Nembangkeun Pupuh Babarengan Buku Bahasa Sunda Siswa SD MI SMP MTs SMA SMK MA MAK Lengkap Kelas 4 PDF 2014

56 56 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SDMI Kelas IV Pék ku hidep jawab, terus diskusikeun. 1. Dina hal naon waé urang kahutangan budi ku ibubapa guru téh? 2. Naon waé anu dipilampah ku ibubapa guru dina ngadidik murid- muridna? 3. Naha dina ngadidik téh ibubapa guru tara ngabéda-béda murid? 4. Kumaha waé carana urang némbongkeun rasa hormat ka ibu bapa guru? 5. Kumaha akibatna mun urang ngagugu kana naséhat ibubapa guru? 6. Naon sababna ibubapa guru téh sok disebut “pahlawan tanpa tanda jasa”?

C. Nembangkeun Pupuh Babarengan

Yu, urang nembangkeun pupuh babarengan IbuBapa Guru sok disebut pahlawan tanpa tanda jasa. Kitu anu didiskusikeun ku hidep jeung batur sakelas. Saenyana dina lingkungan kahirupan urang loba anu bisa disebut pahlawan téh. Apan ari pahlawan téh teu salawasna kudu gugur di medan perang pikeun ngabéla bangsa jeung nagara waé. Sakur jalma anu milampah pagawéan, tur hasilna matak jadi mangpaat pikeun saréréa, éta gé sarua kudu disebut pahlawan. Lamun kolot hidep digawé di kantor, upamana, sarta hasil pagawéanana méré mangpaat ka saréréa, tah kolot hidep téh saenyana pahlawan. Kitu deui lamun kolot hidep enya-enya ngurus kulawarga tepi ka bisa ngawujud kulawarga anu hadé, éta ogé sarua pahlawan. Patani anu satia ngolah sawah atawa kebon, sarta hasilna méré mangpaat ka saréréa, éta kudu disebut pahlawan. Kitu deui pamayang anu ngala lauk di laut, pagawé pabrik, atawa padagang, kabéh ogé pahlawan. Pokona sakur jalma anu hirup dina jalan bener, henteu ngarempak aturan, tur hasil pagawéanana méré mangpaat ka saréréa, éta téh pahlawan, sok sanajan manéhna teu meunang tanda jasa atawa pangkat. 57 57 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SDMI Kelas IV Geura ayeuna hayu urang babarengan nembangkeun pupuh asmarandana, eusina nyaritakeun rupa-rupa jalma anu hasil pagawéanana méré mangpaat ka saréréa. Pupuh Asmarandana BAPA TANI Rebun-rebun bapa tani, getol digawé di sawah, ngolah lahan sangkan léndo, melak paré bulan-bulan, mun usum panén datang, hasil tina lahan subur, mangpaat keur saréréa. PAMAYANG Pamayang nyorang jaladri, teu sieun ku gedé ombak, ngala lauk soson-soson, geus meunang terus ka darat, laukna sok dilélang, hasil pamayang ti laut, mangpaat keur saréréa. Sumber: www.indonesia.travel Sumber: www.kmtphp.tp.ugm.ac.id 58 58 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SDMI Kelas IV PAGAWÉ PABRIK Para pagawé di pabrik, nyieun barang rupa-rupa, dijual minuhan toko, kadaharan papakéan, atawa kendaraan, sakur nu dipikabutuh, mangpaat keur saréréa. PADAGANG Para padagang balantik, nya saban poé ka pasar, barang digelar di jongko, nu mareuli diladangan, nyumponan nu balanja, najan dagang hayang untung, mangpaat keur saréréa. JASA PAHLAWAN Gawé tani gawé pabrik, ngala lauk reujeung dagang, kadé urang entong poho, kabéh gé baroga jasa, sarua jeung pahlawan, tong ngukur ku pangkat luhur, ningkatkeun darajat bangsa. Sumber: abuwildan.deviantart.com Sumber: www.fi ksi.kompasiana.com Sumber: www.tani.blog.fi sip.uns.ac.id 59 59 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SDMI Kelas IV

D. Ngalengkepan Jajaran Pupuh