Ngabandungan Pupujian Ngalisankeun Jawaban

4 4 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SDMI Kelas IV Cai laut kaduana cai sumur katiluna cai ibun kaopatna cai és nu kalimana Cai nyusu kagenepna cai hujan katujuhna éta cai sadayana sok dianggo susucina Pupujian anu dikawihkeun ku barudak téh hasil diajar di madrosah. Ku sabab dikawihkeun, barudak téh gancang apal, da dibarung ku resep. Eusi pupujian nu diajarkeun ku Ustad Rahmat téh rupa-rupa. Barudak sok resepeun pisan mun keur ngawihkeun pupujian anu eusina riwayat Kangjeng Nabi.

B. Ngabandungan Pupujian

Diterangkeun ku IbuBapa Guru Yu, urang bandungan Biasana pupujian téh dikawihkeun di masjid, saméméh breng ngalaksanakeun solat wajib, atawa saméméh diajar ngaji. Pupujian téh aya anu eusina pépéling atawa ngingetan ka urang pikeun ngalaksanakeun paréntah agama, contona anu dikawihkeun ku babaturan Galih saméméh solat magrib. Ngabéjaan yén geus datang waktu magrib, kudu gancang eureun ulin, terus indit ka masjid. Dina éta pupujian téh aya anu ditepikeun atawa dikomunikasikeun. Tah sora bedug, batur tanda geus magrib geus nitah eureun ulin ngajak ka masjid beulah kulon hibar layung ngajak muji ka Yang Agung 5 5 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SDMI Kelas IV Ari dina pupujian anu dikawihkeun ku Galih sabatur-batur saméméh diajar ngaji mah anu ditepikeunana téh rupa-rupa cai anu sok dipaké wudu. Disebutkeun yén aya tujuh rupa cai anu sah dipaké susuci. Ayeuna hayu urang bandungan pupujian anu eusina riwayat Kangjeng Nabi. Ku IbuBapa Guru dicontoan heula. Geus kitu terus kawihkeun ku salah saurang di hareupeun kelas. Pék bandungan ku anu séjén. Nabi urang saréréa Kangjeng Nabi anu mulya Muhammad jenenganana Arab Qurés nya bangsana Ibuna Siti Aminah ramana Sayid Abdulloh dibabarkeunna di Mekah wengi Senén taun Gajah Ari bilangan taunna lima ratus cariosna tujuh puluh panambahna sareng sahiji punjulna Medal nabi ahir jaman pisan-pisan kaanéhan sesembahan bangsa sétan kabéh pada arucutan Sumber: islamicmotivationindonesia.blogspot.com 6 6 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SDMI Kelas IV

C. Ngalisankeun Jawaban

Pék ku hidep jawab 1. Kumaha kaayaan di buruan masjid dina soré harita? 2. Naon waé anu dipigawé ku Galih sanggeusna mandi? 3. Kudu kumaha mun urang geus ngadéngé adan magrib? 4. Naon eusi pupujian anu dikawihkeun saméméh solat? 5. Ari pupujian sanggeusna solat medar ngeunaan naon? 6. Cai naon waé anu ku urang bisa dipaké susuci téh? 7. Pépéling ngeunaan naon anu aya dina pupujian téh? 8. Saha ari jenengan ibu ramana Nabi Muhammad téh? 9. Taun sabaraha Kangjeng Nabi dibabarkeunana? 10. Pék caritakeun kumaha layeutna Galih sabatur-batur dina sapopoéna

D. Ngapalkeun Istilah Kaagamaan