Ngaregepkeun Tembang Ngadiskusikeun Eusi Tembang

54 54 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SDMI Kelas IV Naon ari nu disebut pahlawan? Jawabanana bisa rupa-rupa. Bisa waé hidep ngajawab, pahlawan téh nu gugur di médan perang, pahlawan téh anu ngaranna dipaké ngaran jalan atawa wawangunan lianna, jeung sajabana. Saenyana anu disebut pahlawan téh bisa waé ukur golongan jalma biasa. Dina pangajaran ayeuna, urang medar perkara pahlawan. Dipidangkeunana dina wangun pupuh. Dina pangajaran saterusna, hidep diwanohkeun kana cara-cara ngarang pupuh. Hayu urang mimitian.

A. Ngaregepkeun Tembang

Dicontoan ku IbuBapa Guru Yu, urang ngaregepkeun tembang Ayeuna urang diajar tembang, pupuhna asmarandana. Regepkeun heula conto ti IbuBapa Guru, geus kitu terus ku hidep turutan nembangkeunana. JASA GURU Urang kahutangan budi, salila urang sakola, tadina taya kanyaho, terus meunang pangajaran, rupa-rupa piwulang, jasa Ibu Bapa Guru, anu salawasna héman. Tugasna dina ngadidik, sangkan palinter muridna, dilakonan bari rido, dibarung ku rasa nyaah, Sumber: www.kaskus.co.id 55 55 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SDMI Kelas IV henteu dibéda-béda, kabéh dibéré piwuruk, conto hadé pikeun urang. Jadi kawajiban murid, pikeun boga rasa hormat, kadé bisi urang poho, ngagugu kana naséhat, ngajauhan panyaram, nu ditepikeun ku guru, mun hayang hirup waluya.

B. Ngadiskusikeun Eusi Tembang

Dituyun ku IbuBapa Guru Yu, urang diskusi Pupuh asmarndana anu bieu ditembangkeun ku hidep téh kabéhna aya tilu pada atawa tilu bait. Unggal pada dibagi deui jadi tujuh jajar, disebutna padalisan. Éta pupuh téh eusina medar perkara jasa ibubapa guru dina ngadidik murid-muridna. Urang jadi pinter, jadi loba kanyaho, éta téh di antarana lantaran jasa ibubapa guru. Basa tacan sakola mah apan kanyaho jeung kabisa urang téh heureut kénéh. Nya sanggeusna asup sakola urang diajar soson-soson, ti mimiti kelas hiji, tug ayeuna geus kelas opat. Jasa ibubapa guru ka urang kacida lobana. Ku sabab éta, urang boga kawajiban ka ibubapa guru. Naon waé éta kawajiban urang téh? Hayu urang diskusikeun. Carana mah hidep kudu ngajawab patalékan anu patali jeung eusi pupuh anu bieu ditembangkeun. Sumber: www.id.fjta.com 56 56 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SDMI Kelas IV Pék ku hidep jawab, terus diskusikeun. 1. Dina hal naon waé urang kahutangan budi ku ibubapa guru téh? 2. Naon waé anu dipilampah ku ibubapa guru dina ngadidik murid- muridna? 3. Naha dina ngadidik téh ibubapa guru tara ngabéda-béda murid? 4. Kumaha waé carana urang némbongkeun rasa hormat ka ibu bapa guru? 5. Kumaha akibatna mun urang ngagugu kana naséhat ibubapa guru? 6. Naon sababna ibubapa guru téh sok disebut “pahlawan tanpa tanda jasa”?

C. Nembangkeun Pupuh Babarengan