Ngaregepkeun Jeung Ngawihkeun Ngadiskusikeun Eusi Kawih

Lemah cai téh nagara anu dicicingan ku urang. Disebut kitu sotéh lantaran nagara urang ngabogaan daratan jeung lautan. Urang wajib miara lemah cai. Cinta ka lemah cai téh sabagian tina iman. Ayeuna hidep bakal diajar perkara cinta ka lemah cai dina wangun kawih.

A. Ngaregepkeun Jeung Ngawihkeun

Yu, urang ngaregepkeun jeung ngawihkeun Ieu di handap aya kawih. Rék dikawihkeun ku IbuBapa guru. Ku hidep regepkeun. Geus kitu, urang kawihkeun babarengan. TANAH SUNDA Karya: Mang Koko Tanah Sunda gemah ripah nu ngumbara suka betah urang sunda sawawa sing towéksa percéka nyangga dharma anu nyata. Seuweu Pajajaran muga tong kasmaran sing tulatén jeung rumaksa miara pakaya mémang sawajibna getén titén rumawat tanah pusaka. Titén kana harta banda mo kaduhung waktu jaga anu lian moal bisa ngatur ngolah jeung ngariksa. Gembleng sauyunan singkil babarengan ngangkat darajat ki sunda sunda kukuh kuat diraksa dirumat pasti jembar wibawa Indonésia. ng ng ng ng ng ng ng ng an an n an n n gk gk gk gk gk k a at at a t a d d d d d d ar ar a aj aj aj aj aj aj aj aj at at at at at at at at k k k k k k k i i i i i ii su su su s su su su nd nd nd nd nd nd n a a a a a a a su su nd nd nd nd nd nd d nd nd d a a ku ku ku ku k k k h h h h h ku kuat at a d d d ir irak ak ksa sa sa d d ir ir um um um at at a pa pa pa a pa st st st st st i i i i i i je je je je je je je b mb b mb mb mb mb mb ar a ar ar ar r rr a w w w w w w w w w ib ib b ib ib i ib i ibaw aw aw aw aw aw aw a a a a a a a a In In In In In In I In n do do do do do do do do né né né né né né né si si si si si i sii a. a. a. a a a a a. 70 70 Basa Sunda Pikeun Murid SDMI Kelas IV 71 71 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SDMI Kelas IV

B. Ngadiskusikeun Eusi Kawih

Yu, urang diskusi Kawih nu ku hidep bieu diregepkeun téh nyaritakeun éndahna tanah Sunda. Kudu kumaha urang salaku urang Sunda ka Tanah Sunda sangkan jembar wibawana di Indonésia. Tah, ayeuna ngarah hidep leuwih paham kana eusi kawih “Tanah Sunda”, pék jawab ieu pananya. Alusna mah diskusi jeung babaturan. Pék bagi jadi empat kelompok. Kelompok 1 1 Sabaraha jumlah engang dina unggal jajaran jeung kumaha sora tungtungna? 2 Kumaha kaayaan Tanah Sunda téh? 3 Kudu kumaha urang Sunda ka Tanah Sunda téh? 4 Mawa pancén naon urang Sunda téh? 5 Kudu muji sukur ka saha urang boga Tanah Sunda? Kelompok 2 1 Sabaraha jumlah engang dina unggal jajaran jeung kumaha sora tngtungna? 2 Kudu kumaha ka Seuweu Pajajaran téh? 3 Kudu kumaha ka Tanah Pusaka téh? 4 Kawajiban saha miara Tanah Pusaka téh? 5 Miara lemah cai téh kaasup sabagian tina naon? Kelompok 3 1 Sabaraha jumlah engang dina unggal jajaran jeung kumaha sora tungtungna? 2 Kudu kumaha urang kana harta banda téh? 3 Ngalakukeun naon anu batur moal bisaeun téh? 4 Moal kaduhung jaga mun urang kumaha? 5 Titén kana harta banda pibekeleun hirup di dunya jeung di mana? 72 72 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SDMI Kelas IV Kelompok 4 1 Sabaraha jumlah engang dina unggal jajaran jeung kumaha sora tungtungna? 2 Kudu kumaha ngangkat darajat Ki Sunda téh? 3 Kudu dikumahakeun Sunda téh? 4 Bakal kumaha lamun Sunda dirumat?

C. Ngadiskusikeun Kandaga Kecap