Maca Ngajembaran Buku Bahasa Sunda Siswa SD MI SMP MTs SMA SMK MA MAK Lengkap Kelas 4 PDF 2014

96 96 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SDMI Kelas IV

F. Maca Ngajembaran

Yu, urang maca Pék baca dadaran ieu di handap CANDI JIWA Uus ngaranna téh. Cicingna di Karawang. Imahna deukeut ka Candi Jiwa. Ari Candi Jiwa téh perenahna di Désa Segaran, Kabupatén Karawang. Candi Jiwa ceuk kira-kira umurna pangkolotna mun dibandingkeun jeung candi-candi nu aya di Nusantara, anu kiwari geus dipikawanoh. Ngan ku rupa-rupa rereged tug nepi ka kiwari, Candi Jiwa tacan kabuka sagemblengna. Lian ti urusan waragad, Candi Jiwa mah nepi ka kiwari masih dina tahap panalungtikan. Candi Jiwa téh bacacar di sawatara tempat. Di Karawang Kalér teu jauh ti Kacamatan Rengasdéngklok téh aya dua lokasi anu kabéh ogé boga titinggal. Di Cibuaya aya artefak. Kitu deui, di Batujaya bacacar ku titinggal. Eta kabéh nungguan ditalungtik leuwih gemet. SItus Batujaya munggaran kapanggih ku Tim Arkéologi Fakultas Sastra Universitas Indonésia taun 1984. Ti mimiti ditalungtik dina taun 1985 tug ka taun 1999, geus kapanggih teu kurang ti 13 titinggal di Désa Segaran, 11 titinggal di Tegaljaya, total aya 24 titinggal. Malah kapanggih 31 tapak situs sésa banunan kuna. Ku tim dingaranan bé dumasar ka tempat ditimukeunana saperti Segaran 1, Segaran 2, Tegaljaya 1, Tegaljaya 2, jst. 97 97 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SDMI Kelas IV Kompléks Percandian Batujaya diduga kompléks sésa-sésa Percandian Budha Kuno, di Kacamatan Batujaya jeung Kacamatan Pakisjaya. Di kompléks candi téh diwengku ku kumpulan candi bacacar gugumplukan. Batujaya perenahna aya di tengah pasawahan. Geus 22 taun ieu situs dikali jeung dititénan ku paraahli arkéologi Indonésia jeung ti mancanagara. Situs téh mimitina mah jiga pasir laleutik, masarakat nyarebutna unur-unur pasir laleutik, ngan ari geus dibuka mah horéng bangunan candi. Sajeroning ditalungtik, kapanggih rupa-rupa artefak anu bahanna bata beureum, anu sanggeus dirékonstruksi tétéla éta téh candi. Aya rupa-rupa karajinan tina lempung, rupa-rupa beling, jeung nu matak hookeun mah ayana puluhan tangkorék anu masih kénéh wareuteuh. Titinggal karuhun téh jadi bukti kaagungan Gusti Alloh. Ku kituna urang kudu sujud sukur ka Pangéran. Diropéa tina Koran Galura, Edisi IV Maret 2012, Kaca 10 Hidep geus maca dadaran ngeunaan Candi Jiwa. Dina éta bacaan ditataan kumaha kaayaan candi jeung tempatna. Kaharti lantaran éta karangan téh mangrupa dadaran. Pikeun maham eusi éta bacaan, ayeuna ku hidep jawab pananya ieu di handap. 1. Di mana Candi Jiwa téh perenahna? 2. Masih dina tahap naon Candi Jiwa nepi ka kiwari? 3. Naon nu bacacar di Batujaya téh? 4. Sabaraha situs nu geus kapanggih di Karawang téh? 5. Dingaranan luyu jeung naon situs téh? 6. Candi Jiwa téh sésa percandian agama naon? 7. Di mana perenahna Batujaya téh di pasir atawa tengah pasawah- an? 8. Naon disebutna situs téh ku masarakat dinya? 9. Tina naon Candi Jiwa téh bahanna? 10. Jadi bukti naon titinggal karuhun téh? 98 98 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SDMI Kelas IV

G. Nyaritakeun Dadaran