Maca Jero Haté Buku Bahasa Sunda Siswa SD MI SMP MTs SMA SMK MA MAK Lengkap Kelas 4 PDF 2014

92 92 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SDMI Kelas IV Urang hirup dina hiji lingkungan. Di sabudeureun tempat cicing urang tangtu aya rupa-rupa saperti tutuwuhan, sasatoan, sawah, balong, walungan, jeung sajabana. Ayeuna hidep bakal diajar dadaran ngeunaan lingkungan padumukan.

A. Maca Jero Haté

Yu, urang maca Ieu di handap aya bacaan dadaran. Geura pék baca dina jero haté, tuluy tengetan eusina BUMETAH Imah Rudi aya di sisi jalan gedé. Nyanghareup ka wétan. Ku batur mah sok disarebut diskotik. Enya singgetan tina di sisi kota saeutik. Cicing téh di kampung lain di kota lain. Ayana tengah-tengah, antara kampung jeung kota. Disebut tengah-tengah téh, ka kota deukeut tapi aya di sisi lembur. Kitu pernahna imah Rudi téh. Mun isuk-isuk, cahaya panonpoé nyorot pisan ka imah Rudi. Cenah mah alus keur kaséhatan sabab cahaya panonpoé téh ngandung vitamin D. Tukangeun imah Rudi aya sawah, paréna keur sedeng beukah. Kaitung lega sawah téh da mun keur usum panén téh nu ngarala paré kacida réana. Lain urang dinya wungkul, tapi aya ogé nu daratang ti kampung tatangga deuih. 93 93 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SDMI Kelas IV Bapana Rudi ogé bogaeun sawah di tukangeun imah. Henteu lega mah, tapi hasilna cukup keur dahar satauneun. Tukangeun imah Rudi téh henteu langsung sawah, tapi aya balong heula. Laukna réa. Umumna mah lauk emas. Ku Rudi sok diparaban unggal poé. Mun dialungan daun sampeu téh, laukna sok récok pagulung-gulung. Gigireun imah Rudi aya imah bibina. Di buruan imah bibina Rudi dipelakan kekembangan. Unggal isuk sok katempo dicéboran ku bibina Rudi. Aya kembang nu alus nyaéta kembang ros. Warnana bareureum. Bibina Rudi ogé bogaeun sawah, sawates jeung sawah bapa. Diwatesanan ku galengan sawah. Éta sawah téh warisan ti akina Rudi. Ari akina Rudi téh pituin urang dinya. Ngan nini Rudi nu rada jauh mah, asalna ti désa tatangga. Akina Rudi téh bogaeun anak dua, nyaéta bapana jeung bibina Rudi. Ti imah Rudi ka sakola henteu jauh. Kira-kira aya sakilométer. Lamun rék ka sakola, Rudi sok disampeur ku babaturanana. Ngaranna Déwi. Imahna teu pati jauh, kiduleun imah Rudi. Aya saratus méteran mah. Rudi ogé sok ulin ka imahna Déwi. Kitu deui, Déwi sok ulin ka imah Rudi. Pangpangna mah mun aya PR ti sakola. Sok kerja kelompok. Tiluan kabéhna mah, Rudi, Déwi, jeung Nénéng. Rudi dilahirkeun di éta lembur. Tapi ari lahirna mah di bidan. Pikabetaheun di lembur Rudi téh. Jaba ti hawana masih kénéh beresih, ka kota teu pati jauh. Aya lima kiloan ka kota kacamatan téh. Di kota kacamatan aya masjid gedé, alun-alun, jeung pasar. Rudi ogé kungsi dibawa ku indungna ka pasar. Ramé di pasar mah réa nu daragang jeung nu balanja. Rudi mah jeung sasaha ogé teu weléh akur tur soméah. Maranéhna getol ngajalankeun ibadah ka Pangéran.

B. Nyangkem Eusi Bacaan