Tengetan conto karya tulis ilmiah ieu di handap A. Conto Bagian Jilid
B. Conto Panganteur
B. Conto Daftar Eusi
C. Conto Bab I Bubuka
BABANDINGAN ANTARA BABASAN BASA JAWA JEUNG BASA SUNDA
Makalah
Disusun ku KELOMPOK 2
1. Ery Eriyanti
2. Iskandar
3. Siti Kulsum
4. Setiawan
KELAS 3 B SMP NEGERI 1 CINGAMBUL
KABUPATEN MAJALENGKA
PANGANTEUR
Ieu makalah mangrupa hiji tulisan nu eusina maluruh dua basa nyaeta basa
Sunda jeung basa Jawa. Hususna medar ngeunaan babandingan antara babasan
basa Jawa jeung basa Sunda.
Maksud jeung tujuan nyusun ieu makalah nyaeta pikeun ngabandingkeun babasan basa
Jawa jeung basa Sunda, naon bedana jeung naon sasaruanana. Naha babasan anu sarua dina basa
jawa boga maksud atawa harti nu sarua dina babasan basa Sunda.
Teu hilap panyusun ngahaturkeun nuhun ka sadaya pihak anu parantos ngarojong kana proses
ngarengsekeun ieu makalah. Utamina ka Bapa Drs. M. Yusuf Syaefudin salaku Guru Basa
Sunda di SMP Negeri 1 Cingambul.
Panyusun sacara sadar ngaraoskeun yen ieu makalah teh kirang sampurna. Ku kituna
dipiharep saran sareng kritik nu sipatna
DAFTAR EUSI PANGJAJAP
DAFTAR EUSI BAB I BUBUKA
A. Kasang Tukang Masalah B. Tujuan
C. Rumusan jeung Watesan Masalah
BAB II PEDARAN A. Babasan dina Basa Sunda
B. Babasan dina Basa Jawa C. Babandingan antara Babasan Basa
Jawa jeung Basa Sunda BAB III PANUTUP
A. Kacindekan B. Saran
DAFTAR PUSTAKA BAB I BUBUKA
A. Kasang Tukang Masalah
Basa mangrupa salah sahiji alat pikeun komunikasi manusa. Ngaliwatan basa, urang bisa
nepikeun maksud
nu geus
dirarancang samemehna. Cara ngagunakeun basa salaku alat
komunikasi aya dua cara, bisa sacara lisan bisa oge sacara tulisan.
Di Indonesia salian basa Sunda teh aya deui basa sejen diantarana bae nyaeta basa Jawa.
Basa Sunda jeung basa Jawa teh masih sarungkun, ku kituna bakal aya basa nu sarua
disagigireun bedana teh.
Ieu makalah medar ngeunaan babandingan antara babasan basa Sunda jeung basa Jawa ditilik
tina ma’ na atawa maksudna.
B. Tujuan
Tujuan nyusun ieu makalah nyaeta : 1.
Ngabandingkeun babasan antara dua basa nyaeta basa Jawa jeung basa Sunda.
D. Conto BAB II PEDARAN
2. Manggihan babasan nu sarua 3. Manggihkeun harti nu sarua
4. Nambahan pangaweruh ngeunaan basa daerah.
C. Rumusan jeung Watesan Masalah Sababaraha masalah nu baris ditalungtik
dina ieu makalah dirumuskeun saperti di handap. 1.
Naha aya istilah dina babasan basa Jawa saperti nu aya dina basa Sunda ?
2. Naha aya sasaruaan antara babasan dina basa
Sunda jeung basa Jawa dina unsur hartina ? Watesan masalah anu dipedar nyaeta
ngabandingkeun 12 babasan basa Sunda jeung 12 babasan basa Jawa.
BAB II PEDARAN
A. Babasan dina Basa Sunda
Dumasar kana teori netelakeun yen babasan teh nyaeta ungkara winangun kecap
kantetan atawa frasa anu susunanana geus matok sarta miboga harti anu mandiri nu beda jeung
harti kecap asalna.
Ieu di handap diberendelkeun sababaraha babasan wangun frasa anu dicutat tina buku
Peperenian kenging Drs. Ahmad Hadi, Spk. 1.
adigung adiguna 2.
harigu manukeun 3.
ayem tengtrem 4.
kurung batok 5.
babalik pikir 6.
getas harupateun 7.
nyoo gado 8.
balungbang timur 9.
buntut kasiran 10. amis daging
11. hampang leungeun 12. panjang leungen
C. Babasan dina Basa Jawa