41 41
Pamekar Diajar
BASA SUNDA
Pikeun Murid SDMI Kelas IV
Geura pék ilikan di sisi jalan, di terminal, di setatsion, atawa di tempat anu tas aya raraméan, biasana sok loba runtah botol jeung gelas
pelastik urut cai mineral. Matak sareukseuk. Balatak pacampur jeung runtah lianna. Lamun aya hujan, atuh terus kabawa palid ka solokan,
anu engkéna bisa nyababkeun solokan jadi mendet. Mun solokan mendet, moal ka mana deui cai téh ari lain limpas ka jalan, atawa ka
buruan. Komo deui apan ari pelastik mah teu bisa ancur. Teu kawas runtah keretas atawa dangdaunan anu gancang buruk.
Untungna téh sok aya tukang mulung. Pelastik urut wadah cai mineral téh sok diparulungan, terus engkéna dijual ka bandarna. Tangtu
waé pikeun manéhna mah jadi sumber kahirupan. Cacak mun euweuh tukang mulung, teu kasawang bakal kumaha ngahunyudna runtah
pelastik. Lingkungan téh meureun beuki kotor waé, sabab loba polusi runtah.
Tukang mulung téh gedé jasana, sanajan sok aya anu nganggap hina. Padahal saenyana teu kitu. Ari pagawéan mah kabéh gé mulya,
asal dipilampah dina jalan bener, tur henteu ngarugikeun batur. Najan ukur gawé kasar, tapi lamun ngadatangkeun maslahat mah, teu kaasup
kana gawé hina. Sabalikna, lamun pagawéan urang ngarugikeun batur, éta téh kaasup gawé hina.
Teu kurang-kurang tukang mulung gé anu jujur. Lamun manéhna rék mulung barang pamiceunan di buruan urang, sok permisi heula.
Atuh dina enggeusna sok ngucapkeun nuhun. Anu kitu ku urang wajib diajénan.
B. Ngabandungan Pedaran
Ditepikeun ku IbuBapa Guru Yu, urang ngabandungan
Anu bieu dibaca ku hidep téh nembrakkeun hiji kanyataan yén aya paripolah urang anu ngalantarankeun lingkungan jadi kotor. Urang
sakapeung sok miceun runtah ka mana waé, upamana gelas atawa botol pelastik urut cai mineral. Urang teu sadar yén kitu peta téh matak
nimbulkeun polusi.
42 42
Pamekar Diajar
BASA SUNDA
Pikeun Murid SDMI Kelas IV
Untungna téh aya tukang mulung anu sok nyokotan barang pamiceunan, kaasup pelastik urut. Ku manéhna mah éta barang nu
geus teu kapaké téh bisa dijual ka bandar anu nampungna. Pelastik urut engkéna diolah deui jadi barang séjén.
Anu disebut tukang mulung, katempona mémang rudin. Henteu garinding kawas pagawé kantoran, misalna. Manéhna ngajingjing atawa
manggul karung keur wadah barang rongsokan, atawa aya ogé anu mawa roda. Ti isuk-isuk tepi ka pasosoré aprak-aprakan mapay jalan
jeung gang, ngungkaban tempat runtah, néangan barang pamiceunan anu sakirana payu dijual.
Kadé, pagawéan mulung rongsokan téh henteu hina. Mana komo mun urang wani ngahina ka tukang mulung mah, kudu dipahing pisan.
Goréng mun urang tepi ka kitu peta téh. Manéhna kudu diajénan, najan papakéanana henteu mantes, atawa kalotor.
Lain ngan ka tukang mulung anu ulah dianggap hina téh. Pagawéan séjénna ogé sarua mulya, satungtung dipilampah dina jalan bener,
jeung teu ngarugikeun batur. Anu dimaksud bener di dieu téh henteu ngarempak aturan agama jeung hukum nagara.
43 43
Pamekar Diajar
BASA SUNDA
Pikeun Murid SDMI Kelas IV
Pagawéan téh rupa-rupa. Aya patani anu sapopoéna molah sawah jeung ngurus kebon. Aya deuih anu ngurus sasatoan pikeun diarah
hasilna. Aya pamayang anu sok ngala lauk di laut. Aya padagang anu pagawéanana jual-beuli barang atawa balantik. Aya pagawé pabrik,
supir angkot, tukang ojég, atawa buburuh jadi kuli kasar. Aya deuih anu pagawéanana sasapu meresihan jalan, disebutna pasapon.
Lian ti éta, aya deuih nu jadi pagawé nagri sipil, aya nu jadi pulisi atawa tentara, jeung rupa-rupa deui. Masing-masing boga tugas jeung
tanggung jawab. Tugas Ibu jeung Bapa Guru nyaéta ngajar sangkan muridna palinter. Cing pék sebutkeun, naon ari tugas Bapa Pulisi?
Rék pagawéan naon baé, anu penting mah dipigawéna kudu iklas. Sakali deui kahadé, pagawéan anu kudu dijauhan téh nyaéta anu
ngalanggar hukum, mana komo mun tepi ka matak ngarugikeun batur. Jalma anu kitu peta bakal meunang wawales atawa hukuman, boh di
dunya boh di ahérat.
C. Ngadiskusikeun Rupa-Rupa Pagawéan jeung Kaahlian