Migawé Pancén Maca Jero Haté

80 80 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SDMI Kelas IV Dina jajaran kahiji jeung katilu aya kecap Bandung nu dibalikan deui tilu kali. Kecap-kecap nu dibalikan deui dina jajaran nu sarua atawa jajaran nu béda disebutna téh purwakanti. Purwa hartina ‘mimiti’ jeung kanti hatina ‘marengan’. Jaba ti éta, purwakanti téh bisa waé mangrupa sasaruaan sora atawa bédana sora. Contona antara tungtung jajaran kahiji jeung katilu sora tungtungna sarua nyaéta sora u. Kitu deui, antara jajaran kadua jeung jajaran kaopat sora tungtungna sarua, nyaéta sora a. Tapi antara jajaran kahiji-katilu jeung jajaran kadua-kaopat sorana téh béda, nyaéta u jeung a. Kecap-kecap anu dibalikan deui téh gunana pikeun ngantebkeun maksud atawa eusi kawih.

G. Migawé Pancén

Keur pancén di imah, ayeuna hidep néangan kawih séjénna. Bisa néangan tina buku, majalah, koran, internét, kasét, atawa nanyakeun ka kolot hidep. Pék tuliskeun dina buku pancén. Lamun sumberna buku, majalah, atawa koran, sebutkeun ngaran buku, majalah, jeung koranna. Lamun tina internét, catet waktu jeung tanggal dicutatna. CITA-CITA 7 P an gajara n Sumber: http:bp3.blogspot.com 82 82 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SDMI Kelas IV Unggal jalma boga cita-cita. Ari cita-cita téh nyaéta harepan nu dipkahayang engké pikahareupeun, biasana soal nu muluk-muluk atawa éndah. Ayeuna hidep bakal diajar mikawanoh cita-cita dina karangan narasi.

A. Maca Jero Haté

Yu, urang maca Ieu di handap aya karangan carita. Eusina ngeunaan cita-cita Nénéng. Geura pék baca dina jero haté, tuluy tengetan eusina HAYANG JADI GURU Wasta abdi téh Nénéng. Rorompok di lembur. Perenahna pisan mah di Kampung Sukamaju. Mamah janten guru SD di lembur. Kitu deui Bapa janten guru di SMP. Iwal ti dinten Ahad, unggal dinten Mamah angkat ka sakola. Abdi ogé ka sakola sok sareng Mamah. Bapa angkat ka sakolana sok kana motor. Bapa mah ka sakolana rada tebih di kota kacamatan. Unggal énjing sok ngaboncéng Aa da sasakola sareng Bapa di SMP. Resep ningali Mamah sareng Bapa angkat ka sakola. Saur réréncangan mah Mamah téh raoseun ngawulangna. Réréncangan mah raresepeun pisan. Kitu deui Bapa, saur réréncangan Aa raoseun ngawulangna. Da Bapa ogé dipikaresep ku murid-muridna. Bapa mah seueur bukuna. Buku bapa di rorompok aya sababaraha erak. 83 83 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SDMI Kelas IV Saban dinten Bapa sok katingal maos buku. Malah sok nyerat. Saurna mah sok dikintunkeun kana majalah atanapi koran. Abdi gé sok kabita hoyong maca buku. Abdi ogé hoyong nyerat sajak, teras dikintunkeun kana majalah. Saur Bapa, di SMP mah ngalanggan majalah basa Sunda, namina téh majalah Manglé. Saur Bapa deui, upami abdi nyerat sajak tiasa dikintunkeun ka éta majalah. Jaba ti sajak, tiasa ogé saurna téh nyerat carita pondok. Bapa sareng Mamah mulihna sok siang waé. Abdi mah tabuh 12.00 ogé tos di rorompok. Ku kituna, abdi sareng réréncangan sok mindeng kempel di rorompok. Katingalna Bapa sareng Mamah mah didamelna henteu capé. Bangun nu bungah waé. Tabuh duaan ogé Mamah sareng Bapa mah tos marulih. Abdi pami tos tamat SD, hoyong neraskeun ka SMP, teras ka SMA. Ti dinya mah teras kuliah. Abdi téh gaduh cita-cita hoyong janten guru sapertos Mamah sareng Bapa. Kantos sasanggem ka Mamah sareng Bapa yén abdi hoyong janten guru. Saur Mamah sareng Bapa téh, saé cita-cita téh neraskeun Mamah sareng Bapa. Terasna deui, upami abdi hoyong janten guru, saurna kedah getol diajar sareng capétang. Pan saurna guru mah kedah tiasa nyarios payuneun murid-murid. Kitu saur Mamah sareng Bapa téh. Waktos nuju ngariung bari tuang, Aa nyanggem alim janten guru. Ku Mamah sareng Bapa ditaros, hoyong janten naon? Waleran Aa téh saurna hoyong janten dokter. Badé janten nanaon ogé Mamah sareng Bapa mah tetep ngadungakeun. Anu penting mah boh abdi boh Aa kedah getol diajar, sakola sing jucung, ulah seueur melid.

B. Ngalisankeun Jawaban