kaca 4.3.1.2 Uji Homogénitas ... 70

4.3.2 Uji Gain ... 71

4.3.3 Uji Hipotésis ... 75

4.4 Pedaran Hasil Panalungtikan Média Movie Maker pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Biografi Singget Siswa kelas VII-C SMPN 45 Bandung ... 76

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan ... 78

5.2 Saran ... 79

DAPTAR PUSTAKA ... 80

LAMPIRAN ... 82

(12)

Desy Ratnasari, 2014

Media Movie Maker Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Biografi Singget

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB I

BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Basa mangrupa pakakas manusa pikeun ngébréhkeun pikiran jeung ngedalkeun rasa. Basa Sunda minangka salahiji basa daérah di Indonésia anu masih kénéh digunakeun, dijaga, tur dimekarkeun ku masarakat Sunda.

Nurjanah (2009, kc. 1) ngébréhkeun kaparigelan basa dibagi jadi opat nyaéta kaparigelan ngaregepkeun (listening skill), kaparigelan nyarita (speaking skill), kaparigelan maca (reading skill), jeung kaparigelan nulis (writting skill). Kaparigelan nulis kaasup kana kaparigelan panghéséna ku sabab kamampuh pamungkas anu kudu dikawasa ku siswa. Nulis ogé bisa disebut hésé ku sabab kudu ngawasa heula unsur kabaasaan séjénna pikeun jadi eusi karangan.

Sudaryat (2009, kc. 99) ngébréhkeun yén nulis atawa ngarang mangrupa kamampuh makéna basa dina wangun tinulis pikeun nepikeun gagasan, eusi, pikiran, kahayang, kereteg haté atawa informasi.

Dumasar kana hasil obsérvasi 30 Nopember 2013 nalika PPL, siswa loba nu tacan bisa nulis biografi singget ku sabab aya sababaraha bangbaluh, siswa kurang paham kana naon ari biografi singget jeung kumaha cara nulis biografi singget. Bangbaluh séjén nyaéta tacan bisa nempatkeun éjahan, kalimah jeung diksi anu merenah. Disagédéngeun masalah pangaweruh nyaéta masalah motivasi diajar.

Nulis ngawengku sababaraha kompetensi dasar, salahijina kompetensi dasar nulis biografi singget. Ieu hal aya dina pedoman Standar Kompetensi Dan Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa Dan Sastra Sunda, nyaéta pangajaran nulis biografi singget di tingkat SMP kelas VII.

Biografi asalna ti basa Yunani, nyaéta bios anu hartina hirup, jeung graphien anu hartina tulis. Kalayan kecap séjén biografi mangrupa tulisan ngeunaan kahirupan hiji jalma. Nurutkeun Ernest (dina Nurbudi, 2013, kc. 20) biografi nyaéta riwayat hirup anu kawilang lengkep, ngeunaan kahirupan hiji jalma anu

(13)

Desy Ratnasari, 2014

Media Movie Maker Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Biografi Singget

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

nyaritakeun ngeunaan pangalaman, kagiatan, pasipatan, témpraménna jeung lingkungan, anu ditulis ku batur. Biografi bisa ngawangun sababaraha jajar kalimah, tapi ogé bisa leuwih ti hiji buku. Bédana nyaéta, biografi singget ngan ngadadarkeun ngeunaan fakta-fakta ti kahirupan hiji jalma sarta peran pentingna tapi, biografi anu panjang ngawengku, informasi-informasi penting anu dicaritakeun kalayan leuwih jero sarta kalawan dituliskeun jeung gaya nyarita anu alus.

Guru salaku pendidik diperedih pikeun ngagunakeun kaparigelanna dina nepikeun bahan matéri pangajaran. Ku cara leuwih narik ati sangkan motivasi diajar siswa ngaronjat. Salasahiji tarékahna nyaéta ku cara ngagunakeun média pangajaran.

Unsur basa jeung unsur eusi diadumaniskeun sangkan ngahasilkeun karangan anu sistematis. Dina hakékatna, guru diperlukeun kaparigelan pikeun ngaronjatkeun motivasi siswa nalika diajar nulis. Kondisi pangajaran nulis di sakola kawilang kurang. Ku kituna, kudu ayana stimulus sangkan siswa resep nulis. Média pangajaran bisa dianggap stimulus sangkan pangajaran nulis bisa leuwih ngaronjatkeun motivasi siswa kana diajar nulis.

Média pangajaran téh loba wandana di antarana aya média citak, média visual, média audio-visual, média berbasis komputer, jeung média gabungan. Pikeun ngungkulan masalah kurangna kamampuh siswa dina nulis biografi singget, panalungtik nerapkeun hiji média audio-visual nyaéta média movie maker. Média sorangan asalna tina basa Latin médius anu hartina „tengah‟, „perantara‟, atawa „panganteur‟. Média movie maker nyaéta média audio-visual anu nyoko kana éfék visual. Fungsina pikeun ngolah data digital kana cuplikan-cuplikan pilem, upamana nambahan animasi, éfék visual atawa rédaksi singget anu dipatalikeun jeung pilem anu rék diatur.

Panalungtikan skripsi séjén anu nalungtik ngeunaan média movie maker jeung nulis biografi singget di antarana:

(14)

3

Desy Ratnasari, 2014

Media Movie Maker Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Biografi Singget

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1) Purnama, F. (2012) “Éféktivitas Média Movie Maker dina Pangajaran Nulis Warta (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas IX-E SMP Negeri 1 Manonjaya)” sasaruaanna nyaéta ngagunakeun média movie maker, ngagunakeun métode kuasi ékspérimén, sedengkeun bédana dina pangajaran nulis warta anu dijadikeun panalungtikan.

2) Wafa, S.F. (2013) “Éféktivitas Média Movie Maker dina Pangajaran Nulis Karangan Éksposisi (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII-A SMP Negeri 1 Rawamerta Kabupatén Karawang Taun Ajaran 2012/2013)” saruana dina ieu panalungtikan nyaéta ngagunakeun média movie maker, jeung ngagunakeun métode studi kuasi ékspérimén, sedengkeun bédana nyaéta dina pangajaran nulis karangan éksposisi.

3) Nurbudi, R.S. (2013) “Stratégi Modeling Berbasis Teks (SMBT) Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Biografi Singget (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII-B SMPN 19 Bandung Taun Ajaran 2012/2013)” dina ieu panalungtikan saruana nyaéta dina pangajaran nulis biografi singget jeung studi kuasi ékspérimén anu digunakeun, sedengkeun bédana ieu panalungtikan ngagunakeun Stratégi Modeling Berbasis Teks (SMBT). Panalungtikan ngeunaan digunakeunna média movie maker pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis biografi singget ka siswa kelas VII-C SMPN 45 Bandung, tepi ka danget ieu can aya nu nalungtik.

Ku kituna, ieu panalungtikan anu dijudulan Média Movie Maker pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Biografi Singget (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII-C SMPN 45 Bandung Taun Ajaran 2013/2014), perlu dilaksanakeun.

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

(15)

Desy Ratnasari, 2014

Media Movie Maker Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Biografi Singget

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Masalah dina pangajaran nulis téh kawilang kompléks. Sabada diwatesanan, panalungtikan ieu ngan nalungtik ngeunaan pangajaran nulis anu dilaksanakeun ku guru di sakola masih konvénsional, anapon ngagunakeun média masih basajan, jeung kurangna kamampuh siswa dina nulis biografi singget. Sangkan ieu panalungtikan teu lega teuing ambahanana, panalungtikan ieu diwatesanan ngeunaan kurangna kamampuh siswa dina nulis biografi singget, tur guru masih ngagunakeun modél jeung média pangajaran anu basajan.

1.2.2 Rumusan Masalah

Anu jadi masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina kalimah pananya ieu di handap.

1) Kumaha kamampuh nulis biografi singget siswa kelas VII-C SMPN 45 Bandung saméméh ngagunakeun média movie maker?

2) Kumaha kamampuh nulis biografi singget siswa kelas VII-C SMPN 45 Bandung sabada ngagunakeun média movie maker?

3) Naha aya béda anu signifikan dina nulis biografi singget siswa kelas VII-C SMPN 45 Bandung antara saméméh jeung sabada ngagunakeun média movie maker?

1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

Tujuan umum tina ieu panalungtikan nyaéta hayang ngadéskripsikeun naha ieu média movie maker bisa ngaronjatkeun kamampuh siswa anu signifikan, dina nulis biografi singget ka siswa kelas VII-C SMPN 45 Bandung.

1.3.2 Tujuan Husus

Salian ti tujuan umum di luhur, aya ogé sababaraha tujuan husus dina ieu panalungtikan sangkan puguh tujuanna, ieu di handap dijéntrékeun tujuan husus ieu panalungtikan nyaéta pikeun ngadéskripsikeun:

(16)

5

Desy Ratnasari, 2014

Media Movie Maker Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Biografi Singget

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1) kamampuh nulis biografi singget siswa kelas VII-C SMPN 45 Bandung saméméh ngagunakeun média movie maker;

2) kamampuh nulis biografi singget siswa kelas VII-C SMPN 45 Bandung sabada ngagunakeun média movie maker; jeung

3) signifikan henteuna kamampuh nulis biografi singget siswa kelas VII-C SMPN 45 Bandung antara saméméh jeung sabada ngagunakeun média movie maker.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

1.4.1 Mangpaat Panalungtikan Tioritis

Ieu panalungtikan dipiharep bisa méré mangpaat pikeun:

1) méré motivasi jeung pangaweruh ngeunaan nulis biografi singget ngaliwatan média movie maker;

2) ngajembaran élmu pangaweruh ngeunaan tarékah ngaronjatkeun kamampuh dina nulis biografi singget; jeung

3) méré tatapan ka panalungtik séjén anu baris nalungtik ngeunaan nulis biografi singget.

1.4.2 Mangpaat Panalungtikan Praktis

Ieu panalungtikan mibanda sababaraha mangpaat praktis, di antarana:

1) mangpaat pikeun panulis nyaéta sangkan bisa ngaronjatkeun dina ngarancang sarta ngalaksanakeun pangajaran di kelas ngaliwatan média anu inovatif jeung ngirut siswa saperti média movie maker dina medar matéri pangajaran; 2) mangpaat pikeun guru dipiharep sangkan ngaronjatkeun jeung

ngajembarkeun pangaweruh, tur kamampuh dina nangtukeun média pangajaran anu saluyu jeung kaayaan di lapangan, sarta méré motivasi pikeun

(17)

Desy Ratnasari, 2014

Media Movie Maker Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Biografi Singget

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

pangajaran basa Sunda anu leuwih inovatif sangkan bisa ngirut siswa pikeun diajar;

3) mangpaat siswa pikeun ngaronjatkeun motivasi jeung kamampuh siswa nalika diajar basa Sunda ngaliwatan média movie maker nu bisa ngirut ati sangkan leuwih ngaronjatkeun deui hasil diajar séwang-séwangan;

4) mangpaat pikeun dunya atikan nyaéta dipiharep bisa ngaronjatkeun kualitas pangajaran basa jeung sastra Sunda tuluy dipiharep dunya atikan dina pangajaran Sunda bisa leuwih narik ati sangkan siswa bisa kairut; jeung 5) mangpaat pikeun nu maca nyaéta dipiharep bisa ngabeungharan wawasan

jeung pangaweruh, hususna ngeunaan mangpaat média movie maker dina pangajaran nulis biografi, ogé bisa méré pangaweruh kumaha carana ngagunakeun média movie maker.

1.5 Raraga Tulisan

Eusi dina ieu skripsi téh aya lima bab. Dina Bab I ngawengku: kasang tukang panalungtikan, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung raraga panulisan skripsi. Dina Bab II ngawengku: ulikan tiori anu medar média movie maker; kamampuh nulis biografi singget, tuluy aya raraga mikir jeung hipotésis panalungtikan. Dina Bab III ngawengku: lokasi jeung sumber data, désain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan, téknik ngumpulkeun data jeung analisis data. Dina Bab IV ngawengku: hasil panalungtikan jeung uji hipotésis Dina Bab V ngawengku kacindekan jeung saran kana panalungtikan anu geus dilaksanakeun.

(18)

Desy Ratnasari, 2014

Media Movie Maker Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Biografi Singget

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Lokasi jeung Sumber Data Panalungtikan

3.1.1 Lokasi Panalungtikan

Lokasi dina ieu panalungtikan nyaéta SMPN 45 Bandung anu alamatna aya di Jalan Yogyakarta No. 1 Antapani Telepon 7277721 Bandung.

3.1.2 Sumber Data

Sumber dina ieu panalungtikan nyaéta siswa kelas VII-C SMPN 45 Bandung jumlahna 36 urang, anu ngawengku awéwé jumlahna 17 jeung lalaki jumlahna 19. Data panalungtikan mangrupa tulisan siswa dina nulis biografi singget. Tulisan didieu mangrupa hasil tés awal jeung tés ahir dina nulis biografi singget siswa kelas VII-C SMPN 45 Bandung.

3.2 Désain Panalungtikan

Campbell & Stanley (dina Arikunto 2010, kc. 123) nétélakeun yén desain panalungtikan dibagi dua, dumasar kana sampurna atawa henteuna éta panalungtikan. Désain anu kahiji disebut pre eksperimental design atawa ékspérimén anu tacan sampurna. Ieu ékspérimén biasana disebut panalungtikan kuasi atawa kuasi ékspérimén (ékspérimén semu). Ku sabab ieu désain panalungtikan mangrupa panalungtikan anu teu sabenerna. Sedengkeun désain anu kadua disebut true eksperimental design atawa ékspérimén sampurna (murni).

Désain anu digunakeun nyaéta kelompok tés awal jeung tés ahir kelompok tunggal (the one group pretest posttest desain) ngagunakeun dua kali tés, aya tés awal (saméméh perlakuan) jeung tés ahir (sabada perlakuan), tapi teu ngagunakeun kelas kontrol. Sangkan leuwih jéntré, titénan désain ieu di handap:

(19)

Désain Panalungtikan Pre-test and Post-test Group (Arikunto, 2010, kc. 124)

Katerangan:

O1 : Tés awal (saméméh dibéré perlakuan)

O2 : Tés ahir (sabada dibéré perlakuan)

X : Perlakuan ngagunakeun média Movie Maker 3.3 Métode Panalungtikan

Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta métode kuasi ékspérimén. Métode kuasi ékspérimén mangrupa métode anu digunakeun ku cara ngayakeun kagiatan percobaan pikeun niténan kalungguhan hubungan kasual antara variabel-variabel anu ditalungtik.

Métode kuasi ékspérimén dina ieu panalungtikan digunakeun pikeun ngukur signifikan atawa henteuna kamampuh siswa kelas VII-C SMPN 45 Bandung saméméh jeung sabada ngagunakeun média movie maker dina pangajaran nulis biografi singget.

Métode dina ieu panalungtikan nyaéta quasi eksperimental research disebut ogé ékspérimén semu nyaéta panalungtikan anu tujuanna néangan sabab akibat dina kahirupan nyata, cara ngendalikeun parobahanana hésé atawa teu mungkin dilarapkeun, jeung héséna nyieun papasingan sacara acak, ieu métode di pilih ku sabab dianggap luyu, ieu nurutkeun Arikunto (2010, kc. 123).

Panalungtikan ngagunakeun métode studi kuasi ékspérimén miboga tujuan pikeun nguji hipotésis, ngaprédiksi hasil panalungtikan jeung ngagénéralisasikeun hubungan antar variabel. Léngkah-léngkah anu dilakukeun dina ieu métode panalungtikan ngawengku: ngayakeun tés awal nulis biografi singget siswa (pretést), ngayakeun treatment atawa perlakuan ngagunakeun média movie maker, jeung ngayakeun tés ahir nulis biografi singget siswa (postest).

(20)

31

3.4Wangenan Operasional

Dumasar kana pedaran panalungtikan anu sipatna leuwih téoritis, sangkan ieu panalungtikan téh puguh maksud, tujuan sarta udaganna, ieu dihandap dijéntrékeun wangenan operasional tina judul ieu panalungtikan, nyaéta:

1) média movie maker nyaéta aplikasi editing video anu miboga kaunggulan dina éfék jeung transisi video sangkan bisa ngiptakeun video anu ngirut ngaliwatan ngagabungkeun audio jeung video tina kaméra video anu tuluy diédit;

2) nulis nyaéta kagiatan produktif sabab ngahasilkeun karya anu mangrupa tulisan, anu gunana pikeun komunikasi sacara teu langsung. Kaparigelan nulis kaasup kana kaparigelan panghéséna ku sabab kamampuh pamungkas anu kudu dikawasa ku siswa. Kagiatan nulis ngalibetkeun sakabéh aktivitas otak, anu mantuan panulis dina ngébréhkeun sagala ide atawa gagasan anu diébréhkeun ngaliwatan médium basa; jeung

3) pangajaran nulis biografi singget nyaéta pangajaran nulis riwayat hirup hiji jalma, anu ditulis ku batur ngawengku fakta jeung informasi ngeunaan pangalaman hirupna jeung kagiatan sapopoéna, ogé ngurung usaha ngagambarkeun pasipatan, kapribadianana jeung lingkunganana. Biografi salian ti nyaritakeun jalma kasohor, tapi bisa ogé nyaritakeun jalma anu teu kasohor. Biografi aya anu lengkep atawa panjang biasana didéskripsikeun nepi ka jero-jerona, aya ogé anu biografi singget ngan saukur nyaritakeun fakta tina kahirupa hiji jalma.

Cindekna média movie maker nyaéta aplikasi editing video anu miboga kaunggulan dina éfék, sangkan bisa nyiptakeun video anu ngirut. Ieu média bisa jadi stimulus sangkan siswa bisa kairut dina pangajaran nulis biografi singget. Ku sabab dina kagiatan nulis ngalibetkeun sakabéh aktivitas otak, pikeun mantuan panulis dina ngébréhkeun informasi. Ide atawa gagasan anu ditulis ngeunaan

(21)

riwayat hiji jalma jeung kagiatan sapopoéna. Biografi salian ti nyaritakeun jalma kasohor, tapi bisa ogé nyaritakeun jalma anu teu kasohor atawa jalma biasa.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Nurutkeun Arikunto (2010, kc. 203) instrumén nyaéta alat bantu anu dipilih atawa digunakeun ku panalungtik dina kagiatan ngumpulkeun data, sangkan éta kagiatan jadi hiji sistem anu babari dipigawé.

Instrumén panalungtikan nyaéta pakakas anu dipaké dina prosés panalungtikan. Instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta lembar soal tés. Tujuan tina éta tés pikeun mikanyaho aya béda anu signifikan atawa henteuna média movie maker pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis buigrafi singget.

Tés dilakukeun dua kali, nyaéta tés saméméh ngagunakeun média jeung tés sabada ngagunakeun média. Maksudna ngagunakeun média didieu nyaéta ayana perlakuan.

Tés kahiji dilakukeun pikeun ngukur kamampuh awal siswa ku cara siswa nyieun hiji biografi ngeunaan guruna boh di sakola boh gur di luar sakola, ngagunakeun basa Sunda anu merenah, tur minimal tilu paragraf.

Tés kadua dilakukeun pikeun ngukur kamampuh ahir pangaruh tina ayana perlakuan (movie maker) kana kamampuh nulis biografi singget, ngeunaan salasahiji guru anu jadi objék dina movie maker kalawan ngagunakeun basa tur éjahan anu merenah, ngagunakeun rangkay karangan anu ngawengku sistematika nulis biografi singget, jeung minimal tilu paragraf.

Sangkan leuwih jéntré, titénan conto instrumén tés awal jeung tés ahir ieu di handap:

(22)

33

Gambar 3.1 Conto Soal Tés Awal

Gambar 3.2

Conto Soal Tés Ahir

INSTRUMÉN SOAL TÉS AWAL

Wasta : Kelas : No. Absén :

Pék hidep jieun hiji karangan biografi, kalawan niténan katangtuan ieu di handap:

1) Témana ngeunaan guru hidep, boh di sakola boh di luar sakola! 2) Ngagunakeun basa Sunda anu hadé tur éjahan anu merenah! 3) Minimal tilu paragraf!

(23)

Gambar 3.2 Conto Soal Tés Ahir

INSTRUMÉN SOAL TÉS AHIR

Wasta : Kelas : No. Absén :

Pék hidep jieun hiji karangan biografi, kalawan niténan katangtuan ieu di handap:

1) Témana ngeunaan guru hidep, boh di sakola boh di luar sakola! 2) Ngagunakeun basa Sunda anu hadé tur éjahan anu merenah! 3) Minimal tilu paragraf!

(24)

35

3.5Téhnik Panalungtikan

Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan ngawengku sababaraha léngkah, nyaéta téhnik ngumpulkeun data, téhnik ngolah, jeung uji sipat data. Panalungtik ngumpulkeun data pretest jeung postest, tuluy ngolah data anu ngawengku léngkah-léngkah ngolah data jeung ngolah data sacara statistik. ngagunakeun uji sipat data. Sangkan leuwih jéntré, titénan ieu pedaran di handap.

3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik ngumpulkeun data anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta téhnik tés pikeun ngukur kamampuh siswa dina nulis biografi singget saméméh jeung sabada dibéré perlakuan atawa ngagunakeun média movie maker.

Tés awal dilaksanakeun pikeun ngukur kamampuh siswa dina nulis biografi singget saméméh ngagunakeun média movie maker, sedengkeun tés ahir pikeun ngukur kamampuh siswa dina nulis biogarfi singget sabada ngagunakeun média movie maker.

Sabada ngalaksanakeun tés awal jeung tés ahir, tangtu bakal katitén babandingan hasil saméméh jeung sanggeus ngagunakeun média movie maker. Tuluy kapanggih éféktif atawa henteuna média movie maker pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis biografi singget.

Léngkah-léngkah ngumpulkeun data nyaéta saperti ieu di handap. 1) Tés Awal, anu ngawengku:

(a) panalungtik nerangkeun tujuan tés jeung tujuan panalungtikan;

(b) panalungtik ngabagikeun soal tés awal anu geus aya lembar jawabanna; (c) siswa nulis biografi singget anu geus aya dina soal tés awal; jeung (d) tuluy siswa ngumpulkeun hasil tés awal nulis biografi singget.

2) Perlakuan, nyaéta treatment pikeun méré pangaruh sangkan kamampuh nulis biografi singget siswa bisa ngaronjat.

(25)

3) Tés Ahir, anu ngawengku:

(a) panalungtik méré matéri ngeunaan nulis biografi singget; (b) panalungtik méré perlakuan ngaliwatan média movie maker; (c) panalungtik nerangkeun tujuan tés ahir;

(d) panalungtik ngabagikeun soal tés ahir anu geus aya lembar jawabanna; (e) siswa nulis biografi singget luyu jeung anu aya dina soal sabada dibéré

treatment ngaliwatan média movie maker; jeung

(f) tuluy siswa ngumpulkeun hasil tés ahir nulis biografi singget. 3.6.2 Téhnik Ngolah Data

Téhnik ngolah data mangrupa kagiatan ngolah jeung nganalisis data anu geus kakumpul tina hasil tés. Data anu bakal diolah jeung dianalisis nyaéta data hasil tés kamampuh awal (pratest) nulis biografi singget jeung data hasil tés kamampuh ahir (postest) nulis biografi singget. Data anu geus dikumpulkeun tuluy dianalisis pikeun nguji hipotésis ngeunaan ngaronjat atawa henteu ngaliwatan média movie maker anu digunakeun salaku treatment atawa perlakuan

Tujuan tina data anu diolah jeung dianalisis nyaéta pikeun maluruh:

1) kamampuh nulis biografi singget siswa kelas VII- SMPN 45 Bandung saméméh ngagunakeun média movie maker;

2) kamampuh nulis biografi singget siswa kelas VII- SMPN 45 Bandung sabada ngagunakeun média movie maker; jeung

3) bédana dina nulis biografi singget anu signifikan antara saméméh jeung sabada ngagunakeun média movie maker.

Sangkan leuwih jéntré, dina téhnik ngolah data bari dijéntrékeun ngeunaan léngkah-léngkah ngolah data jeung statistika, titénan pedaran ieu di handap: 3.6.2.1 Léngkah-Léngkah Ngolah Data

Dina ieu sub bab, bari dipedar ngeunaan léngkah-léngkah dina ngolah data. Téhnik dina ngolah data ngawengku sababaraha léngkah saperti ieu di handap:

(26)

37

1) mariksa hasil nulis biografi singget siswa saméméh jeung sabada ngagunakeun média movie maker, tina hasil tés awal (pretest) jeung tés ahir (postest);

2) mariksa kekecapan dina unggal paragraf nulis biografi singget anu merenah jeung bener tina hasil tulisan siswa;

3) meunteun hasil nulis biografi singget siswa dumasar kana kritéria aspék meunteun karangan anu geus ditangtukeun;

4) nangtukeun peunteun siswa dumasar kana kritéria aspék meunteun karangan anu pangluhurna jeung nu panghandapna;

5) ngayakeun uji sipat data nyaéta pikeun nganalisis béda signifikan antara tés awal (pretest) jeung tés ahir (postest) katut pikeun nyiapkeun uji hipotésis; jeung

6) uji hipotésis dilakukeun pikeun ngabuktikeun yén éta data téh signifikan atawa henteu, jeung pikeun nuduhkeun yén média movie maker ditarima atawa ditolak pikeun ngaronjatkeun kamampuh siswa dina nulis biografi singget.

3.6.2.2 Ngolah Data Sacara Statistik

Saméméh ngolah data, karangan hasil nulis biografi singget siswa kudu dipeunteun heula, tuluy ngahasilkeun data anu mangrupa angka-angka pikeun diitung. Analisis hasil karangan anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta dumasar lima aspék meunteun karangan.

1) Kualitas jeung lingkup eusi, nyaéta mariksa eusi gagasan dina tulisan anu diébréhkeun ku siswa, eusina luyu jeung téma atawa henteu, tuluy nepikeun informasi sacara lengkep, bisa mekarkeun ide caritaan;

2) Organisasi jeung tampilan eusi, ngawengku runtuyan kalimah anu sinambung antara kalimah kahiji jeung saterusna, antar paragraf jeung saterusna, munel, sistematis, tuluy hubungan antar paragrafna raket;

(27)

3) Tata basa, nyaéta kontruksi komplék ngeunaan tata basa anu éféktif digunakeun ku siswa, pilihan kecap merenah, eusi karangan maké struktur basa anu merenah atawa henteu;

4) Gaya basa, sarta tulisan anu dipilih kudu merenah, bisa katitén tina kalimah anu digunakeun éféktif atawa henteu sarta ngagunakeun gaya basa anu anu bener tur merenah, ayana kasalahan dina kontruksi kalimah, tapi ma’nana teu ngabingungkeun nu maca; jeung

5) Éjahan, didieu dipuseurkeun dina ngagunakeun huruf kapital, ti mimiti nulis, ngagunakeun rarangkén hareup jeung tanda baca, bisa ngawasa tulisan ma’na teu ngabingungkeun jeung teu loba kasalahan.

Pikeun mikanyaho hasil tés awal jeung tés ahir nulis biografi singget, tuluy bari dibéré peunteun dumasar kana pedoman meunteun karangan nulis biografi singget anu aya dina tabél 3.1 di handap:

Tabél 3.1

Format Skala Meunteun Nulis Biografi Singget Tés awal jeung Tés ahir

NO. Unsur anu dipeunteun Skala peunteun Skor Siswa

(1) (2) (3) (4)

1 Content (eusi, gagasan nu diéréhkeun)

1-5 ...

2. Form (organisasi eusi) 1-5 ...

3. Grammar (tatabasa jeung pola kalimah)

1-5 ...

4. Syle (gaya: pilihan struktur jeung pola kecap)

1-5 ...

5. Mechanies (éjahan) 1-5 ...

(28)

39

Katerangan: 1 = Kurang 2 = Cukup 3 = Sedeng 4 = Alus 5 = Alus Pisan

(Nurgiyantoro, 2012, kc. 440)

Sangkan leuwih jéntré, dina méré skor karangan kudu luyu jeung patokan pikeun nangtukeun skor siswa anu dipedar dina tabél ieu di handap:

Tabél 3.2

Kritéria Meunteun Karangan

Aspék Skor Kritéria

(1) (2) (3)

Eusi

5 ALUS PISAN

Eusi luyu jeung téma; nepikeun informasi anu lengkep; bisa mekarkeun ide carita.

4 ALUS

Eusi luyu jeung téma; nepikeun informasi lengkep.

3 CUKUP

Eusi luyu jeung téma; nepikeun informasi kurang lengkep; kurang ngamekarkeun ide.

2 KURANG

Eusi luyu jeung téma tapi teu nepikeun informasi.

1 GAGAL

Eusi teu aya patalina jeung téma; teu nepikeun informasi.

Organisasi Eusi

5 ALUS PISAN

Eusi dimekarkeun sacara jelas; ide diébréhkeun kalawan jelas; munel; sistematis; hubungan antar paragraf raket.

4 ALUS

Eusi dimekarkeun sacara jelas; ide anu diébréhkeun kurang jelas; hubungan antar paragraf raket

3 CUKUP

Eusi kurang dimekarkeun; ide diébréhkeun kurang jelas; hubungan antar paragraf kurang

2 KURANG

Eusi teu luyu jeung téma; eusi anu diébréhkeun teu jelas; hubungan antar paragraf kurang.

(29)

(1) (2) (3)

1 GAGAL

Eusi teu luyu jeung téma; ide teu jelas; teu aya hubungan antar paragraf.

Tata basa

5 ALUS PISAN

Pilihan kecap merenah; eusi karangan maké struktur basa anu merenah.

4 ALUS

Pilihan kecap merenah; eusi karangan maké struktur basa anu merenah; aya leuwih ti dua kasalahan.

3 CUKUP

Pilihan kecap kurang merenah; mindeng aya kasalahan dina tatabasa; pilihan kecap jeung ungkapan remen teu luyu tapi kaharti.

2 KURANG

Pilihan kecap asal-asalan; pilihan kecap jeung ungkapan kurang luyu.

1 GAGAL

Teu puguh maksudna.

Gaya Basa

5 ALUS PISAN

Kontruksi komplék anu éféktif; kasalahan ngan aya dina wangun kabasaan.

4 ALUS

Kontruksi basajan tapi éféktif; kasalahan saeuitk tapi dina kontruksi kompléks aya kasalahan sedengkeun ma’nana teu ngabingungkeun.

3 CUKUP

Loba kasalahan dina kalimah; ma’na ngabingungkeun atawa teu jelas.

2 KURANG

Teu ngawasa kabasaan; loba kasalahan.

1 GAGAL

Teu pantes diajén.

Éjahan

5 ALUS PISAN

Ngawasa tulisan; ngan aya sababaraha kasalahan éjahan.

4 ALUS

Sakapeung aya kasalahan éjahan tapi teu ngabingungkeun atawa teu jelas.

3 CUKUP

Mindeng kajadian kasalahan éjahan; ma’na ngabingungkeun jeung teu jelas.

(30)

41

(1) (2) (3)

2 KURANG

Teu ngawasa cara panulisan; kecap jeung éjahan; tulisan teu kabaca; teu pantes pikeun diajén.

1 GAGAL

Tulisan teu puguh kabacana.

Sumber: (ilikan: Harfield spk. dina Nurgiyantoro, 2012, kc. 441-442) kalayan diropéa rentang skorna katut ngaran kritériana.

Sangkan leuwih écés, skor ahir siswa ditabulasikeun dina tabél pikeun mikanyaho hasil nulis biografi singget siswa nalika tés awal jeung tés ahir. Éta hasil téh ditabulasikeun dina tabél 3.3 saperti ieu di handap:

Tabél 3.3

Format Skor Tés Awal jeung Tés Ahir Nulis Biografi Singget Siswa

No. Aspék Ʃ P % Tapsiran

A B C D E

(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10) 1

2 3 4 5 6 ...

Katerangan:

a = Content (eusi, gagasan anu diébréhkeun) b = Form (organisasi eusi)

c = Grammar (tata basa jeung kalimah)

d = Syle (gaya: pilihan struktur jeung pola kecap) e = Mechanies (éjahan)

Ʃ = Jumlah total P = Peunteun % = Perséntase

(31)

Sabada méré peunteun dumasar kana aspék anu aya dina tabél, pikeun nangtukeun jumlah skor murni tulisan biografi siswa digunakeun pedoman meunteun ngagunakeun rumus:

3.6.3 Uji Sipat Data

Dina uji sipat data, nganalisis béda signifikan hasil nulis biografi singget siswa antara saméméh jeung sabada ngagunakeun média movie maker, ngawengku uji normalitas tés awal jeung tés ahir.

Uji sipat data dilaksanakeun pikeun nyiapkeun uji hipotésis. Saméméh ngayakeun uji hipotésis, kudu dilaksanakeun uji normalitas. Sangkan leuwih jéntré, titénan pedaran ieu di handap.

3.6.3.1 Uji Normalitas

Uji normalitas nyaéta pikeun mikanyaho yén éta data téh normal atawa henteu. Luyu jeung pamadegan Sudjana (2005, kc. 150) nétélakeun yén uji normalitas nyaéta pikeun nguji distribusi populasi, pikeun nguji chi kuadrat jeung pikeun mikanyaho normal atawa henteuna data anu geus dikumpulkeun.

Uji normalitas tujuanana pikeun ngayakinkeun yén kamampuh siswa mibanda distribusi anu normal. Salaku sarat anu kudu dicumponan pikeun nguji kamampuh rata-rata, pikeun nangtukeun yén data téh mibanda sifat nu normal atawa teu normal.

Pikeun nguji éta hal, rumus anu digunakeun nyaéta rumus chi kuadrat (ᵪ2). Dina prak-prakana saméméh ngagunakeun rumus chi kuadrat, kudu dilakukeun heula léngkah-léngkah saperti ieu di handap:

(32)

43

1) Nangtukeun nilai panggedéna.

2) Ngitung rentang (r) ngagunakeun rumus:

3) Nangtukeun jumlah kelas interval, ngagunakeun rumus:

4) Nangtukeun panjang kelas interval:

5) Ngitung rata-rata jeung standar déviasi ngagunakeun tabel frékuénsi peunteun tés awal jeung tés ahir kalayan tabél saperti ieu di handap:

Tabél 3.4

Format Distribusi Frékuénsi Peunteun Tés Awal Jeung Tés Ahir

No. Kelas Interval i i i2 fi i fi i 2

1. 2. 3. 4. ... Ʃ

r = skor panggedéna – skor pangleutikna

K = 1 + 3,3 log N

r P = K

(33)

6) Ngitung rata-rata (mean) peunteun tés awal jeung tés ahir kalayan ngagunakeun rumus:

Katerangan : : rata-rata (méan) : jumlah (zigma) fixi : jumlah data fi : nilai tengah

(Sudjana, 2005, kc. 67) 7) Ngitung standar déviasi, ngagunakeun rumus saperti ieu:

(Sudjana, 2005, kc. 94-95) 8) Ngitung frékuénsi obsérvasi jeung frékuénsi ékspéktasi (perkiraan)

(a) Nyieun tabél frékuénsi obsérvasi jeung frékuénsi ékspéktasi, dumasar kana tabél ieu di handap:

Ʃ

f

i

x

i

x =

Ʃ

f

i

sd =

(34)

45

Tabél 3.5

Format Frékuénsi Obsérvasi Jeung Frékuénsi Ékspéktasi

Kelas Interval

Oi bk Zitung Ztabél L Ei (Oi-Ei)

2

Ei

(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8)

2

(b) Nangtukeun Oi (frékuénsi obsérvasi) (c) Nangtukeun bk (batas kelas)

Batas kelas nyaéta nilai tepi kelas awal dikurangi 0,5 jeung nilai tepi kelas ahir ditambah 0,5

(d) Ngitung Zitung (transformasi normal standar bébas kelas):

(e) Nangtukeun Ztabél

(f) Ngitung legana unggal kelas interval (L)

(g) Ngitung frékuénsi ékspektasi (Ei)

L = Ztabél 1 – Ztabél 2

(35)

(h) Nangtukeun nilai 2 (chi kuadrat)

(Sudjana, 2005, kc. 273) 9) Nangtukeun derajat kebébasan (dk)

(Sudjana, 1992, kc. 293) 10) Nangtukeun harga 2tabél

11) Nangtukeun normalitas (normal atawa henteuna) distribusi data ngagunakeun kritéria ieu di handap:

(a) 2itung 2tabél hartina distrubusi data normal, tapi saupama

(b) 2itung 2tabél hartina distribusi data henteu normal.

(Arikunto, 2010, kc. 363) Sanggeus dilakukeun uji normalitas, tur data anu dihasilkeun normal, kagiatan anu satuluyna nyaéta uji homogénitas. Uji homogénitas mangrupa varian anu fungsina pikeun nangtukeun uji paramétrik anu luyu.

3.6.3.2 Uji Homogénitas

Uji homogénitas nyaéta uji sipat data anu fungsina pikeun mikanyaho homogén atawa henteuna variasi sampel tina populasi anu sarua. Pikeun nangtukeun homogén atawa henteuna data nyaéta ngagunakeun léngkah-léngkah saperti ieu di handap:

2

= Ʃ (Oi-Ei)2 Ei

(36)

47

1) Nangtukeun variansi kalawan ngagunakeun rumus:

2) Hasil tina variansi diasupkeun kana distribusi F kalawan rumus:

3) Nangtukeun derajat kabébasan, kalawan ngagunakeun rumus:

4) Nangtukeun homogén atawa henteuna data dumasar kana kritéria:

(a) itung tabél hartina varian sampel homogén, tapi saupama

(b) itung tabél hartina varian sampel teu homogén.

3.6.3.3 Uji Gain

Uji gain dilakukeun pikeun ngabandingkeun rata-rata peunteun tés awal jeung tés ahir. Hasil tina uji gain dipaké salaku gambaran ngeunaan skor tés awal jeung tés ahir siswa dina nulis biografi singget. Nangtukeun uji gain kalawan ngagunakeun rumus ieu di handap:

S12

F = S12

(37)

Tabél 3.6

Uji Gain Tés Awal Jeung Tés Ahir

No. Ngaran Siswa Peunteun

Pratést

Peunteu Postést

d d2

(1) (2) (3) (4) (5) (6)

1 2 3

Ʃ Rata-rata 3.6.3.4 Uji Hipotésis

Dina uji hipotésis dilakukeun ngaliwatan sababaraha léngkah, nyaéta:

1) Ngitung rata-rata (mean) dumasar kana béda antara skor tés awal jeung tés ahir nyaéta:

2) Ngitung jumlah kuadrat déviasi ngagunakeun rumus ieu di handap:

3) Ngitung t ngagunakeun rumus:

Katerangan: t = tés signifikansi

Md = rata-rata (mean) tina béda antara tés awal jeung tés ahir Ʃ 2

d = jumlah kuadrat déviasi n = jumlah subjék dina sampel

Md = Ʃd n

Ʃ 2

d = Ʃd 2– (Ʃd)2 n

(38)

49

4) Ngabuktikeun hipotésis, nangtukeun ditarima atawa henteuna hipotésis dumasar kana ieu kritéria:

(a) lamun titung ≥ ttabél hartina hipotésis kerja atawa hipotésis alternatif (Ha)

ditarima, jadi hipotésis nol (Ho) ditolak, nyaéta média pangajaran movie maker aya béda anu signifikan pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis biografi singget ka siswa kelas VII-C SMPN 45 Bandung; jeung

(b) lamun titung ≤ ttabél hartina hipotésis nol (Ho) ditarima, jadi hipotésis kerja

atawa hipotésis alternatif (Ha) ditolak, nyaéta média pangajaran movie maker teu aya béda anu signifikan pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis biografi singget ka siswa kelas VII-C SMPN 45 Bandung.

(39)

Desy Ratnasari, 2014

Media Movie Maker Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Biografi Singget

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Sacara umum tujuan ieu panalungtikan dilaksanakeun pikeun ngukur kamampu siswa kelas VII-C SMPN 45 Bandung dina pangajaran nulis biografi singget saméméh jeung sabada ngagunakeun média movie maker. Sajaba ti éta, ieu panalungtikan pikeun meunangkeun gambaran yén média movie maker bisa ngaronjatkeun kamampuh nulis biografi singget.

Ieu panalungtikan dilaksanakeun pikeun mikanyaho hasil anu signifikan ngeunaan kamampuh nulis biografi singget saméméh jeung sabada ngagunakeun média movie maker. Tujuan tina unggal panalungtikan nyaéta pikeun ngabuktikeun hal-hal anu baris ditalungtik, anu dirumuskeun dina rumusan masalah panalungtikan. Aya tilu hal anu ditalungtik nyaéta kumaha kamampuh siswa dina nulis biografi singget saméméh ngagunakeun média movie maker; kumaha kamampuh siswa dina nulis biografi singget sabada ngagunakeun média movie maker; jeung naha aya béda anu signifikan antara hasil diajar siswa saméméh jeung sabada ngagunakeun média movie maker.

Kacindekan tina ieu panalungtikan nyaéta: (1) Dumasar kana data hasil tés awal aya 64% siswa can mampuh nulis biografi singget, sedengkeun dina data hasil tés ahir aya 11% siswa anu can mampuh nulis biografi singget. Upama nilik kana siswa anu geus mampuh nulis biografi singget, dina data hasil tés awal aya 36%, sedengkeun dina tés ahir aya 89% siswa geus mampuh nulis biografi singget. Jadi, aya béda anu signifikan antara kamampuh nulis biografi singget tina hasil tés awal jeung tés ahir; (2) Ditilik tina kritéria meunteun karangan nulis biografi singget, anu ngawengku lima aspék nyaéta aspék eusi; aspék organisasi eusi; aspék tata basa; aspék gaya basa; jeung aspék éjahan. Aspék eusi tés awal 24% sedengkeun tés ahir 23%. Aspék organisasi eusi tés awal 20% sedengkeun

(40)

79

Desy Ratnasari, 2014

Media Movie Maker Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Biografi Singget

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

tés ahir 21%. Aspék tata basa tés awal jeung tés ahir stabil 19%. Aspék gaya basa tés awal 19% sedengkeun tés ahir 18%. Aspék éjahan tés awal 18% sedengkeun tés ahir 19%.

Cindekna, kamampuh nulis biografi singget siswa kelas VII-C SMPN 45 Bandung dumasar kana hasil tés saméméh jeung sabada ngagunakeun média movie maker kaasup ngaronjat; (3) Ayana béda anu signifikan antara kamampuh nulis biografi singget saméméh jeung sabada ngagunakeun média movie maker. Ieu hal bisa katitén tina uji gain tés awal nyaéta 70,78 sedengkeun uji gain tés ahir 81,89. Jadi, rata-rata gainna nyaéta 11,11; jeung (4) Uji hipotésis ngahasilkeun titung ≥ ttabél nyaéta 10,62 ≥ 2,42 hartina yén hipotésis kerja (Ha) ditarima jeung

hipotésis nol (Ho) ditolak. Ieu hal nuduhkeun yén média movie maker bisa ngaronjatkeun kamampuh nulis biografi singget ka siswa kelas VII-C SMPN 45 Bandung.

5.2 Saran

Dumasar hasil panalungtikan anu geus dilaksanakeun, aya sababaraha saran anu diébréhkeun ku panalungtik pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis biografi singget, nyaéta:

1) média Movie Maker bisa ngaronjatkeun kamampuh nulis biografi singget. Ku kituna, ieu média bisa jadi salasahiji alternatif média dina pangajaran nulis, hususna dina pangajaran nulis biografi singget;

2) panalungtik méré saran ka guru-guru basa Sunda sangkan ngagunakeun média pangajaran anu cocok pikeun nepikeun matéri, contona média movie maker pikeun méré stimulus tur siswa bisa kairut dina diajar basa Sunda; 3) pikeun siswa, salaku upaya pikeun ngaronjatkeun motivasi diajar siswa nalika

diajar basa Sunda, antukna bisa ngaronjatkeun kamampuh hasil diajar;

4) kudu aya panalungtikan-panalungtikan séjén anu medar ngeunaan média Movie Maker anu langkung jembar deui ambahannana; jeung

(41)

Desy Ratnasari, 2014

Media Movie Maker Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Biografi Singget

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

5) ieu panalungtikan masih kénéh loba kakurangan, ku kituna panalungtik miharep ayana panalungtikan séjén ngeunaan nulis biografi bingget.

(42)

Desy Ratnasari, 2014

Media Movie Maker Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Biografi Singget

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAPTAR PUSTAKA

Agriawan, A. (2006). Bagaimana Menulis Biografi. Jakarta: Gramedia Pustaka. Arifin, Z. (2011). Penelitian Pendidikan. Bandung: PT. Remaja Rosdakarya. Arikunto, S. (2010). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktek. Jakarta:

Rineka Cipta.

Arsyad, A. (2013). Media Pembelajaran. Jakarta: Raja Grafindo Persada. Danadibrata. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. (2007). Standar Kompetensi Dan Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa Dan Sastra Sunda. Bandung: Disdik.

Fasanda. (2013). Cara Membuat dan Mengedit Video Menggunakan Movie Maker. [Online]. Tersedia di: http://fasanda.blogspot.com/2013/02/cara membuat-dan-mengedit-video.html. Diakses 12 Desember 2013.

Jasmadi. (2007). Cara Mudah Mengolah Film Keluarga Dengan Membuat Windows Movie Maker 2.1. Jakarta: Gramedia Pustaka.

Kustandi, C. & Sutjipto, B. (2013.) Media Pembelajaran. Bogor: Ghalia Indonesia.

Nurbudi, R.S. (2013). Strategi Modeling Berbasis Teks (SMBT) Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Biografi Singget. (Skripsi). Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung.

Nurgiantoro, B. (2012). Penilaian Pembelajaran. Yogyakarta: BPFE.

Nurjanah, N. (2009). Tiori Nulis. Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. (2013). Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia

Pranidhana, A. (2011). Windows Movie Maker. [Online]. Tersedia di: http://anggapranidhana.blogspot.com/2011/12/software-windows-movie maker.html. Diakses 5 Desember 2013.

(43)

Desy Ratnasari, 2014

Media Movie Maker Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Biografi Singget

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Warta. (Skripsi). Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung.

Razaq, A. & Ispantoro. (2011). The Magic of Movie Editing Cara Kreatif Mengedit Video. Jakarta: Trans Media.

Rusyana, Y. (1984). Bahasa dan Sastra dalam Gamitan Pendidikan. Bandung: Diponegoro.

Sudaryat, Y. (2009). Pamekar Kaparigelan Basa Sunda. Bandung: Pustaka Luang Bandung.

Sudaryat, Y. (2003). Ulikan Wacana Bahasa Sunda. Bandung: Geger Sunten. Sudjana. (2005). Metoda Statistika. Bandung: Tarsito.

Sudjana, N. (1989). Dasar-dasar Proses Belajar Mengajar. Bandung: Sinar Baru Algensindo Offset.

Sudjana, N. & Rivai. A. (2011). Media Pengajaran. Bandung: Sinar Baru Algensindo Offset.

Sumarsono, T. & Faturohman, T. (2008). Gapura Basa VII. Pangajaran Basa Sunda pikeun Murid SMP/Mts. Bandung: Geger Sunten.

Tarigan, H.G. (2008). Menulis Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.

Tim Pengembang MKDP Kurikulum Dan Pembelajaran. (2006). Kurikulum Pembelajaran. Universitas Pendidikan Indonesia.

Wafa, S.F. (2013). Éféktivitas Média Movie Maker Dina Pangajaran Nulis Karangan Éksposisi. (Skripsi). Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung.

81

Desy Ratnasari, 2014

Media Movie Maker Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Biografi Singget

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Warta. (Skripsi). Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung.