Maca Dina Jero Haté

2 2 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SDMI Kelas IV Saméméh ngalaksanakeun solat wajib, biasana sok pupujian heula. Tangtu di antara hidep ogé aya anu apal. Biasana mah diajarkeunana ku guru ngaji, tujuanana mugi ka Pangéran urang sadayana. Ayeuna hayu urang diajar ngeunaan pupujian.

A. Maca Dina Jero Haté

Yu, urang maca PUPUJIAN DI MASJID Langit masih béngras, padahal geus liwat ti tabuh lima soré. Kabeneran poé ieu mah teu hujan. Éta pangna barudak arulinna bangun anu hayang saseubeuhna. Sawaréh ngariung di émpér masjid. Meureun ari dina poé-poé saméméhna mah ari pasosoré téh sok hujan waé, da keur usumna. “Enggeusan arulinna, barudak, geus téréh magrib,” ceuk Uwa Sumantri ka barudak anu keur ucing-ucingan di buruan masjid. Aya welasna urang, awéwé-lalaki. Éta masjid téh di deukeut lawang kompléks perumahan. 3 3 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SDMI Kelas IV “Sakedap deui, Wa, kapameng,” témbal Yadi. “Éh, barudak téh. Bisi kaburu sareupna geura. Hayoh geura marandi kaituh” ceuk Uwa Sumantri deui. “Enya, ah. Urang enggeusan wé ulinna. Sok tiris ari mandi kamagriban téh,” ceuk Galih ka batur-baturna. Manéhna mah balikna téh pangjauhna, da imahna di jajaran tungtung. “Enggeusan, euy, enggeusan ...,” ceuk nu séjén bari terus marulang ka saimah-imahna. Sanggeus mandi, Galih disalin ku papakéan beresih, terus nyokot sarung, rék ka masjid. Babaturanana mah, anu imahna teu jauh ti masjid, geus leuwih ti heula datang. Tah geuning kadéngé keur pupujian: Tah sora bedug, batur tanda geus magrib geus nitah eureun ulin ngajak ka masjid beulah kulon hibar layung ngajak muji ka Yang Agung Teu kungsi lila kadéngé sora adan. Galih buru-buru asup ka masjid. Jamaah anu rék solat magrib kaitung loba, aya kana opat jajarna, da katambahan ku barudak anu rék diajar ngaji. Saréngséna solat, barudak arunggah ka lanté dua, anu pahareup-hareup jeung paimbaran. Minangkana mah éta téh madrosah. Di dinya Galih sabatur-batur diajarna téh. Sajaba ti ngaderes Quran, barudak téh diajar babacaan solat jeung prak-prakan abdas. Bari ngadagoan Ustad Rahmat anu keur solat sunat, barudak ngapalkeun pupujian. Eusina medar rupa-rupa cai anu bisa dipaké susuci. Dupi sadayana cai nu sok dianggo susuci éta aya tujuh rupi walungan anu kahiji 4 4 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SDMI Kelas IV Cai laut kaduana cai sumur katiluna cai ibun kaopatna cai és nu kalimana Cai nyusu kagenepna cai hujan katujuhna éta cai sadayana sok dianggo susucina Pupujian anu dikawihkeun ku barudak téh hasil diajar di madrosah. Ku sabab dikawihkeun, barudak téh gancang apal, da dibarung ku resep. Eusi pupujian nu diajarkeun ku Ustad Rahmat téh rupa-rupa. Barudak sok resepeun pisan mun keur ngawihkeun pupujian anu eusina riwayat Kangjeng Nabi.

B. Ngabandungan Pupujian